Kang Emod boga niat hayang nyandung. Mun bebeja langsung ka pamajikana sacara
blak2 an sieun ngambek jeung teu ngidinan, jadina nulis sajak weh ka pamajikan
na Enok, kieu sajakna teh !!
Mamah sayang, beubeulahan hate, upami mamah lir ibarat bumi, nya papah
panonpoena anu nyaangan unggal waktu...
papah nu salawasna nyorotkeun cahaya..nyaangan bumi.......
Tapi papah perlu nyebutkeun, yen Gusti Alloh teh teu nyiptakeun bumi wungkul,
tapi jeung planet-planet nu sejenna. Eta planet teh sami, pada-pada perlu
kasinaran. Jadi,,, mamah sing rela upami papah boga maksud hayang nyinaran
planet nu sejenna. Kanyataan kitu teh mangrupa kodrat, nu kudu ditarimakeun ku
mamah....
Sa eunggeus maca eta sajak, gutrut Neng Enok ngajawab ku sajak deui....:
Papah, panutan mamah
upami papah leres panonpoe anu salamina nyaangan ka bumi sareng ka sakurilingna
kalawan adil, mamah rela cahaya papah di sumorotkeun ka planet nu sanesna
Tapi mamah apal, gagaduhan papah mah apan sanes panonpoe,...... mung saukur
LILIN PONDOK, anu nyaangan kamar urang oge kakalicesan, lir bohlam 5 watt......
nu kadang cahayana nepi kadang henteu . . janten ... upami papah rumasa gaduh
LILIN PONDOK, ulah nyoba-nyoba hayang nyandung,...... bisi di ragaji KU AING
dibeakeun nepi katungtung na, kahartii ?? Sok pikiran tah ku sia... aing rek ka
cai heula...!!!
Wilujeng Keom bari Ngabuburit wkkkkkkk.
nuhuuuuns,
mang kabayan
www.udarider.com
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/