yarsdu - aradha - aradh ! laa yaradh !
teras kumaha ; mangga nyanggakeun kang gun

--- In [email protected], Gunawan Yusuf <gunawanyusuf68@...> wrote:
>
> Bah AA,
> dina kalimah :
> 
> Ayat 31 : Wa `allama Aadama l_asmaa_a kullahaa tsumma
>   aradhahum
> 
> kecap "aradhahum"
> 1. dhamair-na naon ?,
>  2. fiil madhi-na naon ?
> 
> 
> 2013/7/17 Abbas Amien <abas_amin08@...>
> 
> > **
> >
> >
> >
> >
> > --- On Tue, 16/7/13, Abbas Amien <abas_amin08@...> wrote:
> >
> > > From: Abbas Amien <abas_amin08@...>
> > > Subject: [Urang Sunda] (unknown)
> > > To: [email protected], kisunda@...,
> > [email protected]
> > > Received: Tuesday, 16 July, 2013, 8:38 PM
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > Tapsir Qur_an ka16.
> > >
> > > Ayeuna urang tuluykeun ka ayat 30 surat Al Baqarah. Ti ayat
> > > 30 nepi ka ayat 37, runtuyanana ngahiji teu bisa dipisah
> > > pisah kitu wae; hiji ayat kuat pisan hubunganana jeung ayat
> > > sejenna; jadi napsirkeunana kudu dihijikeun, ngarah urang
> > > bisa leuwih pas ngahartikeun jeung napsirkeunana.
> > >
> > > Ayeuna urang sebutkeun ayat2na sarta hartina; engke
> > > tapsiranana. Mimiti ayat 30 : Wa idz qaala Rabbuka
> > > lilmalaaikati innii jaa'ilun fil ardhi khalifah. Qaaluu
> > > ataj'alu fiihaa manyufsidu fiihaa wayusfiquddimaa. Wa
> > > nahnu nusabbihu bihamdika wa nuqaddisulak. Qaala innii
> > > a'lamu maa laa ta'laamuun.
> > >
> > > Inget! Waktu Rabb maneh sasauran ka Para Malaikat, saenyana
> > > Kula rek nyiptakeun Makhluq anyar pikeun jadi Khalifah di
> > > bumi. Para Malaikat protes Kunaon Anjeun bade nyiptakeun
> > > makhluq nu engkena bakal ngaruksak ? jeung bakal ngajadikeun
> > > banjir getih dimana mana ? padaahaal kapan abdi saadaya (
> > > malaikaat ) teras2an zikir muja muji ka Anjeun ? Saur Gusti
> > > Kaula leuwih NYAHO sagalana ti batan maraneh. Atawa moal
> > > ngarti maraneh mah, Kaula nyaho sagalana , sedengkeun
> > > sampeyan sakabeh aya hal2 nu arandika teu ngarti.
> > >
> > > Ayat 31 : Wa `allama Aadama l_asmaa_a kullahaa tsumma
> > > aradhahum `alal malaaikati faqaala anbiuunii biasmaa_i
> > > haaulaa_i in kuntum shaadiqiin.
> > >
> > > Gusti ngajarkeun ka Adam ngaran barang2 nepi ka Adam ngarti
> > > jeung apal; saparantos kitu Gusti naros ka para Malaikat sok
> > > sebutkeun tah maraneh para Malaikat nyaho naon eta barang2
> > > teh ? Ari enya mah arandika nu bener pamadeganana.
> > >
> > > Ayat 32 : Qaaluu subhaanaka laa `ilma lanaa illaa maa
> > > `alamtanaa . Innaka antal `aliimul hakiim.
> > >
> > > Tarjamah ayat 32 : Waler para Malaikat : Mahasuci Allah, teu
> > > aya pisan pikeun kuring sadaya ELMU mung ukur naon wae anu
> > > ku Anjeun dipasihkeun, sanyatana Anjeun Nu Pang Wanohna ka
> > > na sagala; sareng Anjeun Maha wijaksana.
> > >
> > > Ayat 33 : qaalaa yaa aadamu an bi_hum biasmaa_ihim falammaa
> > > anba_ahum biasmaa_ihim qaalaa alam akullakum innii `a_lamu
> > > ghaibas samaawati wal ardhi, wa `a_lamu maa tubduuna wa
> > > maa kuntum taktumuun.
> > >
> > > Harti ayat 33 : He Adam, sok bejaan para Malaikat ngaran
> > > barang2 eta. Sanggeus kitu Adam nyebutan ngaran barang2;
> > > Gusti ngadawuh : Tuh geus disebutkeun ku KAMI lain ? Yen
> > > saenya enyana Kami leuwih NYAHO ti batan arandika sakabeh.
> > > Kami Nyaho naon nu ku maraneh para Malaikat lakukeun atawa
> > > oge disumputkeun
> > >
> > > Ayat 34 : wa idz qulnaa lil malaa_ikatisjuduu li Aadama
> > > fasajaduu illaa iblis. Abaa wastakbara wa kaana minal
> > > kaafiriin.
> > >
> > > Harti ayat 34 : Inget ! sawaktu Kami marentah ka para
> > > Malaikat : Maraneh kudu sujud ka Adam. Para Malaikat gancang
> > > sarujud. Ngan Iblis wungkul nu teu daekeun teh. Lantaran
> > > manehna mah dedengkotna golongan KAFIR.
> > >
> > > Ayat 35 : wa qaalaa yaa Aadamuskun anta wazaujukal jannaata
> > > wa kulaa minhaa ragadan haitsu syi_tumaa wa laa taqrabaa
> > > haadzihisy syajarata fataakuuna minadhzaalimiin.
> > >
> > > Harti ayat 35 : Allah ngadawuh he Adam sok maneh cicing di
> > > na ieu sawarga ( jannah ), pek meunang ngadahar naon wae nu
> > > aya di eta sawarga; rek naon oge bebas, tapi aya hiji
> > > tangkal kai, mangkahade ulah wani2 ngadeukeutan eta tangkal
> > > kai; komo ngadahar buahna mah. Mun maneh ngalanggar maneh
> > > sarua jeung geus ngalakukeun hiji kadholiman Maneh kaasup
> > > manusa dholim.
> > >
> > > Ayat 36 : Fa_azallahumasy syaithaanu `anhaa
> > > fa_akhrajahumaa mimmaa kaana fiih. Wakulnahbithuu ba'duhum
> > > liba'dhin aduww. Walakum fil ardhi mustaqarruw
> > > wamataa'un ilaahiin.
> > >
> > > Adam jeung Hawa kagoda ku syetan/iblis, diusir ti sawarga.
> > > Allah ngadawuh Maraneh duaan Adam jeung Hawa ayeuna keneh
> > > jig indit ulah aya didieu ( sawarga ); engke turunan maraneh
> > > bakal silih paehan jeung mumusuhan ; tapi tempat keur
> > > maraneh di dunya oge geus disadiakeun lengkep jeung sagala
> > > fasilitasna nu kudu ku maraneh olah. ( beda jeung di sawarga
> > > sagala geus nyampak ). Ke maraneh meunang balik deui kadieu
> > > dina waktuna; lamun meunang idin ti Kami.
> > >
> > > Ayat 37 : Fatalaqqaa Aadama miRRabbihii kalimaatun fataaba
> > > `alaiih, Innahuu Huat tawwaaburrahiiim.
> > >
> > > Harti ayat 37 : Saterusna Adam nampi ti Gusti sababaraha
> > > kalimah ( mungkin maksudna DO'A ); atawa pituduh2 pikeun
> > > ngajaga diri kumelendang di dunya. Adam oge menta ampun;
> > > Allah nampi tobatna Adam/Hawa; sabenerna memang Allah Maha
> > > ngahampura jeung Maha welas.
> > >
> > >
> > >
> > > Tapsiran ayat2 30 – 37 :
> > >
> > > Mun aya kalimah dimimitian ku wa idz qaala …… eta
> > > lolobana hartina Dawuhan Allah teh sanes mirupi parentah
> > > atawa larangaan, tapi ngarupikeun INFO; nya eta supaya Nabi
> > > jadi apal; tah aya hal kieu kieu; kieu kieu.
> > >
> > > Urang di na ayat2 30 dugi ka 37 manggihan hal2 :
> > >
> > > Adam nu bakal jadi cikal bakal manusa; 2. Iblis nu salawasna
> > > ngamusuh ka manusa. 3. Allah sasauran ka Para Malaikat yen
> > > bakal ngajadikeun Makhluq anyar nya eta manusa. Nu diawalan
> > > ku Adam. Nu engkena bakal jadi Khalifah di Bumi. 4. Aya
> > > Eva/Hawa di Sawarga 5. Ayana tangkal nu teu meunang
> > > dideukeutan. JSTE
> > >
> > >
> > >
> > > Dina eta ayat2 disebatkeun Malaikat PROTES ! atanapi
> > > ngajukeun kahamhaman ka na Makhluq nu bakal diciptakeun nu
> > > bakaal jadi khalifah. Padahal biasana mah Malaikat tara WANI
> > > protes !?? Tah ieu naon sababna ? bet beda ti biasa ?
> > >
> > >
> > >
> > > Saterusna sanggeusna Adam dipasihan PANGAWERUH ku Allah,
> > > dimana pikeun Malaikat mah eta Pangaweruh teh can tepi,
> > > Malaikat sadar yen geus ngalakukeun kasalahan; nu matak ku
> > > Gusti dipiwarang sujud; langsung sujud ! Ngan Iblis nu
> > > henteu teh !
> > >
> > >
> > >
> > > Tah ieu IBLIS, ujug2 disebut ku GUSTI jeung tadina mah
> > > henteu !? Kumaha tah jujutanana ?
> > >
> > >
> > >
> > > Jadi di na hal Iblis , jeung oge sagemblengna carita
> > > ngeunaan ayat 30 nepi ka 37, kudu dipikir make pikiran nu
> > > kudu kuat pisan nu paling asup akal, nu mangaruhan atawa
> > > nyababkeun ayat2 ieu kaluar.
> > >
> > >
> > >
> > > Mimiti pananya nya eta : naon sababna Malaikat Protes ? Mun
> > > ngan ukur pikiran Malaikat wungkul, sigana para Malaikat teu
> > > wantuneun protes ka Gusti ! Naon atuh kira2 sabab musababna
> > > ?
> > >
> > >
> > >
> > > Sigana mah aya Provokator ? saha provokatorna nu mangaruhaan
> > > Para Malaikat ? Nya nurutkeun ayat2 diluhur sigana mah,
> > > atawa moal salah deui pasti IBLIS provokatorna ! Naha
> > > geuning Iblis bisa mangaruhan Para Malaikat ?
> > >
> > >
> > >
> > > Rupana carita dibalik eta ayat2 teh kieu : Iblis teh salah
> > > sahiji Bangsa Jin nu boga kahayang minculaak ti bangsana,
> > > atawa makhluq sejenna; manehna hayang jdi pang pangna;
> > > embung eleh ku sasaha; ku sabab tekadna kuat, ditambah ku
> > > geus ngabogaan modal dasar kakuatan ti Gusti, lantaran
> > > manehna gentur tapana; nya manehna jadi terus2an nyembah
> > > bari memeenta ka Gusti; pangpangnaa elmu kasaktian. Ku sabab
> > > manehna paang rajinna ibadah, bari dibarung ku napsu nu teu
> > > aya wates wangenna; naon wae syarat ku manehna dilakukeun,
> > > nepi ka sebut we tiap 1000 taun manehna nambah kasaktian.
> > > Nepi ka teu pernah keuna ku kasakit, seumneu ge teu mempan
> > > ka manehna mah. Sumawonna atuh bangsa senjata ti na logam
> > > mah moal mempan kaa ieu si Iblis. Ku sabab sakitu ieu Iblis
> > > jadi robah, tina tadina ngan ukur ngado'a mementa ka
> > > Gusti; ayeuna maanehna jadi ngarasa ieu aing panggagahna;
> > > manehna teu sieunan ku Malaikat; malah cek na pikirna bisa
> > > naon ayeuna Allah ka Aing ?
> > >
> > >
> > >
> > > Mimiti muncul sipat takabur si IBLIS ! Mimiti mucunghul hate
> > > hayang nyaruaan TUHAN; mimiti ngarasa manehna ge hayang
> > > disembah ! Enya ge ngan naa hate wungkul; tapi GUSTI Allah
> > > tos waspada ka naa ketak IBLIS; tapi ku margi Allaah mah Al
> > > Halim, nu sok nunda hukuman, lebar ku getolna ibadah si
> > > Iblis, teu langsung ngahukum; atawa nenagen heula alesan nu
> > > cukup pikeun ngahukum eta si Iblis.
> > >
> > >
> > >
> > > Nya teras wae Allah nyarios ka para Malaikat yen rek
> > > nyiptakeun hiji Makhluq anyar, nya etaa Adam. Tah di na
> > > waktu harita para Malaikat ting haruleng; lantaran teu wasa
> > > kudu kumaha ? Nya di dieu si Iblis haharewosan ka Para
> > > Malaikat : Yeuh Para Malaikat, etaa nu disebut Makhluq
> > > manusa teh engke na bakal silih paehan; bakal ngajadikeun
> > > ruksak dunya; bakal nimbulkeun banjir getih ! Naha makhluq
> > > nu kitu wajaar dijaddikeun Khalifah ? Kuduna aranjeun
> > > Malaikaat nu pantes jaddi khalifah mah; atawaa tong
> > > diciptakeun we sama sakali; keur naon ? Kumaha kituh ? nanya
> > > para Malaikat; lantaran para Malaikat percaya yen Iblis
> > > sagala nyaho; da geus kanyahoan ibadahna. Cek Iblis
> > > neruskeun harewosna :"Yeuh aranjeun teh pan unggal poe ge
> > > ngan ukur tasbeh ngagungkeun Gusti ? piraku rek eleh ku si
> > > Adam ?
> > >
> > >
> > >
> > > Tah eta sigana mah Malaikat nu matak wani protes teh; tapi
> > > ku Gusti digebes yen para Malaikat loba pisan ka teu
> > > nyahona; jadi Gusti nu Langkung uninga. Nu Maha sagalana.
> > > Para Malaikat masih aya nu saeutik nanya bari ampun2an sieun
> > > dibendon ku Gussti : Pananyana nya eta ngeunaan kumaha
> > > kira2na kapinteran Adam ? Nu saterusna Ku Gusti diadu jeung
> > > Adam; kanyataan paara Malaikat eleh; nya maranehna sujud ka
> > > Adam; Iblis mah tetep teu daek sujud.
> > >
> > >
> > >
> > > Jadi ayana Nyiptakeun Adam teh sanyatana pikeun ngabuktikeun
> > > MAKARNA atawa rek makarna si Iblis; sakaligus memang Adam
> > > jeung turunanana tos aya di na Program Allah.
> > >
> > > Ku sabab geus bukti ayeuna mah, yen Iblis rek makar,
> > > nangtang; nya bisa wae harita keneh dihukum; tapi Allah
> > > tetep nunda hukuman nempo heula ketak si Iblis; masing Gusti
> > > tos Uninga oge, tapi pan saksi mah teu arapaleun ( Malaikat
> > > jeung Adam ) . Tah di dinya si IBLIS seuri ngagakgak; yen
> > > masing enya oge Iblis salah; sok rek kumaha Allaah cenah
> > > ngahukum uing ?
> > >
> > > Nyata ! Sanggeusna si Iblis nyakakak ngarasa meunang …
> > > ujug2 kulupruk we manehna teu daya teu upaya ; ngarasa
> > > leuleus letek jeung sagala karasa , Nyeri peeurih nu taya
> > > wates wangenna; dimana tadina mah teu ngarasa naon2. Ayeuna
> > > si Iblis ngarasa sieun nu kacida sieunna; nya manehna
> > > aluk2an ceurik ampun2an; menta2 hukumanana ditunda (nya eta
> > > kasaktianana dicabut). Gusti nedunan pamentana; terus
> > > kasaktian si Iblis dibalikeun deui.
> > >
> > > Si Iblis gancang we ngacir. Lantaran ayeuna mah maphum jeung
> > > apal pisan ka na Maha Kawasana Allaah; Maha Perkasana Allah;
> > > manehna kacida sieunna; tapi parandene kitu manehna tetep
> > > hayang nembongkeun kahebatan ana ka Para Malaikat; manehna
> > > bari ngacir, bari susumbar; yen manehna bakal
> > > ngaganggu/ngagoda ka Adam jeung turunanana.
> > >
> > > Ku Gusti nu ieu ge diidinan; ngan wae aya watesna cenah; yen
> > > si Iblis keukeuh kudu dihukum; nya eta kasaktianana leungit;
> > > bakal jadi nyicingan naraka sa endeng2; bakal ngarasakeun
> > > peurihna disiksa. Si Iblis bari ngarandeg tumaros ka Gusti :
> > > Iraha Gusti eta teh ? Gusti nyaur yen waktuna nya eta saat
> > > KIAMAH. Ari Kiamah iraha ? Saur Gusti : Waktu diantara
> > > manusa euweuh deui nu iman !
> > >
> > > Gebeg deui wae si Iblis; emh mun ku aing digoda terus pada
> > > teu ariman; atuh meureun ngan sakeudeung kasaktian uing
> > > leungit ? wah ! Bingung si Iblis.
> > >
> > > Tapi waktuna Adam aya di sawarga, si Iblis ngurunyung deui
> > > sanggeus ratusan taun nenangkeun diri; terus manehna rek
> > > nyoba ngagoda ka Adam. Nu harita mah geus aya Eva/Hawa.
> > >
> > > Iblis ngawujuk Adam supaya ngadeukeutan tangkal larangan (
> > > buah larangan ). Tah di palebah dieu aya nu napsirkeun yen
> > > buah larangan teh nya eta simbolik tina saresmina Adam jeung
> > > Eva disurga; nepi ka Eva ngandeg. Kasaksi ku sadayna mah
> > > Allah bendu terus ngusir ka Adam jeung Hawa supaya
> > > kabehanana indit ti sawarga kudu ka Bumi ! ( Adam/Eva kaasup
> > > Iblis ). Teras Allah oge ngutuk Adam yen turunanana bakal
> > > silih arah, silih musuhan.
> > >
> > > Adam/Hawa ceurik2 menta ampun; mya saur Gusti maneh
> > > dihampura; tapi keukeuh kudu ka dunya heulaa; engke bisa
> > > balik deui ka dieu; sanggeus diuji; maraneh sabaagian aya nu
> > > jaddi kokoncod Ibliss; nya asup ka naraka; sawareh baakal
> > > aya nu baalik deui ka sawarga; kumaha lulus henteuna ti
> > > ujian. Kitu dawuh Gusti. Ari Iblis nyakakak asa sukses nipu
> > > Adam, bari ngajejeleh Gusti. Tapi Gusti ngadawuh; yen memang
> > > sagalana ge geus asup PROGRAM Tuhan.
> > >
> > > Allaah mere kasempetan ka Iblis ngagoda Adam/manusa; hartina
> > > Allah teu jalir kaa Iblis; mere kaasempetan ka Iblis. Atuh
> > > hukuman ka adam, memang cocog pisan sareng program Allah, nu
> > > bakal ngajadikeun Adam khalifah di BUMI ! Para Saksi ( nya
> > > eta Malaikat ) ngan ukur bisa enggal sujud sareng tasbih ka
> > > Gussti; yen akhirna memang program Allaah nu jalan mah.
> > >
> > > Ti harita Iblis ku sabab era ku para Malaikat cicingna di
> > > bumi ping pitu; arang pisan mucunghul; ngan anak buahna nu
> > > ngagoda turunan Adam sacara rutin ( syaithan tea ).
> > >
> > > Tah kitu tapsiran ayat 30 nepi ka 37 teh. Wallahualam.
> > >
> > >
> > >
> > > HANCA16
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> >  
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke