Wilujeng enjing bah AA :)

Perkawis syarat-syarat kanggo janten mufassir (ahli tafsir) sapertosna mah 
kasepakatan para ulama eta teh.
Maksadna supados teu sagawayah jalmi nerbitkeun kitab tafsir tanpa aya 
kamasagian dina elmuna (ngeunaan tafsir Quran).
Misalna, kumargi Al-Quran diturunkeun dina basa Arab nya panginten wajar upami 
disyaratkeun anu janten mufassir teh kedah masagi dina elmu alat sapertos: 
Nahwu, syaraf, Ma'ani, badi, bayan, sareng pokok-pokok dasar tarsir sapertos 
asbabunuzul, nasakh-mansukh, mujmal muqayyad. Oge tangtosna kedah cekap 
pangaweruhna dina elmu hadits kumargi seueur ayat-ayat Quran teh diterangkan 
dina hadits. Oge kedah uninga atsar-atsar (katerangan) ti para sahabat nabi 
ngeunaan tafsiran Al-Quran.

Tapi tangtosna syarat anu ku sim kuring disebat di luhur teh salah sawios 
syarat formal, aya oge syarat anu sanesna sapertos: bersih aqidahna, tebih tina 
hawa napsu; panginten ieu rada hese ngukurna.

Upami diibaratkeun produksi obat-obatan, tangtosna kedah aya izin khusus ti 
departemen kasehatan kanggo produksi obat/farmasi, teu sagawayah jalmi tiasa 
produksi obat teras dipasarkeun ka publik. Benten deui upami jalmi ngadamel 
obat kanggo dirina nyalira, tangtosna tanggel waler nyalira eta mah. Tah 
panginten tafsir Quran oge kitu, upami kanggo nyaliraeun atanapi lingkup 
terbatas mah panginten moal aya anu kaabotan upami urang nafsirkeun Quran. Tapi 
upami urang nerbitkeun buku tafsir tangtosna bakal aya nu naroskeun kapasitas 
urang pantes henteuna.

Upami ijtihad, eta oge mirip. Hasil ijtihad kanggo pribadi mah kedah eta teh 
saur sim kuring mah. Tapi upami ijtihad kanggo publik eta namina tos fatwa, 
bakal aya syarat-syaratna deui panginten kapasitas kanggo ngaluarkeun fatwa. 
Tapi memang sok kaleuleuwihi. Aya kacenderungan umat Islam disingsieunan janten 
teu wantun ijtihad kanggo kasaean. Janten sapertos sagalana kedah naroskeun 
landasan tekstualna, padahal hati nurani bersih urang oge tiasa dijantenkeun 
landasan ijtihad pribadi. Tah hati nurani kedah dipasok ku elmu sareng tafakur 
sacara sinambung supados langkung bersih tur seukeut. Kumargi umat Islam 
disingsieunan kanggo ijtihad nyalira tah janten weh umat Islam teh cenderung 
jumud, da atuh kedah nurutkeun tafsiran Quran ti jalmi 1000 tahun kapengker. 
Ari saur sim kuring mah, tafsiran Quran oge bakal kapangaruhan ku jaman, da 
jaman teh sabagian tina wawasan aktual oge. Janten saena mah tafsiran 1000 taun 
kapengker teh kedah janten dasar masukan
 kanggo tafsiran kiwari. Tah tafsiran kiwari memang kedah rada dironjatkeun 
kualitas sareng kuantitasna.


Dina sajarah oge dicarioskeun para ahli fiqh/ahli agama formal sok gaduh guru 
informal anu saleresna si guru eta teu masagi dina elmu alat atanapi fiqh. 
Kacarioskeun Imam Syafi'i sok nyumpingan tukang nganon domba kanggo tumaros 
perkawis akhlaq sareng bebersih batin. Kumargi eta si tukang ngangon domba 
dipasihan hikmah dina widang batiniah ku gusti Allah. Oge anu tos kakoncara mah 
carita nabi Musa anu guguru ka nabi Khidir. Ari nabi anu formal mah nabi Musa, 
pamingpin umat. Sedengkeun nabi Khidir mah informal tapi ngagadukan hikmah di 
widang lain.

Perkawis bah AA 'nerbitkeun' tafsiran Quran dina milist ieu, saur sim kuring 
mah sae pisan. Mangga dilajengkeun bah AA.
Engke oge panginten upami dilajengkeun bakal kapendak ayat Quran anu 
nguningakeun 'hamba Allah anu dipaparin Kitab sareng Hikmah'. Tah, saur bah AA 
naha bet aya 'Kitab sareng Hikmah', panginten eta benten maksadna, naon anu 
dimaksad Kitab sareng naon anu dimaksad Hikmah.

Walalahu'alam, mangga atuh kumaha pamendak anu sanesna?


Febi Ahmad Hazairin
==============



________________________________
 Von: Abbas Amien <[email protected]>
An: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]>; 
[email protected] 
Gesendet: 6:20 Montag, 10.Juni 2013
Betreff: [kisunda] Ijtihad - kanggo kang FEBI
 


  
Lamun urang boga ijtihad cenah bakal meunang peunteun 1; mun bener jadi 2; mun 
slah tetep boga 1.

Saparantos kitu di na Qur_an sering pisan mumin muslim kudu ngagunakeun akal 
pikiranana.

Tah lamun ayeuna aya Muslim nu boga opini ngeunaan Islam; naha kudu 
dipeungpeukan ?

Jeung ti mana jeung saha nu nyieun aturan yen nu bisqa nafsirkeun kudu bla bla 
bla saratna ? Ku Gusti Allah tiap Muslim dipiwarang MIKIR; ayeuna nu daek mikir 
kalah ka dihalaangan ?! Kumaha tah ?

Atuh cenah sieun eta tafsiran BEDA jeung nu disebut standard ? Da can tangtu, 
jeung can karuhaan yen eta nu standard teh nu pangbenerna ? Naha pamikiran Umat 
Islam rek diwatesan ? rek distop ? supaya teu ngagunakeun akal pikiranana ?

Tah cing mangga kaang FEBI manahan.
Kuring oge hoyong apal kumaha pamadegan kan Avinkhan ?
Kitu deui KH, kang Oman
 sste.

Mangga.
 
 

Kirim email ke