Tah nu nomer hiji jeung dua, asa kaingetan. Jigana saha wae gubernurna,
kudu daek ulin ka lembur. Titenan kaayaan solokan jeung walungan di
pilemburan. Ninggali kaayaan solokan jeung walungan kiwari galenganana
terus ngipisan, beak dipapas unggal usum nyawah. Boa sababaraha taun
kahareup mun hujan badag baris caah dimamana, moal katadah ku solokan nu
aya.

2012/11/14 Dikdik <[email protected]>

> **
>
>
> 1. eureunan ngabukbak tur nu ngabukbak leuweung
> 2. beresan citarum ti hulu cai nepi ka laut
> 3. beresan walikota/bupati nu teu bisa ngurus kotana (ngimpi ieu mah hehe)
> 4. ah sakitu ge hese jigana, jadi moal waka ditambahan lah :D
>
>   ------------------------------
> *From:* Ki Hasan <[email protected]>
> *To:* Ki Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda <
> [email protected]>
> *Sent:* Tuesday, 13 November 2012, 23:01
> *Subject:* [kisunda] Naon Nu Kudu Dipigawe Ku Gubernur Jabar 2013?
>
>
>
> Kapan milis Ki Sunda teh loba anggotana. Cing taroong, naon nu kudu
> dipigawe ku Gubernur Jabar 2013?
>
> Perlu kira-kirana kampus nu aya di puseur dayeuh, jiga ITB, dipindahkeun
> ka Bandung Kidul, atawa Bandung Barat?
> Di kaler geus aya UPI, di wetan geus aya UNPAD. Sugan mun institusi
> pendidikan, institusi pamarentahan dipindahkeun ti pusat kota mah, moal
> macet teuing Bandung teh. Keun we pusat kota mah sina jadi pusat bisnis
> jeung wisata.
>
>
>
>
>

Kirim email ke