Alusna mah kitu euy... Usulkeun Ka'bah jeung titinggal sajarahna jadikeun World Heritage anu dikelola ku sakabeh stakeholder umat Islam.
nuhuuuuns nun, mang kabayan www.udarider.com -----Original Message----- From: [email protected] Sender: [email protected] Date: Tue, 13 Nov 2012 06:25:08 To: kisunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Fw: Mekah (Caping Gunawan Mohamad) Eta wangunan kungsi rek dipugar (diratakeun) tapi batal (ditunda?) saprak diprotes muslim sakulibek dunya. Protes heuras nepi ka ditalek naon hakna pangawasa ayeuna lalampahan ngaruksak titinggalan sajarah. Malah ti Libia ngusulkeun tanah haram dikelola lembaga nu ngawakilan muslim sadunya lain karajaan saudi. Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Tue, 13 Nov 2012 07:53:33 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Fw: Mekah (Caping Gunawan Mohamad) Memang ngajenghok ninggali kaayaan Mekah kiwari teh. Jigana aya nu kaliwat, teu kakobet ku GM. Nu katoongna ku uing mah ironi. Wetaneun Al-Haram aya wangunan leutik, heubeul, kotor, pinuh ku kotoran manuk Japati. Eta wangunan teh tacan kajamah modernisasi. Masih jandela kai, cakueum. Dijadikeun perpustakaan leutik “Maktabah Makkah Al Mukaromah”. Numutkeun rupa-rupa sumber eta wangunan teh tempat Rosululloh dibabarkeun (sok disebut wangunan Maulidur Rosul). Kontras pisan mun dibandingkeun jeung wangunan kiduleunana. Gedong jangkung ngajajar, nu salah sahijina wangunan jam raksasa tea. 2012/11/12 oman abdurahman <[email protected]> > ** > > > Aya pasoalan serius anu dilakukeun ku pamarentah Saudi Arabia: bari > ngaratakeun titinggal sajarah lahir, tumuwuh jeung sumebarna Islam, inyana > oge nyieun "bid'ah" sajarah: gedong-gedong anu nujul ka langit anu > sebanerna ngaluhuran Ka'bah tina jihat jangkungna. > > Jadi matak sedih, palias engkeka hareup Ka'bah (imah Alloh) jadi beuki > kahieuman gedong-gedong jarangkung, imah atawa tempat usaha jelema. > > Goenawan Mohammad (GM) lain aya-aya wae, tapi nyodorkeun masalah serius. > Talatahna GM teges, nandeskeun deui naon hal anu geus diiberan ku Kundera: > poho teh akar tina sagala rupa laku ngarogahala atawa nindes. > > manar > > > 2012/11/12 Waluya <[email protected]> > >> ** >> >> >> > --- In [email protected], "Simkuring" <alkarta_bdg@...> wrote: >> > Ari ceuk kereteg hate si kuring nu pangjerona, keun we lah deuk di >> > gulanggaper ge palebah nu kituna mah, nu penting rukun jeung sarat >> > sah ibadah (haji) katedunan, Ka'bah masih bungkeleukan keneh teu di > >> ropea… tah kitu.. >> > >> > Atawa cing sugan aya nu apal dalil ngeunaan tong dibukbrak patilasan >> > sajarah, nuhun…. >> >> Sanes bade ngajawab perkara dalil, da teu faham kuring mah, ngan >> ngancurkeun patilasan sajarah, kacida gorengna, sabab patilasan teh salah >> sahiji bukti sajarah. Tah ari buktina diancurkeun, sajarah akhirna ngan >> ukur "cariosan kosong" wungkul. Lamun patilasan2 di Mekkah >> diancur-ancurkeun, 1000- 2000 taun deui, bisa-bisa jelema poho, da teu aya >> tapakna. Nu bakal katempo teh pastina ge ukur gedongna nu luhur nu make jam >> nu niru "big ben" ....... >> >> WLY >> >
