Fikmin #Mudik ka Nagri Baliho#
Eunteup di bandara. Mubus ka lawang kota. Dibagéakeun mangpirang baliho. Baliho Bapa Ageung. Baliho Ibu Ageung. Baliho Bapa Alit. Baliho Ibu Alit. Tingséréngéh dina trotoar. Tingbélényéh dina péngkolan. Kaharujanan. Kaaribunan. Kaparanasan. Kaaranginan. Séor angin kulon, rarambay alakaran. Hiur angin kidul, rarenung sarirungan. Séah angin wétan, tarangkalan, darahanan, daraunan. Geber angin kalér, karembangan, baruahan, sarikian. Buahna katebak angin. Haliber ka leuweung, ka pasir, ka sawah, ka kampung, ka kota, ka komplék, ka mal-mal, ka alun-alun, ka pasar-pasar, ka paguron-paguron, ka padépokan-padépokan. Sikina jaradi tangkal, tangkal baliho. Ngamangandeuh. Leuweung salin rupa, jadi leuweung baliho. Lembur salin jinis, jadi lembur baliho. Kota salin rupa, jadi kota baliho. Mangandeuh baliho gareutahan, nyarakclakan. Nyeuseup sari tatangkalan. Tatangkalan tingkulapés. Mati pucuk. Ngucur ka walungan. Lauk bangkar. Sasatoan maruyung lir kaserang tétélo. Nyusup kana sumsum, kana balung, kana uteuk, kana haté. Manusa tingkocéak. Kota ngabangkarak. Nu ngari kari baliho. Nagri baliho. Manusana baliho, tangkalna baliho, satona baliho.
