Ti harita
Purnawarman geus ngarasa betah cicing di eta tempat, nu bener2 mamur subur
lohjinawi pisan; ku usaha manehna jeung ku para ponggawana akhirna manehna bisa
ngadegkeun karajaan leutik di eta tempat; nu dingaranan Tarumanagara; lantaran
waktu ngabukbak di dinya loba pisan tangkal tarum .
Purnawarman,
nyata lain wae jago di na perang pupuh ; tapi oge enyaan pamimpin nu bisa
ngayoman ka rahayat; manehna mingpin para ponggawana supaya daek digawe bareng
jeung rahayat; Purnawarman marentahkeun supaya nyieun “irigasi” basajan pikeun
nyukupan cai keur sawah2 rahayat; atuh nya hasilna mucekil pisan.
Raja
Purnawarman, enya ge dipikasieun jeung dipikaserab ku sanagri, tapi can pernah
ngalakukeun pagawean nu teu parok jeung batur; atawa maksa pirusa ka rahayat
leutik. Ku sabab kitu kahirupan di nagri Tarumanagara kacida aman tengtremna.
Enyaan sepi paling towong rampog teh lain ngan ukur babasan wungkul. Atuh
rahayat teh ayeuna mah enyaan tumut pisan ka na parentah Rajana; lain ku sabab
Purnawarman Raja Gung binaturata; tapi memang Purnawarman Raja adil paramaarta;
atuh puguh we kabeh rahayat taluk nepi ka hate2na.
Purnawarman
ge ngawangun palabuan nu deukeut ka laut; oge nitah rahayat jeung para
ponggawana samiuk ngahiji keur nyieun parahu2 nu galede; atuh nya ti harita
Tarumanagara jadi nagari gede, nu dipiserab ku nagara2 nu dareukeut; tapi da
Purnawarman mah resep keneh mimitran jeung nagara2 nu dareukeut teh; embung
nyieun sikep mumusuhan. Atuh lain ngan ukur di Tarumanagara wae ngaran
Purnawarman seungit; malah kasohor ka mancanagara ; kaceluk ka awun2 kawentar
ing janapriya dina kaadilan jeung kawijakanana.
Ku sabab
sakitu loba nagara2 nu boga hubungan mimitran jeung Tarumanagara; malah nagara
nu kasohor gede nya eta HAN Dynasti di Nagri China ngirimkeun wakilna; hayang
nyaho kaayaan Purnawarman nu sakitu kasohorna jeung sakalian Tarumanagara na.
Utusan ti
nagri China datang mawa parahu nu kawilang gede, keur ukuran jaman harita mah;
nu tarurun ti kapal nepi ka ngaratus, lengkep nuduhkeun yen maranehna utusan
resmi Han; dipimpin ku diplomat nu ngaranna Fa Hien.
Utusan
China, mawa misi utamana mah keur hubungan dagang jeung lalu lintas laut;
maranehna ditarima kalawaan resmi ku Sang Prabu Purnawarman; maranehna enyaan
ditarima kalawan daria pisan, lantaran Purnawarman malum loba pisan
kauntunganana di na hubungan jeung Nagara samodel HAN mah; jadi eta para tamu
ditarima teu jauh ti karaton Tarumanagara; nu ngadadak diwangun keur narima eta
tamu kahormatan tea. Waktu para rahayat jeung ponggawa Tarumanagara ngawangun
eta wangunan2 pikeun tamu; rundingan mah terus jalan teu pisan kaganggu; waktu
ahirna rengse Fa Hien mani kaget pisan; ngan ukur tempo sapoe eta wangunan teh
geus bisa dipake kalawan genah, keur ukuran jaman harita.
Fa Hien
nanya ka Raja Purnawarman, kumaha carana marentah rahayat supaya ngalakukeun
kahayang Raja ? Naha dipaksa atawa dibayar gede ? Raja kalem we ngajawab, yen
rahayat Tarumanagara sadar yen eta wangunan teh keur kapentingan sarerea,
kaasup nu digawe; jadi maranehna digawe kalawan soson soson pisan; malah siga
nu parebut hayang digawe di dinya. Fa Hien ngan ukur gogodeg bari satengah
percaya, narima walonan Raja Purnawarman teh. Terus nanyakeun waktu ngawangun
Bandara/Palabuan kumaha tah ? Nya sarua jeung ngawangun imah keur tamu; sarerea
samiuk digawe babarengan. Beuki cangcaya we ki Fa Hien teh.