Kang Yance Cagub Jabar  jeung wakil cagub kampanye  di Tvone. Kuring 
ngomentaran di FB. terlepas naon anu jadi bahan obrolan, asana leuwih merenah 
upama di tanggap di kampus. Leuwih tartib tur bisa nambah wawasan pikeun 
sivitas akademika paguron luhur. Tina obrolan eta oge, kalangan kampus bisa 
ngawal program-program paa cagub, upama engka tos jeneng jadi gupernur. Duka 
kampus mana tah di Bandung anu ngamimitian.
Pangalaman pamilon tahun 2004, UI kungsi ngondang para calon presiden, tapi anu 
datang diwakilan kunu sejen. Teu puguh atuh. 


mrachmatrawyani


________________________________
 From: MRachmat Rawyani <[email protected]>
To: "[email protected]" <[email protected]> 
Cc: urangsunda urangsunda <[email protected]> 
Sent: Thursday, December 13, 2012 7:26 PM
Subject: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Strategi Kebudayaan (sunda) nanjeurkeun 
NKRI
 

  
Saena mah, diguar deui (dievaluasi), naon anu harita diusulkeun. Teras kumaha 
buktosna ayeuna. Maksad teh, naon wae kajantenan anu tumiba, sareng 
disaluyukeun/dipertentangkeun sareng usulan anu kantos diajukeun.

Kuring janten emut "dongeng"na Rizal Ramli anu disalabrkeun dina hiji milis. 
Waktos SBY janten presiden 2004-2009 Rizal Ramli kantos ngusulekun hiji cara 
ngokolakeun tanah-tanah di luar Jawa, ku cara ngayakeun perkebunan anu dikelola 
pihak swasta. Ide ieu teh saurna niron pola anu dilarapkeun ku Malaysia, anu 
tos kabuktosan sukses, ngaraharjakeun rahayat Malaysia. Eta ide teh ku SBY, 
ditandaan spidol beureum, tanda saluyu bade dilarapkeun di daerah transmigran 
Luar Jawa. Lima taun tos kalangkung, eta ide teh teu aya anu dilaksanakeun ku 
SBY.

Anu jelas kabuktosan mah, aya hiji perkebunan di wewengkon
 lampung anu dikokolakeun ku urang Malaysia, tanahna janten sengketa sareng 
masyarakat. habitat sato dibukbak, malihan mah sato sato monyet/lutung diusir 
dihaja diduruk sagala.

Maksad kuring, upami aya gagasan dilaksanakeun di lapangan, kedah "dikawal" 
dina pelaksanaannya, bilih aya penyimpangan anu teu kapalire ku pihak 
pamarentah. Di dieu pentingna transparansi anu kedah dibewarakeun ka 
masyarakat, supados masyarakat oge tiasa "mengawal" pelaksanaan kagiatan eta. 
Tapi rupina pola siga kieu sesah upami dilaksanakeun.

mrachmatrawyani




________________________________
 From: oman abdurahman <[email protected]>
To: [email protected] 
Cc: urangsunda urangsunda <[email protected]> 
Sent: Thursday, December 13, 2012 7:00 PM
Subject: Re: [kisunda] Strategi Kebudayaan (sunda) nanjeurkeun NKRI
 

  
Sae tah kang Rachmat, ti payu waktos pemilihan gubernur 2 periode samemehna, si 
kuring kungsi nyodorkeun strategi nu dimaksud, malah waktu SBY karek kapilih 
oge si kuring ngaliwatan hiji organisasi kungsi ngasongkeun strategi jeung 
program pangwangunan anu dijejeran salaku "Orde Prestasi". Ana gorehel teh orde 
"Gotong Royong" deui wae :) bari jeung kieu kabuktianana, alias teu dianggo 
pisan sigana teh, duka memang para pelaksanana kurang pas.

manar


2012/12/14 MRachmat Rawyani <[email protected]>

 
>  
>Strategi Kebudayaan
Mengembangkan Jawa Barat Untuk Menegakkan NKRI
>
>
>Pamilihan Gubernur Jawa Barat  dilaksanakeun 2013. Tahun 2014 pamilon tingkat
nasional. Tahun 2015 diberlakukeun perdagangan Bebas AFTA  sa ASEAN. “Lalu 
lintas” perekonomian  jeung Kabudayaan dunya bakal leuwih rame,
utamana dina perkara informasi. Perekonomian jeung kabudayaan ieu, salah sahiji
lokomotif peradaban dunya. Upama urang teu taki-taki bakal kagiles ku arus
globalisasi. Naon anu kudu disiapkeun dina nyorang mangsa siga kitu? Teu aya
deui, urang kudu bisa “ngigelan” jaman jeung pajamanan. Kumaha caranya? Nya
sacara rereongan disiapkeun ti ayeuna strategi kabudayaan. Nyaeta hiji cara
anu  ngalibetkeun sagala kamampuan aspek
lahirian jeung batiniah anu aya pakaitna jeung hirup kumbuh urang salaku mahluk
jeung alam dimana urang cicing.
>
>
>Dina perkara pamilon Gubernur Jabar, kudu sering diayakeun dialog-dialog
terbuka para calon jeung masyarakat, ku cara ngayakeun dialog terbuka,
ngawanohkeun ide/gagasan para calon naha di lingkungan kampus atawa di media
citak jeung media elektronik. Tong diayakeun sacara debat antar calon, sabab
ngabalukarkeun paaing-aingan atawa pameunang-meunang.
>
>
>Aya hiji tim anu husus ngarumuskeun, aspirasi ti berbaga
kalangan, naha sacara teoritis atawa sacara praktikal. Oge ngarumuskeun hasil
dialog-dialog para calon jeung  masyarakat. Rumusan ieu teh dibukukeun,
diserahkeun ka gupernur depinitip, jadi hiji ‘asupan’ pedoman pikeun
ngalaksanakeun pancen gupernur anyar.
>(halah punten, basana rada aneh bin ajaib, teu biasa
ngarumuskeun gagasan dina basa Sunda)
> 
>mrachmatrawyani



 

Kirim email ke