Saperti Mawar Hideung manehna ge loba papanggihan jeung nu sok cunihin …
Tapi Nyi Epon kacirina leuwih galak ti batan Mawar Hideung; jeung akalna aya bae; malah sakapeung sok ngagoda heula nu cunihin ka manehna; atuh kakara ge lima bulan kaluar ti Alas Purwo; geus sohor oge di sabudeur Alas Purwo mah. Na hiji mangsa Nyi Epon panggih jeung hiji awewe kira2 pantaran manehna; manehna mamawa bedog; sikepna kaciri nguntup pisan ka manehna; Nyi Epon jadi hayang nguji; naha kabisana sajajar jeung kasombonganana ?! Sanggeus silih Tanya; rupana eta budak awewe teh keur neneangan babaturanana; waktu ku Nyi Epon ditanya saha nu keur diteangan teh ? sugan we kapanggih cenah. Eta awewe mani ngaburileng, bari ngomong rada kasar :”Ah anjeun mah moal nyaho sipat Kang Mas Jalma; ka anjeun mah sigana moal ngareret reret acan … ka uing ge … “ teu kebat ngomongna; rumasa geus kalepasan. Nyi Epon mani ngagebeg disebut ngaran Jalma teh; eh naha Jalma geus bogoh ka ieu awewe ? Enya memang ayu … tapi mun diadu; jauh jeung Nyi Ipah mah atuh ? Wah ieu awewe teh sigana kapincut ku Kang Jalma; cara aing… Nyi Epon era sorangan. Teu nyaho kumaha ayeuna mah manehna geus teu inget deui ka Jalma; meureun geus nyaho Jalma papacangan Nyi Ipah; atawa pedah kabangbalerkeun ku Ilmu Silat ? Eta awewe nu ngakuna ngaran Utari teh rek indit ti hareupeun Nyi Epon; tapi sasaha ge moal bisa indit kitu wae ti hareupeun Nyi Epon nu sok usilan . Saacan diulinkeun mah ? “Utari keur naon eta bebedogan disosoren ?!” Nyi Epon nyorowok waktu Utari rek ngaleos. “Heh ! Ieu bedog enyaan. Moal enya mamawa bebedogan !” Utari ngajawab we alami; teu sangka Nyi Epon aya maksud sejenna. “Hahahaha … sidik katenjona ge eta mah bebedogan .. kaciri pan ku maneh dibawana hampang !?” Cek Nyi Epon sangeunahna. “Ieu bedog enyaan … tempo tuh “ bari serepet bedog dipesat … mani ngagurilap tanda eta bedog teh enya seukeut. “Ah tapi loba bebedogan dijieun nyarupaan bedog … tah sarua jeung nu maneh Utari.” Cek Nyi Epon nambahan panas Utari. Hanca
