Budaya lokal we eta mah, pangalaman mah peryogi support panitia/pagawe supaya 
ngaladenan nu antri pang heulana. Ngageunggeureuhkeun nu nyele sering gagal, nu 
efektif support, rame2 ngadukung pagawe nu ngalayanan supaya ngaladenan nu ti 
heula antri.
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Tue, 9 Apr 2013 10:08:06 
To: [email protected]<[email protected]>; 
[email protected]<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [kisunda] Budaya urang???

Selingan kritikan ka pamarentah, sim kuring hoyong nyuhungkeun pendapat ti 
sadayana perkawis budaya ngantri anu tartib.
Tilu minggon ka pengker sim kuring aya ondangan pikeun nampi e-KTP di 
kelurahan. Dina waktosna sim kuring sumping kening antrian pang payunna.
Saatos antrian panjang, aya ibu-ibu rapih, yuswa 40-an, tampilan terhormat, 
nembe sumping langsung ngagulutru panjang lebar yen antrian panjang kamana atuh 
panitia anu ngabagikeun e-KTP teh, saurna. teras ngagulutru dugi ka panitia na 
sumping. Eh, si ibu nyele janten pangpayuna tah. Disindir ku warga nu sanes teh 
nagen weh teu aya isin-isin.  Sa atos lebet ruangan oga nyatana seueur tah 
ibu-ibu anu nembe sumping nyele ka panitia hoyong dipayunkeun. Lami-lami pak RW 
anu tadina ngatur teh nitip berkas oge ka panitia pikeun diuruskeun e-KTP 
kulawargina, teras pak RW ngaleos mulih ka bumina.

Eta teh tos budaya urang sunda kiwari?
Leres ibu-ibu sok alim ngantri, sok hoyong dipayunkeun? :D

Dina kasempetan sanesna, di bank (ieu mah aya satpam anu sok turun tangan 
nartibkeun), di food court, ngantri karcis kareta; sok aya wae tah jalmi anu 
alim ngantri. teu kireum-kireum teu aya kaisin. Ari tampilan mah garagah, 
bersih jeung terhormat.  Kumaha tah, budaya urang memang kitu panginten nya tos 
galib, atanapi kumaha?

Upami digeunggeureuhkeun, sok sieun janten esmotsi; pernah ngageunggeureuhkeun 
bapak-bapak yuswa di luhur 50 taun di bank nyele, ete ngamuk si bapak, kumaha 
aing weh cenah.. he.. he.. kadituna tiasa "ku aing siah..."... walah....


salam

Febi Ahmad Hazairin
==============

Kirim email ke