Ieu mah seratan teh sanes sae wae, tapi HODED lah. Kuring sapuk ka na sagala nu 
diserat di dinya. Tah nu sok ngajejeleh teh NYATA arrogan, atawa RIYA tea.
Tah ku sabab kitu mangkahade ki Ustadz zaman ayeuna kudu ati2 pisan mere dakwah 
teh; ulah ngagedekeun paisan kosong ! Ulah jadi lodong kosong ngelentrung tea.
Tapi meureun ustadzna ge rata2 Chauvinisme Islaam tea; jadi hese ayeuna mah.
Akhirna nu kieu nu sok jadi ngaruksak gereja jrrd

Wallahualam oge

--- On Fri, 12/4/13, Ahmad Hazairin <[email protected]> wrote:

From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
Subject: [kisunda] Moral jeung Akhlak
To: "[email protected]" <[email protected]>, 
"[email protected]" <[email protected]>
Received: Friday, 12 April, 2013, 4:39 AM
















 



  


    
      
      
      Moral jeung Akhlak
==================

Lima minggu ka tukang, saptu peuting aya pangajian di masjid. Sim kuring anu 
karek datang ti luar kota ngadengekeun sora speaker anu jelas pisan kadengena 
ka kamar kuring di mana kuring keur uncang angge budak nu bungsu.  Pas anu 
khotbah keur ngabahas akhlak jeung moral.  Anu kainget pisan ku sim kuring 
nyaeta, yen orang barat mah cenah ngan saukur boga moral.  Ukurana moral. Ari 
urang mah umat islam aya syariat jeung akhlak.  Ari akhlak mah dilandasan ku 
iman jadi bakal ditarima ku gusti Allah.  ari moral jeung norma mah cenah 
relatif, kumaha budayana.  Lamun di barat nya norma jeung moral barat meureun.  
Jadi kulantaran norma jeung moral umat non islam mah can puguh dilandasan ku 
iman jeung syariah, tah tangtuna can puguh di tarima ku gusti
 Allah swt.  Kitu anu paling kainget ku sim kuring tina eta khotbah.

Jadi memang saperti na mah geus umum diajarkeun ku para guru atawa ulama, yen 
akhlak teh beda jeung moral atawa norma.  Moral jeung norma relatif, tergantung 
budaya mana, jeung teu dilandasan ku iman kalawan taqwa.  Hal ieu, pikeun sim 
kuring nya positip, supaya umat islam paham jeung sadar yen amal kaalusan bakal 
ditarima lamun dilandasan ku iman.  Leuwih jauh deui, aya kaum arif anu 
nganyatakeun sabenerna iman heula terus akhlak. Akhlak teh buah tina iman.  
Sanajan ngaku iman tapi akhlakna goreng, bohong eta iman jelema teh.

Tapi salian tina hal positip, sim kuring oge mikiran masalah sosial urang dina 
masyarakat anu heterogen ajaran agamana. Atawa dina pergaulan global dunia 
ayeuna malahan mah.  Ulah nepikeun katingalina umat islam mah teu bisa 
ngahargaan sikap jeung buah kahadean ti umat agama lian.  Umat islam mah bisana 
ngajejeleh
 jeung ngagorengkeun wae sagala anu dilakukeun ku umat agama lian.  Sanajan 
moral jeung norma sacara umum ti umat agama lian teh geus hade, tetep weh umat 
islam mah ngajejeleh da cenah eta teh kabeh ge katolak ku gusti Allah.  Pan 
geus mindeng oge kajadian dina pangajian, masyarakat nanya ka ustad: hade mana 
iman islam tapi kalakuan jahat jeung iman salian islam tapi kalakuan hade.  Tah 
pertanyaan nu kitu geus bahaya, bakal ngaruksak akhlak, moral jeung norma umat 
islam.  Umat islam geus jadi adigung ku formalitas agama.  Padahal can tangtu 
iman maranehna oge ditarima ku gusti Allah.  Tapi geus ngarasa aman ti heula 
ngarasa leuwih alus ti golongan lian ti islam.
Tah kumaha atuh akhlak islam teh bisa ngahargaan kahadean ti kaum anu lian?  
Ngahargaan kahaden kaum lian teh meureun kaasup akhlak level lurhur nya...Dina 
Quran wae dinyatakeun: "... aya rahib-rahib/pandita ti kalangan Nasrani anu 
taat tur teu nyombongkeun diri...".  Lamun Quran bisa ngahargaan jika kitu, 
naha umat islam kalahka sombong teu daek ngaku kana kahadean nu lian.

Di jaman modern ayeuna, kompleksitas sosial masyarakat terus ningkat ku ayana 
mangrupa model hirup anu anyar.  Baraya di milis ieu pernah nulis yen eta teh 
norma anyar.  Tah cenah umat islam geus katinggaleun dina norma anyar.  Malah 
mah umat islam sok jiga bela diri, lamun teu manggih norma anyar dina 
Quran/Hadits langsung
 weh nuduh eta norma anyar teh bid'ah atawa mungkar cenah.  Padahal tong waka 
jaman modern ayeuna, jaman kuno baheula wae memang norma budaya di dunya teh 
lain-lain teu sarua.  Tah norma budaya arab tangtuna lain anu pangalusna, malah 
meureun kaasup goreng, makana disebut budaya jahiliyah oge.  Ku islam 
dibersihan.  Tah ulama anu ngajina bener mah sok nganjurkeun ka masyarakat teh, 
yen lamun di hiji kaum geus aya norma budaya anu alus sacara umum (teu ngalawan 
syariat islam) terus datang agama formal islam ka eta budaya, tah norma budaya 
lila tapi alus geus OTOMATIS asuk kana syariat islam oge.  ieu teh geus ka asup 
kana USHUl-FIQH.  Jadi syariat islam teh bisa nambahan terus, teu dibatas ku 
syariat islam anu diterapkeun di budaya arab jaman kangjeng nabi.  Islam lamun 
asup ka Indonesia pasti kawarnaan ku budaya positip / norma positip nusantara.  
Lamun islam asup ke Nigeria, oge bakal kawarnaan ku budaya/norma
 positip Nigeria.  Tah jadi katingali di dieu, yen para aktifis anu hayang 
nga-arab-keun kahirupan umat islam di di dunya teh teu ngarti kana ushul-fiqh.  
Nya sim kuring oge lain ahli fiqh tapi ari nu dasar kitu mah ngarti keneh.

Tangtangan pikeun kamajuan umat Islam nyaeta para ahli ilmu (ulama) kudu bisa 
metakan rahmat Islam kana robahna budaya kahirupan dunya.  Bisa nyanghareupan 
robahna jaman.  Teu ngotot hayang hirup jiga jaman rebuan taun katukang, tapi 
ari nyieun imah hayang paalus-alus modern jiga jaman ayeuna.


Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
===================

    
     

    
    






  








Kirim email ke