Ku sabab
kitu, beuki naek darajat Si Setan Alas Kobar di dunya kapendekaran. 


Tapi
parandene kitu, si Setan Alas kobar teu tengtrem hatena, lantaran masih aya nu
nandingan ka na kajagoan jeung kajaduganana, nya eta pendekar Mawar Hideung. 


Samemeh
manehna bisa ngelehkeun Mawar Hideung, keukeuh we kajaduganana masih can
mantep; masih aya cucuk na tikoro. Nya di na waktu harita si Setan Alas Kobar,
teu loba teuing pipilueun soal megatan para sudagar, atawa tarung jeung papada
pendekar; lantaran manehna ayeuna mah leuwih loba nyepina ti batan muncul
nembongkeun diri; manehna keur ngalatih elmu2 kanuragan ti guruna, bari jeung
ditambahan ku rupa2 parobahan meunang nyiptakeun manehna sorangan. 

Lantaran Si
Setan Alas Kobar teh kaasup jelema Genius oge di na hal kanuragan mah. 


Sanggeus
kurang leuwih 8 taunan mesuh raga, manehna ngarasa geus cunduk waktuna pikeun
tarung patutunggalan ngalawan Mawar Hideung; da ari ngendelkeun balad mah,
bakal kasurak ku kalangan Pendekar; di na meunangna ge. Komo bari jeung
ngorbankeun ratusan jiwa anak buahna. Pasti moal hade pikeun dirina. 


Lantaran
alesan ieu; manehna omat2an pisan ka sakabeh anak buahna ulah aya nu pipilueun
lamun manehna engke adu hareupan jeung si Mawar Hideung. Malah make aya ancaman,
mun aya nu nyoba2 pipilueun , sarua jeung nangtang manehna. Jadi ceuk si Setan
Alas Kobar; samemeh manehna merenan si Mawar Hideung, bakal ngaheulakeun
merenan nu nyoba2 pipilueun !HANCA
 

Kirim email ke