Atuh eta Oah tiluan geus teu mikir deui ka na pakean terus we lumpat ngudag si mojang bari bubulucunan :”Eh Neng ulah waka ka mana2; sok gancang balik deui !”
Ari eta si Wanoja Baju koneng, siga teu ngadenge terus we noyod; siga lalaunan, tapi mani ngan sakeudeung geus ngajauhan; atuh ku panasaranana eta nu tiluan teh terus we ngudag da moal sabaraha cenah cek na pikirna. Eta Wanoja baju Koneng malah terus maju nuju ka lembur Rancamayana pisan; atuh urang lembur ting raringeuh nempo tilu Oah ting bulucun ngungudag Hiji Wanoja geulis, nu teu pisan kaciri ngalieuk saeutik eutik acan. Ahirna eta nu tiluan cocorowokan ka urang lembur :”Eh arilaing lalajo naon siah !? Awas hayang dikadek siah ku aing !? Kadieu siah nginjeum sampingna !” Atuh ting golosor urang lembur mere sarung, bari mengkek piseurieun. Tapi di dinya aya hiji pamuda nu nekad, nempo tilu Oah teu mawa bedogna; ngan heat we manehna ngagebug ti tukangeun ku Halu ! Tapi nu tiluan teh ngarasa aya nu neunggeul, terus wae nyingcet; geus kitu terus nyoba ngalawan eta pamuda nu kaciri nekad ! Nempo aya hiji pamuda nu wani ngalawan, urang kampung asa ka ingetan, terus we sasenjata2na ngarepung eta oah tiluan nu ngan ukur mamake sarung; atuh enya ge jago ari dikepung bari jeung teu siap mah reuwaseun oge; maranehna usaha supaya bisa lolos; geus aya ka na lima urang kampung nu ting jarungkel ! Tapi teu nyaho kumaha, urang kampung teh ayeuna jadi narekad. Hanca
