Muhun puguh ge, macaan buku heubeul teh, asa nitenan potret jaman harita. Paingan sok aya katelah, Walanda hideung, meureun nu jiga Mandor tea.
2012/12/11 Budi Setiadi <[email protected]> > ** > > > kalakuan walanda, ki. maos dina bumi manusia karya pramoedya ge kitu > geuningan. > maksa nafsu syahwat ka rahayat. > > lajengkeun deui, ki. simkuring hoyong terang potret jaman harita, sanes > tina carita buku > pelajaran sajarah anu pikaboseneun. > > salam, > budi > > ------------------------------ > *From:* Ki Hasan <[email protected]> > *To:* Ki Sunda <[email protected]> > *Cc:* Baraya Sunda <[email protected]>; Urang Sunda < > [email protected]> > *Sent:* Tuesday, 11 December 2012 7:00 AM > *Subject:* [kisunda] Roman - Siti Rayati (2) > > > Siti Rayati (6-10) > Moh. Sanoesi > > Henteu lila manéhna di kebon lantaran kudu ngalongokan ka pabriék, > ngawakilan tuan Kawasa. Tuluy manéhna balik deui, tapi leumpang baé > mapay-mapay galengan, sarta béndina dititah dibawa ku bujangna. > > Karék mah meunang sapuluh léngkah, reg manéhna ngarandeg, bari neuteup ka > hiji awéwé, parawan kira umur lima welas taun anu tungkul keur metik ..... > seblak haténa inget ka nyaina Nyi Nénéng, lantaran éta awéwé beungeutna > rada sarimbag, ngan ieu mah umurna ngoraan baé ti Nyi Nénéng, atuh da > mémang ogé budak. > > Tuluy ku tuan Steenhart disampeurkeun bari ditanya: “Saha manéh ngaran?” > “Su . . . . muhun Patimah,” wangsulna lalaunan. > “Geus lama manéh metik di dieu?” bari ngotrétkeun gerétanana ka sigarétna. > “Parantos sasasih,” wangsulna si awéwé bari tungkul, jongjon metik. > > “Ja, ya,” tuan buluham-béléhém cara nu kumasép, ngégélan biwir, “lamun > panas manéh berenti baé, tinggal di ditu handapeun kai,” bari manéhna indit > deui muru ka pabrik. Dina sajeroning leumpang manéhna inget baé ka éta > awéwé; di pabrik ogé manéhna henteu lila, tapi tuluy baé balik deui ka > kebon, ngajugjug ka tempat si Patimah tadi. Barang gok ka hareupeunana > ...... “Patimah!” bari manéhna ngodok saku nyokot lokét, “mau manéh > diperesén sama juragan?” > > Si awéwé semu anu éra bari ngégél biwir nu ti handap, biwir beureum balas > nyeupah, ngagaroan pipina nu kempot, tapi cicing baé henteu ngajawab. > > “Patimah mau?” bari seuri ngasong-ngasong duit. > “Mang ..... ga,” wangsulna, bari dongko nampanan. > > Tapi ari haténa mah éstu tagiwur, aya atoh aya reuwas campur jeung risi, > sok sieun éta tuan aya pangarahna, lantaran tara-tara ti sasari manéhna > méré amis budi, sumawonna ieu mah maké méré duit sagala. > > Beuki lila dipikir ku si Patimah, haténa beuki ratug tugteg teu pupuguh. > Duit anu saringgit ku manéhna ditungkus dina kandungan, sarta sapésér ogé > maéhna teu wanieun ngabancang. > > Nyakitu deui ka indungna nu digawé di pabrik, milih entéh, manéhna henteu > bébéja dibéré duit ku tuan, tapi cicing baé sieun indungna ngambek, nyangka > nu lain-lain. Rupana ayeuna tuan Steenhart hégar, sarta sadatang-datang ka > imah, tuluy baé nitah kokina ngageuwatkeun dahareun. > > Kakara ayeuna manéhna ngarasa hayang dahar, sarta katénjo ku manéhna > ayeuna leungit diganti ku kalangkang rupa si Patimah, katénjo imut > ngagelenyu, nyusutan ciseupah, nu beureum napel dina biwir ipis, nutupan > huntuna nu leutik lancip ngabérés bodas. > > Ari dipikir kadinyana mah, cacakan manéhna henteu maké, mémang si Patimah > kaasup ka budak hadé, dasar boga wanda, alus tincak, bisa basa, ma’lum > budak gedé di Cianjur, turug-turug keur waktu indungna jadi koki di > Bandung, manéhna ngagandék di juragan wadana pangsiun Régol, anu istrina > jadi guru ngabedah, nyongkét, ngarénda. Atuh bubuhan boga dunungan percéka, > nya dina makéna ogé manéhna pantes baé nyurup-nyurupkeunana papakéan téh. > > “Jaya!” cék tuan Steenhart bari dahar, “entong cios manéh nyaba téh?” > “Naha juragan?” wangsulna bari semu nu kagét. > “Akh, keur naon di sini juga teu kurang awéwé Jaya!” > “Sumuhun,” wangsulna bari tungkul semu nu handeueul inget ka tadi bakal > meunang bekel lima puluh rupia, jaba persén, jaba gajih rék ditaékkeun. > > Ti waktu harita tuan Steenhart beuki getol baé ngarondana ka kebon, sarta > nu pangheula-heulana nu dironda nyaéta tempat metikna si Patimah. Didinya > kudu baé manéhna eureun, sarta mawa ngomong, ngolég, ngolo, ngabibita atina > si parawan. Tapi tetep si awéwé batinna teguh, pengkuh teu daékeun kagoda > ku sétan rancana. Beuki lila beuki loba paméréna si tuan sarta haté si > Patimah beuki yakin pangirana yén tuan mikaresep ka dirina. “Ya Alloh > .....,” manéhna sasambat dina haténa, “mugi-mugi Gusti nu maha suci maparin > salamet ka diri abdi anu keur sakieu diranjingna ku sétan idajil. Ari teu > kuli ..... éh kumaha atuh da butuh, indung geus ripuh, bapa geus teu boga. > Ya Alloh mugi-mugi Pangéran anu kawasa nangtayungan ka awak abdi .....,” > > Tuan Steenhart beuki lila beuki manteng haténa micinta ka si Patimah, tapi > beuki nyedek anu mikarep, wuwuh mundur anu pengkuh, beuki risi anu nampik, > inget kabengisanana, kakasaranana éta tuan; sarta sajeroning cicing manéhna > mikir dina jero atina: > > “Éh kumaha teuing lamun éta tuan maksa margahala ka diri aing ....” > > Barang keur uleng manéhna mikir kitu, jebul mandor anu geus asak beunang > ngabadamian tuan Steenhart, datang nyampeurkeun ka manéhna, bari ngomong: > “Mun maké dudukuy Nyi metik téh, panas!” > “Akh keun baé juragan mandor,” wangsulna, “da teu gaduh.” > “Is, naha,” cék mandor, “nyokot baé isukan ka imah, loba duduky-dudukuy > baé mah ... aéh nyai poho bieu kalapa dua hulu, tuh dihandapeun > katinggaleun, cing pangnyokotkeun sakeudeung,” bari ditunjukkeun ku iteukna > ka kebon béh lebak, anu tangkal téhna geus gabug, teu beunang dipetik deui. > > Mandor tuluy diuk api-api ngadagoan dina galengan, sarta si Patimah anu > samasakli henteu boga pikiran atawa ngandung timburu naon-naon, indit > ditiung ku saputangan beureum, ngajugjug ka tempat nu dituduhkeun tadi ku > mandor, rék nyokot kalapa. Barang nepi ka handapeun kai, manéhna luak-lieuk > ngilikan kalapa, tapi .... henteu aya, atuh da mémang ogé jijieunan wungkul. > > “Ka dieu,” sora nu nyalukan titukangeun manéhna, diuk handapeun tangkal > téh. Gebeg si Patimah ngarénjag bari ngalieuk ka tukang ..... seblak haténa > reuwas jeung kagét nénjo tuan Steenhart ngagupayan manéhna bari nyenghél > seuri. > > “Patimah, marih manéh, juragan persén,” bari ngébréhkeun salambar uang > kertas spuluh pérak. > > Sakeudeung mah si Patimah ngajanteng baé ngahuleng inget kana titahanana > si mandor, sarta ayeuna ngarti yén manéhna ditipu. > > “Keteyep manéhna leumpang lalaunan bari leungeun duanana nyekel susuna, > nyampeurkeun.” > > “Jangan sieun sama juragan mah,” cék tuan Steenhart bari kerewek > leungeunna si Patimah dicekel ..... terus ditarik ka handap ..... tuluy > didiukkeun dina lahunanana ..... ngok dicium ...... > > “Tobat juragan, ampun abdi, badé dikumahakeun ku ieu abdi téh,” si Patimah > meungpeunan beungeutna ku saputangan urut tiungna. > > “Is, tida kumaha-kumaha,” témbalna, “heh ini juragan maparin sapuluh > pérak,” bari kerewek awakna ditangkeup, ngok deui dicium. > > “Aduh ampun juragan,” sasambatna si Patimah, luut-léét késang, meungpeunan > beungeut ku leungeun duanana. > > “His, jangan sieun Patimah, nanti sama juragan dibelikeun samping dan baju > nu alus,” bari leungeunna nu meungpeunan beungeut di tarik ku manéhna ka > handap ....., ngok dicium ...... gep biwirna digégél ...... > > “Aduh ampun juragan,” si Patimah totorojolan rék indit tina lahunanana > tuan, bari cipanon rambay, baju cipruk baseuh ku késang, tapi tibatan > dilésotkeun mah, kalah beuki pageuh manéhna dicekelna. > > “Cicing nyai,” pokna, “mau kamana, jangan sieun sama juragan mah,” bari > teu eureun-uereun ngagalémoh nyiuman. > > Beungeut si Patimah pias, biwir karentob balas digégélan, awak pinuh ku > késang, teu béda jeung nu muriang keur bijil késang. > > Tuan Steenhart anu rohna, anu batinna geus diandih ku iblis, dipindahan > sétan, tuan Steenhart anu ayeuna ngan tinggal sipatna atawa wujudna baé > mangrupa manusa, ruparupana tacan laksana nu dipikahayang, tacan dikabul nu > dipimaksud, tacan hasil nu cumantél di ati. Durudud manéhna ngudar baju > ..... ngok si patimah dicium deui ..... nya tuluy kalawan paksa manéhna > ngajujur napsuna muaskeun kahayangna ...... > > “Ampun Gusti, ampun .....,” cék si Patimah. > > Isukna manéhna henteu indit ka kebon, ngaringkuk baé diimahna, sarta ka > indungna bébéja muriang. Ku sabab éta indungna ogé kapaksa henteu ka > pabrik, teu iklaseun ninggalkeun anakna anu ngan sahiji-hijina tur gering. > > “Naon anu karasa téh nyai?” cék ma Sarminah, indungna, bari tarang anakna > diragap, “his geuning ieu panas, geus bijil késang nyai?” > > “Puguh tacan, ma,” wangsulna. > > “Ké atuh urang baluran geura ku cuka nya, bari terus indungna nyiksikan > bawang beureum dirameus jeung cuka sarta tuluy dibalurkeun. “Pék disimbut > ayeuna mah nyai sing buni, engké ogé geura bijil késang.” > > Si Patimah nurut baé dikieu-kieu ku indungna téh, sanajan manéhna saenyana > ngan ukur rada panas tiris. Tapi ari awak mah mémang ogé geus teu puguh > rasakeuneunana, sabuku-sabuku asa raremek, éta mah geus pada kama’lum > kusaréréa ogé. > > “Naha nyi, gering dua poé maké pias ..... jeung ku naon éta biwir bareuh?” > si Patimah baluar-balieur api-api teu kadéngé indungna ngomong, bari geuwat > manéhna asup deui ka enggon ngadon ngedeng. > > “Punten kulan ......,” mandor Sastra mukakeun panto, “kamana ieu téh > sarepi teuing?” > “Aéh calik juragan mandor,” cék ma Sarminah datang ti dapur. > > “Puguh ngalayad, béjana Patimah gering kacida, nyeri naon cenah ema?” bari > gék mandor diuk nyanghareupan cempor. > > “Nyaéta puguh muriang juragan mandor,” wangsulna, “tuh geuning ngajoprk di > enggon.” > > “Puguh kuring ogé ema bieu téh tas ti tuan ménta obat nyareri awak pék > dibéré ieu, duka naon,” cék mandor bari botol anggur port paméré tuan > Steenhart dicokot ti gigireunana. “Cing urang ubaran ku ieu, sugan baé > cageur, ka dieu ma ménta cangkir jeung séndok.” > > Anggur port dicicikeun tina botol kana cangkir sarta tuluy dikucek jeung > endong hayam atah, “Nyai!”, si Patimah digeroan, “cing inum heula ieu > sakeudeung, susuganan baé, pédah papatah walanda urang téh.” > > Nu gering tarangna dibeungkeut ku carécét, kaluar ti enggon, dalugdag > daligdeug ka tengah imah. > > Gék diuk, bari leguk nginum ubar paméré mandor, tapi ari dina haténa mah > dina sajeroning nginum ogé manéhna ngarti éta ubar mémang saenyana keur > manéhna, titatahan si Batu tuan Steenhart. > > Si Patimah teu lila diukna di tengah imah, tuluy baé ngedeng deui ka > enggon ngarasakeun kanyerina, jeung mikir-mikir, ngalamun kumaha akalna > sangkan dirina salamet. > > Nya kitu deui mandor Sastra henteu lila nganjangna, “punten baé atuh ema,” > cék manéhna bari indit, “sing geura cageur baé nya, geura lalajo wayang. > Tah ieu ma, kuring ninggalan lima pérak bisi nu gering aya kahayangna.” > > Seblak haténa si Patimah di enggon, barang ngadéngé yén emana ditinggalan > duit ku mandor anu geus moal salah deui, cék dina sangkaan manéhna pamaéré > si Batu téa, tuan Steenhart. > > “Nyai, ieu ema boga duit paparin juragan mandor, manéh bisi aya kahayang > cenah,” bari ma Sarminah indit ka enggon, némbongkuen duit ka anakna. > > (HANCA) >
