Panggorengna sadunya weh urusan budaya anttri di indo mah
Teu di kantoran ((bank, desa, jrrd) oge di jalanan. Tingali weh kumaha 
hebatttna para pengguna jalan, uttamana  di kotta2 gede samodel jkt-bdg-sby. 
Teu nu make motor teu nu make mobil, sarua parahna
Nu salah? Sistem pendidikanna nu mere kontribusi paling gede dina urusan 
disiplin ieu, boh disiplin anttri attw miceun runtttah, oge disiplin nu udud 
mah tteu kudu dicarittakeun deui loba nu ngararaco sakahayang sakadaek di mana 
wae ttempatna udud.


Sent from MobilePhone®

-----Original Message-----
From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Tue, 9 Apr 2013 10:08:06 
To: [email protected]<[email protected]>; 
[email protected]<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Budaya urang???

Selingan kritikan ka pamarentah, sim kuring hoyong nyuhungkeun pendapat ti 
sadayana perkawis budaya ngantri anu tartib.
Tilu minggon ka pengker sim kuring aya ondangan pikeun nampi e-KTP di 
kelurahan. Dina waktosna sim kuring sumping kening antrian pang payunna.
Saatos antrian panjang, aya ibu-ibu rapih, yuswa 40-an, tampilan terhormat, 
nembe sumping langsung ngagulutru panjang lebar yen antrian panjang kamana atuh 
panitia anu ngabagikeun e-KTP teh, saurna. teras ngagulutru dugi ka panitia na 
sumping. Eh, si ibu nyele janten pangpayuna tah. Disindir ku warga nu sanes teh 
nagen weh teu aya isin-isin.  Sa atos lebet ruangan oga nyatana seueur tah 
ibu-ibu anu nembe sumping nyele ka panitia hoyong dipayunkeun. Lami-lami pak RW 
anu tadina ngatur teh nitip berkas oge ka panitia pikeun diuruskeun e-KTP 
kulawargina, teras pak RW ngaleos mulih ka bumina.

Eta teh tos budaya urang sunda kiwari?
Leres ibu-ibu sok alim ngantri, sok hoyong dipayunkeun? :D

Dina kasempetan sanesna, di bank (ieu mah aya satpam anu sok turun tangan 
nartibkeun), di food court, ngantri karcis kareta; sok aya wae tah jalmi anu 
alim ngantri. teu kireum-kireum teu aya kaisin. Ari tampilan mah garagah, 
bersih jeung terhormat.  Kumaha tah, budaya urang memang kitu panginten nya tos 
galib, atanapi kumaha?

Upami digeunggeureuhkeun, sok sieun janten esmotsi; pernah ngageunggeureuhkeun 
bapak-bapak yuswa di luhur 50 taun di bank nyele, ete ngamuk si bapak, kumaha 
aing weh cenah.. he.. he.. kadituna tiasa "ku aing siah..."... walah....


salam

Febi Ahmad Hazairin
==============

Kirim email ke