Ceuk si Kang Herwig Zahorka anu nulis Sunda Kingdom tea ceunah Susundaan anu dilakukeun ku Urang Kanekes eta teh Older than Hindu anu ayeuna aya di India jeung di Bali ceunaaaah hehehe.
Ceunah mah geus apal ngeunaan monoteismeu tea disebutna teh Batara Tunggal, jadi eta Urang kanekes teh sabenerna henteu nyarembah patung, salah pisan lamun mikir kitu. Maranehna nyembah ka Batara Tunggal meureun Alloh SWT ceuk versi Nabi Ibrahim tea mah. Tah Batara Tunggal ieu nurunkeun jelema ka alam dunya disebut ceunah Batara Cikal nya meureun konsep Adam tea manusa pangkolotna. Sigana para Resi di Baduy Jero geus mikiiir secara konsep manehna mikir meureun baheula manehna dilahirkeun ti kolotna... Aya aki aya uyut aya jangawareng jeung teruuus taaaah pasti mikir aya manusa anu Pang Kolotna/ Pang Cikalna tah disebut weh Batara Cikal hehehe. Tidinya Batara Cikal kulantara boga paku / lingga jadi weh pabalatak dimana-2 tah beranak pinak jadi weh jelema sakumna dunya ieu hehehe. Tah Simbol Batara Cikal eta dijieunkeun weh patung anu disebutkeun ku MJ tea anu 60cm. Mun teu salah cover hareup Buku The Sunda Kingdom karya si Kang Herwig ieu nunjukeun gambar arca domas, 800 arca tea. Tah anu keur diteangan artina naha bet aya 800 arca nya? Apa si batara cikal eta nurunkeun anak incuna harita nepi ka 800 kitu? Mangrupakeun simbol. Tah matakna kuduna ditalungtik ku ahli Arkeologi jeung Geologi kolotan mana sok batu-2 anu aya di Kanekes, Gunung Padang, Tenjolaya, jrrd dibandingkeun jeuuung misalna Kabuyutan di India? China? Mesir? Maya Aztec? Pan pasti bisa diukur lin secara sciencetific sabaraha tahun saacan masehi eta batu-2 teh umurna. Lamun batu nu aya di urang leuwih kolot berarti logikana pan batur anu nurutan urang? Lamun batuan eta leuwih ngora nya berarti urang anu nurutan batur hehehe. Anu geus puguh mah, ari dibandingkeun jeung peradaban Islam mah Susundaan leuwih kolot, kusabab Purnawarman wae leuwih kolot batan Rosululloh SAW. Rosul oge pan guguru-na ka Nabi Ibrahim AS. Katurunan Ibrahim ti nabi Ismail pan? Lamun Nabi Isa AS ti nabi Ishaq lin? Duanana eta pan anakna Ibrahim AS ti beda Indung tea. Sabenerna anu pangheulana nuliskeun monoteismeu di Agama Samawi pan lain Rosululloh tapi Ibrahim. Rosululloh justru ngukuhkeun jeung nguatkeun deui ajaran ti karuhunna nyaeta nabi Ibrahim AS. Ari ceuk Mamang mah teu penting pisan tah di eta kabuyutan teh aya Piramid atawa naon weh... Tapi nu penting dikanyahokeun mah umurna. Da geus puguh eta teh kabuyutan / mandala. Jeung bentukna can tangtu karuhun nyieun konsepna piramid hehehe. Bisa jadi punden berundak, jrrd. Taaaah ngan eta punden berundak teh umurna sabaraha taun? Siga fosil pan bisa di ukur lin oooh ieu umurna sakian puluh rebu taun, jrrd. nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com -----Original Message----- From: "mang jamal" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 23 May 2013 10:45:41 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA Enya, sok rada ateul mun maca carita yen awalna teh hindu budha. Padahal sigana di pulo jawa geus aya manusa lengkep jeung budayana. Dumasar tahapanana. Bisa jadi lila di budaya ngahuma tea alatan dumuk di gunung pasir.. Di kosmologi baduy, manusa awal asalna ti kanekes, persisna diturunkeun ku nu ngersakeun di tempat nu tiap taun sok diziarahan ku inohong baduy. Nu diurus ku puun kampung cikeusik baduy jero. Cek urang dinya, di lokasi eta aya patung stone mangrupa manusa ti jaman batu gede (nu make cum mah, megalithicum tea meureun) jangkungna 60an cm. Hayu bayangkeun karuhun baheula salaku manusa purba. Can make hp pastina. Baju kulit tatangkalan atawa sato atawa geus bisa ninun, jst. Mun seug deuih nenjo gunung padang, cianjur, situs megalithikum kacipta manusa sunda (atawa manusa mana nya) harita. Manusa purba kitu nu duka timana. Da dumuk di gunung. Mun asalna ti luar meureun bisa diteangan artefak palabuhan kuno di basisir kidul parahuna ge meureun can canggih siga ayeuna.. Mun ti luar nagreg, naha enya bisa manusa purba (ulah disebut primitif) Mareuntas jauh pisan ti indihe ke urang. Bisa we meureun. Tapi terus dumuk di gunung teu di basisir. Oh sieun tsunami meureun nya. Powered by du'a indung bapa :) -----Original Message----- From: "mang kaby" <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 23 May 2013 10:05:49 To: UrangSunda<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA Ceunah mah Wiwitan oge eta bahasa sanskrit artina awalan ceuk urang bali... Tina kecap wiwit. Banten artina sasajen... Tapi naha bangsa urang mikirna teh sok jadi sub ordinat baturnya? Padahal aki mah baheula nyarita sakabeh jelema teh asalna ti Sunda ceunah wkkkk nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com -----Original Message----- From: MRachmat Rawyani <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 23 May 2013 03:03:14 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA India jaman tahun saeuncanna masehi pan bahasana make bahasa Sangsekerta. Boa-boa kecap sunda ieu teh asalna tina basa Sangsekerta. mrachmatrawyani --- On Thu, 5/23/13, nandar <[email protected]> wrote: From: nandar <[email protected]> Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA To: "Kusnet" <[email protected]> Date: Thursday, May 23, 2013, 4:26 PM Tah, lebah dieu, pikeun anu ngamadhab ka sasakala urang sunda (indonesia?) nu asalna/loba kacampuran ku india, atawa kapangaruhan budaya india, data ieu ngadukung pisan.From: Ki Hasan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Thu, 23 May 2013 17:09:15 +0800To: Urang Sunda<[email protected]>ReplyTo: [email protected] Cc: Ki Sunda<[email protected]>; Baraya Sunda<[email protected]>Subject: Re: Spam RE: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA Aya hal sejen nu perlu ditoong, aya kota di wates India-Pakistan, make ngaran Sunda: Sunda Map — Satellite Images of Sundaoriginal name: Sunda geographical location: Bahawalnagar, Punjab, Pakistan, Asia geographical coordinates: 29° 45' 0" North, 73° 18' 0" East http://www.maplandia.com/pakistan/punjab/bahawalnagar/sunda/ 2013/5/22 mj <[email protected]> Hahaha bisa jadi kang, buktina urang arab sok jarah ka puncak. Wewengkon sunda tah. Wkwkwkw Versi sejen mah kecap Sunda ti India, hartina bodas. Cenah harita pelaut india ngulampreng ka asia tenggara, nya meureun sisi pulo jawa bagian barat, aya gunung puncakna bodas bakat ku jangkung duka halimun duka salju. Nya disebut we Sunda. Gunung Sunda (gunung bodas). Cek geologis duka saha, he love, gunung sunda eta bitu. Tuuuuuu! Jelegur meureun ari bitu mah nya. Tah kota bandung ayeuna, atawa dano bandung baheula asalna mah cenah kaldera atawa kawah sesa gunung Sunda nu bitu tea. Sesana aya keneh tangkubanprahu burangrang jeung kabeh gunung sabudeureun bandung nu aslina mah suku gunung Sunda Wallohu alam From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of Sam Soemadipradja Sent: Thursday, May 23, 2013 1:12 PM To: [email protected] Subject: Bls: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA sunda.... jelas lain tina basa arab! Dari: mang kaby <[email protected]> Kepada: Kisunda <[email protected]>; UrangSunda <[email protected]>; Baraya_Sunda <[email protected]> Dikirim: Kamis, 23 Mei 2013 13:07 Judul: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Asal Kecap SUNDA Pernah ngadenge carita samodel kitu... Berarti Arab samemeh Islam nya? Soalna kecap Sunda geus aya samemeh Islam aya? Sundapura jaman Purnawarman eta abad ka 4-5 M sementara Islam / Nabi Muhammad SAW abad ka-6 :). nuhuuuuns, mang kabayan www.udarider.com From: MRachmat Rawyani <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Wed, 22 May 2013 22:55:31 -0700 (PDT) To: urangsunda urangsunda<[email protected]> ReplyTo: [email protected] Cc: <[email protected]> Subject: [kisunda] Asal Kecap SUNDA Kamari dina hiji radio aya anu ngadadarkeun perkara kajayaan Islam di widang maritim. Asana teh ahlina salah saurang Profesor..... anu ngadosen di IAIN SUnan Gunung Jati Bandung. Ceuk cenah mah, Islam teh sumebar ka sakuliah dunya ku cara make jalan laut. Jadi dina perkara elmu falak jeung kalautan urang Islam harita tos palinter. Hiji mangsa, pelaut urang Walanda meunang peta titinggal pelaut Islam, da dina peta eta teh pinuh ku aksara arab. Pulo jawa ditandaan ku kecap sin-nun-dal. Urang Walanda tea teu ngarti basa arab, eta tilu huruf teh dibaca jadi "SUNDA". Sok geura titenan peta-peta di jaman walanda, masih make kecap pulau sunda besar, pulau sunda kecil. mrachmatrawyani
