Fa Hien
rencanana ngan ukur sabulan di Tarumanagara na teh; tapi ngareungeu jawaban2
Raja nu cek pikir manehna mah mustahil; jadina manehna panasaran; naha enya
kitu ? jeung aya kapanasaran sejenna deui.
Raja
Purnawarman teh kasohor gagah perkasa; ku sabab sakitu Fa Hien hayang nguji
naha eta carita teh digede gedekeun atawa kanyatanana kitu? Manehna ti Tiongkok
mawa loba pisan jelema; diantarana ngahaja mawa guru2 ahli Silat, nu sohor di
China waktu harita. ( harita mah Bu Tong Pay; Siau Lim Pay; Khong tong Pay; Go
Bie Pay; Kun Lun Pay; jeung Hoasan Pay can aya ). 
Lima jagoan
silat KunTauw dibawa ku Ki Fa Hien pikeun nguji kasaktian Raja Purnawarman; nya
na hiji waktu Fa Hien nyarita ka Raja Purnawarman, rek ngajajal jago Silat
Tarumanagara; Sang Prabu mafhum yen si Fa Hien saenyana mah nangtang ka Raja;
tapi Raja Purnawarman ngan ukur mesem we; tapi terus we marentahkeun jagoan2
petingan ti Tarumanagara sayaga pikeun adu jago jeung pesilat Tiong Kok.
 Demi eta guru2 Silat Kuntauw Cina teh, memang
jagoan petingan pisan, enya ge di Tiongkokna mah, masih aya jago nu teu eleh ku
sasaha, tapi hese diajakna; nya lima guru silat ieu nu dibawa ku Fa Hien teh.
Nu kahiji
disebutna si Bayangan setan Lau Hok; nu kadua si Cakar beusi  Liok Kong; nu 
katilu si Pelor Petir Oey Gok ;
nu kaopat si Tinju Geledeg Lim Biau ; jeung kalima  Si baju Beusi Liang Bu.
Dina dua poe
tarung can aya hiji ge Pahlawan Tarumanagara nu bisa nandingan ieu nu lima
jagoan; paling banter si kumis baplang masih bisa nahan nepi ka 10 jurus; nu
sejenna mah ting jarungkel ku sajurus dua jurus ti ieu lima jago China.
Tarungna nu limaan bagilir ngalawan jago2 ti Tarumanagara.
Poe katilu
Fa Hien nangtang yen tarungna meunang make hurupan; masing hiji lawan sapuluh
ge moal teu dilayanan cenah. Ayeuna mah kaciri beungeut Raja Purnawarman rada
beureum tanda rada keuheul, nenjo anak buahna euweuh nu bisa diandelkeun.
Nyatana dihurup ku sapuluh ge tetep we lima jagoan China nu meunang. Fa Hien
kaciri bungah pisan, terus nyarita yen sigana mah mun aya nu nyaritakeun yen 
urang
Tarumanagara jagoan; eta mah ngan ukur dongeng.

Kirim email ke