Ari ngaran kampung jeung lembur mah, teu pati susah teuing logikana. Tapi lamun 
nyebutkeun masalah kota2 nu gedena; kakara problem.

Tadina maatak disebut Giri Resik lantaran ngaahaarib2 ka Kota Resik; tapi 
kumaha logikana Ki Caakramana ngaliwat ka eta daerah Priangan Kidul; padahal 
rek dagang ka Batavia ? Mun dagangna kaa daerah Tasik masih logis; taapi jaman 
harita naha Ekonomi Tasik geus maju ? nepi ka aya hubungan ekonomi mandiri 
antara Tasik Cirebon ?

Lamun karang lungkawing teh di sakiduleun Sukabumi; tangtuna ge sabangsa 
leuwiseeng , Wanayasa aya di dinya . Naha aya sudagar ti Cirebon ngaprak ka 
Sukabumi ?

Mun Wanayasa ayana di Sumedaang misalna; kumaha carana si Jalma bisa nyokot 
jalan ka Puncak lain ka Subaang Purwakarta ? 

Rada hemeng tah logika eta.. Jadi Rute perdagangan rada hese nyambungkeunana.

Jadi Jalma ti Basisir Laut Kidul, terus nuju ka kaler ! Ka mana ? Ka Tasik ? 
Garut ? Sukabumi ? Keun we ari ti Cirebon mah masih bisa dirobah misalna jadi 
ti Sumedang atawa ti Soreang.

Cing manawi aya nu tiasa nuduhkeun kumaha ngarobahna jalur carita; supaya pasa 
jeung sajarah + Ilmu Bumi; bari teu ngarubaah cersil sacara significant.

Nuhun sateuacanna.

Kirim email ke