kalakuan walanda, ki. maos dina bumi manusia karya pramoedya ge kitu geuningan.
maksa nafsu syahwat ka rahayat.

lajengkeun deui, ki. simkuring hoyong terang potret jaman harita, sanes tina 
carita buku 

pelajaran sajarah anu pikaboseneun.

 
salam,
budi




________________________________
 From: Ki Hasan <[email protected]>
To: Ki Sunda <[email protected]> 
Cc: Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda 
<[email protected]> 
Sent: Tuesday, 11 December 2012 7:00 AM
Subject: [kisunda] Roman - Siti Rayati (2)
 

  
Siti Rayati (6-10)
Moh. Sanoesi

Henteu lila manéhna di kebon lantaran kudu ngalongokan ka pabriék, ngawakilan 
tuan Kawasa. Tuluy manéhna balik deui, tapi leumpang baé mapay-mapay galengan, 
sarta béndina dititah dibawa ku bujangna.

Karék mah meunang sapuluh léngkah, reg manéhna ngarandeg, bari neuteup ka hiji 
awéwé, parawan kira umur lima welas taun anu tungkul keur metik ..... seblak 
haténa inget ka nyaina Nyi Nénéng, lantaran éta awéwé beungeutna rada sarimbag, 
ngan ieu mah umurna ngoraan baé ti Nyi Nénéng, atuh da mémang ogé budak.

Tuluy ku tuan Steenhart disampeurkeun bari ditanya: “Saha manéh ngaran?”
“Su . . . . muhun Patimah,” wangsulna lalaunan.
“Geus lama manéh metik di dieu?” bari ngotrétkeun gerétanana ka sigarétna.
“Parantos sasasih,” wangsulna si awéwé bari tungkul, jongjon metik.

“Ja, ya,” tuan buluham-béléhém cara nu kumasép, ngégélan biwir, “lamun panas 
manéh berenti baé, tinggal di ditu handapeun kai,” bari manéhna indit deui muru 
ka pabrik. Dina sajeroning leumpang manéhna inget baé ka éta awéwé; di pabrik 
ogé manéhna henteu lila, tapi tuluy baé balik deui ka kebon, ngajugjug ka 
tempat si Patimah tadi. Barang gok ka hareupeunana ...... “Patimah!” bari 
manéhna ngodok saku nyokot lokét, “mau manéh diperesén sama juragan?”

Si awéwé semu anu éra bari ngégél biwir nu ti handap, biwir beureum balas 
nyeupah, ngagaroan pipina nu kempot, tapi cicing baé henteu ngajawab.

“Patimah mau?” bari seuri ngasong-ngasong duit.
“Mang ..... ga,” wangsulna, bari dongko nampanan.

Tapi ari haténa mah éstu tagiwur, aya atoh aya reuwas campur jeung risi, sok 
sieun éta tuan aya pangarahna, lantaran tara-tara ti sasari manéhna méré amis 
budi, sumawonna ieu mah maké méré duit sagala.

Beuki lila dipikir ku si Patimah, haténa beuki ratug tugteg teu pupuguh. Duit 
anu saringgit ku manéhna ditungkus dina kandungan, sarta sapésér ogé maéhna teu 
wanieun ngabancang.

Nyakitu deui ka indungna nu digawé di pabrik, milih entéh, manéhna henteu 
bébéja dibéré duit ku tuan, tapi cicing baé sieun indungna ngambek, nyangka nu 
lain-lain. Rupana ayeuna tuan Steenhart hégar, sarta sadatang-datang ka imah, 
tuluy baé nitah kokina ngageuwatkeun dahareun.

Kakara ayeuna manéhna ngarasa hayang dahar, sarta katénjo ku manéhna ayeuna 
leungit diganti ku kalangkang rupa si Patimah, katénjo imut ngagelenyu, 
nyusutan ciseupah, nu beureum napel dina biwir ipis, nutupan huntuna nu leutik 
lancip ngabérés bodas.

Ari dipikir kadinyana mah, cacakan manéhna henteu maké, mémang si Patimah 
kaasup ka budak hadé, dasar boga wanda, alus tincak, bisa basa, ma’lum budak 
gedé di Cianjur, turug-turug keur waktu indungna jadi koki di Bandung, manéhna 
ngagandék di juragan wadana pangsiun Régol, anu istrina jadi guru ngabedah, 
nyongkét, ngarénda. Atuh bubuhan boga dunungan percéka, nya dina makéna ogé 
manéhna pantes baé nyurup-nyurupkeunana papakéan téh.

“Jaya!” cék tuan Steenhart bari dahar, “entong cios manéh nyaba téh?”
“Naha juragan?” wangsulna bari semu nu kagét.
“Akh, keur naon di sini juga teu kurang awéwé Jaya!”
“Sumuhun,” wangsulna bari tungkul semu nu handeueul inget ka tadi bakal meunang 
bekel lima puluh rupia, jaba persén, jaba gajih rék ditaékkeun.

Ti waktu harita tuan Steenhart beuki getol baé ngarondana ka kebon, sarta nu 
pangheula-heulana nu dironda nyaéta tempat metikna si Patimah. Didinya kudu baé 
manéhna eureun, sarta mawa ngomong, ngolég, ngolo, ngabibita atina si parawan. 
Tapi tetep si awéwé batinna teguh, pengkuh teu daékeun kagoda ku sétan rancana. 
Beuki lila beuki loba paméréna si tuan sarta haté si Patimah beuki yakin 
pangirana yén tuan mikaresep ka dirina. “Ya Alloh .....,” manéhna sasambat dina 
haténa, “mugi-mugi Gusti nu maha suci maparin salamet ka diri abdi anu keur 
sakieu diranjingna ku sétan idajil. Ari teu kuli ..... éh kumaha atuh da butuh, 
indung geus ripuh, bapa geus teu boga. Ya Alloh mugi-mugi Pangéran anu kawasa 
nangtayungan ka awak abdi .....,”

Tuan Steenhart beuki lila beuki manteng haténa micinta ka si Patimah, tapi 
beuki nyedek anu mikarep, wuwuh mundur anu pengkuh, beuki risi anu nampik, 
inget kabengisanana, kakasaranana éta tuan; sarta sajeroning cicing manéhna 
mikir dina jero atina:

“Éh kumaha teuing lamun éta tuan maksa margahala ka diri aing ....”

Barang keur uleng manéhna mikir kitu, jebul mandor anu geus asak beunang 
ngabadamian tuan Steenhart, datang nyampeurkeun ka manéhna, bari ngomong: “Mun 
maké dudukuy Nyi metik téh, panas!”
“Akh keun baé juragan mandor,” wangsulna, “da teu gaduh.”
“Is, naha,” cék mandor, “nyokot baé isukan ka imah, loba duduky-dudukuy baé mah 
... aéh nyai poho bieu kalapa dua hulu, tuh dihandapeun katinggaleun, cing 
pangnyokotkeun sakeudeung,” bari ditunjukkeun ku iteukna ka kebon béh lebak, 
anu tangkal téhna geus gabug, teu beunang dipetik deui.

Mandor tuluy diuk api-api ngadagoan dina galengan, sarta si Patimah anu 
samasakli henteu boga pikiran atawa ngandung timburu naon-naon, indit ditiung 
ku saputangan beureum, ngajugjug ka tempat nu dituduhkeun tadi ku mandor, rék 
nyokot kalapa. Barang nepi ka handapeun kai, manéhna luak-lieuk ngilikan 
kalapa, tapi .... henteu aya, atuh da mémang ogé jijieunan wungkul.

“Ka dieu,” sora nu nyalukan titukangeun manéhna, diuk handapeun tangkal téh. 
Gebeg si Patimah ngarénjag bari ngalieuk ka tukang ..... seblak haténa reuwas 
jeung kagét nénjo tuan Steenhart ngagupayan manéhna bari nyenghél seuri.

“Patimah, marih manéh, juragan persén,” bari ngébréhkeun salambar uang kertas 
spuluh pérak.

Sakeudeung mah si Patimah ngajanteng baé ngahuleng inget kana titahanana si 
mandor, sarta ayeuna ngarti yén manéhna ditipu.

“Keteyep manéhna leumpang lalaunan bari leungeun duanana nyekel susuna, 
nyampeurkeun.”

“Jangan sieun sama juragan mah,” cék tuan Steenhart bari kerewek leungeunna si 
Patimah dicekel ..... terus ditarik ka handap ..... tuluy didiukkeun dina 
lahunanana ..... ngok dicium ......

“Tobat juragan, ampun abdi, badé dikumahakeun ku ieu abdi téh,” si Patimah 
meungpeunan beungeutna ku saputangan urut tiungna.

“Is, tida kumaha-kumaha,” témbalna, “heh ini juragan maparin sapuluh pérak,” 
bari kerewek awakna ditangkeup, ngok deui dicium.

“Aduh ampun juragan,” sasambatna si Patimah, luut-léét késang, meungpeunan 
beungeut ku leungeun duanana.

“His, jangan sieun Patimah, nanti sama juragan dibelikeun samping dan baju nu 
alus,” bari leungeunna nu meungpeunan beungeut di tarik ku manéhna ka handap 
....., ngok dicium ...... gep biwirna digégél ......

“Aduh ampun juragan,” si Patimah totorojolan rék indit tina lahunanana tuan, 
bari cipanon rambay, baju cipruk baseuh ku késang, tapi tibatan dilésotkeun 
mah, kalah beuki pageuh manéhna dicekelna. 

“Cicing nyai,” pokna, “mau kamana, jangan sieun sama juragan mah,” bari teu 
eureun-uereun ngagalémoh nyiuman.

Beungeut si Patimah pias, biwir karentob balas digégélan, awak pinuh ku késang, 
teu béda jeung nu muriang keur bijil késang.

Tuan Steenhart anu rohna, anu batinna geus diandih ku iblis, dipindahan sétan, 
tuan Steenhart anu ayeuna ngan tinggal sipatna atawa wujudna baé mangrupa 
manusa, ruparupana tacan laksana nu dipikahayang, tacan dikabul nu dipimaksud, 
tacan hasil nu cumantél di ati. Durudud manéhna ngudar baju ..... ngok si 
patimah dicium deui ..... nya tuluy kalawan paksa manéhna ngajujur napsuna 
muaskeun kahayangna ......

“Ampun Gusti, ampun .....,” cék si Patimah.

Isukna manéhna henteu indit ka kebon, ngaringkuk baé diimahna, sarta ka 
indungna bébéja muriang. Ku sabab éta indungna ogé kapaksa henteu ka pabrik, 
teu iklaseun ninggalkeun anakna anu ngan sahiji-hijina tur gering.

“Naon anu karasa téh nyai?” cék ma Sarminah, indungna, bari tarang anakna 
diragap, “his geuning ieu panas, geus bijil késang nyai?”

“Puguh tacan, ma,” wangsulna.

“Ké atuh urang baluran geura ku cuka nya, bari terus indungna nyiksikan bawang 
beureum dirameus jeung cuka sarta tuluy dibalurkeun. “Pék disimbut ayeuna mah 
nyai sing buni, engké ogé geura bijil késang.”

Si Patimah nurut baé dikieu-kieu ku indungna téh, sanajan manéhna saenyana ngan 
ukur rada panas tiris. Tapi ari awak mah mémang ogé geus teu puguh 
rasakeuneunana, sabuku-sabuku asa raremek, éta mah geus pada kama’lum kusaréréa 
ogé.

“Naha nyi, gering dua poé maké pias ..... jeung ku naon éta biwir bareuh?” si 
Patimah baluar-balieur api-api teu kadéngé indungna ngomong, bari geuwat 
manéhna asup deui ka enggon ngadon ngedeng.

“Punten kulan ......,” mandor Sastra mukakeun panto, “kamana ieu téh sarepi 
teuing?”
“Aéh calik juragan mandor,” cék ma Sarminah datang ti dapur.

“Puguh ngalayad, béjana Patimah gering kacida, nyeri naon cenah ema?” bari gék 
mandor diuk nyanghareupan cempor.

“Nyaéta puguh muriang juragan mandor,” wangsulna, “tuh geuning ngajoprk di 
enggon.”

“Puguh kuring ogé ema bieu téh tas ti tuan ménta obat nyareri awak pék dibéré 
ieu, duka naon,” cék mandor bari botol anggur port paméré tuan Steenhart 
dicokot ti gigireunana. “Cing urang ubaran ku ieu, sugan baé cageur, ka dieu ma 
ménta cangkir jeung séndok.”

Anggur port dicicikeun tina botol kana cangkir sarta tuluy dikucek jeung endong 
hayam atah, “Nyai!”, si Patimah digeroan, “cing inum heula ieu sakeudeung, 
susuganan baé, pédah papatah walanda urang téh.”

Nu gering tarangna dibeungkeut ku carécét, kaluar ti enggon, dalugdag daligdeug 
ka tengah imah.

Gék diuk, bari leguk nginum ubar paméré mandor, tapi ari dina haténa mah dina 
sajeroning nginum ogé manéhna ngarti éta ubar mémang saenyana keur manéhna, 
titatahan si Batu tuan Steenhart.

Si Patimah teu lila diukna di tengah imah, tuluy baé ngedeng deui ka enggon 
ngarasakeun kanyerina, jeung mikir-mikir, ngalamun kumaha akalna sangkan dirina 
salamet.

Nya kitu deui mandor Sastra henteu lila nganjangna, “punten baé atuh ema,” cék 
manéhna bari indit, “sing geura cageur baé nya, geura lalajo wayang. Tah ieu 
ma, kuring ninggalan lima pérak bisi nu gering aya kahayangna.”

Seblak haténa si Patimah di enggon, barang ngadéngé yén emana ditinggalan duit 
ku mandor anu geus moal salah deui, cék dina sangkaan manéhna pamaéré si Batu 
téa, tuan Steenhart.

“Nyai, ieu ema boga duit paparin juragan mandor, manéh bisi aya kahayang 
cenah,” bari ma Sarminah indit ka enggon, némbongkuen duit ka anakna.

(HANCA)

 

Kirim email ke