Sami-sami Kang Udin wilujeng boboran siam. Masih aya kakaren lebaranna?
Sugan aya keneh kikiping. Hehehe

2012/8/28 Sp Saprudin <[email protected]>

> **
>
>
> Kang Minal Aidin Wal Faidin
> He..he.. unggal juru baliho, lila-lila loba leho
>
>    *Dari:* Ki Hasan <[email protected]>
> *Kepada:* Ki Sunda <[email protected]>
> *Cc:* Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda <
> [email protected]>
> *Dikirim:* Selasa, 28 Agustus 2012 6:19
> *Judul:* [kisunda] Fiksimini - Mudik ka Nagri Baliho
>
>
> Fikmin #Mudik ka Nagri Baliho#
>
> Eunteup di bandara. Mubus ka lawang kota. Dibagéakeun mangpirang baliho.
> Baliho Bapa Ageung. Baliho Ibu Ageung. Baliho Bapa Alit. Baliho Ibu Alit.
> Tingséréngéh dina trotoar. Tingbélényéh dina péngkolan. Kaharujanan.
> Kaaribunan. Kaparanasan. Kaaranginan. Séor angin kulon, rarambay alakaran.
> Hiur angin kidul, rarenung sarirungan. Séah angin wétan, tarangkalan,
> darahanan, daraunan. Geber angin kalér, karembangan, baruahan, sarikian.
> Buahna katebak angin. Haliber ka leuweung, ka pasir, ka sawah, ka kampung,
> ka kota, ka komplék, ka mal-mal, ka alun-alun, ka pasar-pasar, ka
> paguron-paguron, ka padépokan-padépokan. Sikina jaradi tangkal, tangkal
> baliho. Ngamangandeuh. Leuweung salin rupa, jadi leuweung baliho. Lembur
> salin jinis, jadi lembur baliho. Kota salin rupa, jadi kota baliho.
> Mangandeuh baliho gareutahan, nyarakclakan. Nyeuseup sari tatangkalan.
> Tatangkalan tingkulapés. Mati pucuk. Ngucur ka walungan. Lauk bangkar.
> Sasatoan maruyung lir kaserang tétélo. Nyusup kana sumsum, kana balung,
> kana uteuk, kana haté. Manusa tingkocéak. Kota ngabangkarak. Nu ngari kari
> baliho. Nagri baliho. Manusana baliho, tangkalna baliho, satona baliho.
>
>
>
>   
>

Kirim email ke