Moal kitu Kang RH euy, mun jaman Hindu baheula, Tatar Sunda teh
di-hindu-keun, tah kiwari jaman Islam, lembur urang-urang teh,
di-islam-keun. Nya disedek-sedek we, ngarah aya pakaitna jeung India atawa
Arab. Hehehe


2013/5/23 rsyaifoel <[email protected]>

> Keur kuring mah kecap Sunda leuwih aya hubunganana jeung India. di Jawa
> Kulon teh salah sahiji karajaan Hindu nu pangkolotna di Nusantara.
>
> Apal kana carita Mahabarata? Pan aya nu ngalalakon pangeran Sunda jeung
> adi/lanceukna Upasunda? Dina eta carita kasebutkeun yen ieu adi lanceuk
> indit samedi di gunung, ninggalkeun kahirupan dunya.
>
> Moal boa urang India harita ngahubungkeun Tatar Sunda ayeuna jeung tempat
> samedina pangeran Sunda jeung Upasunda. Teori kuring mah kieu,sigana anu
> jadi raja Hindu di Tatar Sunda harita teh urang India. Mere ngaran kana ieu
> tempat kakawasaan ku ngaran Sunda dihubungkeun jeung mitologi India ngarah
> kakawasaanana legitim?
>
> Teuing tah... Dina politik mah pan biasa. Legitimasi kakawasaan sok
> disambungkeun jeung mitologi. Contona? Loba raja2 jeung sultan2 di
> Nusantara NYIEUN sarsilah nepi ka Nabi Muhamad misalna!:)) Teu nyabung
> ge... ah MAKSA we!;))
>
> --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
> >
> > Aya hal sejen nu perlu ditoong, aya kota di wates India-Pakistan, make
> > ngaran Sunda:
> >
> > Sunda Map â€" Satellite Images of Sunda*original name*: Sunda
> > *geographical location*: Bahawalnagar, Punjab, Pakistan, Asia
> > *geographical coordinates*: 29° 45' 0" North, 73° 18' 0" East
> > http://www.maplandia.com/pakistan/punjab/bahawalnagar/sunda/
> >
> >
> > 2013/5/22 mj <jamal@...>
> >
> > > **
> > >
> > >
> > >  ** **
> > >
> > > Hahaha bisa jadi kang, buktina urang arab sok jarah ka puncak.
> Wewengkon
> > > sunda tah. Wkwkwkw****
> > >
> > > ** **
> > >
> > > ** **
> > >
> > > Versi sejen mah kecap Sunda ti India, hartina bodas. Cenah harita
> pelaut
> > > india ngulampreng ka asia tenggara, nya meureun sisi pulo jawa bagian
> > > barat, aya gunung puncakna bodas bakat ku jangkung duka halimun duka
> salju.
> > > Nya disebut we Sunda. Gunung Sunda (gunung bodas). Cek geologis duka
> saha,
> > > he love, gunung sunda eta bitu. Tuuuuuu! Jelegur meureun ari bitu mah
> nya.
> > > Tah kota bandung ayeuna, atawa dano bandung baheula asalna mah cenah
> > > kaldera atawa kawah sesa gunung Sunda nu bitu tea. Sesana aya keneh
> > > tangkubanprahu burangrang jeung kabeh gunung sabudeureun bandung nu
> aslina
> > > mah suku gunung Sunda****
> > >
>
>
>
>
> ------------------------------------
>
> http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
>
>
> [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]Yahoo! Groups Links
>
>
>
>

Kirim email ke