“Ieu bedog enyaan … tempo tuh “ bari serepet bedog dipesat … mani ngagurilap tanda eta bedog teh enya seukeut.
“Ah tapi loba bebedogan dijieun nyarupaan bedog … tah sarua jeung nu maneh Utari.” Cek Nyi Epon nambahan panas Utari. “Eeeeh maneh teh ngajak ngesang … ?!” Utari tipopolotot. “Cek uing bebedogaan … bebedogan …” Can ge tutup Nyi Epon nyaritana heaaat ! Utari nyerang ku jurus bedog ; tapi manehna teu niat nyilakakeun Nyi Epon ngan hayang ngajar adat wungkul. Tapi eta serangan gampang pisan dicingcetkeunana ku Nyi Epon; bari terus seuseurian :”Hahahaha … tuh pan bebedogan ! moal enya teu keuna tah ngadekna !” Utari keuheuleun pisan terus nyabet deui ku hiji sabetan nu masih bobodoan; ari nu enya mah sepakanana, ka na pingping Nyi Epon maksudna hayang ngarubuhkeun Nyi Epon ku sakali gebrak; aing geus diajar silat ku Kang Mas Demang; ieu si Epon teh paling ge awewe kampung, ngan ukur boga kawani wungkul; kitu pikiran Utari; tapi eta tajongan nyamos nalipak angin. “Hahahaha … ulah tujang tajong atuh ari teu bisa mah neng Utari!” cek Nyi Epon bari nyeungseurikeun. “Eh maneh teh hayang cilaka siah !?” Utari mani tipopolotot ku ambek2na. “Ah cilaka mah embung … ngan resep lalajo nu keur nari bedog …”Nyi Epon beuki tambah2 adat ngalelewaanana. Atuh Utari nu tadina mah embung nyilakakeun Nyi Epon jadi bener2 amarah pisan; terus wae nyerang enyaan ayeuna mah … na pikirna awewe kurang ajar kieu mah pantes mun narima hiji dua kadekan ti aing … tuman. Tapi najan geus enya2 nyerangna tetep we Nyi Epon teu kabeunangan ; padahal Nyi Epon teu nyekel senjata nanaon … sanggeus sawatara jurus, Utari sadar yen nu dilawan lain awewe kampung biasa; pasti boga cekelan ilmu kanuragan luhur; wah aing kumaha yeuh diteruskeun salah; dieureunan salah? Utari rada bingung. “Hahahaha … naha make eureun ? Utari ! geus cape ? tuh istirahat heula di handapeun itu tuh tangkal Waru … da moal ditinggalkeun !” Nyi Epon nambahan deui ngagodana. Utari sadar yen mun manehna ngalajur napsu ka ieu Nyi Epon, manehna loba rugina ti batan untungna; padahal manehna ngahaja kaluar ti Kademangan Batu Urip rek neangan Kang Jalma; tapi can naon2 geus panggih jeung awewe kampung nu pikasebeleun … Wah. Uteri ahirna rek ngaleos deui wah karo2 gelo ngalawanan ieu awewe kampung mah, maning ge indit ti dieu sing jauh. Bari ngasupkeun bedogna Utari terus luncat ti dinya ngajauhan Nyi Epon, berebet we lumpat tarik pisan teu make tujuan, pokona ngajauhan Nyi Epon. Hanca
