Sigana lain istana tapi Kabuyutan/ Mandala/ Kuil tempat para resi ngajarkeun elmu pangaweruh jampe pamake.
Dina tulisan Sajarah Bogor karya Mang Saleh Danasasmita nu ngarana Mandala teh pabalatak ti ujung kulon nepi ka jawa tengah biasana lokasina mun teu digunung nu loba cai/ mata air... nya di walungan. Siga di Sumedang Mandala Kabuyutan Aji Putih Resi Darmaraja eta uyutna Darmasiksa anu nyieun Sanghyang Siksa tea lokasina deukeut walungan Chimanuk di Desa Cipaku. Anu ceuk Mamang tea bakal dieleb ku Proyek Jatigede. Taaah kacaritakeun oge salah sahiji Walungan anu dijagaan ku Purnawarman oge Chimanuk jadi sigana yeuh ti Jaman Purnawarman kabuyutan eta geus aya keur ngontrol/ ngecek meureun kondisi Walungan kumaha. Tah ayeuna di Pamoyanan Bogor oge deukeut Balong Mamang anu deukeut Walungan Cisadane anu dijaga oge ku Purnawarman aya nu Ngarana Cipaku hehehe. Tah di pas pudunan batutulis anu rek ka stasiun oge aya Kabuyutan didinya anu ayeuna jadi Makam Mbah Dalem hehehe. Teu waleeeg sakabeh patilasan dijadikeun Makam Mbah Dalem sigana wkkkk. Daleeem banget eta si Mbah bet ujug-2 aya didinya xixixi. Ieu oge duka pembodohan duka kumaha xixixi. Anu ceuk Mamang hade Urang Sunda harita geus nyieun Ciri Tata Kota anu Hade, tiap tempat Kabuyutan eta dingaranan ampir sarua.... Cipaku, Pamoyanan, jrrd. Sigana di Ampir Kabupaten/ Kota Aya. Di Bandung oge aya Cipaku malah baheula mah tempat renang ti upi deukeut bari ngeceng budak NHI xixixi. nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com -----Original Message----- From: [email protected] Sender: [email protected] Date: Thu, 23 May 2013 11:26:44 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA Boa boa eta gunung padang teh istana raja Sunda wiwitan kang? Asa acan mendakan artikel ngeunaan babatuan anu aya di gunung padang kungsi di talungtik sabaraha umurna (tiasa teu nya?) ,,, tp upami aya nu nyebat "megalitikum" mah meureun geus kolot pisan nya,,, Kamari kamari ieu ceunah aya beja yen di gunung padang kapendak semen purba, tapi aya nu "ngabantah" deui,,,tah mub enya eta semen purba,,,berarti leres ceuk "boa boa" tadi,,, Piss ah Powered by Telkomsel BlackBerry® -----Original Message----- From: "Iskandar A. Adnan" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 23 May 2013 18:13:32 To: Kusnet<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA numutkeun Agus Arismunandar (leress kitu? hilap deui), pangaruh Hindu ti India ka Sunda teu pati jero, ngan kusabab watekna dibawa ku kakawasaan (konsep karajaan teh dibawa ku India cenah), jadina teh siga anu kuat. di antarana soal ngaran boh patempatan atawa jalma. lebah ritual kaagamaan, di Sunda mah Hindu teh 'ukur' nyengcle salaku simbol. misalna tempat A teh tempat suci atawa tempat ritual kaagamaan urang sunda, cle bae dipasangkeun patung, teu nepi ka nyieun candi nu alagreng (iwal di wewengkon basisir cara Cibuaya/Batujaya anu sigana kungsi diperenahkeun jadi puseurna nu ngagem Buda, pami teu lepat). ari kaagamaanana mah hanteu jero, ku kituna Tohaan anu ngalalakon dina Bujangga Manik nyebutkeun yen diajar agama (Hindu) mah ka wetan. Anapon rahayat Sundana mah sumuhun dawuh bae, kumaha dunungan, ngan hanteu jero pangartina, keur mah eukeur samemehna boga cecepengan, anu bungkeuleukan titinggalna sarupaning anu kapendak di Gunung Padang sareng nu sanesna. meureuuuun... :P 2013/5/23 mang jamal > Enya, sok rada ateul mun maca carita yen awalna teh hindu budha. Padahal > sigana di pulo jawa geus aya manusa lengkep jeung budayana. Dumasar > tahapanana. Bisa jadi lila di budaya ngahuma tea alatan dumuk di gunung > pasir.. > > Di kosmologi baduy, manusa awal asalna ti kanekes, persisna diturunkeun ku > nu ngersakeun di tempat nu tiap taun sok diziarahan ku inohong baduy. Nu > diurus ku puun kampung cikeusik baduy jero. > > Cek urang dinya, di lokasi eta aya patung stone mangrupa manusa ti jaman > batu gede (nu make cum mah, megalithicum tea meureun) jangkungna 60an cm. > > Hayu bayangkeun karuhun baheula salaku manusa purba. Can make hp pastina. > Baju kulit tatangkalan atawa sato atawa geus bisa ninun, jst. > > Mun seug deuih nenjo gunung padang, cianjur, situs megalithikum kacipta > manusa sunda (atawa manusa mana nya) harita. Manusa purba kitu nu duka > timana. Da dumuk di gunung. Mun asalna ti luar meureun bisa diteangan > artefak palabuhan kuno di basisir kidul parahuna ge meureun can canggih > siga ayeuna.. > Mun ti luar nagreg, naha enya bisa manusa purba (ulah disebut primitif) > Mareuntas jauh pisan ti indihe ke urang. Bisa we meureun. Tapi terus dumuk > di gunung teu di basisir. Oh sieun tsunami meureun nya. >
