--- In urangsunda@yahoogroups.com, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> mun ngahuma salah jadi artefak pikiran urang, meureun kaayaan
  geografis tropis nu nyiptakeun urang siga kieu.
> -- 
> geocities.com/mangjamal
> mangjamal.multiply.com
>

Hampura pisan, MJ.

Tapi, teuing, siga nu katoong tina komentar kuring: Kuring euceub 
pisan kana budaya huma eta teh. Sanajan enya aya positifna, tapi 
keur kapentingan pragmatis loba ngadoreksakeunnana. Urang teu 
bisa "ngahiji" alatan miboga budaya eta. Lain bae paaing-aing atawa 
autis. Tapi, oge wangkreng jeung bedegong. Contona? Sigana teu kudu 
disebutkeun deui. Loba pisan. 

Matak, kuring nganggap eta artefak ukur mitos -- sakumaha pasipatan 
urang nu goreng atawa ukur sarupaning klaim wungkul. Kukituna, kudu 
dituar. Piteskeun. Rek alus, rek goreng, ku kuring dianggap wadul. 
Awahing ku hayang ngahapus artefak tadi tina memori urang kabeh. 

Dina konteks tulisan MJ, ceuk kuring, mending didel bae bagean eta 
mah. Ukur jadi paneumbleuhan --justifikasi kana kabedegongan urang. 
Mun tea mah rek ngengklokan perkara kurung batok nu disabit-sabit 
Dulwahab, sigana, leuwih hade langsung bae ngebrehkeun kasus-kasus 
wargi-wargi Kusnet nu ngumbara eta? 

Keur sakuringeun, soal mencermati ajaran karuhun leuwih "merenah". 
Sanajan, gayana kurang lincah -- judulna ge "datar". (Kuring hayang 
nyebut eusina kurang radikal. Tapi, teu wasa. Jeung, sigana, euweuh 
gunana).

Ka MH, oge JP, punten teu ngengklokan langsung.
 
MGT

Kirim email ke