Cacahan Bantenan - Teu Embu Teu Ciak Ku Intan Jamsah
Keur leutik kula, mun tas ngaji sok dikejatkeun, ku budak lalaki bari disingsieunan tea. Laju kula labuh, balik ceurik bari barared. Laju eta indung kami neangan Si Karim, ja aya nu ngabejaan nu nyingsieunan eta si Karim. Eh pas di omongan ku indung kula, eta si Karim cameot bae tungkul, 'teu embu teu ciak'. "Cocoh dia Karim!" ceuk kula asa di pangmeunangkeun ku Indung. Eta kuari Nasib si Karim karunya, ja cenah mah di kurungan di panjara gara-gara aya nu nitah ngideurkeun Duit Palsu. Eta nu kitu kabawa ku sakaba-kaba tea mereun nyah.
