hanjakalna, ngan can aya cagub/cawagub nu merjuangkeun referendum di tanah priangan. teu kudu nyebut deuk pisah, bisi disebut makar...hahah NKRI kiwari geus mulai pecah belah... henteu secara de jure, tapi secara de fakto geus kajadian.
________________________________ From: MRachmat Rawyani <[email protected]> To: urangsunda urangsunda <[email protected]>; "[email protected]" <[email protected]> Sent: Friday, 14 December 2012, 9:39 Subject: [kisunda] Strategi Kebudayaan (sunda) nanjeurkeun NKRI Strategi Kebudayaan Mengembangkan Jawa Barat Untuk Menegakkan NKRI Pamilihan Gubernur Jawa Barat dilaksanakeun 2013. Tahun 2014 pamilon tingkat nasional. Tahun 2015 diberlakukeun perdagangan Bebas AFTA sa ASEAN. “Lalu lintas” perekonomian jeung Kabudayaan dunya bakal leuwih rame, utamana dina perkara informasi. Perekonomian jeung kabudayaan ieu, salah sahiji lokomotif peradaban dunya. Upama urang teu taki-taki bakal kagiles ku arus globalisasi. Naon anu kudu disiapkeun dina nyorang mangsa siga kitu? Teu aya deui, urang kudu bisa “ngigelan” jaman jeung pajamanan. Kumaha caranya? Nya sacara rereongan disiapkeun ti ayeuna strategi kabudayaan. Nyaeta hiji cara anu ngalibetkeun sagala kamampuan aspek lahirian jeung batiniah anu aya pakaitna jeung hirup kumbuh urang salaku mahluk jeung alam dimana urang cicing. Dina perkara pamilon Gubernur Jabar, kudu sering diayakeun dialog-dialog terbuka para calon jeung masyarakat, ku cara ngayakeun dialog terbuka, ngawanohkeun ide/gagasan para calon naha di lingkungan kampus atawa di media citak jeung media elektronik. Tong diayakeun sacara debat antar calon, sabab ngabalukarkeun paaing-aingan atawa pameunang-meunang. Aya hiji tim anu husus ngarumuskeun, aspirasi ti berbaga kalangan, naha sacara teoritis atawa sacara praktikal. Oge ngarumuskeun hasil dialog-dialog para calon jeung masyarakat. Rumusan ieu teh dibukukeun, diserahkeun ka gupernur depinitip, jadi hiji ‘asupan’ pedoman pikeun ngalaksanakeun pancen gupernur anyar. (halah punten, basana rada aneh bin ajaib, teu biasa ngarumuskeun gagasan dina basa Sunda) mrachmatrawyani
