Turutan tuh Babah, Arab, urang Eropah Kang Supti.
Maranehanana mah rek nyina, ngarab, ngeropah teh ning teu kudu ku ngahekok
wae di lemburna. Di pangumbaraan ge wani nyina, ngarab, ngeropah.

Jadi rek nyunda ge urang teh teu kudu ulukutek wae di lembur. Di lembur
batur ge bisa nyunda.

Tah keur diajar nyunda di lembur batur, asana da gampang pisan carana teh.
Cukup ku boga kawani nulis naon wae nu kapanggih, kaalaman, karasa ku urang
make basa Sunda. Kirimkeun ka milis. Tah eta ge sarua hiji jalan pikeun
nyunda.

Hehehe.

2013/9/2 Gmail (d.supti) <[email protected]>

> **
> matak waas matak kelar yeuh anggitan teh, bah!
> hanjakal abdi mah tebih biheung tiasa mulang sing mulang ge tebih ti
> puseur kasundaan.
> sambung dua ti katebihan...
>
>  *From:* Abbas Amien <[email protected]>
> *Sent:* Monday, 02 September, 2013 10:58
> *To:* urangsunda <[email protected]>
> *Cc:* kisunda <[email protected]>
> *Subject:* [Urang Sunda] Dangdanggula HBH2013
>
>
>
>   Ha Be Ha an di na hiji wanci,
> Anggotana milis Urang Sunda,
> Ngarumpul di hiji balong,
> Mang Kabayan nu gaduh,
> Someahna mani kaciri,
> Nyambut urang sadaya,
> Anu sami ngumpul,
> Ngarumpul babarayaan,
> Pada ihlas ti lahir nepi ka batin,
> Matak reueus sadaya.
>
> Hanjakalna saeutik nu sumping,
> Ku lantaran lobana hahalang,
> Nu daptar teu sumping kabeh,
> Ngan acara mah terus,
> Henteu pisan rengrot saeutik,
> Dipimpin ku jang Kandar,
> Jang Ikmal ngabantu,
> Sadayana suka bungah,
> Bisa panggih jeung batur baraya milis,
> Milisna urang sunda
>
>
> Abah Oman, kang Yani teu sumping,
> Mj oge sinareng kang Hasan,
> Sami sami pada absen,
> Jang Dik dik oge kitu,
> Sami sami teu yasa sumping,
> Tapi aya gantina,
> Nu anyar ngarumpul,
> Saperti kang febi Ahmad,
> Cece Yunus sareng seueur seueur deui,
> Di balong mang Kabayan.
>

Kirim email ke