SAMPURASUUUN ! HAMPURA INGSUN...._/i\_

SA-WARGA. SA WA RA GA
HARTINA SAKUMPULAN MANUSA ANU GEUS HARTI KADIRI NA.

WARGA ,TEU ASAL WARUGA NA WUNGKUL , TAPI OGE JEUNG SUKMA NA
ANU GEUS GUMULUNG SATANGTUNG ,TANGTUNGAN DINA KAMANUSAAN.

NGAWARUGA SUKMA NA, NGARAGASUKMA ...SA WA RAGA, SAWARUGA
DINA HARTI MANUNGGALING KAWULANING GUSTI.
GEUS EUWEUH JARAK ANTARA ABDI GUSTI JEUNG  GUSTI ABDI .

MANUSA ANU GEUS HARTI KA "DIRI" NA,
NYETA GEUS APAL SAJATINING DIRI NA, SAJATINING MANUSA NA.

LIEUR AH........
KE KE KE...TAPI NAHA ATAWA
KUNAON NEPI KA AYA HIJI KARAJAAN DISEBUT / DINGARANAN "KADIRI" (KEDIRI) ?
BEUH !

SAJATINING DIRI NYETA
MANUSA ANU GEUS WANOH ANTARA 'AING' JEUNG SI 'AING' NA.
SAHA ATUH SI 'AING' TEH ?

NYETA ANU "LEUWIH DEUKEUT BATAN BATAN URAT BEUHEUNG" SORANGAN TEA LAH !

JADI OMAT, ULAH NEANG KA LUARRRR...SABAB BAKAL SASAB

KUMAHA CARA NA?

LOBA PADIKA/METODA JEUNG BAG-BAGAN CARANA.

KI YAYI, KAI ,
KAI TEH TUTUWUHAN TANGKAL ANU PADET, HEURAS, TANGTUNGAN KA "RUHUR"NA.
TANGKAL NAON NGARANNA?
TANGKAL "JATI"

SAWARGA, SAWARUGA TEH GEUNING AYA DINA AWAK MANUSA
MANUSA ANU GEUS APAL ,
MANUSA ANU GEUS NYAHO DI NYAHONA
MANUSA ANU GEUS WANOH
MANUSA ANU GEUS GUMULUNG
JEUNG ...
SA JATI NING  DIRI NA !!!

KI SANAK, KI YAYI, KI DULUR...
GEURA GUAR, GEURA TEANG SI "AING"

MARIKITAHAYUUUUUUUU......!


CAG RAMPES NUN.   RAMPA SALIRA !

NHN*R3M

Kirim email ke