Nya sok lah toongan lebah dinya, Kang Nasrul, keun we nu maca ngarah aya
babandingan


2013/7/5 nasrul jatnika <[email protected]>

> **
>
>
> Hahahahaha, sae..sae.. Ang Dudi. Keun we Kang Perbu Ki Hasan, sina mati
> ketawa cara KUDETA..huhahahahaha. :-D
>
>   ------------------------------
>  *Dari:* dudi <[email protected]>
> *Kepada:* "[email protected]" <[email protected]>
> *Dikirim:* Jumat, 5 Juli 2013 14:40
>
> *Judul:* Re: [kisunda] Dosa Mursi?
>
>
> kabiasaan getas sarupateun, yeuh. hayang buburu komen wae. Jadi weh teu
> kabaca kabeh. ngeunaan jauh deukeutna sareng puser kajadian mah, ngeleketek
> ki hasan we hahahaha. sanes kitu ki?
>
> On Friday, July 5, 2013, dudi <[email protected]> wrote:
> > eh enya hilap. sumber utama info kuring mah social media ketang
> hehehe... sanes media mainstream. al jazeera saurna anti tesis al arabiya.
> cnn dan kawan kawan mah tara ditolih.
> >
> > On Friday, July 5, 2013, dudi <[email protected]> wrote:
> >> Kuring mah maca republika tempo gatra wungkul sih , jeung sababaraha
> situs kenca hahaha
> >>
> >> On Friday, July 5, 2013, nasrul jatnika <[email protected]>
> wrote:
> >>>
> >>>
> >>> Tujuh las juta? Wah, mekkah wae unggal haji mung nampung, 2 juta
> jalmi. Jelema pagilinggisik masih tiasa. Tahrir Square hampir sami sareng
> bunderan HI di Lembur. Nu jelas teu sagede saperti Mekkah. Massa Mursi nu
> aya di Ash'ad, Ismailiyah sareng Iskandariah (Alexandria, kota-kota lain
> anu rahayatna pro Mursi siap ngabanjiran Kairo upami legitimasi Mursi
> dicabut. Ngan, sakali deui media teu aya nu ngaliput. Keun wae cuang
> tingalikeun. Punten, masalahna sanes caket atanapi henteuna ti Puseur
> kajantenan, tapi sumber informasi sareng berita anu dugi ka urang. Al
> Jazeera masih mending. Anu sae Adda'wah, Jamiuturrahmah TV, Iftihar sareng
> nu sanesna. Mangga saena diuningaan di situs-situs nu benten sareng sumber
> Reuteur, CNN sareng CNBC. Hatur nuhun..
> >>> ________________________________
> >>> Dari: dudi <[email protected]>
> >>> Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
> >>> Dikirim: Jumat, 5 Juli 2013 13:55
> >>> Judul: Re: [kisunda] Dosa Mursi?
> >>>
> >>>
> >>> seueur nu nanya, naha leres nu kajadian di mesir teh kudeta militer?
> >>>
> >>> demo rahayat mesir nu ditungtungan ku ngagubragna kawasa mursi teh aya
> nu nyebut pangbadagna dina sajarah. saurang mentri kabinet mursi nyebut nu
> demo nepi ka 17 juta urang. aya oge nu nyebut leuwih, nepi ja 30 juta cenah.
> >>>
> >>> aya analisis, gerakna militer nurunkeun mursi teh sanggeus ningali
> kaayaan mesir nu pikahariwangeun. gedong2 pamarentahan geus dikepung ku
> rahayat. rek diduruk. cek tangtara, kudeta rahayat langsung bakal leuwih
> ngarugikeun kaayaan mesir. kajadianna mirip jeung kaayaan basa tangtara oge
> ngilu nurunkeun mubarak.
> >>>
> >>> saterusna, naha enya amerika aya disatukangeun gerakan anti mursi.
> kacindekan eta kurang didukung ku fakta-fakta nu pating suliwer.
> diantarana, dina sataun pamarentahanna, mursi kungsi narima dua kali
> bantuan ti imf. sanggeus kajadian, obama manghandeueulkeun ayana kudeta.
> samalah cenah, bantuan ti amerika ge bakal dibatalkeun.
> >>>
> >>> naha leres islam sacara umum oge kristen koptik ngadukung
> kawijaksanaan mursi?
> >>>
> >>> hal eta bisa kagambar basa pamingpin kudeta jenderal abdul fatah
> assisi ngumumkeun dikudetana mursi. ditukangeun jendral nyampak syeikh
> agung al azhar ahmad al tayeb jeung pamingpin kopti tawadrous ii.
> >>>
> >>> salahsahiji alesan naha mursi dimakjulkeun ku sakitu lobana rahayat
> mesir, nya jalaran kawijakan mursi nu sektarian. ngaheulakeun teuing
> golonganna.
> >>>
> >>> sakitu heula ti kuring nu hirup di bogor. jauh pisan ti mesir, jadi
> pasti teu seueur info nu dugi ka panon sim abdi. benten sareng nu linggih
> di kairo atanapi doha. sanes kitu ki hasan? :)
> >>>
> >>> On Friday, July 5, 2013, nasrul jatnika <[email protected]>
> wrote:
> >>>>
> >>>>
> >>>> Salam..
> >>>> Tanah Mesir 6x langkung subur sanes rahul. Penelitianana tos
> ngalibetkeun panalungtik ti mana mendi. Sarolehna urang Mesir, utamina nu
> ngajukung Mursi, henteu gumantung sorban cara di Enonesa. Malah upami
> ningali kahirupanana, leuwih basajan manan urang lembur. Ngan, sumanget
> ngapalkeun Qur'an misalna, ngagedur dina dada jeung kahirupan sapopoe. Aya
> hiji lembur di wilayah Asyut, nu sapangeusi eta lembur, arapal Qur'an ti
> nincak umur 7 taun. Pamuda-pamudana sok era parada lamun aya nu naros, "Kam
> juz'an hafidzuk?" Mursi, hiji-hijina Persiden saalam dunya nu Hafidz qur'an
> 30 juz. Maenya kanu hafidz oge bade dieleg kitu? Hehehehe... :-D
> >>>> Investasi ka Mesir, lamun dibandingkeun jeung awal Pemerintahan
> Mubarrak, malih sareng ahirna oge, tos langkung majeng. Malah kontribusi
> pemerintahan Mursi kanggo minuhan kas nagara sanggeus dibolongan defisit
> rezim Mubarrak, kacida katingalina. Perekonomian Mesir, kakara dina
> satangtungna sajarah ieu nagri, teu ngalaman inflasi. Harga stabil.
> Samalah, lamun dijadikeun tuluy 5 taun, perumbuhan ekonomi bakal naek 2
> digit (hartina diluhureun 10%). Bari jeung ngandelkeun kakuatan dalam
> Negri. Lain nginjeum ka LN.
> >>>> Masalah strategis ngagunakeun undang-undang dasar dumasar kana
> syareat, eta kapan tos direferendum. Ampir 80% rahayat Mesir satuju. Apan
> kaasup sopan santun bernegara, lamun rahayat geus satuju mah, urusanana
> jeung rumahtangga sorangan.Kakuatan Neo-sosialist jeung liberal (dibiayai
> ku USA)nu aya di tukangeun oposisi teu rido. Militer diajakan deui
> ilubiung. Hartina balik deui kana jaman Mubarrak. Maenya dina abad ka 21
> masih>
>
>
>   
>

Kirim email ke