Memang dina carita fiksi mah diwenangkeun ngawangwang naon wae. Kaasup
ngawangwang seting tempat, pelaku, kajadian, jeung sajabana. Ngan, milih
seting tempat nu deukeut kana lokasi nu aya bungkeuleukna, utamana dina
genre 'fiksi realis', nuduhkeun sakumaha jerona pangaweruh nu ngarangna.
Dina fiksi realis mah, ayana anakronime teh, nuduhkeun kahengkeran carita.
Kajaba 'fiksi surealis' nu memang ngahaja nyiptakeun anakronisme keur
dayatarikna, jiga serial 'Harry Potter' misalna, moal aya nu tumanya
logis-henteu-na.

2013/3/18 <[email protected]>

> **
>
>
> ** Bah geuleuyeung we mikirna dina konteks harita, ulah ditoong make elmu
> ayeuna nya pasti teu nyararambung. Asumsikeun we harita kaayaanana kitu,
> fiksi ieuh. Kecuali mun keukeuh hayanh nyetel nya atuh turutaln we peta
> lalakon Eyang Bujangga Manik.
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *From: * Abbas Amien <[email protected]>
> *Sender: * [email protected]
> *Date: *Mon, 18 Mar 2013 07:14:23 +0800 (SGT)
> *To: *urangsunda<[email protected]>; kisunda<
> [email protected]>
> *ReplyTo: * [email protected]
> *Subject: *[kisunda] Logika tempat di na CERSIL
>
>
>
> Ari ngaran kampung jeung lembur mah, teu pati susah teuing logikana. Tapi
> lamun nyebutkeun masalah kota2 nu gedena; kakara problem.
>
> Tadina maatak disebut Giri Resik lantaran ngaahaarib2 ka Kota Resik; tapi
> kumaha logikana Ki Caakramana ngaliwat ka eta daerah Priangan Kidul;
> padahal rek dagang ka Batavia ? Mun dagangna kaa daerah Tasik masih logis;
> taapi jaman harita naha Ekonomi Tasik geus maju ? nepi ka aya hubungan
> ekonomi mandiri antara Tasik Cirebon ?
>
> Lamun karang lungkawing teh di sakiduleun Sukabumi; tangtuna ge sabangsa
> leuwiseeng , Wanayasa aya di dinya . Naha aya sudagar ti Cirebon ngaprak ka
> Sukabumi ?
>
> Mun Wanayasa ayana di Sumedaang misalna; kumaha carana si Jalma bisa
> nyokot jalan ka Puncak lain ka Subaang Purwakarta ?
>
> Rada hemeng tah logika eta.. Jadi Rute perdagangan rada hese
> nyambungkeunana.
>
> Jadi Jalma ti Basisir Laut Kidul, terus nuju ka kaler ! Ka mana ? Ka Tasik
> ? Garut ? Sukabumi ? Keun we ari ti Cirebon mah masih bisa dirobah misalna
> jadi ti Sumedang atawa ti Soreang.
>
> Cing manawi aya nu tiasa nuduhkeun kumaha ngarobahna jalur carita; supaya
> pasa jeung sajarah + Ilmu Bumi; bari teu ngarubaah cersil sacara
> significant.
>
> Nuhun sateuacanna.
>

Kirim email ke