Eta unggal peuting, noong Jokowi - Ahok, ngaprak Jakarta, teu aya masalah
nanaon. Tangtuna ge gubernur sejen moal beda. Malah aneh mun aya aturan
gubernur anti turun ka lembur.

2012/11/18 MRachmat Rawyani <[email protected]>

> **
>
>
> Salah kaprah jigana urang teh. Ngumaha ka Gupernur sangkan daek turun ka
> lembur. Tingali heula,tugas gupernur jaman kiwari (reformasi) teh naon wae.
> Aya SOP na anu tacan dibejer beaskeun ka khalayak. Cik saha anu gaduh
> aturan, naon wae ari tugas gupernuh teh.
>
> mrachmatrawyani
>
>
>   ------------------------------
> *From:* Ki Hasan <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Friday, November 16, 2012 7:02 PM
> *Subject:* Re: [kisunda] Naon Nu Kudu Dipigawe Ku Gubernur Jabar 2013?
>
>
> Tah nu nomer hiji jeung dua, asa kaingetan. Jigana saha wae gubernurna,
> kudu daek ulin ka lembur. Titenan kaayaan solokan jeung walungan di
> pilemburan. Ninggali kaayaan solokan jeung walungan kiwari galenganana
> terus ngipisan, beak dipapas unggal usum nyawah. Boa sababaraha taun
> kahareup mun hujan badag baris caah dimamana, moal katadah ku solokan nu
> aya.
>
> 2012/11/14 Dikdik <[email protected]>
>
> **
>
>  1. eureunan ngabukbak tur nu ngabukbak leuweung
> 2. beresan citarum ti hulu cai nepi ka laut
> 3. beresan walikota/bupati nu teu bisa ngurus kotana (ngimpi ieu mah hehe)
> 4. ah sakitu ge hese jigana, jadi moal waka ditambahan lah :D
>
>   ------------------------------
> *From:* Ki Hasan <[email protected]>
> *To:* Ki Sunda <[email protected]>; Baraya Sunda <
> [email protected]>
> *Sent:* Tuesday, 13 November 2012, 23:01
> *Subject:* [kisunda] Naon Nu Kudu Dipigawe Ku Gubernur Jabar 2013?
>
>
>
> Kapan milis Ki Sunda teh loba anggotana. Cing taroong, naon nu kudu
> dipigawe ku Gubernur Jabar 2013?
>
> Perlu kira-kirana kampus nu aya di puseur dayeuh, jiga ITB, dipindahkeun
> ka Bandung Kidul, atawa Bandung Barat?
> Di kaler geus aya UPI, di wetan geus aya UNPAD. Sugan mun institusi
> pendidikan, institusi pamarentahan dipindahkeun ti pusat kota mah, moal
> macet teuing Bandung teh. Keun we pusat kota mah sina jadi pusat bisnis
> jeung wisata.
>
>

Kirim email ke