Hatur nuhun kang, teu pabaliut, runtuy oge. Ayeuna hal etika kumaha kaitanana? Nuhun sateuacana. Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Ahmad Hazairin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 12 Apr 2013 12:38:53 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Moral jeung Akhlak Punten ditambihan: sapertos bahasa indonesia teh bahasa nasional, aya oge bahasa lokal/suku. Tah norma teh sapertos moral nasional kitu tah. Janten moral anu tos diagem ku umum disebatna norma. Febi === ________________________________ Von: Ahmad Hazairin <[email protected]> An: "[email protected]" <[email protected]> Gesendet: 18:13 Freitag, 12.April 2013 Betreff: Re: [kisunda] Moral jeung Akhlak Muhun kang, pamendak sim kuring mah norma teh standar moral/akhlak di hiji masyarakat. Maksadna kieu; pan ari akhlak teh lapisanna seueur pisan. Tiasa dibahas dibenjer beaskeun dugi ka janten tilu jilid buku misalna. Misalna aya akhlak patani gunung anu teu sakola, aya akhlak jelema kadidik sakola, aya akhlak ahli ilmu, aya akhlak jalma arif jeung rea-rea deui. Mangkana umat islam, utamana lulusan sakola agama nyatakeun yen akhlak teh beda jeung moral; nya eta sababna ari bab akhlak pan geus rea pisan diguar jero pisan dina kitab-kitab di kalangan muslim. Ari istilah moral mah kakara kamari meureun pas urang paketrok jeung budaya barat kakara wawuh istilah moral. Jeung memang paradaban barat teh dina kontruksi moralna loba niron ti akhlak umat islam lamun ku urang ditalungtik; sedengkeun umat islamna loba nu balik ka akhlak arab jahiliyah da meureun aya marketing jahiliyah di jaman dinasti umayyah atawa abassiah. Tah balik deui kana norma. Tina tingkatan akhlak/moral anu rupa-rupa teh pasti aya moral standar anu geus jadi budaya hiji masyarakat. Norma ieu bisa disebut norma adat misalna. Misalna di jogja mah pembantu rumah tangga teh kudu ngesot tah di hareupeun dunungan teh. Lamung teu ngesot teh teu sopan. Tah eta teh geus dianggap standar anu ditarima di kalangan ningrat jogja (da ngeunah keur ningrat). Jadi eta bisa disebut norma moral kaningratan. Kitu oge norma adat sunda jeung batak meureun aya bedana. Aya oge norma agama, nyaeta standar akhlak anu asalna tina ajaran agama anu geus ditarima jadi standar umum di hiji masyarakat. Misalnya batas-batas orat awewe nurutkeun norma agama kieu jeung kitu. Tah eta misalna di aceh geus jadi norma hukum malahan. Nyaeta moral agama anu geus diadopsi kana konvensi hukum formal. Mugi sim kuring nerangkeunana teu pabaliut he.. he.. :) Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: "[email protected]" <[email protected]> An: kisunda <[email protected]> Gesendet: 17:45 Freitag, 12.April 2013 Betreff: Re: [kisunda] Moral jeung Akhlak Nuhun atuh, janten moral jeung akhlak eta2 keneh maksudna, beda basa. Jadi judul oge pengulangan atuh jadina. Nu tacan jentre kumaha pakait norma jeung etika dina bab akhlak/moral, aya penjelasanana kang? Nuhun. Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: Ahmad Hazairin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 12 Apr 2013 09:55:09 +0100 (BST) To: [email protected]<[email protected]>; [email protected]<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Moral jeung Akhlak Pamendak sim kuring mah nya sacara bahasa akhlak jeung moral teh sarua, nyaeta nilai kalakuan. Jadi aya akhlak alus aya oge akhlak goreng. Pan aya hadits kieu: Jalma anu keur jaman jahiliyah akhlakna alus maka pas geus asup islam eta jelema bakal alus oge akhlakna (muslim nu hade). Jadi nya istilah akhlak geus aya saencan kangjeng nabi mawa ajaran iman. Da istilah akhlak mah bahasa arab umum, lain bahasa khusus ti Quran. Tapi sacara terminologi, akhlak teh geus jadi istilah di dunia islam. Da memang Quran diturunkeun dina bahasa arab. Jadi sacara terminologi akhlak teh geus jadi istilah pikeun kalakuan hade/goreng umat islam. Ceuk sabagian ulama akhlak hade teh buahna iman. Lamun norma nyaeta moral anu geus jadi standar di masyarakat. Akhlak anu geus jadi standar di masyarakat oge bisa disebut norma; lamun hoyong uninga naon norma bahasa arabna nya mangga taroskeun ka ahli bahasa arab he.. he.. he.. Salam Febi Ahmad Hazairin ============== ________________________________ Von: "[email protected]" <[email protected] An: kisunda <[email protected]> Gesendet: 15:05 Freitag, 12.April 2013 Betreff: Re: [kisunda] Moral jeung Akhlak Punten kang bantosan jentrekeun naon atuh hartosna moral, akhlak, norma. Hatur nuhun. Powered by Telkomsel BlackBerry® ________________________________ From: Ahmad Hazairin <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Fri, 12 Apr 2013 05:39:12 +0100 (BST) To: [email protected]<[email protected]>; [email protected]<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Subject: [kisunda] Moral jeung Akhlak Moral jeung Akhlak ================== Lima minggu ka tukang, saptu peuting aya pangajian di masjid. Sim kuring anu karek datang ti luar kota ngadengekeun sora speaker anu jelas pisan kadengena ka kamar kuring di mana kuring keur uncang angge budak nu bungsu. Pas anu khotbah keur ngabahas akhlak jeung moral. Anu kainget pisan ku sim kuring nyaeta, yen orang barat mah cenah ngan saukur boga moral. Ukurana moral. Ari urang mah umat islam aya syariat jeung akhlak. Ari akhlak mah dilandasan ku iman jadi bakal ditarima ku gusti Allah. ari moral jeung norma mah cenah relatif, kumaha budayana. Lamun di barat nya norma jeung moral barat meureun. Jadi kulantaran norma jeung moral umat non islam mah can puguh dilandasan ku iman jeung syariah, tah tangtuna can puguh di tarima ku gusti Allah swt. Kitu anu paling kainget ku sim kuring tina eta khotbah. Jadi memang saperti na mah geus umum diajarkeun ku para guru atawa ulama, yen akhlak teh beda jeung moral atawa norma. Moral jeung norma relatif, tergantung budaya mana, jeung teu dilandasan ku iman kalawan taqwa. Hal ieu, pikeun sim kuring nya positip, supaya umat islam paham jeung sadar yen amal kaalusan bakal ditarima lamun dilandasan ku iman. Leuwih jauh deui, aya kaum arif anu nganyatakeun sabenerna iman heula terus akhlak. Akhlak teh buah tina iman. Sanajan ngaku iman tapi akhlakna goreng, bohong eta iman jelema teh. Tapi salian tina hal positip, sim kuring oge mikiran masalah sosial urang dina masyarakat anu heterogen ajaran agamana. Atawa dina pergaulan global dunia ayeuna malahan mah. Ulah nepikeun katingalina umat islam mah teu bisa ngahargaan sikap jeung buah kahadean ti umat agama lian. Umat islam mah bisana ngajejeleh jeung ngagorengkeun wae sagala anu dilakukeun ku umat agama lian. Sanajan moral jeung norma sacara umum ti umat agama lian teh geus hade, tetep weh umat islam mah ngajejeleh da cenah eta teh kabeh ge katolak ku gusti Allah. Pan geus mindeng oge kajadian dina pangajian, masyarakat nanya ka ustad: hade mana iman islam tapi kalakuan jahat jeung iman salian islam tapi kalakuan hade. Tah pertanyaan nu kitu geus bahaya, bakal ngaruksak akhlak, moral jeung norma umat islam. Umat islam geus jadi adigung ku formalitas agama. Padahal can tangtu iman maranehna oge ditarima ku gusti Allah. Tapi geus ngarasa aman ti heula ngarasa leuwih alus ti golongan lian ti islam. Tah kumaha atuh akhlak islam teh bisa ngahargaan kahadean ti kaum anu lian? Ngahargaan kahaden kaum lian teh meureun kaasup akhlak level lurhur nya... Dina Quran wae dinyatakeun: "... aya rahib-rahib/pandita ti kalangan Nasrani anu taat tur teu nyombongkeun diri...". Lamun Quran bisa ngahargaan jika kitu, naha umat islam kalahka sombong teu daek ngaku kana kahadean nu lian. Di jaman modern ayeuna, kompleksitas sosial masyarakat terus ningkat ku ayana mangrupa model hirup anu anyar. Baraya di milis ieu pernah nulis yen eta teh norma anyar. Tah cenah umat islam geus katinggaleun dina norma anyar. Malah mah umat islam sok jiga bela diri, lamun teu manggih norma anyar dina Quran/Hadits langsung weh nuduh eta norma anyar teh bid'ah atawa mungkar cenah. Padahal tong waka jaman modern ayeuna, jaman kuno baheula wae memang norma budaya di dunya teh lain-lain teu sarua. Tah norma budaya arab tangtuna lain anu pangalusna, malah meureun kaasup goreng, makana disebut budaya jahiliyah oge. Ku islam dibersihan. Tah ulama anu ngajina bener mah sok nganjurkeun ka masyarakat teh, yen lamun di hiji kaum geus aya norma budaya anu alus sacara umum (teu ngalawan syariat islam) terus datang agama formal islam ka eta budaya, tah norma budaya lila tapi alus geus OTOMATIS asuk kana syariat islam oge. ieu teh geus ka asup kana USHUl-FIQH. Jadi syariat islam teh bisa nambahan terus, teu dibatas ku syariat islam anu diterapkeun di budaya arab jaman kangjeng nabi. Islam lamun asup ka Indonesia pasti kawarnaan ku budaya positip / norma positip nusantara. Lamun islam asup ke Nigeria, oge bakal kawarnaan ku budaya/norma positip Nigeria. Tah jadi katingali di dieu, yen para aktifis anu hayang nga-arab-keun kahirupan umat islam di di dunya teh teu ngarti kana ushul-fiqh. Nya sim kuring oge lain ahli fiqh tapi ari nu dasar kitu mah ngarti keneh. Tangtangan pikeun kamajuan umat Islam nyaeta para ahli ilmu (ulama) kudu bisa metakan rahmat Islam kana robahna budaya kahirupan dunya. Bisa nyanghareupan robahna jaman. Teu ngotot hayang hirup jiga jaman rebuan taun katukang, tapi ari nyieun imah hayang paalus-alus modern jiga jaman ayeuna. Wallahu'alam Febi Ahmad Hazairin ===================
