Assalammu'alaikum kang Febi ..... duh resep macanaa seratan kang Febi mah; 
baaritepat pisan. Ngan eta kang Avin ku naon teu mucunghul deui. Sono oge tah.

Kang Febi kuring rek meredih ka kang Febi supaya tiasa sasarengan ngaguar 
tapsir di ieu milis; mudah2an urang sadaya tiasa ngadamel tapsir na basa sunda; 
nu relatively representative kituh. Naon nya mun disundakeun  tah ? Panginten 
nu eusina teu tebih tebih teuing ti na standard. 

Ulah gimir kang FEBI sok, urang damel tapsir bari dieusi ku kaihlasan hate. 
Piraku sugaan mengpar ?

Sugan jeung sugan we atuh mamanawian aya paidin ti Gusti.

Kuring nganuhunkeun pisan upami kang Febi kersa sasarengan naapsirkeun ,

Wassalam
AA
 

--- On Sun, 16/6/13, Ahmad Hazairin <[email protected]> wrote:

From: Ahmad Hazairin <[email protected]>
Subject: Wahyu (Re: [Urang Sunda] kanggo kang Yadi)
To: "[email protected]" <[email protected]>
Received: Sunday, 16 June, 2013, 3:33 PM
















 



  


    
      
      
      Wahyu, Ilham, Firasat, Ide
==========================

Bismillaahiraahmaanirraahiim,

Ide, asalna tina basa Inggris, maksudna pikiran anu datang ngeunaan hiji 
masalah. Biasana ide dikaitkeun jeung jalan kaluar (solusi) tina hiji masalah. 
Ide oge sok dikaitkeun jeung pikiran anyar (orisinil) anu bisa diwujudkeun pina 
prak-prakan kahirupan, boh masalah sosial boh masalah teknik jeung pangaweruh.

Firasat, dikaitkeun jeung pikiran anu datang ngeunaan kajadian atawa kaayaan 
anu bakal datang. Biasana firasat datangna mangrupa pikiran kilat (datangna 
gancang jeung umum, teu rinci), ngajorelat, tapi salian datang kana pikiran oge 
sok keuna kana hate/jiwa.

Ilham, dikaitkeun jeung pikiran anu datang terus nyangkrung dina hate. Ilham 
biasana dikaitkeun jeung pituduh anu positip tinu dianggap suci
 saperti Gusti Allah atawa Malaikat. Ilham biasana datang kana pikiran jeung 
hate manusa saperti gambaran anu jelas pisan, kadang bisa cukup lila nyangkrung 
dina hate jelas pisan jiga ningali gambar/foto anu bengras.

Wahyu, saperti ilham tapi biasana dikaitkeun jeung risalah ka-nabi-an. Tapi 
sacara definisi, wahyu ampir sarua jeung ilham. Ngan ari wahyu biasana anu 
narimana teu bisa nolak kulantaran eta pikiran anu datang teh kuat pisan jeung 
nungtut pikeun dilaksanakeun.

Dina Al-Quran disebutkeun:

"Jeung demi jiwa (nafs) anu disampurnakeun. Terus Anjeuna nga-ilhamkeun jalan 
kagorengan jeung kataqwaan (kahadean)" (As-Syams 7-8).

"Jeung Pangeran aranjeun nga-wahyukeun ka nyiruan: jieun ku maraneh sayang di 
pagunungan, tatangkalan, jeung di tempat-tempat anu dijieun ku manusa" (An-Nahl 
68).

"Jeung ku Kami diilhamkeun ka indungna Musa: susuan eta bayi (musa), jeung 
lamun anjeun melang ku kaayaan (musa) palidkeun eta (musa)
 ka walungan (Nil). (Al-Qashas 7).

Lamun urang maca ayat-ayat Al-Quran anu ku sim kuring tulis di luhur, kumaha 
urang ngabayangkeunana?
Naha enya eta nyiruan geus jadi nabi kulantaran narima wahyu?
Naon bedana eta ilham anu ditarima ku indungna Nabi Musa lamun dibandingkeun 
misalna jeung kajadian waktu kompor di dapur Nyi Iroh ngabeledug terus dina 
kaayaan panik nyi iroh boga ilham pikeun ngabanjur kekesed ku cai terus eta 
kekesed baseuh teh ditungkupkeun kana kompor?

Anu kahiji, nya didieu pentingna ngarti kana elmu alat basa Arab lamun rek 
nafsirkeun Al-Quran kusabab Al-Quran teh basa arab. Anu kadua, nya kudu make 
akal sehat jeung ulah dipiheulaan ku hawa nafsu.

Lamun urang nanyakeun ka ahli elmu alat basa arab pikeun nafsirkeun "waktu anu 
diturunkeun ka nyiruan pikeun nyieun sayang", eta bakal diterangkeun panjang 
lebar. Tapi anu pasti ku akal sehat oge urang bakal ngarti yen maksud eta wahyu 
teh dina basa inggris mah
 disebutna "insting" atawa "instuisi". Lain wahyu jiga nabi waktu narima wahyu.

Oge waktu indungna nabi Musa narima ilham, nya eta sarua wae jeung lolobana 
jalma anu pernah narima ilham di Gusti nu Maha Suci (misalna carina Nyi Iroh 
waktu kompor ngabeledug). Ngan kulantaran carita indungna Musa mah aya dina 
Al-Quran nya jadi istimewa, pikeun picontoeun.

Tah, jadi aya benerna lamun disebutkeun yen Gusti Pangeran teh ngajalin 
komunikasi terus-terusan jeung makhlukna. Tapi dina beh dieu urang kudu boga 
konsistensi. Ari dina hiji sisi ngabogaan pendapat yen Gusti Pangeran teh 
ngajalin komunikasi jeung makhlukna (manusa, binatang, tatangkalan, batu, cai, 
angin); ieu dijadikeun landasan yen mungkin cenah aya wahyu kanabian turun 
samisal ka Mirza Gulam Ahmad. Tapi cenah Mirza Gulam Ahmad mah teu mawa syareat 
anyar, tapi milu ka syareat Nabi Muhammad anu urang arab. Tah lamun kitu mah 
atuh kabeh anu narima ilham (manusa, binatang, tatangkalan,
 batu, cai, angin) kudu konsisten oge dianggap nabi kabeh.

Tah... lamun bisa ngabuktikeun yen wahyu ka Mirza Gulam Ahmad mah istimewa, 
beda ti wahyu anu ditarima ku nyiruan, nya naon buktina? Ari wahyu ka Nabi 
Muhammad mah eta Al-Quran buktina, jeung kasaksian yen akhlak Nabi Muhammad teh 
nya saperti Al-Quran ayana, jadi dilaksankeun Al-Quran teh pangheulana ku Nabi 
Muhammad sorangan.

Ari lolobana jelema, boh dina ngajalanan hirup sacara umum, boh dina 
ngajalankeun agama, nya loba ku jalan pangaruh persepsi. Malahan mah loba 
persepsi anu geus jadi budaya. Teu kabeh persepsi sarua jeung faktana. Misalna: 
kulantaran sagolongan jelema teh percaya pisan kana mistik, jadi sagala 
kajadian sok disambungkeun jeung mistik. Aya gunung bitu, pasti aya tafsir 
mistikna. Aya oray asup ka cai, aya tafsir mistikna. Aya manuk atawa kukupu 
asup ka imah ya tafsir mistikna. Padahal bunung bitu, nya gungung bitu. Oray 
asup ka cai nya asup weh oray ka cai. Eta
 faktana. Ari tafsir mistikna mah eta karumitan pikiran, polusi pikiran!

Malahan mah kasieun dina batin kulantaran peuting poek jeung tiiseun terus mawa 
reaksi fisik saperti muriding bulu punduk atawa asa ningali anu ngabelegbeg, 
atawa reaksi psikologis saperti rarasaan aya anu hiber atawa ngaliwat, cenah 
jadina aya jurig!

Sakedeung deui urang rek nyanghareupan bulan Ramadhan. Pan sok jadi rajin 
dzikir jeung sholat. Mudah-mudahan polusi pikiran, polusi persepsi teh bisa 
ditiup tina otak (polo) jeung hate/batin urang; jadi bengras; jadi bisa ningali 
fakta jelas pisan dina kahirupan.  Jadi bisa ngabedakeun kasieun batin jeung 
respon fisik tur psikologis jeung ayana jurig. Bisa ngabedakeun kapercayaan anu 
aya landasan faktana jeung kapercayaan turunan anu ngan saukur cenah ceuk batur 
(kolot, babaturan, baraya). Amiin ya Allah yaa rabbal alaamin.


Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
==============

        Von: Ahmad Hazairin <[email protected]>
 An: "[email protected]" <[email protected]> 
 Gesendet: 16:51 Mittwoch, 12.Juni 2013
 Betreff: Re: [Urang
 Sunda] kanggo kang Yadi
   















 



    
      
      
      Leres pisan kang Ahsa, perkawis anu ngurus layon kang jeng Nabi teh Ali 
ra sareng kulawargi (ahlul bait).
Ieu oge anu janten awal pacengkadan syiah-sunni, yen waktos Ali ra ngurus layon 
kangjeng Nabi sareng masih dina suasana duka/berkabung, para sahabat anu sanes 
tos ngabai'at Abu Bakar ra janten khalifah gegentos kangjeng Nabi. Tah ieu anu 
disebut ijtihad: para sahabat anu bai'at ngangkat Abu Bakar janten khalifah 
yakin pisan yen umat kedah enggal aya pamingpin supaya teu paburencay. Ari kaum 
syiah mandang teu pantes eta layon kangjeng nabi diurus keneh tapi geus milih 
pamingpin anyar gegentosna.

Perkawis wahyu anu dimaksad ku kang Yadi abdi insya Allah bade ngabahas dina 
email salajengna. Maksad kang Yadi leres, mung benten istilah sareng pamilahan. 
Tapi benten istilah sareng pamilahan tiasa janten lepat tanggap
 utamina ka jalmi awam anu memang teu tiasa milah-milah istilah.

Wallahu'alam

Febi Ahmad Hazairin
==============


        Von: ahsa albanduni <[email protected]>
 An: urangsunda <[email protected]> 
 Gesendet: 14:16 Mittwoch, 12.Juni 2013
 Betreff: [Urang Sunda] kanggo kang Yadi
   















 



    
      
      
      tadi abdi maca dina postingan salira perkawis tafsir Bah AA... aya

kalimah: "Tah harita salah sawios sahabat (boa duaan) nampi pituduh ti

Allah ta ala cara-carana ngamumule layon Kang Jeng Nabi saw"



punten saha anu disebat sohabat dina eta riwayat sareng nyuhunkeun

katerangan dina riwayat saha? sareng kitab naon?



mun teu salah mah urusan ngurusn layon mah pan ti geus diajarkeun ku

Rasulullah saw

pan dina kahirupan keur jumeneng Nabi loba sohabat anu maot. meureun

dipulasara... jadi sohabat anu ngurus layon Nabi tangtos diajarna ka

Nabi. Dina buku Safiqah Bani Saidah karya O Hashem mah anu ngurus

layon teh Imam Ali katut Ahlulbait...

-- 

http://www.kompasiana.com/kangahsa



    
     











    

    
     











    

    
     

    
    






  








Kirim email ke