[Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda?

2007-12-11 Terurut Topik Roro Rohmah
Waduh*geuning aya nu namina Mang Endang didieu?* heug, abdi kamari 
ngagumujengkeun nami Éndang & Endang* Neda dihapunten bilih ngajantenkeun 
renghat kana manah, teu pisan2, da etamah mung conto.
 
baktos,
ro2.
 
 
Re: Bls: [Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda? 
 
Haturan Kang Hasan  :)
 
Jigana muhun Kang urang kutei teh masih keneh aya teureuh urang Banjarsari 
atawa masih keneh aya teureuh urang Cibaduy ut  :)
 
Cobian we taroskeun ka urang Kuteina, tepang teu kituh ka Mang Eman urang 
Banjarsari atawa ka Kang Endang urang Cibaduy ut  heuheuheuheu
 
baktos
Kebo
 
- Original Message - 
From: mh 
To: urangsunda@yahoogroups.com 
Sent: Tuesday, December 11, 2007 3:56 PM
Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda?
 
uluh aya pian akang edi geuning euy. kungsi dina hiji adu renyom, aya nu 
ngabandingkeun basa sunda jeung basa banjar, tetela loba nu ampir sarua. dalah 
kecap /bujal/ badul oge, aya dina kosakecap basa banjar. jeung sarua deuih 
raresep nyandungna. duka kumaha ngajelaskeunana tah. naha aya patalina kitu 
jeung mangsa jaman tarumanagara di tatar sunda jeung kutai di borneo. teuing 
tah. (mh) 
 


Re: [Urang Sunda] Museum Oto Iskandar Dinata

2007-12-11 Terurut Topik kumincir
 Perlu teu perlu, Ua... Ari maksudna pikeun ngawadahan sarupaning mah nya
sigana perlu, tapi perlu diemut deui, naha perlu ngadegkeun hiji musieum
anyar atawa ngembangkeun ti nu geus aya (misalna di Musieum Sri Baduga
keneh, tapi ngadamel hiji unit atawa rohangan husus anu eusina bagbagan
urang Sunda kiwari.

Anapon eusina, nya panginten profil manusa2 Sunda petingan anu onjoy dina
widangna atawa anu gaduh jasa, boh tingkat antarbangsa, nasional, atawa
masarakat lokal. Lengkepna mah dugi ka biografina, poto2, malah mun perlu
mah didamel patungna sakalian, siga patung Haji Prawatasari anu tegep di
TMII (cenah, kakara nempo potona dina buku Aan MP). Tapi mun dipatungan,
patungna kudu alus, ulah nu jore (atawa patungna siga di musieum lilin di
... geuning). Anu penting, tangtu kaonjoyanana, boh karya atawa pikiran2ana
anu nyongcolang, kedah pisan dipedar.

Oh muhun, perkawis ngaran, kuring teu satuju sareng JP anu ngusulkeun ngaran
'otista'. Mun bade oge 'Jalak Harupat', atawa ngaran lengkep sakantenan.

On 12/10/07, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>Nyambung tulisan samemehna anu subyekna "Tamu Jeung Ngobrol
> Sabulangbentor", ieu mah lamun tea enya aya niat nyieun Museum Oto Iskandar
> Dinata, cik baraya bejaan sim kuring :
> 1. Perlu atawa henteu nyieun Museum Oto Iskandar Dinata.
> 2. Lamun perlu dina wanda anu siga kumaha eta museum teh.
> 3. Kira-kira naon bae eusina eta museum, tangtu salian ti dokumen ngeunaan
> Oto, perjuangan jeung nasibna.
> 4. Kira-kira legana sakumaha jeung dimana tempatna anu merenah, di
> Bandung, di kota sejen atawa di mana..?
> 5. Enya disebutna Museum Oto, tapi bisa bae lamun didinya dianggap
> museumna jalma pinter urang Sunda, Juanda, Sewaka, Mochtar Kusumaatmaja
> jste, kumaha lamun kitu..?
> Perluna ieu mah lamun tea mah aya barudak Sunda nu hayang nyaho saha ari
> intelelektual Sunda nya sina asup we ka museum Oto, atuh kitu deui samisal
> DAMAS, anu jadi anggota DAMAS teh kudu apal kudu nyaho jero-jerona
> pikiran-pikiran intelektual Sunda, lamun geus tamat maca dina mimitran
> kakara bisa daku jadi anggota.
> Jadi harti museum didieu lain ngan sakadar ningali jentulna arca jaman
> baheula, jentulna artefak jaman bihari, tapi leuwih nyoko kana pola pikir,
> jeung pikiran-pikiran kaayeunakeun bari jeung tetep teu mopohokeun Sunda,
> ngan lain Sunda anu rimbil ku mistik. Ieu museum teh keur maturan Museum
> Barli dina widang lukis, sugan we saenggeus ditambahan ku museum Oto sugan
> renung anu sejen.
>


Re: [Urang Sunda] Museum Oto Iskandar Dinata

2007-12-11 Terurut Topik Jalak Pakuan
Biography Otista panginten tiasa janten referensi utami sareng tangtos 
referensi ti turunan Otista nu masih araya, jareneng keneh kalebet Nia Di Nata.
 
Makarya Mawa Raharja



- Original Message 
From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Tuesday, December 11, 2007 10:41:08 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Museum Oto Iskandar Dinata

Hatur nuhun, leres kitu pisan.
Ieu mah mung saukur sounding ka balarea, pedah kang Iip nuju nalungtik perkawis 
Oto. Sareng deuih sim kuring teh  disuhunkeun ngadamel seratan perkawis museum 
Oto, leres nembe dina tataran ide.
Hatur nuhun ku nyebat sae oge kana ieu ide, eta pisan anu diantos, sahenteuna 
aya nu ngarojong. 
Sedengkeun ieu seratan teh kedah beres dinten jumaah, ayeuna nuju ngempelkeun 
heula bahan. Anu tos kapendak :
Oto anu ngawitan ngusulkeun Sukarno Hatta janten Presiden sareng Wakil Presiden.
Pekik "Indonesia Merdeka" anu saterasna Merdeka eta ge ti Oto.
Pembentukan PETA (Pembela Tanah Air) dukungan ti Oto
Mikacinta teh kahiji ka Ibu anu kungsi ngandung, kadua ka Ibu budak urang 
(istri) katilu mikacinta ka Ibu Pertiwi, nu kahiji kudu ngelehan keur 
kapentingan nu kadua, nu kadua kudu ngelehan keur kapentingan nu katilu.
Paguyuban Pasunda ngalaman golden age jaman Oto janten ketuana, aya tilu 
garapan nyaeta pendidikan, sosial sareng ekonomi.
Pikiran-pikiran Oto dina wangun pidato-pidato masih bacacaran dina media jaman 
harita, sapertos Cahaya, Sipatahunan.
Dihenteu-henteu saleresna Oto tiasa janten bapana Tentara Indonesia, da waktos 
Bung Karno ngadamel panitia kecil perkawis BKR/ Barisan Pelopor, Oto janten 
panitia-na.
Sste.
 
MSas
 
- Original Message - 
From: Jalak Pakuan 
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com 
Sent: Wednesday, December 12, 2007 12:13 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Museum Oto Iskandar Dinata


Uas sae ideuna, mung tantanganana teu kirang ageungna pami bade ngadegkeun 
museum mah, utamina ngayakeun gedong/tempat sareng koleksina. 
 
Pami bade ngeureuyeuh mah atuh kawitan ti Museum na internet, teras di 
pabukonkeun, pami siap nembe ngadegkeunm museum lengkep sakumaha nu umum. 
Museum na internet tiasa panginten ngadamel website khusus ngeunaan intelektual 
sunda nu dingaranan Museum Otista, saterasna ngadamel pabukon Otista khusus 
koleksi intelektual sunda, nya engkena dinaekeun pangkatna janten museum Otista.
 
Ieu tiasa nyonto ka urang Malaysia nu ngadamel Muzeum Keris di internet teras 
ngagaleuhan keris-keris kuno ti Nusantara, ke geura 2010an nu bade 
diajar/nalungtik keris inditna ka Museum Keris nu ayana di Kedah Malaysia sanes 
di Taman Mini Indonesia. Dina Kompas Malaysia tos ngawujudkeun Pusat Kebudayaan 
Melayu, koleksina naskah2 Melayu kuno meunang meulian ti Riau, Jambi jeung 
daerah2 lain di Indonesia.
 
Janten narekahan ngadegkeun museum tiasa dingawitan ngadamel website teras 
fokus koleksi pabukon. Eta lengkah ideal kumargi sakalian ngawangun 
masyarakatna, pami langsung jleg ngadeg museum biasana sepi, sakedik nu gaduh 
interest/minat da masyarakatna tacan aya.
 
banzai!
JP
 




  

Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping

Re: [Urang Sunda] Museum Oto Iskandar Dinata

2007-12-11 Terurut Topik MSasmita
Hatur nuhun, leres kitu pisan.
Ieu mah mung saukur sounding ka balarea, pedah kang Iip nuju nalungtik perkawis 
Oto. Sareng deuih sim kuring teh  disuhunkeun ngadamel seratan perkawis museum 
Oto, leres nembe dina tataran ide.
Hatur nuhun ku nyebat sae oge kana ieu ide, eta pisan anu diantos, sahenteuna 
aya nu ngarojong. 
Sedengkeun ieu seratan teh kedah beres dinten jumaah, ayeuna nuju ngempelkeun 
heula bahan. Anu tos kapendak :
Oto anu ngawitan ngusulkeun Sukarno Hatta janten Presiden sareng Wakil Presiden.
Pekik "Indonesia Merdeka" anu saterasna Merdeka eta ge ti Oto.
Pembentukan PETA (Pembela Tanah Air) dukungan ti Oto
Mikacinta teh kahiji ka Ibu anu kungsi ngandung, kadua ka Ibu budak urang 
(istri) katilu mikacinta ka Ibu Pertiwi, nu kahiji kudu ngelehan keur 
kapentingan nu kadua, nu kadua kudu ngelehan keur kapentingan nu katilu.
Paguyuban Pasunda ngalaman golden age jaman Oto janten ketuana, aya tilu 
garapan nyaeta pendidikan, sosial sareng ekonomi.
Pikiran-pikiran Oto dina wangun pidato-pidato masih bacacaran dina media jaman 
harita, sapertos Cahaya, Sipatahunan.
Dihenteu-henteu saleresna Oto tiasa janten bapana Tentara Indonesia, da waktos 
Bung Karno ngadamel panitia kecil perkawis BKR/ Barisan Pelopor, Oto janten 
panitia-na.
Sste.

MSas

  - Original Message - 
  From: Jalak Pakuan 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Wednesday, December 12, 2007 12:13 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Museum Oto Iskandar Dinata


  Uas sae ideuna, mung tantanganana teu kirang ageungna pami bade ngadegkeun 
museum mah, utamina ngayakeun gedong/tempat sareng koleksina. 

  Pami bade ngeureuyeuh mah atuh kawitan ti Museum na internet, teras di 
pabukonkeun, pami siap nembe ngadegkeunm museum lengkep sakumaha nu umum. 
Museum na internet tiasa panginten ngadamel website khusus ngeunaan intelektual 
sunda nu dingaranan Museum Otista, saterasna ngadamel pabukon Otista khusus 
koleksi intelektual sunda, nya engkena dinaekeun pangkatna janten museum Otista.

  Ieu tiasa nyonto ka urang Malaysia nu ngadamel Muzeum Keris di internet teras 
ngagaleuhan keris-keris kuno ti Nusantara, ke geura 2010an nu bade 
diajar/nalungtik keris inditna ka Museum Keris nu ayana di Kedah Malaysia sanes 
di Taman Mini Indonesia. Dina Kompas Malaysia tos ngawujudkeun Pusat Kebudayaan 
Melayu, koleksina naskah2 Melayu kuno meunang meulian ti Riau, Jambi jeung 
daerah2 lain di Indonesia.

  Janten narekahan ngadegkeun museum tiasa dingawitan ngadamel website teras 
fokus koleksi pabukon. Eta lengkah ideal kumargi sakalian ngawangun 
masyarakatna, pami langsung jleg ngadeg museum biasana sepi, sakedik nu gaduh 
interest/minat da masyarakatna tacan aya.

  banzai!
  JP
   
   


[Urang Sunda] Re: Sawala Manakiban di PSS

2007-12-11 Terurut Topik Oman Abdurahman
Ralat saeutik, dina postingan kuring tiheula, bagean dihandap ieu: 

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> 
> Muga-muga wae manaqiban di PSS ieu laju jadi panglumpatan, 
nostalgia 
> kana kaasyikan ibadah ritual. Amin. Wilujeng.
> 
 
==>kuduna: Muga-muga wae manaqiban di PSS ieu laju teu ukur jadi 
panglumpatan, nostalgia kana kaasyikan ibadah ritual. Amin. Wilujeng

baktos,
manAR
> --- In urangsunda@yahoogroups.com, "MSasmita"  wrote:
> >
> > Kang Mgt. Mangga diantos pisan, teu langkung bade "ngahadirkeun" 
> Ajengan Maman oge, malih sae we upami kersa hadir teh. Mung biasa 
> pan sawala di PSS mah sanes sawala terbatas, sanes sawala jugala, 
he 
> he...kalebet "susuguhna".
> > 
> >>




Re: [Urang Sunda] Tamu Jeung Ngobrol Sabulangbentor.

2007-12-11 Terurut Topik MSasmita
Moal dijaprikeun ah, eta mah tutungkusan pribadi.
Aya wanoja lenjang turunan Arab, nalungtik perkara komunikasi antara anu nikah 
Sunda sareng Arab.
Osok ka rorompok teh pedah sok maca buku-buku perkara Sunda, dina hal adatna 
(kabiasaan) urang Sunda.
Polikronikna urang Sunda teu sabaraha lamun dibandingkeun sareng polikronikna 
urang Arab.
Contona cenah salakina Arab, istrina urang Sunda, hiji waktu salakina ngajak  
ka ondangan berangkat teh kira-kira rek jam 10 isuk-isuk. Puguh we istrina tos 
dangdan samemeh jam 10, tapi jadina berangkat jam 4 sore. Istrina 
ambek-ambekan, ari ceuk salakina kapan poe ieu keneh lain isukan. Tapi cenah 
eta rumahtanggana tetep runtut raut. Tah ieu nu nuju ditalungtik ku si wanoja 
Arab teh.

Aya deui wanoja rada eraan ti Psikologi Unpad, mukaan buku buku Sunda, ari dur 
magrib ngiring solat, beres solat ngadoana lami pisan, beres ngadoa teras 
amitan, puguh we sim kuring rada kerung, na ari maca bukuna sakolepat, naha 
naon anu dibacana?.
Lantaran panasaran nerus nanya ka inyana, bari saduksaduk bisi tugenah ku 
pertanyaan, ari jawabanana teh cenah kadinya saheulaanan neangan alamatna 
heula, tos kapendak mah gampil kanggo salajengna, jadi sesuai sareng niat jadi 
teu perlu lami da tos terang alamatna.
Ceuk kuring teh leuh ieu mah sesuai sareng karakter calon psikolog atuh. Inyana 
ukur ngahehehenyaan we jol saterasna mah lami ngungkaban buku.

Tah nu ieu mah benten deui, wanoja jangkung lenjang, jolna kana mobil, nyupir 
nyalira, jol teh maksadna bade milarian hal BMC (Bandung Milk Central), atuh 
puguh sim kuring rada pungak pinguk lantaran teu pati apal dina buku naon anu 
ngamuat hal BMC, tuluy manggih buku hal Bandung taun 1926 didinya aya BMC tapi 
dina basa Walanda, ceuk inyana perluna anu basa Indonesia, atuh ku kuring buku 
buku rada lawas dituduh tuduh, samisal majalah Warga anu terbit taun 50an, 
sugan we aya didinya, ku eta budak ukur dibukaan saeutik jeung katingalna siga 
anu jarijipen malum bukuna rada belewuk. Budak teh siga anu hulang huleng, ceuk 
manehna keukeuh neangan buku anu aya BMCna.
Ku kuring rada dikolongan "Ari Eneng urang Bandung..?" manehna unggeuk, ceuk 
kuring deui "Sok nyeuseuh nyalira...?", bari rada semu era ngajawab tara. Ceuk 
kuring deui .."Neng ari milarian bahan teh kedah enya-enya sumanget, ulah 
hoyong dihuapan bae, kedah rajin mukaan tur maca buku, ulah ngadagoan dipasihan 
batur...". Duka tah pedah rada keras omongan sim kuring, da eta budak teh teu 
aya jol deui. Enya sim kuring rada keuheul ku gayana anu siga hoyong dihuapan, 
beda pisan waktos nyanghareupan wanoja ti Surabaya anu milarian kabaya Sunda, 
eta mah dokoh pisan kana buku, unggal buku anu disodorkeun dibukaan kalawan 
gemet, nu aya patalina jeung pananlungtikan dirina dicirian, terus difoto, 
dicatet sumberna. Sapopoe ngadekul, da ceuk dirina jadwal dinten ieu mah 
didieu, atuh kuring ge teu kapalang ngahucuhkeun. Beda pisan sareng nu milarian 
BMC, ku kabeneran deuih nu leleda teh bet wanoja urang Sunda.
Tos ah...

MSas


 

  - Original Message - 
  From: Jalak Pakuan 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Wednesday, December 12, 2007 11:54 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Tamu Jeung Ngobrol Sabulangbentor.


  Wa tukang cet japri ka abdi cenah seueur oge tamu wanoja2 lenjang, sok 
carioskeun atuh wa  
   
   
   


[Urang Sunda] Re: Sawala Manakiban di PSS

2007-12-11 Terurut Topik Oman Abdurahman
Sabenerna, lamun apal kana asal-usul maksud kecap "Manakiban", 
antara "manakiban" jeung "ngadongengkeun lalakon sang eyang syekh" 
teh eta-eta keneh. "Manaqib" dina wanda ieu hartina : kautamaan. 

Aya sababara manaqib, lian ti manaqib Syekh Abdul Qodir Jaelani anu 
mashur di Tanah Jawa (Tanah Sunda ceuk US mah hehehe), sabenerna aya 
Manaqib anu sejenna, malah tingkatan para sahabat. Malah aya kitab-
kitab khusus anu medar Manaqib Syaidina Ali kw, Manaqib Syaidina Abu 
Bakar r.a, jst.

Anu matak narik ati memang kamekaran budaya manaqib ieu dina konteks 
ka Indonesiaan. Gusar-geserna prak-prakan acara manaqib ti hiji 
tempat ka tempat sejenna luyu jeung sosial budayana eta lahan 
panalungtikan anu ngemploh pisan. Ngan lain perkara gampang. 
Sahenteuna, dina riungan teh kudu wae aya ajengan atawa rengrengan 
praktisi anu geus biasa ngalaksanakeun manaqiban salaku narasumber.

Hal sejenna anu narik ati tina fenomena: manaqiban anu baheula nepi 
ka - di sawatara tempat - ayeuna minangka budaya Islam pilemburan 
ayeuna geus mimiti ngageser (rek) jadi budaya pakotaan oge. Aya 
naon? Aya kakosongan wanda ngalaksanakeun agama di pakotaan anu 
karasa garing (balukar pangaruh hiji dua sub madzhab dominan di 
pakotaan?) atawa kasono urang kota kana acara-acara model ritual 
saperti kitu? Wallohu 'alam.

Ngan, anu kapanggih di pakampungan anu biasa ngalaksanakeun 
manaqiban, sakapeung sok jadi asup kana babasan "Cul Dog-dog Tinggal 
Igel". Ari lalakon Syek mah hayoh dipedar nepi ka bubuk anu 
laleutikna kayaning kumaha cara tuangna, kasaktian-kasaktianana 
jeung unak-anik anu nuduhkeun kumaha hebatna sang Syekh. Tapi, 
mataholangna yen satemenna makom anu kahontal ku hiji jalmi teh taya 
lian ti bajoangna dina kamanusaan (atawa ceuk basa barudak sakolaan 
mah: dimensi sosial dina Islam) arang langka diguar atawa dijadikeun 
catetan minangka talatah anu penting tina maqiban. 

Muga-muga wae manaqiban di PSS ieu laju jadi panglumpatan, nostalgia 
kana kaasyikan ibadah ritual. Amin. Wilujeng.

manAR


--- In urangsunda@yahoogroups.com, "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Mgt. Mangga diantos pisan, teu langkung bade "ngahadirkeun" 
Ajengan Maman oge, malih sae we upami kersa hadir teh. Mung biasa 
pan sawala di PSS mah sanes sawala terbatas, sanes sawala jugala, he 
he...kalebet "susuguhna".
> 
> Kang Mamat, baruk osok manakiban..?
> Tah pangalaman eta nu perlu teh, jadi aya anu anu teu ngalakonan 
kitu. Memang aya dua istilah aya nu nyabut Pangaosan Layang Syeh aya 
oge anu nyebut Manakiban. Bedana teu sabaraha ngan ukur prak-
prakanana. Enya aya beda gumantung ka anu ngalalakokeun, jeung anu 
ngalakonan (anggap we anu ngalalakonkeun mah anu maca riwayat 
Kangjeng Syeh, ari nu ngalakonan mah anu jadi sahibulbet-na, anu 
jadi pribumina aya maksud naon).
> Tah perkara ieu pisan anu rek diguar. Lamun beda kunaon beda, 
lamun sarua naha bet sarua.
> Nuhun kana infona, ke urang jadikeun pertanyaan keur Julian Millie 
jeung Kang Iip. 
> Sok atuh "hadir" di Taman Kliningan II No.5, sugan we hadir atuh.
> 
> MSasmita
> 
> 
>   - Original Message - 
>   From: Maman Gantra 
>   To: urangsunda@yahoogroups.com 
>   Sent: Wednesday, December 12, 2007 2:50 AM
>   Subject: [Urang Sunda] Re: Sawala Manakiban di PSS
>   Insya Allah abdi dongkap, Wa.
>   Ajengan Maman ti Majalengka diulem heunteu? Sigana tiasa ngiring 
>   ngareuah-reuah. Matotoskeun pakaleng-kalengna Islam sareng 
budaya 
>   Sunda. Manawi.
> 
>   MGT
> 
>   - Original Message - 
>   From: Mamat 
>   To: urangsunda@yahoogroups.com 
>   Sent: Wednesday, December 12, 2007 7:43 AM
>   Subject: Re: [Urang Sunda] Sawala Manakiban di PSS
> 
>   Punten Ua Sas ngalempengkeun sakedik...
> 
>   Biasana anu sok "manakiban" teh pengamal Torikoh ti reh-rehan 
Syeh Abdul Qodir Jailani...
>   Anu kalakonan ku Abdi ... tara susuguh siga kieu. duka upami 
ti Jalur sejenana mah
> 
>   Dina Manakib tara kasebat-sebat "hadir" 
atanapi "ngahadirkeun".
> 
>   Manakib tara nyabit-nyabit dewi Sri... anu dibaca dina 
manakib "lalakon" atanapi "pangalaman"  Syeh AQJ kalawan eusina .
>   nya ari nyeuweunamah kana dzikir lahir jeung dzikir batin...
> 
> 
>   Punten Ua ...rada leuir biasa riweuh ku "cicing".
> 
>   Wassalam :
>   Mamat rachmat mantan jajaka kapaksa...
>




Re: [Urang Sunda] Museum Oto Iskandar Dinata

2007-12-11 Terurut Topik Jalak Pakuan
Uas sae ideuna, mung tantanganana teu kirang ageungna pami bade ngadegkeun 
museum mah, utamina ngayakeun gedong/tempat sareng koleksina. 

Pami bade ngeureuyeuh mah atuh kawitan ti Museum na internet, teras di 
pabukonkeun, pami siap nembe ngadegkeunm museum lengkep sakumaha nu umum. 
Museum na internet tiasa panginten ngadamel website khusus ngeunaan intelektual 
sunda nu dingaranan Museum Otista, saterasna ngadamel pabukon Otista khusus 
koleksi intelektual sunda, nya engkena dinaekeun pangkatna janten museum Otista.

Ieu tiasa nyonto ka urang Malaysia nu ngadamel Muzeum Keris di internet teras 
ngagaleuhan keris-keris kuno ti Nusantara, ke geura 2010an nu bade 
diajar/nalungtik keris inditna ka Museum Keris nu ayana di Kedah Malaysia sanes 
di Taman Mini Indonesia. Dina Kompas Malaysia tos ngawujudkeun Pusat Kebudayaan 
Melayu, koleksina naskah2 Melayu kuno meunang meulian ti Riau, Jambi jeung 
daerah2 lain di Indonesia.

Janten narekahan ngadegkeun museum tiasa dingawitan ngadamel website teras 
fokus koleksi pabukon. Eta lengkah ideal kumargi sakalian ngawangun 
masyarakatna, pami langsung jleg ngadeg museum biasana sepi, sakedik nu gaduh 
interest/minat da masyarakatna tacan aya.

banzai!
JP
 
Makarya Mawa Raharja



- Original Message 
From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Monday, December 10, 2007 8:03:49 AM
Subject: [Urang Sunda] Museum Oto Iskandar Dinata

Nyambung tulisan samemehna anu subyekna "Tamu Jeung Ngobrol Sabulangbentor" , 
ieu mah lamun tea enya aya niat nyieun Museum Oto Iskandar Dinata, cik baraya 
bejaan sim kuring :
1. Perlu atawa henteu nyieun Museum Oto Iskandar Dinata.
2. Lamun perlu dina wanda anu siga kumaha eta museum teh.
3. Kira-kira naon bae eusina eta museum, tangtu salian ti dokumen ngeunaan Oto, 
perjuangan jeung nasibna.
4. Kira-kira legana sakumaha jeung dimana tempatna anu merenah, di Bandung, di 
kota sejen atawa di mana..?
5. Enya disebutna Museum Oto, tapi bisa bae lamun didinya dianggap museumna 
jalma pinter urang Sunda, Juanda, Sewaka, Mochtar Kusumaatmaja jste, kumaha 
lamun kitu..?
Perluna ieu mah lamun tea mah aya barudak Sunda nu hayang nyaho saha ari 
intelelektual Sunda nya sina asup we ka museum Oto, atuh kitu deui samisal 
DAMAS, anu jadi anggota DAMAS teh kudu apal kudu nyaho jero-jerona 
pikiran-pikiran intelektual Sunda, lamun geus tamat maca dina mimitran kakara 
bisa daku jadi anggota.
Jadi harti museum didieu lain ngan sakadar ningali jentulna arca jaman baheula, 
jentulna artefak jaman bihari, tapi leuwih nyoko kana pola pikir, jeung 
pikiran-pikiran kaayeunakeun bari jeung tetep teu mopohokeun Sunda, ngan lain 
Sunda anu rimbil ku mistik. Ieu museum teh keur maturan Museum Barli dina 
widang lukis, sugan we saenggeus ditambahan ku museum Oto sugan renung anu 
sejen.
Diantos ah alokna.
 
MSasmita.



  

Be a better friend, newshound, and 
know-it-all with Yahoo! Mobile.  Try it now.  
http://mobile.yahoo.com/;_ylt=Ahu06i62sR8HDtDypao8Wcj9tAcJ 


[Urang Sunda] militer berjilbab?

2007-12-11 Terurut Topik adi sugara
Jakarta, myRMnews. Ada kabar baik bagi wanita berjilbab yang ingin mengabdi 
menjadi tentara. Markas Besar TNI sedang mengkaji aturan yang memperbolehkan 
prajurit mengenakan atri­but khas tersebut. 
   
  ”Itu nanti akan diatur, pada prinsipnya saat ini tidak ada larangan,” kata 
Kepala Dinas Penerangan Umum Markas Besar TNI, Kolonel Ahmad Yani Basuki, di 
Jakarta, kemarin. 
   
  Perwira lulusan IAIN Sunan Ampel Surabaya itu mencontohkan prajurit Korps 
Wanita Angkatan Darat di Nanggroe Aceh Darussalam yang sudah menggunakan 
kerudung. 
   
  Saat uji kelayakan calon panglima TNI, Kepala Staf Angkatan Darat Jenderal 
Djoko Santoso juga pernah ditanya soal itu. Saat menjawab, Djoko mengaku 
mengizinkan anak buahnya yang memutuskan mengenakan jilbab saat bertugas di 
lapangan. ”Tentu dengan aturan tertentu,” ujar Djoko saat itu. 
   
  Menurut Yani, doktor sosiologi militer Universitas Indonesia, Kowad di Aceh 
adalah bagian tak terpisahkan dari TNI. ”Jadi, bukan berarti karena mereka di 
Aceh terus diistimewakan sedemikian rupa.” 
   
  Perwira kelahiran Blitar, Jawa Timur itu mengakui secara spesifik belum ada 
aturan yang mengatur spesifikasi penggunaan jilbab bagi prajurit wanita. 
”Me­mang di seragam aslinya tidak berjilbab, tapi bukan berarti terus tidak 
diperbolehkan.” Anggota Komisi I (bidang Pertahanan) DPR, Suryama, me­nilai 
sikap Mabes TNI itu sebagai langkah maju. 
   
  ”Panglima yang baru harus menyosialisasikan kebijakan itu sampai level 
komandan satuan.” Sebab, dia masih mendapatkan informasi ada pelarangan bagi 
wanita muslimah di TNI yang ingin mengenakan jilbab. 
   
  Suryama menceritakan, dirinya pernah menginap di Markas Komando Pa­sukan 
Khusus (Kopassus) TNI Angkatan Darat di Cijantung. ”Mereka berlatih sejak jam 
dua dini hari, tepat saat subuh mereka berhenti dan shalat ber­jamaah. Itu 
contoh bagus dan bukti bahwa TNI menghormati hak-hak me­nunaikan ibadah 
seseorang.” 
   
  Anggota Komisi I yang lain, Al Muzammil Yusuf, menilai penggunaan jilbab 
butuh proses yang panjang. ”Panglima TNI yang baru harus bisa meyakinkan banyak 
pihak bahwa jilbab tidak menghambat tugas negara.” rm 
   
  ===
   
  leres teu??

   
-
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Re: [Urang Sunda] Re: Sawala Manakiban di PSS

2007-12-11 Terurut Topik MSasmita
Kang Mgt. Mangga diantos pisan, teu langkung bade "ngahadirkeun" Ajengan Maman 
oge, malih sae we upami kersa hadir teh. Mung biasa pan sawala di PSS mah sanes 
sawala terbatas, sanes sawala jugala, he he...kalebet "susuguhna".

Kang Mamat, baruk osok manakiban..?
Tah pangalaman eta nu perlu teh, jadi aya anu anu teu ngalakonan kitu. Memang 
aya dua istilah aya nu nyabut Pangaosan Layang Syeh aya oge anu nyebut 
Manakiban. Bedana teu sabaraha ngan ukur prak-prakanana. Enya aya beda 
gumantung ka anu ngalalakokeun, jeung anu ngalakonan (anggap we anu 
ngalalakonkeun mah anu maca riwayat Kangjeng Syeh, ari nu ngalakonan mah anu 
jadi sahibulbet-na, anu jadi pribumina aya maksud naon).
Tah perkara ieu pisan anu rek diguar. Lamun beda kunaon beda, lamun sarua naha 
bet sarua.
Nuhun kana infona, ke urang jadikeun pertanyaan keur Julian Millie jeung Kang 
Iip. 
Sok atuh "hadir" di Taman Kliningan II No.5, sugan we hadir atuh.

MSasmita


  - Original Message - 
  From: Maman Gantra 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Wednesday, December 12, 2007 2:50 AM
  Subject: [Urang Sunda] Re: Sawala Manakiban di PSS
  Insya Allah abdi dongkap, Wa.
  Ajengan Maman ti Majalengka diulem heunteu? Sigana tiasa ngiring 
  ngareuah-reuah. Matotoskeun pakaleng-kalengna Islam sareng budaya 
  Sunda. Manawi.

  MGT

  - Original Message - 
  From: Mamat 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Wednesday, December 12, 2007 7:43 AM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Sawala Manakiban di PSS

  Punten Ua Sas ngalempengkeun sakedik...

  Biasana anu sok "manakiban" teh pengamal Torikoh ti reh-rehan Syeh Abdul 
Qodir Jailani...
  Anu kalakonan ku Abdi ... tara susuguh siga kieu. duka upami ti Jalur 
sejenana mah

  Dina Manakib tara kasebat-sebat "hadir" atanapi "ngahadirkeun".

  Manakib tara nyabit-nyabit dewi Sri... anu dibaca dina manakib "lalakon" 
atanapi "pangalaman"  Syeh AQJ kalawan eusina .
  nya ari nyeuweunamah kana dzikir lahir jeung dzikir batin...


  Punten Ua ...rada leuir biasa riweuh ku "cicing".

  Wassalam :
  Mamat rachmat mantan jajaka kapaksa...
   
   


Re: [Urang Sunda] Tamu Jeung Ngobrol Sabulangbentor.

2007-12-11 Terurut Topik Jalak Pakuan
Wa tukang cet japri ka abdi cenah seueur oge tamu wanoja2 lenjang, sok 
carioskeun atuh wa  
 




- Original Message 
From: MSasmita <[EMAIL PROTECTED]>
To: urangsunda@yahoogroups.com
Sent: Monday, December 10, 2007 7:23:49 AM
Subject: [Urang Sunda] Tamu Jeung Ngobrol Sabulangbentor.

Enya, aya genahna keur kuring mah anu geus teu boga pagawean anu maneuh, 
sapopoe ngan ukur ulukutek diimah, kalan-kalan kurunyung "tamu". 
Minggu ieu diimah teh aya tukang ngecet, da kabeneran ningali cet imah geus 
rada bulukan, atuh dina saminggu mah diimah teh ngawangkong jeung tukang cet, 
sanggeus sababaraha poe digawe tukang cet teh isuk-isuk memeh prak digawe 
nanya, ceuk inyana eta katingalna sok aya bae tamu, sareng sok uplek ngobrol, 
eta teh bade naon..?.
Atuh kuring nerangkeun yen eta tamu teh anu nareangan buku buku basa Sunda 
atawa buku buku ngeunaan Sunda. Ceuk manehna deui……euh manawi teh aya 
kaperyogian naon we anu sanes….., kuring rada kerung nampa jawaban kitu, terus 
diseleksek, ari breh teh panyangka manehna kuring teh jadi tempat pananyaan 
hal-hal kahirupan,….atuh kuring rada ngagakgak, ceuk kuring naha disangka 
paranormal atawa dukun kitu..?. Tukang cet teh seuri bari jeung unggeuk. Dina 
hate kuring melengek baruk nepi ka disangka kitu..?.
 
Tamu teh enya rupa-rupa anu datang, ti barudak sakola nepi ka anu kolot geus 
kundang iteuk,tujuanana mah apan geus jelas hayang maca buku basa Sunda atawa 
buku ngeunaan Sunda. Eta cenah osok ngobrol uplek apan eta mah bagian tina 
silaturahim, wawanohan tur silih kanyahokeun.
Geura urang nyokot we tiluan tamu keur conto mah, kahiji Pa Andi, dedeganana 
rada pendek bayuhyuh, urang Rancaekek, mindeng ulin ka kuring teh pangpangna 
neangan buku bag-bagan agama dina basa Sunda, pedah anjeuna sok ngajar di 
Diklat Pos, majarkeun hayang nyonto-nyontokeun dina kahirupan urang Sunda anu 
saluyu jeung agama. Buku kieu teh keur kuring mah saeutik, maksud teh anu 
togmol asup kana bag-bagan agama, tapi kapan kabeh carita oge anu dina basa 
Sunda dasarna mah apan saluyu jeung agama. Lamun majalah iwal ti Langlangmitra 
anu dasarna agama Kristen. Jadi rek kerewek kana buku basa Sunda naon oge eta 
tangtu aya hubunganana sok sanajan teu langsung jeung agama Islam. Rek bacaeun 
barudak, rek novel, kumpulan carpon, wawacan atawa carita pantunna oge. Tah 
didinya sok uplekna ngobrol teh. Jeung ongkoh deuih Pa Andi teh nurutan muka 
Rumah Baca diimahna, ti mimiti ngan ukur puluhan buku ayeuna mah geus aya kana 
sarebu leuwih buku, eta buku buku teh
 lolobana sumbangan ti papada tatanggana. Jadi ngobrol teh silih simbeuhan 
pangalaman ngarumat Rumah Baca.
 
Tamu kadua nyaeta Kang Adi Raksanagara, tah nu ieu mah munggaran ulin ka 
kuring, ka Rumah Baca, datangna bada lohor. Dedeganana jangkung rada begang, 
can kolot-kolot teuing ceuk taksiran umurna aya kana 40 taun.
Barang datang teh langsung ningalian buku buku basa Sunda, terus nanya aya 
henteu buku Sunda anu bisa mere inspirasi keur kompetisi, utamana dina wangun 
panalungtikan. Puguh we kuring rada pungak pinguk ditanya kitu mah, terus nanya 
deui buku anu aya pakaitna jeung usaha tina falsapah Sunda, kadenge kitu ge 
tetep kuring hulang huleng. Kudu buku naon anu diasongkeun.
Tungtungna ngobrol sabulangbentor, geuning inyana teh pimpinan tabloid Bobotoh, 
ningali ngaranna nu make Raksanagara nya kuring nanya hubunganana jeung Ami 
Raksanagara garwana Pa Yus Rusyana, ari pek teh Ibu Ami teh lanceukna, kitu 
deui jeung istrina Pa Ahmad Rustandi. Paingan atuh mani norolang nyaritakeun 
perkara Sunda, da geuning aya teureuh tidituna.
Ngobrol nepi ka bada magrib, bari jeung teu disuguhan ngan ukur cai herang we 
tamba garingeun tikoro.
Maksudna neangan buku buku kitu teh pedah rek mere motivasi ka para pegiat 
kreatif di sabudeureun Suci, ka tukang kaos. Kahayang inyana kreatifitas anu 
basisna budaya setempat, tah ngompa eta sumanget neangan buku buku keur mere 
conto. Ku kuring dicoba dibere buku Bujangga Manik, Siksa Kandang Karesian, 
atuh teu kaliwat Pandangan Hidup orang Sunda, tapi kitu geuning teu payu keur 
inyanana mah. Tapi aya hiji buku anu diinjeum nyaeta Kabudayaan Sunda Edi S 
Ekajati.
Jadi enya geuning can aya buku anu ngabahas elmu ekonomi tina jihad ugeran 
hirup manusa Sunda, can aya buku ragam hias Sunda, can aya buku Estetika Sunda, 
can aya buku elmu komunikasi anu dadasarna budaya Sunda. Ceuk kuring ka Kang 
Adi, hampura nun, kuring can boga bukuna, maksud teh can ngoleksi bukuna. ( 
tapi aya teu nya bukuna..?).
Inyana ge nyaritakeun hal Bobotoh Persib, cenah inyana kungsi ngobrol jeung 
jalma ti Balai Bahasa, terus inyana ngusulkeun supaya kecap bobotoh diasupkeun 
kana KBBI lantaran ieu teh tarjamah tina kecap asing suporter, lamun kecap 
bobotoh asup kana KBBI rek meuncit hayam. Tujuanana nyieun tabloid Bobotoh 
sangkan para bobotoh teh jadi nyakola tur nyunda, atuh ka Persibna sangkan maen 
alus, keun ari soal eleh jeung meunang mah lain hal eta mah. Ceuk inyana ngan 
Persib anu bisa ngahi

RE: [Urang Sunda] Tatarucingan

2007-12-11 Terurut Topik Waluya, Dani R
jawabanna 10990. Nuhun.



From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of SPB-OQA. Asep Heriandi
Sent: Wednesday, December 12, 2007 8:08 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Tatarucingan



Patarosan :

Dina hiji beus aya 7 wanoja
Hiji wanoja ngajingjing 7 koper
Tiap koper eusina 7 Ucing Garong
Tiap Ucing Garong mawa babaturana 7 Ucing Gering
(Tiap ucing bobogaan 4 suku)

Patarosana: Aya sabarahiji suku dina jero beus?

Jawaban patarosan diluhur nyaeta kecap konci jang muka file anu
ditangkodkeun.

Mangga serat nami dina file anu ditangkodkeun (lamun bisa ta ge...)


 


This message (including any attachments) is only for the use of the person(s) 
for whom it is intended. It may contain Mattel confidential, proprietary and/or 
trade secret information. If you are not the intended recipient, you should not 
copy, distribute or use this information for any purpose, and you should delete 
this message and inform the sender immediately.


Bls: [Urang Sunda] WIFI Dibogor

2007-12-11 Terurut Topik Soemawisastra Ahmad
hatur nuhun kang..
abdi oge di cimanggu, mung teu acan lebet ka taman..
abdi kantos nganggo bonet, ayeuna nganggo speedy, 50jam 100rb lumpatna 100mbps
sanes waktos upami akang aya waktos, sareng kersa, tepang nya. abdi hoyong 
diajar maem-macem 
ngenet, utamina anu mirah sareng (he he..)
nuhun kang, punten nembe dibales deui ku abdi..

wasalam,

- Pesan Asli 
Dari: aeko.nugraha <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Jumat, 7 Desember, 2007 8:47:02
Topik: [Urang Sunda] WIFI Dibogor









  




Dikonplek abdi kang Taman Cimanggu (Deltanet).. ..Teras aya deui bonet upami 
ieu mah aya rupi-rupi... .aya nu 50 jam 100 jam...kumaha nyandak paket...upami 
teu lepat di bonet mah unlimitna rada awis. 

Akang dipalih mana bogorna ?

 

Modalna mah akang kedah meser anteneu Wirelessna.. .upami akang tiasa mah 
ngadamel wae nyalira komo pami caket mah tiasa nganggo kaleng susu+USB Flash 
ngan rada lieur upami ngageser sakedik he hekedah diputar-puter.


 

Baktos

ERN

 

On 12/7/07, Soemawisastra Ahmad <[EMAIL PROTECTED] co.id> wrote:
 



  
























   
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Re: [Urang Sunda] Sawala Manakiban di PSS

2007-12-11 Terurut Topik Mamat
http://alexfinker.com/tongue/tongue.html
Hi, it\'s my fun video.

Punten Ua Sas ngalempengkeun sakedik...

  - Original Message - 
  From: MSasmita 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Saturday, December 08, 2007 3:40 PM
  Subject: [Urang Sunda] Sawala Manakiban di PSS


   

  Lamun jadi dina poe Jumaah tanggal 14 Desember 2007 bakal sawala di PSS, keur 
saheulaanan sim kuring jadi panumbu catur alias moderatos tea, ari jejerna 
Manakiban, anu rek jadi panyatur nyaeta Julian Millie jeung Kang Iip D Yahya, 
Julian Millie antropolog ti Monash Australi, ari Kang Iip mah pemerhati 
pasantren.
  Anu biasa dina Manakiban teh maca riwayat Syeh Abdul Qodir Jaelani, dina 
prak-prakanana anu kungsi kareungeu nyaeta sok nyadiakeun sagala rupa susuguh 
dina wangun dahareun kayaning beubeutian, rujak kalapa, rujak cau, kaasup ayana 
pangradinan.
  Biasana anu sok "manakiban" teh pengamal Torikoh ti reh-rehan Syeh Abdul 
Qodir Jailani...
  Anu kalakonan ku Abdi ... tara susuguh siga kieu. duka upami ti Jalur 
sejenana mah


  Brengna Manakiban sok aya tawasul heula. Lamun rada ditelek-telek bet siga 
rada nyambung jeung nanggap carita pantun. Meh sarua apan pantun ge 
ngalalakonkeun hiji tokoh dina galur carita, oge memeh breng sok disebut-sebut 
anu "hadir" atawa "dihadirkeun", malah kapan ceuk juru pantun eta ronghok anu 
hayang dipantunkeun, siga basa ngadengekeun rajah pamuka Aki Akis mantun di 
Cibatu kang Deni.

  Dina Manakib tara kasebat-sebat "hadir" atanapi "ngahadirkeun".

  Nu hiji disebut manakiban anu hiji deui disebut pantun, malah anu rada aheng 
dina manakiban teh bet siga anu ngaharib-harib teu ngaleupaskeun peran dewi Sri.
  Manakib tara nyabit-nyabit dewi Sri... anu dibaca dina manakib "lalakon" 
atanapi "pangalaman"  Syeh AQJ kalawan eusina .
  nya ari nyeuweunamah kana dzikir lahir jeung dzikir batin...


  Punten Ua ...rada leuir biasa riweuh ku "cicing".

  Wassalam :
  Mamat rachmat mantan jajaka kapaksa...
   




[Urang Sunda] Re: Sawala Manakiban di PSS

2007-12-11 Terurut Topik Maman Gantra
--- In urangsunda@yahoogroups.com, "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> 
> Bilih baraya aya nu bade sumping dina waktosna mangga diantos pisan,
> 

Insya Allah abdi dongkap, Wa.
Ajengan Maman ti Majalengka diulem heunteu? Sigana tiasa ngiring 
ngareuah-reuah. Matotoskeun pakaleng-kalengna Islam sareng budaya 
Sunda. Manawi.

MGT





Re: [Urang Sunda] Miteskeun Mitos Ngahuma

2007-12-11 Terurut Topik Maman Gantra
--- In urangsunda@yahoogroups.com, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> mun ngahuma salah jadi artefak pikiran urang, meureun kaayaan
  geografis tropis nu nyiptakeun urang siga kieu.
> -- 
> geocities.com/mangjamal
> mangjamal.multiply.com
>

Hampura pisan, MJ.

Tapi, teuing, siga nu katoong tina komentar kuring: Kuring euceub 
pisan kana budaya huma eta teh. Sanajan enya aya positifna, tapi 
keur kapentingan pragmatis loba ngadoreksakeunnana. Urang teu 
bisa "ngahiji" alatan miboga budaya eta. Lain bae paaing-aing atawa 
autis. Tapi, oge wangkreng jeung bedegong. Contona? Sigana teu kudu 
disebutkeun deui. Loba pisan. 

Matak, kuring nganggap eta artefak ukur mitos -- sakumaha pasipatan 
urang nu goreng atawa ukur sarupaning klaim wungkul. Kukituna, kudu 
dituar. Piteskeun. Rek alus, rek goreng, ku kuring dianggap wadul. 
Awahing ku hayang ngahapus artefak tadi tina memori urang kabeh. 

Dina konteks tulisan MJ, ceuk kuring, mending didel bae bagean eta 
mah. Ukur jadi paneumbleuhan --justifikasi kana kabedegongan urang. 
Mun tea mah rek ngengklokan perkara kurung batok nu disabit-sabit 
Dulwahab, sigana, leuwih hade langsung bae ngebrehkeun kasus-kasus 
wargi-wargi Kusnet nu ngumbara eta? 

Keur sakuringeun, soal mencermati ajaran karuhun leuwih "merenah". 
Sanajan, gayana kurang lincah -- judulna ge "datar". (Kuring hayang 
nyebut eusina kurang radikal. Tapi, teu wasa. Jeung, sigana, euweuh 
gunana).

Ka MH, oge JP, punten teu ngengklokan langsung.
 
MGT



[Urang Sunda] Kitab Mujarobat #2

2007-12-11 Terurut Topik Maman Gantra
Satemenna, taun 88-an, waktu kuring ngantor di daerah Mayestik, kuring kungsi 
ngocal-ngocal Bang Jejen, KH Zainudin MZ, nu harita keur nanjung karirna, nepi 
ka dilandih Da’i Sajuta Umat: Kumaha mun anjeunna “ngajelaskeun” kitab-kitab 
mujarobat eta. “Diedit” deui, atawa ditulis ulang pisan. Paling heunteu dibere 
catetan kaki. Nepi ka jelas asal-usulna. Jadi ilmiah, miboga dadasar nu jelas, 
luyu jeung tradisi ilmiah jeung kasahihan nu nyampak dina sajarah paelmuan 
jeung prak-prakan Islam – beh dituna luyu jeung akidah. Pan dina tarekat ge 
sanadna sok dijelaskeun? Malah, aya ijazahna. Paling heunteu, aya penjelasan nu 
“asup akal” ngeunaan tradisi mujarobat ieu.
  Lain nanaon. Nya lebar bae. Sanajan teu ngamalkeun, malah bisa jadi teu 
percaya kana eusina, alatan teu jelas asal-usulna tea; keur kuring, kangaranan 
elmu atawa kaweruh mah keukeuh bae kudu dimumule. Komo, siga nu katingali 
salila ieu, sumebarna eta kitab teh kawilang rohaka. Kituna teh, sakumaha geus 
digambarkeun di luhur, langsung ka “grass root”. Hartina, “efektif” pisan dina 
“mencerdaskan” umat. Kitab-kitab lian, nu “daria” jeung puguh ajen ilmiahna, 
can karuhan bisa kitu. Digegembol jeung digelarkeun ti mimiti golodog tajug di 
luhur gunung nepi ka emper masigit di basisir. Bubuhan, eta kitab teh pan 
kaasup kitab-kitab praktis. Sarupaning “how to”, paling kaasup “chicken soup 
for the soul”, mujarab pisan keur ngupahan pasoalan nu disanghareupan ku jalma 
loba – nepi ka sakapeung dianggap leuwih sakti manan Qur’an sorangan.
  Sanajan ngahayukeun, eta pangajak teh teu kalaksanakeun. Wuwuhan, anjeunna 
sibuk nataku. Tableg di mana-mana. Bari, harita, salila Romadhon, hayoh karah 
nyerat di Pos Kota. Kadieunakeun diembohan ku popolitikan. Atuh, rarancang teh 
siga nu kapopohokeun. Rek dilakonan ku sorangan? Matak ngumaha ka kiai ge, 
rumasa teu nyaho elmuna. Nyaho mah, ti iraha keneh ge geus dikeureuyeuh. Malah, 
alatan ku “nyaho” tea, boa-boa kuring moal nepi ka ngacaprukeun perkara ieu.
  Kungsi eta ge, taun 90-an, waktu ngantor di Velbaak, kuring ngocal-ngocal 
deui perkara “nga-ilmiah-keun” kitab mujarobat eta. Harita mah ka babaturan 
gawe, urang Surabaya. Ngocal-ngocal teh pedah bae manehna nahdliyin tulen – 
bari deukeut jeung Gus Dur. Wuwuhan urang Surabaya tea. Oge, sanggeus 
diheureuyan perkara kamujaraban do’a-do’a nu aya dina eta kitab, manehna kungsi 
ngudar rusiah kumaha bisa nepungan sumber-sumber berita nu hese ditepungan – 
kaasup nembus birokrasi Myanmar, mangsa Aung San Suu Kyi  mimiti jadi tahanan 
rumah. Ceuk manehna, salah sahiji “resep”-na, nya do’a-do’a nu aya dina 
kitab-kitab mujarobat tea. Ngan, poho deui nu mana nu manana. Jeung teu 
diinget-inget deuih. Harita, padu ngayakinkeun bae. Jeung, leuwih ngurihit 
sangkan manehna nyieun buku nu “ilmiah” ngeunaan kitab-kitab mujarobat tea.
  Siga ka Bang Jejen, pangolo kuring ka eta batur ge ukur diheueuhkeun. Ongkoh, 
manehna boro-boro nulis buku. Pagawean di kantor ge meh teu kawadahan. 
Kadieunakeun, mangsa Gus Dur jadi Presiden, manehna kapentes jadi salah saurang 
juru bicarana. Atuh, pamenta ngeunaan nulis buku teh beuki teu kacumponan. 
  Sanggeus aya kana taunna kapopohokeun, kamari, tilu bulan rek puasa, 
“panyakit mujarobat” teh mucunghul deui. Rumasa loba dosa, malah geus deukeut 
ka murtad, mereketkeun maneh hayang “susufian”: Puasa teh embung diganggu 
(heula) ku urusan dunya. Ti anggalna keneh geus tatan-tatan. Pagawean dikebut, 
ambeh bulan puasa teu kudu gawe. Buku-buku nu sakirana bakal ngandelan 
kaimanan, sukur-sukur dibarungan jeung nambahan kaweruh, dibeulian. Utamana: 
Yasin jeung tahlil, nu dilengkepan ku tarjamahanannana jeung – nu pangpentingna 
-- aya... hurup latenna! Teuing ku naon, kuring bet ujug-ujug resep kana ieu 
amalan.
  Keur anteng ngaguaran buku-buku obral, kurunyung teh “sobat heubeul”: Kitab 
mujarobat. Aya kana sapuluh bukuna. Teu antaparah deui: Kabeh dibeulian – oge 
sawatara “buku-buku pinggiran” lianna. Barang beuli teh nepi ka diselang heula 
ngingkig ka ATM. Da, duit nu aya dina loket teu nyukupan.
  “Mau bikin perpustakaan, Pak?,” ceuk budak nu ngaladangan.
   “Iyah,” ceuk kuring. 
  Talatah manehna sangkan kuring bisa milih-milih eusi eta kitab mah teu 
diwaro. Kuring ngingkig ngagiwing kitab nu geus dibeungkeutan. Aya kana opat 
beungkeutna.
   
  Gang Tengah, 17 November 2007.


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
   
-
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

[Urang Sunda] Kitab Mujarobat #1

2007-12-11 Terurut Topik Maman Gantra
Kitab Mujarobat 
   
  Teuing ti iraha mula kuring “kataji” ku kitab-kitab mujarobat. Ngahaja kecap 
“kataji” dina eta kalimah make tanda petik (poho deui, naon Basa Sunda-na 
“tanda petik”?). Maksudna: Lain pedah kuring ngarti atawa sok ngamalkeun naon 
nu aya di dinya. Tapi, eta bae ku asa araraheng eusina. Bari sagala aya. Ti 
mimiti do’a kawedukan nepi ka cara-cara solat istiharah atawa do’a ngubaran 
bisul. Kituna teh sok dibarengan ku isim, wafaq, atawa jimat tea. Karuhan, 
kumaha prak-prakan ngamalkeun eta do’a mah.
  Geus kitu, tipografi jeung desainna kawilang unik – rame jeung remen 
pabalatak teu puguh. Mun dina koran atawa majalah mah, circus lay out tea 
meureun. Jajauheun tina “clean” atawa “minimalis”, jilid buku-buku ieu remen 
diilustrasian ku gambar-gambar “ala Hidayah”: Aki-aki atawa lalaki make sorban, 
bari beungeutna jambrong ku kumis jeung jenggot. Diembohan ku parupuyan nu 
haseupna ngelun atawa...keris, nu “buburinyayan”. Pokona mah, mere kesan 
mistis. Wuwuhan “elmu wali” tea – meureun.
  Nu matak “helok” nepi ka kiwari: Lian ti loba pisan nu nulisna, bari eusina 
sakapeung tumpang tindih atawa sarua pisan, umumna do’a atawa amalan nu araya 
dina eta kitab-kitab teh teu jelas asal usulna. Saha nu mimiti ngamalkeunnana, 
kumaha bisa nepi ka nu nulisna. Mun tea mah meunang narjamahkeun, tina kitab 
naon, saha nu nulisna, jste, jste. Karuhan dibarungan ku dalil-dalil nu nyampak 
dina Qur’an atawa hadist mah. Paling disebutkeun, “amalan para wali” atawa 
“amalan orang-orang khowas”. Teu aneh, mun sawatara di antara do’a-do’a nu aya 
di dinya dipinuhan ku Basa Jawa. 
  Sanajan teu ngarti, teu weudeu kuring sok pirajinan ngumpulkeun eta 
kitab-kitab aheng teh. Wuwuhan, siga “buku-buku pinggiran” lianna, oge 
buku-buku agama umumna, hargana kaitung murah. Ongkoh, pola distribusi jeung 
marketingna ge pan kawilang unik: Lian ti toko-toko buku agama, kitab-kitab ieu 
teu arang digelarkeun di trotoar, di emper toko. Kaasup, di emper atawa buruan 
masigit. Boh tiap-tiap aya pangajian atawa mangsa jumaahan. Kituna teh, lain 
bae di masigit-masigit “ahlul sunah wal jamaah” atawa masigit-masigit 
“tradisional” siga masigit Kemang Bangka, Cilincing, Kwitang, Kampung Bandan, 
Marunda, atawa Luar Batang. Tapi,  buruan Al Azhar atawa masigit Mabes Polri ge 
teu arang kalentaban seuneu militansi tukang-tukang kitab eta. Malah, siga 
halna buku-buku populer lianna, sarupaning kamus atawa majalah TTS, eta 
kitab-kitab remen disodorkeun ka hareupeun irung – mun sakalina urang naek 
kareta ekonomi atawa beus. Kadieunakeun bae, nu dagangna leuwih nyakola: Lian ti
 dibuka ku “hutbah”, nu sakapeung nyerep kana jajantung, eta buku teh sok 
diteundeun dina lahunan urang, kaasup dina bangku kosong pisan – teu 
diasongkeun teuing kana tarang urang.
  Kukituna, taun 90-an awal, sanggeus meh tujuh taun kuring balik deui ka 
Jakarta, koleksi kitab mujarobat kuring aya kana belasna – mun lain puluhan ge. 
Siga ceuk tadi, kuring nganggap eta buku – paling heunteu saheulaanan -- lain 
salaku buku agama nu daria, nu ilmiah, nu jelas asal-usulna. Kuring leuwih 
nganggap salaku buku “sastra pinggiran” jeung – alatan wanda isim-isim nu aya 
di dinya -- “senirupa pinggiran” bae.  Legegna mah: Leuwih nganggap salaku teks 
antropologi manan teks elmu agama.
  Hanjakal, eta koleksi teh kaluli-luli. Sakumaha buku-buku kuring lianna, nu 
dikumpulkeun mangsa bujangan. Ongkoh, satadina, meuli buku teh siga “menak” : 
Bacaeun jaga. Mun geus “loba waktu”. (Atuh, pantes belet teh teu 
anggeus-anggeus. Da, batur mah geus nepi ka mana, ieu masih ngadeluk dina buku 
heubeul). 
  Inget-inget basa caah gede narekab Kampung Malayu (1996?), nepi ka Bukit Duri 
jeung Lapangan Roos ngilu kakeueum. Eta ge dibejaan ku nu katitipannana: Buku 
teh ancur kakeueum caah. Harita, rumasa boga imah jauh ti kota, buku-buku teh 
dititipkeun di hiji kolot, nini-nini urang Padang di Bukit Duri. Itung-itung 
manjangkeun silaturahmi. Kajeun teuing ucul duit saeutik, keur ngontrak kamar, 
sakalina perlu tinggal muru kadinya, sakalian nyumput tina kasibukan sapopoe – 
nu arang pisan kalakonan.
  Atuh, basa banjir gede ngeueum eta wewengkon, koleksi teh ngilu “palid”. 
Euweuh nu kapuluk hiji-hiji acan. Araduy, wuwuhan kakeueum aya samingguna. Aya 
kana dua petina. Ti mimiti Britanica, nu meunang hese cape ngiridit, nepi ka 
tarjamahan hadis Buchori-Muslim jeung tarjamahan sawatara tafsir.


Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
   
-
Looking for last minute shopping deals?  Find them fast with Yahoo! Search.

[Urang Sunda] Nu Tarigin

2007-12-11 Terurut Topik Maman Gantra
Nu Tarigin
   
  Jelas pisan, anjeunna teh lain urang lembur dieu. Da, kitu geuning: Boga kiai 
nu seueur kaweruhna, nu majelis ta’limna di mana mendi, nepi ka urang sok hese 
nepangan anjeunna di bumina; urang dieu mah – ka asup kuring – siga nu 
hare-hare bae. Katingalna teh, tina 24-an kitab nu diajarkeun ku anjeunna, 
euweuh saurang-urang acan nu pileukeunan ngabandungan mun sakalina kiai nuju 
kaleresan ngawulang di masigitna teh. Atuh, nu ngaraos kitab ka anjeunna teh 
lolobana mah urang luar. Aya urang Cengkareng, Tangerang, Cililitan, Tanjung 
Priok, atawa Bekasi pisan.  Kituna teh aya nu ka nu motor, kana angkot, atawa 
kana... sapedah – siga eta sepuh. 
  Disebut sepuh teh, pedah bae katingali tos aya yuswaan. Beda pisan manan 
santri-santri sejenna. Ningali lahiriahna mah, pantesna,  anjeunna teh tos 
cueut ka 55 atawa 57 taun. Mun sanes 60 ge.
  Demi nu jadi matak kayungyun. Nya, ku tos aya yuswana eta. Masih ngersakeun 
tolab elmu. Kituna teh, katingalna, kaayaan anjeunna rada walurat. Sapedahna 
ge, model heubeul, bari kurang piara -- pelekna geus coklat ku tai hiang, 
pernekelna geus mareplekan teuing ti iraha. Santri-santri lian mah, nu ngalora, 
alatan ku rapih jeung sakapeung rada modis -- sok marake kampret model Ustad 
Jefrey atawa kameja bodas biasa, bari disarapatu -- sok leuwih katingali siga 
salesman manan santri. Tas-na ge, maranehna mah siga tas laptop tea. Ari 
anjeunna mah meles siga urang pasisian. Sendal capit nu geus kiriting, ditambah 
ku tas hideung nu sok disolendangkeun dina taktakna nu katingal geus lanyed 
jeung kuleuheu. 
  Sakapeung kuring sok kurang ajar, ngadon suudzon: Anjeunna pasti belet 
nataku, ceuk pikir. Eta bae, batur-baturna mah – meureun – tos ka mana tos ka 
mendi. Ieu masih keneh ngaos ka kiai, nu yuswana bisa jadi langkung anom manan 
anjeunna. Bareng sareng santri-santri lian nu umurna oge leuwih ngora manan 
anjeunna. Untungna culangung teh teu kalalanjoan. Kaburu inget, yen Imam 
Hanbali masih ngersakeun ijigimbrang ngajingjing-jingjing tarompahna, alatan ku 
rusuh ngabujeng hiji pangaosan ti pangaosan sanesna. Bari, harita, anjeunna tos 
aya yuswa. Oge, ijigimbrang kitu teh sanes bade maparin pangaosan. Tapi, 
ngupingkeun. Ana ditaros dugi ka iraha bade kikituan, ijigimbrang ti hiji 
majelis ka majelis sanesna,  anjeunna ngawaler teteg pisan: “Nepi ka maot”.
  Beh dituna mah kuring reueus kacida ka eta sepuh teh. Campur era, 
ngarumasakeun sok asa geus cukup, ngarasa nyaho – bari sabenerna teu nyaho 
nanaon. Kalan-kalan, mun teu sieun dianggap “the freak” mah sok hayang ngarawu 
panangannana. Rek digelantoran. Sugan bae aya barokahna. Saha nu nyaho katepaan 
– boh suhudna, boh kaluhung pangaweruhna. Saencret bae mah. Atawa sok hayang 
jadi malaikat, nu milu nyakseni kasuhudan anjeunna, oge mangdu’akeun: Sangkan 
anjeunna kenging hidayah ti Mantenna – dipinuhan ku elmu, sangkan iasa 
neraskeun lajak Kanjeng Nabi dina ngalarapkeun jeung mekarkeun elmu agama, nepi 
ka bener-bener nyaangan ieu buana. Lahir jeung batin. 
  Enya. Keur kuring, ieu sepuh teh conto natrat ngeunaan jalma-jalma nu 
tareuneung jeung saruhud dina neangan kaweruh. Teu kapungpang ku umur, teu 
kahalangan ku kaayaan nu (katingalina) walurat. Kuring? Sakitu tinggal 
ngalengkah ka tukangeun imah ge aya bae alesannana: Ti mimiti kabeurangan, 
poho, kaweur ku pagawean, nepi ka teu bisa maca kitabna. Da, enya -- deuih. Nu 
diwurukkeun teh pan kitab Basa Arab, bari gundul tea. Euweuh barisan. Tong 
boroning maca kitab siga kitu, maca Qur’an ge nu jelas aya jabar aya jeerna, 
masih dadaligdeugan. Sakalina maca Yasin ge sok neangan nu aya hurup latenna. 
Ambeh leuwih lancar – ti dituna mah. 
  Sanajan, alesan nu leuwih sering mah, leuwih mangrupa sipating ujub jeung 
takabur atawa suudzon tea: Pawulang kiai teh asa teu up to date atawa teu 
nyambung pisan jeung kahirupan nu nyampak. Buktina, kamalir di gigireun eta 
masigit ngeuyeumbeu, pikageuleuheun. Jeung deui, di mana arek ge diajar agama, 
leuwih gampang maca buku. Atawa milu diskusi di Paramadina, Kuningan, atawa 
Tebet. Bari hate mah gudawang, kopong molongpong – da, boh diskusi, boh maca 
buku, sarua teu dilakonan. Sakalina dilakonan ge, siga nu kajeueung ku sabuana: 
Euweuh tapakna. Boh elmuna, boh ahlakna. Jajauheun.
  Ningali ieu sepuh, lain bae inget kana tulisan nu aya di tukangeun papan nama 
hiji ormas Islam – ayat Qur’an nu nandeskeun mulyana jalma nu takwa jeung boga 
elmu (Al Mujadilah: 11, mun teu salah mah). Tapi, oge sawatara riwayat lian nu 
ngembrakeun kasuhudan sareng katiginan ulama-ulama kapungkur dina enggoning 
tolab elmu ieu. Pan, cenah, teu saeutik para waratsatul anbiya’  nu badarat 
rewuan kilo demi mung ngupingkeun hiji (!) hadis langsung ti para sohabat. 
Kituna teh bari teu arang seepeun bekel. Dugi ka, aya ulama nu satengahing 
badaratna remen ngaleueut cai papangna ku anjeun.
  Pon kitu deui nu nahan lapar mangdinten-dinten. Awahing ku teu gaduh 
tuangeun. Malah, aya ulama nu waktos nyantrina, mangpulu

Balasan: Re: [Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda?...... Jang Maman

2007-12-11 Terurut Topik Tata Noers
Ah Kang,
Basa mang Tata ngala kalapa , aya abah Aga ngawakwak,
da jang Maman  hayang dahar kalapa, ngan pan kang Tata
na kakara ngala.
Can kaasaan kalapana mah, Jang Maman kalahka  mamawa
barangbang ka sawah,, da jang Yaya ngajak ka pasar
hayang mawa barangbang ka mang Warman, ngararah aya
ladangna., da  hayang mangpaat sarta aya karasana.

Cag ah 




--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> katinggali dina eta tulisan, kumaha euyeubna kecap
> nu diwangun ku
> vokal /a/. eta we geura, tina 252 kecap, ngan opat
> kecap nu diwangun
> ku vokal /e/ (sembarang, serba, pander, jeung
> selainya). taya hiji oge
> kecap nudirangkai ku vokal /o/. cutatan ngaran nu
> nulis jeung
> katerangan hasil tulis ulang diiwalkeun, teu
> diitung. (mh)
> 
> On 12/11/07, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > sakadar conto, geura toong obrolan khas dina basa
> banjar, maskot nu
> > dimuat rutin unggal poe dina koran bajramasin
> post.
> >
> > =
> > Umpan Maunjun
> >
> > WAYAH tanaman banih di pahumaan mulai malarak
> ganal, banyunya masih
> > kacap-kacapan maka rami banar urang maunjung iwak
> sapat atawa iwak
> > papuyu di sasala tanaman banih itu. Palui wan
> kakawalannya mancuba jua
> > umpat maunjun lalu tulakan ka pahumaan di hujung
> kampung.
> >
> > "Ikam napa umpannya Mak?" ujar Garbus.
> >
> > "Iwak sapat atawa papuyu ini katuju umpan cacing,"
> ujar Tulamak
> > malihatakan bungkusan cacingnya.
> >
> > "Aku kada wani wan cacing, jangankan manjapai
> cacingnya, malihat haja
> > sudah galianan," ujar Garbus.
> >
> > "Cacing ini kada maigut dan nyaman mancarinya.
> Ikam napa umpanya Bus?"
> > ujar Tulamak.
> >
> > "Aku bamudal manukar umpan anak wanyi," ujar
> Garbus.
> >
> > "Bubuhan ikam badua ini kada bapikir panjang
> mambawa umpan maunjun,"
> > ujar Palui. "Kanapa maka kami dipadahakan kada
> bapikir Lui?" ujar
> > Tulamak manyahut.
> >
> > "Maunjun itu harus dihitung, pukul barapa tulak,
> kamana maunjunnya,
> > napa umpannya, iwak napa nang diunjun. Jadi jangan
> sembarang iwak
> > karna harus sasuai wan kawat dan umpannya tadi,"
> ujar Palui manuduhi
> > kawannya.
> >
> > "Maunjun wayah baisukan ini pas banar Lui ai karna
> iwaknya masih
> > lapar-lapar, makanya umpan apa haja pasti
> dipatuknya. Apalagi bila
> > malihat umpan cacingku nang lamak-lamak ini," ujar
> Tulamak.
> >
> > "Sama wan umpanku Mak ai, pasti dikatujui iwak
> karna anak wan hintalu
> > wanyi ini harum langsung disambar iwak," ujar
> Garbus.
> >
> > "Ikam badua ini baandai-andai bahwa iwak pasti
> mamatuk umpan ikam.
> > Bubuhan ikam kada mahitung bahwa iwak itu sudah
> hidup di zaman
> > kamajuan karna sudah ada pakan gasan umpan iwak
> ulahan pabrik. Jadi
> > kada mungkin lagi iwak hakun mamakan makanan
> cacing atawa anak wanyi
> > itu karna sudah katinggalan zaman," ujar Palui.
> >
> > "Umpat batakunlah Lui, ikam mambawa umpan napa?"
> ujar Tulamak handak tahu.
> >
> > "Umpan iwak itu harus serba guna dan bamanfaat.
> Andaikata sabaisukanan
> > maulur unjun tapi kada pakulih iwak ba-arti
> sia-sia, awak uyuh dan
> > lapar. Makanya bapikirlah," ujar Palui. "Jangan
> banyak pander Lui,
> > lakasi sambat napa umpan nang ikam bawa?" ujar
> Gsrbus. "Ampun maaf,
> > umpan iwakku adalah ruti," ujar Palui.
> >
> > "Kada mungkin iwak mamakan ruti hambar itu, iwak
> kada tatarik
> > mamatuk," ujar Tulamak.
> >
> > "Ini ruti, ini acan gasan pamalitnya, iwak pasti
> mamatuk karna tatarik
> > babau haruk. Bila iwak kada mamatuk maka..
> ini ruti, ini
> > mantiga wan selainya gasan nang maunjun," ujar
> Palui kiyap-kiyap
> > mamakan rutinya kada batatawaran. emhati(repro)
> >
> >
> > On 12/11/07, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > saenyana nu kosakecapna loba diwangun ku aksara
> /a/ aya seler sejen, nu
> > > jigana leuwih dominan ti urang sunda, nyaeta
> urang banjar, nu dumuk di pulo
> > > borneo. loba kapanasaran jeung basa banjar teh,
> utamana upama
> > > dibanding-banding jeung basa sunda, sabab loba
> kosakecap nu sarua. contona
> > > wae, urang banjar  nyebut seler manehna /urang
> banjar/ sarua jeung urang
> > > sunda nyebut dirina /urang sunda/.
> > >
> > > kunaon kuring boga asumsi, yen basa banjar
> leuwih dominan migunakeun aksara
> > > /a/ tinimbang basa sunda? geura urang toong jiga
> kumaha polana:
> > >
> > > indonesia / sunda / banjar
> > > beras / beas / baras
> > > keras / teuas / karas
> > > lama / lawas / lawas
> > > j.s.t.
> > >
> > > katinggali nya, kecap nu dina basa sunda make
> /e/ jadi /a/ dina basa banjar
> > > mah.
> > > (mh)
> > >
> > > =
> > >
> > > On 12/11/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > >
> > > > Ngaran sunda mah lolobana make hurup "a"
> > > >
> > > > mun di Jawa namina Toto, di sunda mah Tata
> > > > mun di sunda Nanang, tapi naha di Jawa mah
> lain Nonong nya ?
> > > > ah nya teuing atuh..
> > > >
> > > > di lembur uing mah, aya jelma nu diaranan ku
> ngaran lauk...
> > > > Jeler (disebut Elenk), Betok (Atok.
> > > > Meni jiga euwuh ngaran deui wae.
> > > > T

[Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda?

2007-12-11 Terurut Topik Deny Suwarja
Uing keur ngumbara di Banten mah, ngaran jelema teh aralus.  Aya murid anu 
ngaranna URHAK, ari pas ditanya ngaran indungna, cenah aranna: MA RUNTAH.
Ngaran bapana: BETON! 
Eta budak ku babaturan nepi ka dicabok, da disangka ngaheureuykeun. Kabeneran 
Pa Yadi, guru babaturan uing tea urang Cimahi.
Eta budak nepi ka ceurik, nyerieun hate. Ngajawab sabener-bener. Naha bet 
dicabok ku Bapa cenah. Lamun teu percanten mah pek we tanyakeun ka Nini abdi.
Pa Yadi nanya deui, saha ngaran nini maneh?
Si Urhak ngajawab deui: SUMUR!




Deny Suwarja

   
-
Never miss a thing.   Make Yahoo your homepage.

Re: Bls: [Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda?

2007-12-11 Terurut Topik Kebo Hideung
Haturan Kang Hasan  :)

Jigana muhun Kang urang kutei teh masih keneh aya teureuh urang Banjarsari 
atawa masih keneh aya teureuh urang Cibaduy ut  :)

Cobian we taroskeun ka urang Kuteina, tepang teu kituh ka Mang Eman urang 
Banjarsari atawa ka Kang Endang urang Cibaduy ut  heuheuheuheu

baktos
Kebo

  - Original Message - 
  From: mh 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Tuesday, December 11, 2007 3:56 PM
  Subject: Re: Bls: [Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda?


  uluh aya pian akang edi geuning euy. kungsi dina hiji adu renyom, aya nu 
ngabandingkeun basa sunda jeung basa banjar, tetela loba nu ampir sarua. dalah 
kecap /bujal/ badul oge, aya dina kosakecap basa banjar. jeung sarua deuih 
raresep nyandungna. duka kumaha ngajelaskeunana tah. naha aya patalina kitu 
jeung mangsa jaman tarumanagara di tatar sunda jeung kutai di borneo. teuing 
tah. (mh) 



  On 12/11/07, Edi junaedi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Eeeehhh nang kaya itulah
sakapeung mah sim kuring sok hayang seuri amun ningali atawa ngadenge urang 
banjar nulis atawa ngomong, ieu geura aya sababaraha contona:
bensin= binsin
stop=satup
ojeg=ujig
rokok=rukuk
softex=sutik
sprite=saprit
cocacola=kukakula

" tulung pang tukar akan kukakula, amun kadada saprit hajah"
( pangmelikeun cocacola amun euweuh sprite wae)

" bujur-bujur kadada" eta teh bahasa banjar, anu artina " bener-bener teu 
aya"
sanes imbit anu kadada
aya oge pangalaman babaturan basa baheula keur gawe didaerah kandangan, 
anjeuna harita teh geologis gawena lar sup ka leuweung, ngarana nandang, mawa 
helper aya kana lima urangna, nya kabehanana urang banjar, hiji waktu dina 
kompan cai nginum aya tulisan 
" ampun nandang ", ningali tulisan eta atuh pok we nandang teh nyarios ka 
anak buahna anu limaan tea" siapa yang punya salah sama saya? jangan begitu 
caranya, kalau ada salah ngomong aja langsung" 
atuh dijawab ku anak buahna " kenapa bapak bepandir nang kaya itu?"
" nah itu siapa yang nulis ditempat air minum tulisan ampun nandang"
"oh itu kah...pa, kalau disini ampun itu artinya kepunyaan, jadi ampun 
nandang itu artinya kepunyaan nandang"
"oh begitu ya" saur nandang


- Pesan Asli 
Dari: mh < [EMAIL PROTECTED]>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Selasa, 11 Desember, 2007 2:55:44 
Topik: Re: [Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda?


sakadar conto, geura toong obrolan khas dina basa banjar, maskot nu
dimuat rutin unggal poe dina koran bajramasin post.

=
Umpan Maunjun

WAYAH tanaman banih di pahumaan mulai malarak ganal, banyunya masih 
kacap-kacapan maka rami banar urang maunjung iwak sapat atawa iwak
papuyu di sasala tanaman banih itu. Palui wan kakawalannya mancuba jua
umpat maunjun lalu tulakan ka pahumaan di hujung kampung.

"Ikam napa umpannya Mak?" ujar Garbus. 

"Iwak sapat atawa papuyu ini katuju umpan cacing," ujar Tulamak
malihatakan bungkusan cacingnya.

"Aku kada wani wan cacing, jangankan manjapai cacingnya, malihat haja
sudah galianan," ujar Garbus. 

"Cacing ini kada maigut dan nyaman mancarinya. Ikam napa umpanya Bus?"
ujar Tulamak.

"Aku bamudal manukar umpan anak wanyi," ujar Garbus.

"Bubuhan ikam badua ini kada bapikir panjang mambawa umpan maunjun," 
ujar Palui. "Kanapa maka kami dipadahakan kada bapikir Lui?" ujar
Tulamak manyahut.

"Maunjun itu harus dihitung, pukul barapa tulak, kamana maunjunnya,
napa umpannya, iwak napa nang diunjun. Jadi jangan sembarang iwak
karna harus sasuai wan kawat dan umpannya tadi," ujar Palui manuduhi 
kawannya.

"Maunjun wayah baisukan ini pas banar Lui ai karna iwaknya masih
lapar-lapar, makanya umpan apa haja pasti dipatuknya. Apalagi bila
malihat umpan cacingku nang lamak-lamak ini," ujar Tulamak. 

"Sama wan umpanku Mak ai, pasti dikatujui iwak karna anak wan hintalu
wanyi ini harum langsung disambar iwak," ujar Garbus.

"Ikam badua ini baandai-andai bahwa iwak pasti mamatuk umpan ikam. 
Bubuhan ikam kada mahitung bahwa iwak itu sudah hidup di zaman
kamajuan karna sudah ada pakan gasan umpan iwak ulahan pabrik. Jadi
kada mungkin lagi iwak hakun mamakan makanan cacing atawa anak wanyi
itu karna sudah katinggalan zaman," ujar Palui.

"Umpat batakunlah Lui, ikam mambawa umpan napa?" ujar Tulamak handak tahu.

"Umpan iwak itu harus serba guna dan bamanfaat. Andaikata sabaisukanan
maulur unjun tapi kada pakulih iwak ba-arti sia-sia, awak uyuh dan 
lapar. Makanya bapikirlah," ujar Palui. "Jangan banyak pander Lui,
lakasi sambat napa umpan nang ikam bawa?" ujar Gsrbus. "Ampun maaf,
umpan iwakku adalah ruti," ujar Palui.

"Kada mungkin iwak mamakan ruti hambar itu, iwak kada tatarik 
mamatuk," ujar Tulamak.

"Ini ruti, ini acan gasan pamalitnya, iwak pasti mamatuk karna tatarik
babau haruk. Bila iwak kada mamatuk maka 

[Urang Sunda] Stop Stress

2007-12-11 Terurut Topik cecep
Salam Admin, manawi teu kaabotan bade ngiring survey
  .
Nuhun.



Re: Bls: [Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda?...naskah Wangsakerta

2007-12-11 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Ieu mah sanes bade "nyuluhan" seuneu anu nuju hurung,
namung fakta, naskah Wangsakerta anu janten salah
sahiji tina salah saratus naskah sajarah Sunda buhun,
aya anu kapendak di wewengkon Borneo (Banjar atanapi
Kutai),aya dina Buku kumpulan tulisan kontroversial
Naskah Wangsakerta.
Tah, rupina ti dinya, masih aya pakaitna antawis Basa
Sunda sareng Banjar atanapi Kutai.


baktos,

mrachmatrawyani

--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> uluh aya pian akang edi geuning euy. kungsi dina
> hiji adu renyom, aya nu
> ngabandingkeun basa sunda jeung basa banjar, tetela
> loba nu ampir sarua.
> dalah kecap /bujal/ badul oge, aya dina kosakecap
> basa banjar.  jeung sarua
> deuih raresep nyandungna. duka kumaha
> ngajelaskeunana tah. naha aya patalina
> kitu jeung mangsa jaman tarumanagara di tatar sunda
> jeung kutai di borneo.
> teuing tah. (mh)



  

Looking for last minute shopping deals?  
Find them fast with Yahoo! Search.  
http://tools.search.yahoo.com/newsearch/category.php?category=shopping


[Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda?

2007-12-11 Terurut Topik Roro Rohmah
Kang Geni, nu namina Endang ge kitu*
Hiji wengi di Taman Maluku, kaparengan digerebeg ku Tibum.
Ditaros,"Saha ngaran?!"
"Éndang*"
"Sing bener, saha ngaran?!!!"
"ENDANG*" bari ngebas tea heuheu* (heureuy ah!)

Bah Iwa, bade tumaros ka sepuh yeuh*
Kunaon pami urang Sunda ngambek bakat ku keuheul, contona we pun biang nu 
disebat teh nami panjang/pengkerna wungkul *"Rohmaaah!!!"
Kantos iseng ngobrol sareng sababaraha rerencangan urang Sunda oge, sami deuih 
kitu pami diseukseukan ku sepuhna nu disebatkeun nami panjangna wungkul? Tos 
kitu adatna urang Sunda kitu?

Nuhun,
ro2



>>> [EMAIL PROTECTED] 12/11/07 01:18PM >>>

Aya anu kasohor di US nyaeta Cecep, Asep, Aden, Deden,.Iskandar janten 
Enday.


On 12/11/07, Kebo Hideung <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
Aya oge anu Ucim sok dlandi Tinceu upami wengi  kumaha tah ?
heuheuheu.

punten pami aya nami Kang Ucim..da ieu mah Ucim fabel..:)
Kebo


Re: Bls: [Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda?

2007-12-11 Terurut Topik mh
uluh aya pian akang edi geuning euy. kungsi dina hiji adu renyom, aya nu
ngabandingkeun basa sunda jeung basa banjar, tetela loba nu ampir sarua.
dalah kecap /bujal/ badul oge, aya dina kosakecap basa banjar. jeung sarua
deuih raresep nyandungna. duka kumaha ngajelaskeunana tah. naha aya patalina
kitu jeung mangsa jaman tarumanagara di tatar sunda jeung kutai di borneo.
teuing tah. (mh)

On 12/11/07, Edi junaedi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Eeeehhh nang kaya itulah
> sakapeung mah sim kuring sok hayang seuri amun ningali atawa ngadenge
> urang banjar nulis atawa ngomong, ieu geura aya sababaraha contona:
> bensin= binsin
> stop=satup
> ojeg=ujig
> rokok=rukuk
> softex=sutik
> sprite=saprit
> cocacola=kukakula
>
> " tulung pang tukar akan kukakula, amun kadada saprit hajah"
> ( pangmelikeun cocacola amun euweuh sprite wae)
>
> " bujur-bujur kadada" eta teh bahasa banjar, anu artina " bener-bener teu
> aya"
> sanes imbit anu kadada
> aya oge pangalaman babaturan basa baheula keur gawe didaerah kandangan,
> anjeuna harita teh geologis gawena lar sup ka leuweung, ngarana nandang,
> mawa helper aya kana lima urangna, nya kabehanana urang banjar, hiji
> waktu dina kompan cai nginum aya tulisan
> " ampun nandang ", ningali tulisan eta atuh pok we nandang teh nyarios ka
> anak buahna anu limaan tea" siapa yang punya salah sama saya? jangan begitu
> caranya, kalau ada salah ngomong aja langsung"
> atuh dijawab ku anak buahna " kenapa bapak bepandir nang kaya itu?"
> " nah itu siapa yang nulis ditempat air minum tulisan ampun nandang"
> "oh itu kah...pa, kalau disini ampun itu artinya kepunyaan, jadi ampun
> nandang itu artinya kepunyaan nandang"
> "oh begitu ya" saur nandang
>
> - Pesan Asli 
> Dari: mh <[EMAIL PROTECTED]>
> Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
> Terkirim: Selasa, 11 Desember, 2007 2:55:44
> Topik: Re: [Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda?
>
>  sakadar conto, geura toong obrolan khas dina basa banjar, maskot nu
> dimuat rutin unggal poe dina koran bajramasin post.
>
> =
> Umpan Maunjun
>
> WAYAH tanaman banih di pahumaan mulai malarak ganal, banyunya masih
> kacap-kacapan maka rami banar urang maunjung iwak sapat atawa iwak
> papuyu di sasala tanaman banih itu. Palui wan kakawalannya mancuba jua
> umpat maunjun lalu tulakan ka pahumaan di hujung kampung.
>
> "Ikam napa umpannya Mak?" ujar Garbus.
>
> "Iwak sapat atawa papuyu ini katuju umpan cacing," ujar Tulamak
> malihatakan bungkusan cacingnya.
>
> "Aku kada wani wan cacing, jangankan manjapai cacingnya, malihat haja
> sudah galianan," ujar Garbus.
>
> "Cacing ini kada maigut dan nyaman mancarinya. Ikam napa umpanya Bus?"
> ujar Tulamak.
>
> "Aku bamudal manukar umpan anak wanyi," ujar Garbus.
>
> "Bubuhan ikam badua ini kada bapikir panjang mambawa umpan maunjun,"
> ujar Palui. "Kanapa maka kami dipadahakan kada bapikir Lui?" ujar
> Tulamak manyahut.
>
> "Maunjun itu harus dihitung, pukul barapa tulak, kamana maunjunnya,
> napa umpannya, iwak napa nang diunjun. Jadi jangan sembarang iwak
> karna harus sasuai wan kawat dan umpannya tadi," ujar Palui manuduhi
> kawannya.
>
> "Maunjun wayah baisukan ini pas banar Lui ai karna iwaknya masih
> lapar-lapar, makanya umpan apa haja pasti dipatuknya. Apalagi bila
> malihat umpan cacingku nang lamak-lamak ini," ujar Tulamak.
>
> "Sama wan umpanku Mak ai, pasti dikatujui iwak karna anak wan hintalu
> wanyi ini harum langsung disambar iwak," ujar Garbus.
>
> "Ikam badua ini baandai-andai bahwa iwak pasti mamatuk umpan ikam.
> Bubuhan ikam kada mahitung bahwa iwak itu sudah hidup di zaman
> kamajuan karna sudah ada pakan gasan umpan iwak ulahan pabrik. Jadi
> kada mungkin lagi iwak hakun mamakan makanan cacing atawa anak wanyi
> itu karna sudah katinggalan zaman," ujar Palui.
>
> "Umpat batakunlah Lui, ikam mambawa umpan napa?" ujar Tulamak handak tahu.
>
> "Umpan iwak itu harus serba guna dan bamanfaat. Andaikata sabaisukanan
> maulur unjun tapi kada pakulih iwak ba-arti sia-sia, awak uyuh dan
> lapar. Makanya bapikirlah," ujar Palui. "Jangan banyak pander Lui,
> lakasi sambat napa umpan nang ikam bawa?" ujar Gsrbus. "Ampun maaf,
> umpan iwakku adalah ruti," ujar Palui.
>
> "Kada mungkin iwak mamakan ruti hambar itu, iwak kada tatarik
> mamatuk," ujar Tulamak.
>
> "Ini ruti, ini acan gasan pamalitnya, iwak pasti mamatuk karna tatarik
> babau haruk. Bila iwak kada mamatuk maka .. ini ruti, ini
> mantiga wan selainya gasan nang maunjun," ujar Palui kiyap-kiyap
> mamakan rutinya kada batatawaran. emhati(repro)
>
> On 12/11/07, mh <[EMAIL PROTECTED] sunda.or. id >
> wrote:
> > saenyana nu kosakecapna loba diwangun ku aksara /a/ aya seler sejen, nu
> > jigana leuwih dominan ti urang sunda, nyaeta urang banjar, nu dumuk di
> pulo
> > borneo. loba kapanasaran jeung basa banjar teh, utamana upama
> > dibanding-banding jeung basa sunda, sabab loba kosakecap nu sarua.
> contona
> > wae, urang banjar nyebut seler manehna /urang banjar/ sarua jeung urang
> > sunda nyebut dirina /urang sund

Re: [Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda?

2007-12-11 Terurut Topik mh
Urang tarjamahkeun nya. sawareh we, cape jeunh hoream.


Umpan Maunjun
/Eupan Nguseup/

WAYAH tanaman banih di pahumaan mulai malarak ganal, banyunya masih
kacap-kacapan maka rami banar urang maunjung iwak sapat atawa iwak
papuyu di sasala tanaman banih itu. Palui wan kakawalannya mancuba jua
umpat maunjun lalu tulakan ka pahumaan di hujung kampung.

/Mangsa pelak pare di sawah mimiti ngagedean, caina masih keneh deet,
maka rame pisan jelema ngaruseup lauk sepat atawa lauk betok di
sela-sela pelak pare. Si Palui jeung baladna nyobaan oge milu nguseup
terus indit ka sawah di tungtung kampung./

"Ikam napa umpannya Mak?" ujar Garbus.

/"Maneh naon eupanna Mak?" ceuk si Garbus./

"Iwak sapat atawa papuyu ini katuju umpan cacing," ujar Tulamak
malihatakan bungkusan cacingnya.

/"Lauk sepat jeung betok mah resepeun eupan cacing," ceuk Tulamak
nembongkeun bungkusan cacingna.

"Aku kada wani wan cacing, jangankan manjapai cacingnya, malihat haja
sudah galianan," ujar Garbus.

/"Urang mah teu wani kana cacing, tong boro nyekel cacingna,
ninggalina oge geus gila," ceuk Garbus./

Jeung saterusna, cape ah. hehehe. (mh)


Bls: [Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda?

2007-12-11 Terurut Topik Edi junaedi
Eeeehhh nang kaya itulah
sakapeung mah sim kuring sok hayang seuri amun ningali atawa ngadenge urang 
banjar nulis atawa ngomong, ieu geura aya sababaraha contona:
bensin= binsin
stop=satup
ojeg=ujig
rokok=rukuk
softex=sutik
sprite=saprit
cocacola=kukakula

" tulung pang tukar akan kukakula, amun kadada saprit hajah"
( pangmelikeun cocacola amun euweuh sprite wae)

" bujur-bujur kadada" eta teh bahasa banjar, anu artina " bener-bener teu aya"
sanes imbit anu kadada
aya oge pangalaman babaturan basa baheula keur gawe didaerah kandangan, anjeuna 
harita teh geologis gawena lar sup ka leuweung, ngarana nandang, mawa helper 
aya kana lima urangna, nya kabehanana urang banjar, hiji waktu dina kompan cai 
nginum aya tulisan 
" ampun nandang ", ningali tulisan eta atuh pok we nandang teh nyarios ka anak 
buahna anu limaan tea" siapa yang punya salah sama saya? jangan begitu caranya, 
kalau ada salah ngomong aja langsung"
atuh dijawab ku anak buahna " kenapa bapak bepandir nang kaya itu?"
" nah itu siapa yang nulis ditempat air minum tulisan ampun nandang"
"oh itu kah...pa, kalau disini ampun itu artinya kepunyaan, jadi ampun nandang 
itu artinya kepunyaan nandang"
"oh begitu ya" saur nandang


- Pesan Asli 
Dari: mh <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Selasa, 11 Desember, 2007 2:55:44
Topik: Re: [Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda?

sakadar conto, geura toong obrolan khas dina basa banjar, maskot nu
dimuat rutin unggal poe dina koran bajramasin post.

=
Umpan Maunjun

WAYAH tanaman banih di pahumaan mulai malarak ganal, banyunya masih
kacap-kacapan maka rami banar urang maunjung iwak sapat atawa iwak
papuyu di sasala tanaman banih itu. Palui wan kakawalannya mancuba jua
umpat maunjun lalu tulakan ka pahumaan di hujung kampung.

"Ikam napa umpannya Mak?" ujar Garbus.

"Iwak sapat atawa papuyu ini katuju umpan cacing," ujar Tulamak
malihatakan bungkusan cacingnya.

"Aku kada wani wan cacing, jangankan manjapai cacingnya, malihat haja
sudah galianan," ujar Garbus.

"Cacing ini kada maigut dan nyaman mancarinya. Ikam napa umpanya Bus?"
ujar Tulamak.

"Aku bamudal manukar umpan anak wanyi," ujar Garbus.

"Bubuhan ikam badua ini kada bapikir panjang mambawa umpan maunjun,"
ujar Palui. "Kanapa maka kami dipadahakan kada bapikir Lui?" ujar
Tulamak manyahut.

"Maunjun itu harus dihitung, pukul barapa tulak, kamana maunjunnya,
napa umpannya, iwak napa nang diunjun. Jadi jangan sembarang iwak
karna harus sasuai wan kawat dan umpannya tadi," ujar Palui manuduhi
kawannya.

"Maunjun wayah baisukan ini pas banar Lui ai karna iwaknya masih
lapar-lapar, makanya umpan apa haja pasti dipatuknya. Apalagi bila
malihat umpan cacingku nang lamak-lamak ini," ujar Tulamak.

"Sama wan umpanku Mak ai, pasti dikatujui iwak karna anak wan hintalu
wanyi ini harum langsung disambar iwak," ujar Garbus.

"Ikam badua ini baandai-andai bahwa iwak pasti mamatuk umpan ikam.
Bubuhan ikam kada mahitung bahwa iwak itu sudah hidup di zaman
kamajuan karna sudah ada pakan gasan umpan iwak ulahan pabrik. Jadi
kada mungkin lagi iwak hakun mamakan makanan cacing atawa anak wanyi
itu karna sudah katinggalan zaman," ujar Palui.

"Umpat batakunlah Lui, ikam mambawa umpan napa?" ujar Tulamak handak tahu.

"Umpan iwak itu harus serba guna dan bamanfaat. Andaikata sabaisukanan
maulur unjun tapi kada pakulih iwak ba-arti sia-sia, awak uyuh dan
lapar. Makanya bapikirlah," ujar Palui. "Jangan banyak pander Lui,
lakasi sambat napa umpan nang ikam bawa?" ujar Gsrbus. "Ampun maaf,
umpan iwakku adalah ruti," ujar Palui.

"Kada mungkin iwak mamakan ruti hambar itu, iwak kada tatarik
mamatuk," ujar Tulamak.

"Ini ruti, ini acan gasan pamalitnya, iwak pasti mamatuk karna tatarik
babau haruk. Bila iwak kada mamatuk maka .. ini ruti, ini
mantiga wan selainya gasan nang maunjun," ujar Palui kiyap-kiyap
mamakan rutinya kada batatawaran. emhati(repro)

On 12/11/07, mh <[EMAIL PROTECTED] sunda.or. id> wrote:
> saenyana nu kosakecapna loba diwangun ku aksara /a/ aya seler sejen, nu
> jigana leuwih dominan ti urang sunda, nyaeta urang banjar, nu dumuk di pulo
> borneo. loba kapanasaran jeung basa banjar teh, utamana upama
> dibanding-banding jeung basa sunda, sabab loba kosakecap nu sarua. contona
> wae, urang banjar nyebut seler manehna /urang banjar/ sarua jeung urang
> sunda nyebut dirina /urang sunda/.
>
> kunaon kuring boga asumsi, yen basa banjar leuwih dominan migunakeun aksara
> /a/ tinimbang basa sunda? geura urang toong jiga kumaha polana:
>
> indonesia / sunda / banjar
> beras / beas / baras
> keras / teuas / karas
> lama / lawas / lawas
> j.s.t.
>
> katinggali nya, kecap nu dina basa sunda make /e/ jadi /a/ dina basa banjar
> mah.
> (mh)
>
> =
>
> On 12/11/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED] com> wrote:
> >
> >
> >
> >
> >
> >
> > Ngaran sunda mah lolobana make hurup "a"
> >
> > mun di Jawa namina Toto, di sunda mah Tata
> > mun di sunda Nanang, tapi naha di Jawa mah lain Nonong nya ?
> > ah nya teuing atuh..
> >
> 

Re: [Urang Sunda] Re: Ngaran Nyunda?

2007-12-11 Terurut Topik kumincir
Ni getol euy, MH... nepi ka diitung sagala... ari hartina naon atuh eta
artikel dina basa Banjar teh?

On 12/11/07, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   katinggali dina eta tulisan, kumaha euyeubna kecap nu diwangun ku
> vokal /a/. eta we geura, tina 252 kecap, ngan opat kecap nu diwangun
> ku vokal /e/ (sembarang, serba, pander, jeung selainya). taya hiji oge
> kecap nudirangkai ku vokal /o/. cutatan ngaran nu nulis jeung
> katerangan hasil tulis ulang diiwalkeun, teu diitung. (mh)
>