Sampurasun, Tah geuning Bah Anom Oca gugah.... Mugia sadayana aya dina ginanjar kawilujengan. Perkawis "AING" dina diri, sim kuring dina tahun 1995 ngadamel "Setra Karesmen" anu dijejeran ku mitra Tembang Cianjuran " Kancana Sari " pingpinan sdrk. Endang Sukandar S.Sen, MA, judulna " Nyungsi Sajatining Diri". Ieu teh kenging nyarungsum tina seratan karya "RH. Sulaeman" sareng "RH.H.Mustopa" (tahun 1901) ti Tarogong (Selaawi) Garut. Sabagian tina rumpakana mangga kasanggakeun tiasa diuninga dina lampiran kumargi panjang. Upami baraya hoyong kagungan lengkep bari ngadangukeun mamaos ku wanda Tembang Cianjuran, tiasa nyuhunkeun wae ka "Radio Baraya Sunda", anu kagungan arsipna. Eta teh sok disiarkeun dina sasasih sakali ku Kang AHAM Sastra (pun adi). Mugia aya mangfaatna. Cag
________________________________ From: Ahmad Hazairin <[email protected]> To: "[email protected]" <[email protected]> Sent: Monday, July 22, 2013 7:38 AM Subject: Re: [kisunda] Re: Trs: Spam RE: [Urang Sunda] Sawarga Sae pisan, alhamdulillah.... "SAHA ATUH SI 'AING' TEH ? NYETA ANU "LEUWIH DEUKEUT BATAN BATAN URAT BEUHEUNG" SORANGAN TEA LAH !" "Si aing palsu", karana sasab: aya panto-panto indrawi, jalan asup, trus kana pikiran, trus namper dina parasaan, trus ngaguluntung jadi ego. Tina ego jadi asa aya si aing, si aing asa boga itu jeung ieu. Tapi jalma anu maluruh diri, bakal manggihan yen si aing teu euweuh. Anu aya oge "SI AING" anu leuwih deukeut tibatan urat beuheung sorangan. Alhamdulillah, hatur nuhun. Wallahu'alam Febi === ________________________________ Von: Roza R. Mintaredja <[email protected]> An: [email protected] Gesendet: 2:49 Montag, 22.Juli 2013 Betreff: [kisunda] Re: Trs: Spam RE: [Urang Sunda] Sawarga SAMPURASUUUN ! HAMPURA INGSUN...._/i\_ SA-WARGA. SA WA RA GA HARTINA SAKUMPULAN MANUSA ANU GEUS HARTI KADIRI NA. WARGA ,TEU ASAL WARUGA NA WUNGKUL , TAPI OGE JEUNG SUKMA NA ANU GEUS GUMULUNG SATANGTUNG ,TANGTUNGAN DINA KAMANUSAAN. NGAWARUGA SUKMA NA, NGARAGASUKMA ...SA WA RAGA, SAWARUGA DINA HARTI MANUNGGALING KAWULANING GUSTI. GEUS EUWEUH JARAK ANTARA ABDI GUSTI JEUNG GUSTI ABDI . MANUSA ANU GEUS HARTI KA "DIRI" NA, NYETA GEUS APAL SAJATINING DIRI NA, SAJATINING MANUSA NA. LIEUR AH........ KE KE KE...TAPI NAHA ATAWA KUNAON NEPI KA AYA HIJI KARAJAAN DISEBUT / DINGARANAN "KADIRI" (KEDIRI) ? BEUH ! SAJATINING DIRI NYETA MANUSA ANU GEUS WANOH ANTARA 'AING' JEUNG SI 'AING' NA. SAHA ATUH SI 'AING' TEH ? NYETA ANU "LEUWIH DEUKEUT BATAN BATAN URAT BEUHEUNG" SORANGAN TEA LAH ! JADI OMAT, ULAH NEANG KA LUARRRR...SABAB BAKAL SASAB KUMAHA CARA NA? LOBA PADIKA/METODA JEUNG BAG-BAGAN CARANA. KI YAYI, KAI , KAI TEH TUTUWUHAN TANGKAL ANU PADET, HEURAS, TANGTUNGAN KA "RUHUR"NA. TANGKAL NAON NGARANNA? TANGKAL "JATI" SAWARGA, SAWARUGA TEH GEUNING AYA DINA AWAK MANUSA MANUSA ANU GEUS APAL , MANUSA ANU GEUS NYAHO DI NYAHONA MANUSA ANU GEUS WANOH MANUSA ANU GEUS GUMULUNG JEUNG ... SA JATI NING DIRI NA !!! KI SANAK, KI YAYI, KI DULUR... GEURA GUAR, GEURA TEANG SI "AING" MARIKITAHAYUUUUUUUU......! CAG RAMPES NUN. RAMPA SALIRA ! NHN*R3M
