Keur kitu .. duka ti mana swir ! swir ! swir ! ngolebat sinar
koneng; nu ngeunaan ka na beungeut eta tilu oah; harita keneh nu tiluan
tingjarerit; bari rubuh ngajungkel ! Atuh urang kampung nu keur napsu terus sa
pakarangna ngaraponan bari neunggeulan ! 


Keur kitu aya sora nu agem wibawaan :”Eh areureun heula !”


Bari ting raringeuh urang kampung areureun, bari ngareret.
Kaciri Hiji wanoja baju koneng nu keur ngayun2 salendang nu oge warna koneng.
Sidik eta teh nu tadi keur di udag2 ku nu tilu Oah. Sigana mah, ieu teh
Pendekar silat. Terus we urang kampung malinggir, tapi tetep ngepung.


Eta nu tilu Oah, ngarasa kababuk ku salendang nu kacida
peureusna jeung karasa panas; komo tadi loba tatu diraponan ku urang kampung;
ngarasa yen wanoja nu keur disanghareupan teh tangtu Pendekar sabangsana Mawar
Hideung; terus we maranehna teu era2 nyembah2 menta ampun ! Yen kakara ayeuna
ngalakukeun hal eta; moal wani deui deui !


Urang kampung ting gerendeng jeung ting corowok, yen kalakuan
eta tilu Oah lain sakali dua kali wae ngaganggu ka awewe2; nepi ka aya nu maehan
maneh lantaran nyeri hate, 

Atuh rame pacental cental; antara urang kampung
jeung si tilu Oah.


“Hey para Paman ! cing kuring bere kasempetan nyarita !”


Eta sora karasa ngageterkeun hate sakabeh nu aya di dinya ,
kaasup si Tilu Oah; atuh jep we rarepeh kabehanana.


Sanggeus sakabeh nu aya di dinya rarepeh, terus si baju
Koneng nunjuk ka si tilu Oah :”Eh maraneh tilu jelema nu teu boga rarasaan !
narangtung maraneh siah  !”
Hanca


Kirim email ke