--- On Tue, 16/7/13, Abbas Amien <[email protected]> wrote:

> From: Abbas Amien <[email protected]>
> Subject: [Urang Sunda] (unknown)
> To: [email protected], [email protected], 
> [email protected]
> Received: Tuesday, 16 July, 2013, 8:38 PM
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>  
> 
> 
> 
>   
> 
> 
>     
>       
>       
>       Tapsir Qur_an ka16.
> 
> Ayeuna urang tuluykeun ka ayat 30 surat Al Baqarah. Ti ayat
> 30 nepi ka ayat 37, runtuyanana ngahiji teu bisa dipisah
> pisah kitu wae; hiji ayat kuat pisan hubunganana jeung ayat
> sejenna; jadi napsirkeunana kudu dihijikeun, ngarah urang
> bisa leuwih pas ngahartikeun jeung napsirkeunana.
> 
> Ayeuna urang sebutkeun ayat2na sarta hartina; engke
> tapsiranana. Mimiti ayat 30 : Wa idz qaala Rabbuka
> lilmalaaikati innii jaa’ilun fil ardhi khalifah. Qaaluu
> ataj’alu fiihaa manyufsidu fiihaa wayusfiquddimaa. Wa
> nahnu nusabbihu bihamdika wa nuqaddisulak. Qaala innii
> a’lamu maa laa ta’laamuun.
> 
> Inget! Waktu Rabb maneh sasauran ka Para Malaikat, saenyana
> Kula rek nyiptakeun Makhluq anyar pikeun jadi Khalifah di
> bumi. Para Malaikat protes Kunaon Anjeun bade nyiptakeun
> makhluq nu engkena bakal ngaruksak ? jeung bakal ngajadikeun
> banjir getih dimana mana ?   padaahaal kapan abdi saadaya (
> malaikaat ) teras2an zikir muja muji ka Anjeun ? Saur Gusti
> Kaula leuwih NYAHO sagalana ti batan maraneh. Atawa moal
> ngarti maraneh mah, Kaula nyaho sagalana , sedengkeun
> sampeyan sakabeh aya hal2 nu arandika teu ngarti.
> 
> Ayat 31 : Wa ‘allama Aadama l_asmaa_a kullahaa tsumma
> aradhahum ‘alal malaaikati faqaala anbiuunii biasmaa_i
> haaulaa_i  in kuntum shaadiqiin.
> 
> Gusti ngajarkeun ka Adam ngaran barang2 nepi ka Adam ngarti
> jeung apal; saparantos kitu Gusti naros ka para Malaikat sok
> sebutkeun tah maraneh para Malaikat nyaho naon eta barang2
> teh ? Ari enya mah arandika nu bener pamadeganana. 
> 
> Ayat 32 : Qaaluu subhaanaka laa ‘ilma lanaa illaa maa
> ‘alamtanaa . Innaka antal ‘aliimul hakiim.
> 
> Tarjamah ayat 32 : Waler para Malaikat : Mahasuci Allah, teu
> aya pisan pikeun kuring sadaya ELMU mung ukur naon wae anu
> ku Anjeun dipasihkeun, sanyatana Anjeun Nu Pang Wanohna ka
> na sagala; sareng Anjeun Maha wijaksana.
> 
> Ayat 33 : qaalaa yaa aadamu an bi_hum biasmaa_ihim falammaa
> anba_ahum biasmaa_ihim qaalaa alam akullakum innii ‘a_lamu
> ghaibas samaawati wal ardhi, wa ‘a_lamu maa tubduuna wa
> maa kuntum taktumuun.
> 
> Harti ayat 33 : He Adam, sok bejaan para Malaikat ngaran
> barang2 eta. Sanggeus kitu Adam nyebutan ngaran barang2;
> Gusti ngadawuh : Tuh geus disebutkeun ku KAMI lain ? Yen
> saenya enyana Kami leuwih NYAHO ti batan arandika sakabeh.
> Kami Nyaho naon nu ku maraneh para Malaikat lakukeun atawa
> oge disumputkeun 
> 
> Ayat 34 : wa idz qulnaa lil malaa_ikatisjuduu li Aadama
> fasajaduu illaa iblis. Abaa wastakbara wa kaana minal
> kaafiriin.
> 
> Harti ayat 34 : Inget ! sawaktu Kami marentah ka para
> Malaikat : Maraneh kudu sujud ka Adam. Para Malaikat gancang
> sarujud. Ngan Iblis wungkul nu teu daekeun teh. Lantaran
> manehna mah dedengkotna golongan KAFIR. 
> 
> Ayat 35 : wa qaalaa yaa Aadamuskun anta wazaujukal jannaata
> wa kulaa minhaa ragadan haitsu syi_tumaa wa laa taqrabaa
> haadzihisy syajarata fataakuuna minadhzaalimiin.
> 
> Harti ayat 35 : Allah ngadawuh he Adam sok maneh cicing di
> na ieu sawarga ( jannah ), pek meunang ngadahar naon wae nu
> aya di eta sawarga; rek naon oge bebas, tapi aya hiji
> tangkal kai, mangkahade ulah wani2 ngadeukeutan eta tangkal
> kai; komo ngadahar buahna mah. Mun maneh ngalanggar maneh
> sarua jeung geus ngalakukeun hiji kadholiman Maneh kaasup
> manusa dholim.
> 
> Ayat 36 : Fa_azallahumasy syaithaanu ‘anhaa
> fa_akhrajahumaa mimmaa kaana fiih. Wakulnahbithuu ba’duhum
> liba’dhin aduww. Walakum fil ardhi mustaqarruw
> wamataa’un ilaahiin.
> 
> Adam jeung Hawa kagoda ku syetan/iblis, diusir ti sawarga.
> Allah ngadawuh Maraneh duaan Adam jeung Hawa ayeuna keneh
> jig indit ulah aya didieu ( sawarga ); engke turunan maraneh
> bakal silih paehan jeung mumusuhan ; tapi tempat keur
> maraneh di dunya oge geus disadiakeun lengkep jeung sagala
> fasilitasna nu kudu ku maraneh olah. ( beda jeung di sawarga
> sagala geus nyampak ). Ke maraneh meunang balik deui kadieu
> dina waktuna; lamun meunang idin ti Kami.
> 
> Ayat 37 : Fatalaqqaa Aadama miRRabbihii kalimaatun fataaba
> ‘alaiih, Innahuu Huat tawwaaburrahiiim.
> 
> Harti ayat 37 : Saterusna Adam nampi ti Gusti sababaraha
> kalimah ( mungkin maksudna DO’A ); atawa pituduh2 pikeun
> ngajaga diri kumelendang di dunya. Adam oge menta ampun;
> Allah nampi tobatna Adam/Hawa; sabenerna memang Allah Maha
> ngahampura jeung Maha welas.   
> 
>  
> 
> Tapsiran ayat2 30 – 37 :
> 
> Mun aya kalimah dimimitian ku wa idz qaala …… eta
> lolobana hartina Dawuhan Allah teh sanes mirupi parentah
> atawa larangaan, tapi ngarupikeun INFO; nya eta supaya Nabi
> jadi apal; tah aya hal kieu kieu; kieu kieu.
> 
> Urang di na ayat2 30 dugi ka 37 manggihan hal2  :
> 
> Adam nu bakal jadi cikal bakal manusa; 2. Iblis nu salawasna
> ngamusuh ka manusa. 3. Allah sasauran ka Para Malaikat yen
> bakal ngajadikeun Makhluq anyar nya eta manusa. Nu diawalan
> ku Adam. Nu engkena bakal jadi Khalifah di Bumi. 4. Aya
> Eva/Hawa di Sawarga 5. Ayana tangkal nu teu meunang
> dideukeutan. JSTE
> 
> 
> 
> Dina eta ayat2 disebatkeun Malaikat PROTES ! atanapi
> ngajukeun kahamhaman ka na Makhluq nu bakal diciptakeun nu
> bakaal jadi khalifah. Padahal biasana mah Malaikat tara WANI
> protes !?? Tah ieu naon sababna ? bet beda ti biasa ?
> 
> 
> 
> Saterusna sanggeusna Adam dipasihan PANGAWERUH ku Allah,
> dimana pikeun Malaikat mah eta Pangaweruh teh can tepi,
> Malaikat sadar yen geus ngalakukeun kasalahan; nu matak ku
> Gusti dipiwarang sujud; langsung sujud ! Ngan Iblis nu
> henteu teh !
> 
> 
> 
> Tah ieu IBLIS, ujug2 disebut ku GUSTI jeung tadina mah
> henteu !? Kumaha tah jujutanana ?
> 
> 
> 
> Jadi di na hal Iblis , jeung oge sagemblengna carita
> ngeunaan ayat 30 nepi ka 37, kudu dipikir make pikiran nu
> kudu kuat pisan nu paling asup akal, nu mangaruhan atawa
> nyababkeun ayat2 ieu kaluar.
> 
> 
> 
> Mimiti pananya nya eta : naon sababna Malaikat Protes ? Mun
> ngan ukur pikiran Malaikat wungkul, sigana para Malaikat teu
> wantuneun protes ka Gusti ! Naon atuh kira2 sabab musababna
> ?
> 
> 
> 
> Sigana mah aya Provokator ? saha provokatorna nu mangaruhaan
> Para Malaikat ? Nya nurutkeun ayat2 diluhur sigana mah,
> atawa moal salah deui pasti IBLIS provokatorna ! Naha
> geuning Iblis bisa mangaruhan Para Malaikat ?
> 
> 
> 
> Rupana carita dibalik eta ayat2 teh kieu  : Iblis teh salah
> sahiji Bangsa Jin nu boga kahayang minculaak ti bangsana,
> atawa makhluq sejenna; manehna hayang jdi pang pangna;
> embung eleh ku sasaha; ku sabab tekadna kuat, ditambah ku
> geus ngabogaan modal dasar kakuatan ti Gusti, lantaran
> manehna gentur tapana; nya manehna jadi terus2an nyembah
> bari memeenta ka Gusti; pangpangnaa elmu kasaktian. Ku sabab
> manehna paang rajinna ibadah, bari dibarung ku napsu nu teu
> aya wates wangenna; naon wae syarat ku manehna dilakukeun,
> nepi ka sebut we tiap 1000 taun manehna nambah kasaktian.
> Nepi ka teu pernah keuna ku kasakit, seumneu ge teu mempan
> ka manehna mah. Sumawonna atuh bangsa senjata ti na logam
> mah moal mempan kaa ieu si Iblis. Ku sabab sakitu ieu Iblis
> jadi robah, tina tadina ngan ukur ngado’a mementa ka
> Gusti; ayeuna maanehna jadi ngarasa ieu aing panggagahna;
> manehna teu sieunan ku Malaikat; malah cek na pikirna bisa
> naon ayeuna Allah ka Aing ?
> 
> 
> 
> Mimiti muncul sipat takabur si IBLIS ! Mimiti mucunghul hate
> hayang nyaruaan TUHAN; mimiti ngarasa manehna ge hayang
> disembah ! Enya ge ngan naa hate wungkul; tapi GUSTI Allah
> tos waspada ka naa ketak IBLIS; tapi ku margi Allaah mah Al
> Halim, nu sok nunda hukuman, lebar ku getolna ibadah si
> Iblis, teu langsung ngahukum; atawa nenagen heula alesan nu
> cukup pikeun ngahukum eta si Iblis.
> 
> 
> 
> Nya teras wae Allah nyarios ka para Malaikat yen rek
> nyiptakeun hiji Makhluq anyar, nya etaa Adam. Tah di na
> waktu harita para Malaikat ting haruleng; lantaran teu wasa
> kudu kumaha ? Nya di dieu si Iblis haharewosan ka Para
> Malaikat : Yeuh Para Malaikat, etaa nu disebut Makhluq
> manusa teh engke na bakal silih paehan; bakal ngajadikeun
> ruksak dunya; bakal nimbulkeun banjir getih ! Naha makhluq
> nu kitu wajaar dijaddikeun Khalifah ? Kuduna aranjeun
> Malaikaat nu pantes jaddi khalifah mah; atawaa tong
> diciptakeun we sama sakali; keur naon ? Kumaha kituh ? nanya
> para Malaikat; lantaran para Malaikat percaya yen Iblis
> sagala nyaho; da geus kanyahoan ibadahna. Cek Iblis
> neruskeun harewosna :”Yeuh aranjeun teh pan unggal poe ge
> ngan ukur tasbeh ngagungkeun Gusti ? piraku rek eleh ku si
> Adam ?
> 
> 
> 
> Tah eta sigana mah Malaikat nu matak wani protes teh; tapi
> ku Gusti digebes yen para Malaikat loba pisan ka teu
> nyahona; jadi Gusti nu Langkung uninga. Nu Maha sagalana.
> Para Malaikat masih aya nu saeutik nanya bari ampun2an sieun
> dibendon ku Gussti : Pananyana nya eta ngeunaan kumaha
> kira2na kapinteran Adam ? Nu saterusna Ku Gusti diadu jeung
> Adam; kanyataan paara Malaikat eleh; nya maranehna sujud ka
> Adam; Iblis mah tetep teu daek sujud.
> 
> 
> 
> Jadi ayana Nyiptakeun Adam teh sanyatana pikeun ngabuktikeun
> MAKARNA atawa rek makarna si Iblis; sakaligus memang Adam
> jeung turunanana tos aya di na Program Allah.     
> 
> Ku sabab geus bukti ayeuna mah, yen Iblis rek makar,
> nangtang; nya bisa wae harita keneh dihukum; tapi Allah
> tetep nunda hukuman nempo heula ketak si Iblis; masing Gusti
> tos Uninga oge, tapi pan saksi mah teu arapaleun ( Malaikat
> jeung Adam ) . Tah di dinya si IBLIS seuri ngagakgak; yen
> masing enya oge Iblis salah; sok rek kumaha Allaah cenah
> ngahukum uing ?
> 
> Nyata ! Sanggeusna si Iblis nyakakak ngarasa meunang …
> ujug2 kulupruk we manehna teu daya teu upaya ; ngarasa
> leuleus letek jeung sagala karasa , Nyeri peeurih nu taya
> wates wangenna; dimana tadina mah teu ngarasa naon2. Ayeuna
> si Iblis ngarasa sieun nu kacida sieunna; nya manehna
> aluk2an ceurik ampun2an; menta2 hukumanana ditunda (nya eta
> kasaktianana dicabut). Gusti nedunan pamentana; terus
> kasaktian si Iblis dibalikeun deui.
> 
> Si Iblis gancang we ngacir. Lantaran ayeuna mah maphum jeung
> apal pisan ka na Maha Kawasana Allaah; Maha Perkasana Allah;
> manehna kacida sieunna; tapi parandene kitu manehna tetep
> hayang nembongkeun kahebatan ana ka Para Malaikat; manehna
> bari ngacir, bari susumbar; yen manehna bakal
> ngaganggu/ngagoda ka Adam jeung turunanana.
> 
> Ku Gusti nu ieu ge diidinan; ngan wae aya watesna cenah; yen
> si Iblis keukeuh kudu dihukum; nya eta kasaktianana leungit;
> bakal jadi nyicingan naraka sa endeng2; bakal ngarasakeun
> peurihna disiksa. Si Iblis bari ngarandeg tumaros ka Gusti :
> Iraha Gusti eta teh ? Gusti nyaur yen waktuna nya eta saat
> KIAMAH. Ari Kiamah iraha ? Saur Gusti : Waktu diantara
> manusa euweuh deui nu iman !
> 
> Gebeg deui wae si Iblis; emh mun ku aing digoda terus pada
> teu ariman; atuh meureun ngan sakeudeung kasaktian uing
> leungit ? wah ! Bingung si Iblis.
> 
> Tapi waktuna Adam aya di sawarga, si Iblis ngurunyung deui
> sanggeus ratusan taun nenangkeun diri; terus manehna rek
> nyoba ngagoda ka Adam. Nu harita mah geus aya Eva/Hawa.
> 
> Iblis ngawujuk Adam supaya ngadeukeutan tangkal larangan (
> buah larangan ). Tah di palebah dieu aya nu napsirkeun yen
> buah larangan teh nya eta simbolik tina saresmina Adam jeung
> Eva disurga; nepi ka Eva ngandeg. Kasaksi ku sadayna mah
> Allah bendu terus ngusir ka Adam jeung Hawa supaya
> kabehanana indit ti sawarga kudu ka Bumi ! ( Adam/Eva kaasup
> Iblis ). Teras Allah oge ngutuk Adam yen turunanana bakal
> silih arah, silih musuhan.
> 
> Adam/Hawa ceurik2 menta ampun; mya saur Gusti maneh
> dihampura; tapi keukeuh kudu ka dunya heulaa; engke bisa
> balik deui ka dieu; sanggeus diuji; maraneh sabaagian aya nu
> jaddi kokoncod Ibliss; nya asup ka naraka; sawareh baakal
> aya nu baalik deui ka sawarga; kumaha lulus henteuna ti
> ujian. Kitu dawuh Gusti. Ari Iblis nyakakak asa sukses nipu
> Adam, bari ngajejeleh Gusti. Tapi Gusti ngadawuh; yen memang
> sagalana ge geus asup PROGRAM Tuhan.
> 
> Allaah mere kasempetan ka Iblis ngagoda Adam/manusa; hartina
> Allah teu jalir kaa Iblis; mere kaasempetan ka Iblis. Atuh
> hukuman ka adam, memang cocog pisan sareng program Allah, nu
> bakal ngajadikeun Adam khalifah di BUMI ! Para Saksi ( nya
> eta Malaikat ) ngan ukur bisa enggal sujud sareng tasbih ka
> Gussti; yen akhirna memang program Allaah nu jalan mah.
> 
> Ti harita Iblis ku sabab era ku para Malaikat cicingna di
> bumi ping pitu; arang pisan mucunghul; ngan anak buahna nu
> ngagoda turunan Adam sacara rutin ( syaithan tea ).
> 
> Tah kitu tapsiran ayat 30 nepi ka 37 teh. Wallahualam.
> 
> 
> 
> HANCA16
> 
> 
> 
> 
> 
>     
>      
> 
>     
>     
> 
> 
> 
> 
> 
> 
>   
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke