Tapsir Qur_an Basa Sunda ka-7
Ayeuna urang teruskeun deui : Ayat 8 – wa = jeung ; min = diantara/ti na; annasi = manusa; man = nu ; yaquulu = nyarita ; aamanna = percaya/yakin ayana; billahi = ka Allah ; wa = jeung; yaumil akhiiri = poe panganggeusaan/kiamat; wa = jeung ; maa = henteu ; hum = maranehna ; bimu_miniin = golongan nu percaya. Jadi harti ayat 8 , aya sagolongan manusa ( golongan ka 3 ; saenggeus 1. Takwa 2. Kapir ); nu nyarita yen maranehna percaya ayana Allaah; jeung percaya poe kiamat; tapi saenyana maranehna lain kaasup jelema nu percaya. Hartina teu kaasup jelema takwa. Tah ieu teh nu disebut golongan Agnostik tea; lantaran maranehna ngan ukur semet percaya ayana; tapi bari jeung teu dibarung ku nyembah ka Gusti; nya eta shalat ! Tah eta nu ngabedakeunana. Shalat. Sarua ari yu_minuuna mah; ngan ari jelema muttakien mah kapan yuminuuna bilghaibi wa yuqiimuunashshalaat jst ….; ari golongan ieu mah ngan ukur semet percaya we. Jadi euweuh BUKTI, yen maranehna BERIMAN.Sabab ari nu disebut PERCAYA, bener2 percaya , kudu dibuktikeun ku tindakan / kalakuan nyata. Tah Kaum agnostik mah, teu diteruskeun ku nyembah ka Allah. Cukup we nepi ka percaya wungkul. Maranehna nyeungseurikeun jelema nu sok shalat ( sarua pikiranana jeung nu kapir ); keur naon teu puguh2 acong2an shalat ?! Keur naon ngadu’a ! yeuh Tuhan teh Maha Tahu ! Jadi teu kudu dipenta ; Tuhan pasti apal ka na kabutuh urang. Loba pisan carita2 ngeunaan ieu manusa agnostik teh; kitu deui di na ayat2 saterusna panjang oge nyaritakeun manusa2 nu kieu teh. Ayat 9 – yukhaadi’uuna Llaaha walladziina aamanuu, wa maa yakhda’uuna illaa anfusahum wa maa yasy’uruun. Yukhaadi’una = maranehna nipu Illahi = Allah Walladziina = jeung jelema nu Aamanuu = boga iman/beriman Wa maa = jeung henteu Yakhda’uuna = nipu Illaa = ngan Anfusahum = nipu sorangan Wa maa = jeung henteu Yasy’urun = sadar Jadi cenah ayat 9 – maranehna maksudna mah rek nipu Allah jeung jelema takwa; tapi saenyana maranehna nipu diri maranehna sorangan; tapi maranehna teu ngarasa. Ayeuna urang tuluykeun heula . Ayat 11 – Wa idzaa qiilalahum laa tufsiduu fil ardhi; qaaluu innamaa nahnu muflihuun. Ayat 12 – Alaa innahum humul mufsiduuna walaakillaaa yas’uruun. Ayat 13 – Wa idzaa qiila lahum aaminuu kamaa aamanannaasu; qaaluu anu_minu_ kamaa amanasysyufahaa_u’ Alaa innahum humusysyufahaa_u wa killaa ya_lamuun. Ayat 14 – Wa idzaa laqulladziina aamanuu qaaluu aamannaa; waidzaa khalau ilaa syayatiinihim qaaluu innaa ma’akum, innamaa nahnu mustahziuun. Ayat 15 – Allahu yastahziuubihim wayamudduhum fii tughyaanihim ya_mahuun Ayat 16 – Ulaaikalladziinadtarawudhalaalata bilhuda famaa robihattijaaratuhum wa maa kanaa muhtadiin Ayat 17 – matsaluhum kamatsalilladzistauqadanaaran falammaa adhaa_at maa chaulahuu dzahaballaahu binuurihim watarakahum fii dhzulumaatil laa yubsiruun. Ayat 18 – Shummum bukmun umyun fahum laa yarji’un Ayat 19 –Au kashayyibim minashshawaaiqi hadzarul maut. Wallahu muhiithun bil kaafiriin. Ayat 20 – Yakaadul barqu yakhthafu abshaarihim , kullamaa adhaa_a lahum masyaau fiih. Wa idzaa adhzlama ‘alaihim qaamuu wa lausyaa Allaahu ladzahaba bisamihim wa abshaarihim . Innallaha ‘alaa kulli syai’in qadiir. Di na nerangkeun manusa nomer tilu ieu Allah kacida panjangna ka Kangjeng Nabi Muhammad; lantaran ngarah Muhammad jeung engke na jelema Muslim apal lamun panggih jeung jelema nu kieu; lantaran ampir euweuh bedana jeung jelema takwa. Ku kuring ngahaja diberendelkeun ayat2 nu nerangkeun ieu jelema golongan katilu; engke ditarjamahkeun deui jeung ditapsirkeun sarta dibahas nu leuwih munel; sugan jeung sugan urang sarerea bisa meunang Hidayah ti MantenNa. HANCA
