Re: [Urang Sunda] Samba Sunda Mengguncang Copacabana--Album

2008-12-11 Terurut Topik brad porenges

Seueur album Sambasunda, diantawisna nu ditataan dihandap ieu, ti anu 
pangenggalna (upami teu lepat):

1. Rahwana Cry,  diproduksi diluar nagrek (Jerman atawa  Enggris?). 
2. Seventh Sense/Tongtolang, feature lagu Minang rasa Sunda
3. Reggeae & Reggoe, 20% Instrumentalia, pang manusiawina.
4. The Greatest of Sambasunda
5. Salsa and Salse, tipe musik Amerika Latin
6. Sunda Bali, persembahan kanggo urang Bali
7. Takbir dan Sholawat
8. Takbiran
10. Sambasunda
11. Gebyar Bali Jaipong
12. Sunda Afrika II, No Risk No Fun
13. Sunda Afrika I
14.

Upami bade ngagaleuh langkung sae ka Aquarius Bandung, jalan Ir Juanda, 
langkung lengkep langkung tihiji judul maksadna eta oge upami kawenehan, tiasa 
di Distara atanapi toko-toko kaset mung rada sesah. Mung album Rahwana Cry mah 
teu aya, kedah ti  luar.

Ieu mendakan di http://seureuhleuweung.multiply.com, cobian aya sababaraha 
laguna sateuacan ngagaleuh.

siporenges

From: Laboo Hijau 
Subject: Re: [Urang Sunda] Samba Sunda Mengguncang Copacabana
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Tuesday, December 9, 2008, 6:37 AM











bade tumaros Kang dupi hasil rekamannana tos diical bebas di toko 
kaset teu acan,upami atos judul album na naon?
 
 

















  

[Urang Sunda] unsubscribe

2008-12-11 Terurut Topik Dadat Hidayat

unsubscribe


PT INTEREX SACRA RAYA

Planning & Technical Sercvices, Survey Sections

Head Office
Graha Irama Building 6th, Suite 6 A-B, Jl. HR rasuna Said Blok X-1 Kav. 1-2,
Jakarta 12950
Phone (62-21) 5261310
Fax (62-21) 5261311

Site Office
Jl. Negara KM. 183 Tiwau RT/RW. 07/03 Muara LangonKec. Muara Komam Kab. Paser 
Kal - TimPhone (62-21) 526 1310 Ext. 675Fax (62-21) 526 1310 Ext. 660


  Lebih bergaul dan terhubung dengan lebih baik. Tambah lebih banyak teman 
ke Yahoo! Messenger sekarang! http://id.messenger.yahoo.com/invite/


[Urang Sunda] Re:Ara Suhara, Si Penakluk Kartosuwirjo?

2008-12-11 Terurut Topik Firman Juliansyah
ah massa sih? penangkap dan penakluk itu beda.

ari ara suhara mah ngan ukur nangkep, lain neklukkeun.

ngan ukur bisa newak jisimna. da ari ideologi sareng
pikiranna mah teu katewak. malahan gening ideologi na
masih hirup tug nepi ka danget ayeuna...

panakluk sejati mah anu bisa mere jambatan kana dua
kapentingan. kapentingan kahiji, bernegara &
berbangsa, kapentingan kadua, ridho allah jeung
tauhid.

tah saha-saha nu bisa ngawujudkeun ieu, eta penakluk
sejati kartosuwiryo. 

disebut gembong teh di mata manusa, di mata Allah mah
duka teuing...

da pahlawan jeung penjahat teh ngan ukur dibedakeun ku
saha nu meunang. 

imam bonjol, moh. toha, diponegoro jsbn maranehna teh
gembong pemberontak kolonial. ayeuna we disebut
pahlawan teh

bener teu, ki dulur?



Firman Juliansyah 

Office:  VILLA MERAH Training & Software Provider Jl. Cicukang 73, Bandung, 
Indonesia 40294 Ph: +62 22 7808841, Fax: +62 22 7808841  

Home: Kp Cijambe Rt 01 Rw 06, Jl Ajitunggal Gang Kenanga I No 32,  Pasir Endah, 
Ujung Berung, Bandung, Indonesia 40619  

Mobile Ph: +62 81 320 656 905 
Email for Yahoo Messenger & Friendster: firman...@yahoo.com  

Website kantor : 
www.villamerah.co.id, www.fieldma.com, www.indoenergi.co.id

Website pribadi: http://profiles.friendster.com/12608683
Blog pribadi   : http://bozzetto.blogs.friendster.com/bozzetto/


  


[Urang Sunda] Hadist Shahih Bukhari & Muslim bhs. Indonesia untuk HP Anda

2008-12-11 Terurut Topik Djodi Ismanto
--- On Thu, 12/11/08, Hery Nurdiansyah wrote:

Transfer 2
file attachment ke HP install.. enjoy. Khusus HP berbasis
Java...
Mudah2an
bermanfaat

---
Kumi: Lampiran dihapus (>200kb). Ka nu palay, mangga ukeun langsung ka Kang 
Djodi


[Urang Sunda] Re: [Baraya_Sunda] [w] tamba heun...

2008-12-11 Terurut Topik kamalinaan

gambar-gambar bumi sunda antik (baduy, kampung naga tasik, kampung
kuta ciamis, aya di mangjamal.multiply.com, mangga we korowots

ke asa aya deui foto2 kampung ciptagelar, ti jae komunitas hong, ke
urang simpen oge di multiply

perkara nyieun gambar nu make katerangan anatomina ke nya, da
kabeneran eta oge garapeun tugas sakolaan tea. ngan pakepuk ku cicing tea.

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Dian Nugraha" 
wrote:
>
> Tambih: peryogi gambar-gambar arsitektur sunda: hateup, enggon,
> golodog, paranje, cubluk/pacilingan, jste. hehe.
> duka saha nu gaduh? Kang MJ panginten
> 
> Dian.
> 
> 2008/12/11 Kumincir Wikidisastra :
> > Tamba gado ngaburayot, nya 'ngayakeun Sunda'...
> > http://commons.wikimedia.org/wiki/Category:Illustrations_in_Sundanese
> >
> > Ua Sas bilih bade nambihan gambar anatomi golok & kujang, diantoz...
> > MJ bilih bade nambihan gambar anatomi jojodog, dianti...
> > Kang Agus, bilih bade nambihan gambar anatomi iket Sunda, haturan...
> >
> > --
> > sikandar
> > kumincir.blogspot.com
> > su.wikipedia.org
> > www.urangsunda.or.id
> >
>




[Urang Sunda] Uleman Semiloka HHM

2008-12-11 Terurut Topik Kuncen Cimanuk

MONASH UNIVERSITY


Faculty of Arts

School of Political and Social Inquiry






Tgl: November 26, 2008.

Kpd Yth: Bapak xx




Undangan



School of Political and Social Inquiry, Monash University, bekerja sama
dengan Universitas Islam Negeri Sunan Gunung Jati, akan mengadakan
semiloka terbatas `Approaching Hasan Mustafa' di UIN Sunan
Gunung Jati pada tanggal 21 Januari, 2009.

. jst..


Hormat kami,



Dr Julian Millie





[Urang Sunda] MP3 Sunda Rupa-Rupa Wanda

2008-12-11 Terurut Topik Djodi Ismanto

Dear Akang / Teteh , sadayana

Seueur nu mundut MP3
lagu-lagu Sunda dina rupi-rupi wanda. Di handap ieu kasanggakeun link
kanggo ngundeurna. Upami link-na teu jalan, saena langsung bae nganjang ka nu 
gaduhna, di dieu. Nyanggakeun.   Kacapi  Kawih Dedah Ratikah:   Elodan  
Tepangdi Bis Kota   Jaipongan  Pameungkeutasih  
 Endahnacinta   BandungBermartabat   Cikapundung  
Nyawangkatukang  Pop Sunda  Barakatak 2008
 :   CikopiJeung Bola-Bola   KakurungHate   Asih
dipulang sengit   KedahKumaha   Bulan  Gara-gara  
Bongan  Kenangan  CaritaCinta   DukunLepus
  Pop Sunda  Hetty Koes Endang :   Asa canlami   Cintaketok 
magic   Kalangkang  Cinta  Tibeulat  Lembur
Kakasih   KapanggihModal   Pangumbaraan  Patepungdi 
batas kota   Asihurang cinta urang   Bagjajeung cinta  
Jaipong  Magic:OrkesSunda Midang Plays Jaipongan (Medley)   
GreatMaster Of Jaipongan 1   Great  
  Master Of Jaipongan 2   KendangDuet   Senggot  Banjaran   
   Samarangan  Kalkun  Gendu  Karatagan  
Sengak  BedrongPetit  
   Berikut  adalah kawih-kawih dari Gambir Wangi :GambirWangi – Mas 
Udan Iris  GambirWangi – Sungkawa Kentar Rarawita  GambirWangi 
– Sumolondo Gawil  GambirWangi – Lampuyangan Lara Gandrung  Gambir  
  Wangi – Laras Pati Sekar Mawar  GambirWangi – Ceurik Rahwana Tangis 
Anjani  Kaelangan
 Pop Sunda  :   Aduh Manis  Anjeun  BajingLuncat
   Bangbungranggaek   Cau Ambon  Cingtulungan   Cinta   
 ketok magic   Cinta  Emut Bae  Euis  Hariring
kuring   Isin  Kagembang  
Kalangkang  Karembongkayas   Kunaonneuteup ka abdi  
 Leungiteun  Mangle  MojangPriangan   PanonHideung  
 Pasrah  Pileuleuyan  Potretmanehna   
Teungteuingeun  Tibelat  Tongtolangnangka  Degung  
Lingkung Seni Sekar Gumilang
 :   Diantos  NyawangTarate   BaleKambang   
Kapeurih  Gaya   
   PupundenAti   Kukupu  BudakCeurik  Lagu-lagu  Sunda 
sanesna (eSnips.com):   http://www.esnips.com/web/sunda/ 
http://www.esnips.com/web/Bandung/
source : www.sunda.co.nr

Paguyuban Wargi Sunda - Medanwww.pwsmedan.blogspot.com




  


  

Re: [Urang Sunda] tutulisan batu kuya

2008-12-11 Terurut Topik Kumincir Wikidisastra
Maksudna mah 9 Oktober 2008 panginten nya, Teh Agni...

On Fri, Dec 12, 2008 at 8:22 AM, agni malagina wrote:

>Batu Kuya:
>
> Salam,
> Agni Malagina
>
> ieu tulisan  dijieun di Sindangbarang, *9 Oktober 2009*
>


-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com


Re: [Urang Sunda] "Sayang"

2008-12-11 Terurut Topik tantan hermansah
haha.
Pak Rektor heureuy, ah...
Kade, ieu sanes kalakuan profesor pan?

Haha
Baktos
Tantan

On Fri, Dec 12, 2008 at 8:46 AM,  wrote:

> Hiji bapa yuswana tos ampir 70 taun, nikah meh 50 taun. Geureuhana ampir
> sayuswa. Anu disebat hebat ku nu sanes, ka geureuhana teh teu weleh nyebat
> "sayang". Hiji mangsa aya anu naros :"kumaha tiasa mesra wae, dugi ka nyebat
> wae sayang ka geureuha?". Waleran si bapa:"puguh ge sok poho deui
> ngaranna."
> Sent from my BlackBerry(R)
> powered by Sinyal Kuat INDOSAT
> 
>
> Komunitas Urang Sunda --> 
> http://www.Urang-Sunda.or.id
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>


-- 
tantan hermansah | SM 1270


[Urang Sunda] "Sayang"

2008-12-11 Terurut Topik ganjark
Hiji bapa yuswana tos ampir 70 taun, nikah meh 50 taun. Geureuhana ampir 
sayuswa. Anu disebat hebat ku nu sanes, ka geureuhana teh teu weleh nyebat 
"sayang". Hiji mangsa aya anu naros :"kumaha tiasa mesra wae, dugi ka nyebat 
wae sayang ka geureuha?". Waleran si bapa:"puguh ge sok poho deui ngaranna."
Sent from my BlackBerry®
powered by Sinyal Kuat INDOSAT


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/join
(Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
mailto:urangsunda-dig...@yahoogroups.com 
mailto:urangsunda-fullfeatu...@yahoogroups.com

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
urangsunda-unsubscr...@yahoogroups.com

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/



RE: [Urang Sunda] Presentasi - Alur Fikir Pandangan Hidup Urang Sunda yang Religius

2008-12-11 Terurut Topik Moch Dachman Maman
Aa ! mun attachment na rada badag mah ulah dikirim via millis ! Langsung we 
kana e-mail bapa, bisi batur karoroncodan mayar telpon/pulsa na badag pisan

Adhitya Nugraha wrote: 
> Bilih peryogi, 
> Kanggo Abah panginteun, 
> Ieu aya presentasi R A W A Y A N   J A T I - Alur Fikir Pandangan Hidup Urang 
> Sunda yang Religius. 
> Sumber: 
> www.kopertis4. or.id/Pages/ Data%202005/ kemah/Isbd/ ISBD%20-% 20Kopertis' 
> %202005/319- RJ-Sirnaning- Bogor.ppt 
> --- Pada Rab, 10/12/08, Moch Dachman Maman menulis: 
> Kang Djodi gaduh keneh PPS nu sanesna (ESQ atanapi presantasi naon wae) anu 
> sapertos 'PPS Pernikahan tea geuning, upami aya nyuhunkeun dikintun. Abah 
> peryogi yeuh. Timpah nuhun sateuacanna 
>  



  Coba Yahoo! Messenger 9.0 baru. Akhirnya datang juga! 
http://id.messenger.yahoo.com


Re: [Urang Sunda] Omelet (2)

2008-12-11 Terurut Topik yana sugiarna
janten emut, mun dilembur sok dipangdamelkeun-keun 'omelet peda' oge ku pun
biang.
peda digoreng heula, teras dibubuk-keun, digalokeun kanu endong.
pedo pisan...

*yana*


On Thu, Dec 11, 2008 at 5:09 PM, Roro Rohmah  wrote:

>Baraya, sambungan dongeng si Kabayan tea, mugia tiasa janten
> pangbeberah manah.
>
> nyanggakeun,
> ro2
>
> Anjog ka warung bi Ocoh, si Kabayan kuat ka ngahuleng ningali kaayaan
> warung nu geus robah, jauh pisan kaayaanana tinu baheula. Warung nu tadina
> leutik, dilegaan. Tehelna nu tadina ngan saukur dipelur, diganti ku keramik.
> Barang dagangan pepek, sagala aya. Nu datang barangbeuli sakitu
> ngagimbungna, ti siklukna ti siklakna. Bi Ocoh paciweuh ngaladangan,
> dibantuan ku sababaraha urang nu sarua keur pakepuk ogé.
>
> Teu lila Bi Ocoh ngarérét…
> "Aéh..aéh…haturan Jang Kabayan, sisinarieun daék ka warung, rék meuli naon
> Jang?"ceuk Bi Ocoh, nanya ka Si Kabayan nu keur tenga-tengo.
> "Ieu Bi, uing téh rék meuli endog satengah kilo sosis sabungkus bawang
> bombay tomat..."si Kabayan nereleng maca daptar beulieun euweuh koma peunna.
> "Ké…ké… Jang Kabayan lalaunan atuh, mani nereleng kitu?!"ceuk bi Ocoh
> keuheuleun.
> "Kieu atuh méh jongjon, tah uing rék meuli nu geus ditulis dina kertas
> ieu!"ceuk si Kabayan bari ngasongkeun daptar balanjaan.
> "Tah, bener mending kieu… ning hideng ogé manéh téh Jang Kabayan!"ceuk bi
> Ocoh atoheun.
> "Na, ari biasana uing téh teu hideng?!"ceuk si Kabayan molotot.
>
> Bari nungguan balanjaan bérés, si Kabayan anteng ningalian sakurilingna,
> bréh katingali di juru aya nu ngajarepat lobaan. Awakna nu sakitu
> salampulurna mani atra ti luhur nepi ka handap katingali, baluligir teu
> ditutupan ku lamak sacewir-cewir acan. Caramakblak maraké wedak, semu koneng
> rada beureum. Tring! Si Kabayan ngeletan, bari kumerot bakat ku kabita.
> Maranéhna haré-haré, da ku teu wawuh téa. Ngarasa teu diwaro, teu antaparah
> rigiwing ku si Kabayan dikerid. Euweuh nu ngalawan hiji-hiji acan, éstu
> palasrah pisan.
> H…jiganamah ngeunah mun dibaturan ku goréng témpé, peuteuy, sambel
> dadak nu seuhah, jeung kurupuk, gerentes si Kabayan jero hate.
>
>  "Bi Ocoh, teu jadi dibeuli nu bieu téh, ganti wé!"Si Kabayan ngabolaykeun
> balanjaanana.
> "Ari manéh sok tara puguh Kabayan!Heug atuh, rék meuli naon?"
>  "Endogna mah jadi, tapi nu lianna diganti. Tambahan ku Peuteuy
> sabeungkeut, Surawung, Bawang beureum, Tomat, Céngék, Tarasi, Salam…"si
> Kabayan nataan kahayangna.
>
>
> Bari ngadingkleung balik ka imahna, si Kabayan héhéotan bakat ku atoh rék
> dahar ngeunah engké beurang. Kasampak Nyi Iteung keur ngisikan di dapur,
> paromanna marahmay barang ningali si Kabayan mucunghul di lawang panto.
> "Enggeus balanja téh Kang?"
> "Geus, tah yeuh…"
>
> Ana dibuka balanjaanana…
> "Akang! ieu téh nanaonan bet meuli nu kararieu?!" Nyi Iteung ambek kacida
> basa ningali balanjaan nu dibeuli ku si Kabayan béda pisan jeung nu geus
> dituliskeun dina kertas.
> "Ieuh Nyi, tong ngambek atuh... Pan geus dipangmeulikeun endog,"ceuk si
> Kabayan ngupahan.
> "Tuluy, keur nanahaon meuli Peda mani loba-loba teuing? Sabaraha kilo ieu
> téh?!"
> "Sakilo Nyi. Kieu, Peda téh dibagi dua. Sawaréh keur Akang, cing
> pangnyieunkeun Pais Peda sing loba surawungna! Tah, sésana deui keur Nyai
> pikeun nyieun Omélét téa. Sumpah, wani medu Nyi, Akang mah teu beuki
> Omalat-Omelet téh, da Akang mah lain bulé!"ceuk si Kabayan teu
> kireum-kireum.
> "Euuughhh…moal enya atuh Omelet maké Peda?! ceuk si Bara ogé na tipi,
> mun rék diganti ku lauk, kudu maké lauk Tuna, lain ku Ped!"ceuk Nyi
> Iteung kekerot bakat ku ambek jeung hayang cerik.
>
>
>
>  
>


Re: [Urang Sunda] Fw: Daramang Baraya

2008-12-11 Terurut Topik mamat
Walaha-walah Wa Aang, abjad "a" aya 1.119 

Wa Aang baheula (2003) kantos ngadongeng tentang Beo, mun teu lepat geus seri 
ka 7.. (Beo Masantren kitu)..
Tah kumaha Beo teh meureun ayeuna geus anakan... kumaha dongeng anakna?
Sigana seueur warga KUsnet anu enggal (>2004) teu acan maca kumaha dongengna si 
Kabayan narima lamaran tea.. 
sok-lah alung keun deui, da teu matak Bosen ieuh...
Abdi teh leungiteun ku Wa Aang, Siganteng Om TEDDY van Subang, Abah Joe van New 
York, Teh... naon van Amrik, 
malahan "Indung peuting" anu biasanamah sadintena tara kirang ti 10 warta,... 
ayeuna kamarana nya ???

Ngan Rumasa rada Joledar kana KUSNET teh, ngan ukur noongan wungkul, 
Biasa "riweuh ku Cicing"...

Der ah Wa Aang...
Wa Sas, Mang Jamal ari sowan ka ER ER I teh (Abah Nano) osok keneh ?


Wassalam

Mamat Rachmat mantan jajaka kapaksa





  - Original Message - 
  From: Aang Wahyono 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Thursday, December 11, 2008 6:19 PM
  Subject: [Urang Sunda] Fw: Daramang Baraya


-- On Wed, 11/26/08, Aang Wahyono  
wrote:

  From: Aang Wahyono 
  Subject: [Urang Sunda] Fw: Daramang Baraya??!!
  To: urangsunda@yahoogroups.com
  Date: Wednesday, November 26, 2008, 12:11 PM


  Walaah…walahhh … daramang baraya sadayana . Rarasaan mah  aya 
kana Panca warsa akang paanggang sama baraya sadaya nya ?  Sapanjang masa   
akang  ngalaratan lara balas tara sawala sarta tara haa haaa . Nyaaan balangsak 
rarasaan, rasa ngalayang ngalalana  ka jaman can anggang ka baraya Saban taya 
pacabakan gancang mapag kaca warta macaan warta baraya sadaya. Waas pama maca 
wawaranana Was Sas ngabahas sastra atawa babasaan, bray kana wartana Mang Jamal 
ngalayanan sagala pananya baraya.Pama akang hayang haa..haaa tah gancang maca 
karanganana Kang Syam da aya sajaahhh warta matak ngagagakna. Babagan agama aya 
nyampak, bahasan Nagara aya, pangalaman para warga ngajagrag., nyaan matak 
waas! 
   
   


  . 


*
Flexi-Gratis bicara sepanjang waktu se-Jawa Barat,
Banten dan DKI Jakarta.

Speedy-Gratis Internetan unlimited dari Pkl. 20.00
s/d 8.00 se- Jabodetabek, Banten, Karawang dan
Purwakarta
*


[Urang Sunda] tutulisan batu kuya

2008-12-11 Terurut Topik agni malagina
 
Punten Para Anggota milis,
abdi ngintun ieu tulisan anu tos sempet diterjemahkeun ku Kang Mumu. hapunten 
anu ti payun dikintun dalam bahasa sunda...
punten upami basa sunda abdi teu sae
abdi hoyong nyerat kana basa sunda tapi gagal selalu
hanya mengandalkan kang mumu agar bisa memasukan tulisan ke milis kusnet
hapunten pisan...
 
baktos,
agni malagina
 
Batu Kuya: 
lalakon ngeunaan riwayat batu


agni malagina



Batu gé payu dijual!
Éta téh bukti kabeungharan Indonésia. Nepi ka batu unik 'sagunduk' gé payu 
dijual nembus angka 9 digit. Urang bisa nempo kasus Batu Kuya di salah sahiji 
titik daérah Kabupatén Bogor, nya éta Kampung Cisusuh, Désa Cileksa Kacamatan 
Sukajaya. Jarakna teu jauh ti tempat nu ditaksir minangka puseur ritual 
kaagamaan jaman karajaan Sunda (Pajajaran) kira-kira abad 15-16 M--atawa bisa 
jadi leuwih kolot deui—di Sindangbarang, Kacamatan Taman Sari, Kabupaten Bogor. 
Batu Kuya ramé dipadungdengkeun dina bulan Séptémber, sababaraha poé saméméh 
Poé Lebaran 2008. Harita téh beritana muncul di sababaraha koran nu geus 
kawentar di ibukota. Batu Kuya, batu gedé unik siga kuya, kungsi dibawa kaluar 
tina "sayangna" ku sakelompok jelema ku sabab éta batu rék dijual ka Koréa 
kalawan harga mahal pisan. Teu kapalang, angka 40 milyar bakal jadi bagian tina 
transaksi si Kuya. Ti saprak  éta berita mucunghul, Batu Kuya meunang perhatian 
ti Pemda Kabupatén
 Bogor, nu diwakilan ku dinas pariwisatana. Der wé jadi polemik. Sababaraha 
panalungtik (arkéolog) dipénta  pikeun nalungtik batu Kuya tina jihad 
arkéologi. Teu lila, arkéolog kahot ti FIB UI, Mang Hasan, ngajéntrékeun hasil 
panalungtikanana, yén batu Kuya téh batu alam biasa sanajan si batu aya dina 
wilayah "bentangan situs-situs bersejarah". Ieu "ucapan" téh sempet ngagétkeun 
pihak dinas pariwisata. Ngan kumaha deui atuh, pakar geus nyarita.

Ku naon batu alam, si Kuya téa, nepi ka ditaksir milyaran rupia?

Tangtu éta batu téh miboga 'sesuatu', duka ajén arkéologi, ajén sajarah, ajén 
budaya, ajén spiritual, ajén éstétika, jeung ajén-ajén lianna. Nyutat 
sababaraha pamadegan warga di sabudeureun éta batu, batu Kuya téh minangka 
perlambang jeung mibanda ajén mistis pikeun warga di sabudeureunana. Malah mah 
aya nu méré tafsiran yén diangkatna batu Kuya ti éta daérah téh mangrupa 
totondén yén pamingpin nu méntalna siga Kuya téh dileungitkeun. Th…ieu nu 
kudu dimutalaah sacara kritis téh. Méntal Kuya? Kawas kumaha méntal Kuya téh? 
Méntal nu goréng? Hal ieu ngélékéték haté si kuring. Obrolan si kuring jeung 
Bapa Agus Arismunandar ngeunaan batu Kuya miboga tafsiran séjén. Kuya dina 
kabudayaan jeung paradaban jaman bihari--masa Hindu, Cina, Bali jeung 
sababaraha tempat séjénna–mangrupa simbol kasugihan, kawaluyaan, jeung panjang 
umur. Kumaha kuya dina kabudayaan Sunda? Pa Agus ngabejerbéaskeun yén di daérah 
Cirebon
 kidul aya balong nu eusina kuya, disebut Kolam Belawa. Sadérék panasaran 
ngeunaan ieu balong? Mangga sumping ka FIB UI jeung ngobrol sareng Pa Agus 
Arismunandar. Anjeunna ogé nyebutkeun yén konsép kuya di Sunda téh aya tumalina 
jeung masa Tarumanagara basa Purnawarman mingpin ieu karajaan. Purnawarman 
disebut-sebut minangka titisan Déwa Wisnu, déwa nu kalan-kalan disimbolkeun ku 
kuya, lambang kawaluyaan jeung kasuburan.
Wangun mirip  kuya ti si Batu Kuya téh  kamungkinan wangun nu alamiah. Dina 
mangsa ieu, batu alami téh mibanda ajén unik pikeun sababaraha nagara nu boga 
kabudayaan seni batu. Koréa salah sahiji nagara nu ngamimitian seni batu ti 
sapkrak 2.000 taun ka tukang. Ieu seni batu téh datangna ti Cina saprak jaman 
Dinasti Tang (618 – 907 SM). Di Jepang kawentar disebut suiséki. Ieu tradisi 
seni batu raket kaitanana jeung tradisi Konfusian jeung Daois. Wangun nu sering 
disuguhkeun ku ieu seni batu téh nya éta wangun-wangun batu alami nu unik, 
mibanda wangun panorama gunung, abstrak, figure Budha, sato-sato mitologi, 
stalagnit jeung stalagtit, sarta wangun nu dianggap magis jeung nu mirip flora. 
Ieu batu-batu alam téh sering diteundeun di taman minangka unsur penting tina 
lanskap taman di Cina, Korea jeung Jepang. Ogé minangka koleksi nu diteundeun 
dina jero ruangan keur ngalengkepan interior. Ku sabab alami, jeung seni batu 
mangrupa bagian tina
 tradisi Konfusian jeung Daois, teu héran, beuki magis jeung alami wangun éta 
batu, beuki mahal hargana. Ku sabab éta batu téh teu ukur aya hubunganana jeung 
géngsi si pemilik, tapi ogé aya hubunganana jeung 'kaihlasan' hubungan nu boga 
(si pemilik) jeung 'Langit', falsafah, jeung karuhunna.
 
Teu matak héran, Batu Kuya dihargaan  nepi ka milyaran rupia. Indonésia téh 
geuning kacida pisan beungharna, batu gé payu dijual! Mangsa saperti  kieu…si 
kuring ngarasa reueus jadi warga Indonésia. Tapi henteu dina mangsa si kuring 
ngarasa hélok nénjo kacida 'anéh'na sistem jeung politik ieu nagri nu kawentar 
gemah-ripah-loh-jinawi. Basa batu Kuya jadi bahan padungdengan di antara  para 
anggota déwan di Bogor, ébréh pisan katénjo aya  pihak-pihak nu 

Re: [Urang Sunda] Omelet (2)

2008-12-11 Terurut Topik Dadi Kurniadi
diantos sambungan na teh Roro!

--- On Thu, 12/11/08, Roro Rohmah  wrote:

From: Roro Rohmah 
Subject: [Urang Sunda] Omelet (2)
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Thursday, December 11, 2008, 4:09 AM







Baraya, sambungan dongeng si Kabayan tea, mugia tiasa janten pangbeberah manah.
 
nyanggakeun,
ro2
 
Anjog ka warung bi Ocoh, si Kabayan kuat ka ngahuleng ningali kaayaan warung nu 
geus robah, jauh pisan kaayaanana tinu baheula. Warung nu tadina leutik, 
dilegaan. Tehelna nu tadina ngan saukur dipelur, diganti ku keramik. Barang 
dagangan pepek, sagala aya. Nu datang barangbeuli sakitu ngagimbungna, ti 
siklukna ti siklakna. Bi Ocoh paciweuh ngaladangan, dibantuan ku sababaraha 
urang nu sarua keur pakepuk ogé. 
 
Teu lila Bi Ocoh ngarérét…
“Aéh..aéh…haturan Jang Kabayan, sisinarieun daék ka warung, rék meuli naon 
Jang?”ceuk Bi Ocoh, nanya ka Si Kabayan nu keur tenga-tengo.
“Ieu Bi, uing téh rék meuli endog satengah kilo sosis sabungkus bawang bombay 
tomat...”si Kabayan nereleng maca daptar beulieun euweuh koma peunna.
“Ké…ké… Jang Kabayan lalaunan atuh, mani nereleng kitu?!”ceuk bi Ocoh 
keuheuleun.
“Kieu atuh méh jongjon, tah uing rék meuli nu geus ditulis dina kertas 
ieu!”ceuk si Kabayan bari ngasongkeun daptar balanjaan.
“Tah, bener mending kieu… ning hideng ogé manéh téh Jang Kabayan!”ceuk bi Ocoh 
atoheun.
“Na, ari biasana uing téh teu hideng?!”ceuk si Kabayan molotot.
 
Bari nungguan balanjaan bérés, si Kabayan anteng ningalian sakurilingna, bréh 
katingali di juru aya nu ngajarepat lobaan. Awakna nu sakitu salampulurna mani 
atra ti luhur nepi ka handap katingali, baluligir teu ditutupan ku lamak 
sacewir-cewir acan. Caramakblak maraké wedak, semu koneng rada beureum. Tring! 
Si Kabayan ngeletan, bari kumerot bakat ku kabita. Maranéhna haré-haré, da ku 
teu wawuh téa. Ngarasa teu diwaro, teu antaparah rigiwing ku si Kabayan 
dikerid. Euweuh nu ngalawan hiji-hiji acan, éstu palasrah pisan. 
H…jiganamah ngeunah mun dibaturan ku goréng témpé, peuteuy, sambel dadak nu 
seuhah, jeung kurupuk, gerentes si Kabayan jero hate.
 
 “Bi Ocoh, teu jadi dibeuli nu bieu téh, ganti wé!”Si Kabayan ngabolaykeun 
balanjaanana.
“Ari manéh sok tara puguh Kabayan!Heug atuh, rék meuli naon?”
 “Endogna mah jadi, tapi nu lianna diganti. Tambahan ku Peuteuy sabeungkeut, 
Surawung, Bawang beureum, Tomat, Céngék, Tarasi, Salam…”si Kabayan nataan 
kahayangna.
 

Bari ngadingkleung balik ka imahna, si Kabayan héhéotan bakat ku atoh rék dahar 
ngeunah engké beurang. Kasampak Nyi Iteung keur ngisikan di dapur, paromanna 
marahmay barang ningali si Kabayan mucunghul di lawang panto.
“Enggeus balanja téh Kang?”
“Geus, tah yeuh…”
 
Ana dibuka balanjaanana…
“Akang! ieu téh nanaonan bet meuli nu kararieu?!” Nyi Iteung ambek kacida basa 
ningali balanjaan nu dibeuli ku si Kabayan béda pisan jeung nu geus dituliskeun 
dina kertas.
“Ieuh Nyi, tong ngambek atuh... Pan geus dipangmeulikeun endog,”ceuk si Kabayan 
ngupahan.
“Tuluy, keur nanahaon meuli Peda mani loba-loba teuing? Sabaraha kilo ieu 
téh?!” 
“Sakilo Nyi. Kieu, Peda téh dibagi dua. Sawaréh keur Akang, cing pangnyieunkeun 
Pais Peda sing loba surawungna! Tah, sésana deui keur Nyai pikeun nyieun Omélét 
téa. Sumpah, wani medu Nyi, Akang mah teu beuki Omalat-Omelet téh, da Akang mah 
lain bulé!”ceuk si Kabayan teu kireum-kireum.
“Euuughhh… moal enya atuh Omelet maké Peda?! ceuk si Bara ogé na tipi, mun 
rék diganti ku lauk, kudu maké lauk Tuna, lain ku Ped!”ceuk Nyi Iteung 
kekerot bakat ku ambek jeung hayang cerik.
 
 

 














  

Re: [Urang Sunda] Re: [Baraya_Sunda] [w] tamba heun...

2008-12-11 Terurut Topik Kumincir Wikidisastra
Waah... rezzep pizan mun aya teh...

Di internet manggih buku Menelusuri Arsitektur
Sundajeung
skripsi Kajian
Bentuk Arsitektur Tradisional
Sunda.
Hanjakal tos lami teu ka toko buku, asa can kungsi manggih buku sarupaning
eta...

On Thu, Dec 11, 2008 at 8:08 PM, Dian Nugraha wrote:

>   Tambih: peryogi gambar-gambar arsitektur sunda: hateup, enggon,
> golodog, paranje, cubluk/pacilingan, jste. hehe.
> duka saha nu gaduh? Kang MJ panginten
>


[Urang Sunda] Re: [Baraya_Sunda] [w] tamba heun...

2008-12-11 Terurut Topik Dian Nugraha
Tambih: peryogi gambar-gambar arsitektur sunda: hateup, enggon,
golodog, paranje, cubluk/pacilingan, jste. hehe.
duka saha nu gaduh? Kang MJ panginten

Dian.

2008/12/11 Kumincir Wikidisastra <[EMAIL PROTECTED]>:
> Tamba gado ngaburayot, nya 'ngayakeun Sunda'...
> http://commons.wikimedia.org/wiki/Category:Illustrations_in_Sundanese
>
> Ua Sas bilih bade nambihan gambar anatomi golok & kujang, diantoz...
> MJ bilih bade nambihan gambar anatomi jojodog, dianti...
> Kang Agus, bilih bade nambihan gambar anatomi iket Sunda, haturan...
>
> --
> sikandar
> kumincir.blogspot.com
> su.wikipedia.org
> www.urangsunda.or.id
>


[Urang Sunda] [w] tamba heun...

2008-12-11 Terurut Topik Kumincir Wikidisastra
Tamba gado ngaburayot, nya 'ngayakeun Sunda'...
http://commons.wikimedia.org/wiki/Category:Illustrations_in_Sundanese

Ua Sas bilih bade nambihan gambar anatomi golok & kujang, diantoz...
MJ bilih bade nambihan gambar anatomi jojodog, dianti...
Kang Agus, bilih bade nambihan gambar anatomi iket Sunda, haturan...

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com
su.wikipedia.org
www.urangsunda.or.id


[Urang Sunda] Fw: Daramang Baraya

2008-12-11 Terurut Topik Aang Wahyono


---







-- On Wed, 11/26/08, Aang Wahyono <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Aang Wahyono <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: [Urang Sunda] Fw: Daramang Baraya??!!
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Wednesday, November 26, 2008, 12:11 PM







Walaah…walahhh …
daramang baraya sadayana . Rarasaan mah  aya kana Panca warsa akang paanggang 
sama
baraya sadaya nya ?  Sapanjang masa   akang 
ngalaratan lara balas tara sawala sarta tara
haa haaa . Nyaaan balangsak rarasaan, rasa ngalayang ngalalana  ka jaman can 
anggang ka baraya Saban taya
pacabakan gancang mapag kaca warta macaan warta baraya sadaya. Waas pama maca
wawaranana Was Sas ngabahas sastra atawa babasaan, bray kana wartana Mang Jamal
ngalayanan sagala pananya baraya.Pama akang hayang haa..haaa tah gancang maca
karanganana Kang Syam da aya sajaahhh warta matak ngagagakna. Babagan agama aya
nyampak, bahasan Nagara aya, pangalaman para warga ngajagrag., nyaan matak
waas! 

Tah nyaaan akang  ngarasa tas lana tara nganjang, nyapa sarta
salam ka baraya. Datang mangsana, jalaran aya jasana sarta karsana  Wa Sas, 
Mang Jamal sarta Jang Mamat ngalap
kana ngaran Mantan Jajaka Kapaksa, akang wasa ngadatangan ka baraya sadaya.
Jang ngabaladah  akang gancang ngayap
ngaraksa aksara jang bahan sawala baraya. Kawasna, sabab tas lana akang rada
gagap ngagarapna, ngadadak babasan pada anggang, nya saaya-ayana  sajah ngarah 
aya tanggapanana baraya sadaya.  Garapan akang  jang ngabaladahna ngahaja 
ngalap kana aksara
“a” sabab kata akang,  “a” mah akasara
pangawal-awalna ragrag kamarcapada . Prak  sawang ka anak-anak, pama  kakara 
wasa ngacaprak apan ngawak-wak ka
bapana : Paapaa!!! atawa  “Abaaahh!!!” atawa
“Ayyaahhh!!!” sarta sajabana . Pama ngarasa lapar hayang dahaar apan calawak
tah ngawakwak Mamaammm… mammaaamm! Ya kagak baraya? Tah pangwarah bapana ngarah
anggang kana babasan anak nakal atawa ngarah anakna aya na pangasawan tanpa
angkat kamamana, bapana ngahaja ngajagragan kakapalan, langlayangan, panggal. 
ssjbna
Bablas kana warahan ngarah anakna apal kana wargana wana , jagaragan bapana
balatak sabangsa  gagajahan, babadakan,
lalandakan, nanagaan  ssjbna  Alah naha
akang kalah  ngacaprak ngabahas kana
anak-anak nya? Kawasna sabab akang tas akrab kana kaayaan anak-anak akang tas
anakan. Tah anakna anak akang mah pama nyapa akang ngalap kana “Abah”. .Aya
rasa bangga, pama nyawang kana kaayaan. Banggana akang ngarasa tas laksana
kabawa kana babasan  jalma lalanang
jagat, kamanahan anak sarta  kaamanahan
anakna anak akang. Tah baraya nyaah ka anakna anak mah aya tambahna, pama ka
anak mah aya pangawasana pan nyaram kahayangna. Ka anakna anak mah nyaan akang
tanpa wasa haram kawasna pama haying nyaram kana kahayangana. Aya pangalaman
can lana, basa mangsa akang salat ashar anakna anak akang kawasna  aya kahayang 
rada nalaktak ngalacat  hanjat kana  taktak akang. Akang tanpa wasa nyaram
kahayangna, nya  kapaksa salat akang
batal da was-was anakna anak akang ragrag kahandap (alah basa ragrag mah nya ka
handap pan!) malah akan tatan-tatan  ngajaga
sangkan anakna anak akang lawas kana tanpa daksa. Tah  ngarasa akang mah tas 
paska jajaka lan  taktak akang tas karasa rada ngambay sarta
panangan akang karasa baal balas ngawaragadan wawaran, kapakasa wawaranna tamat
sajah yah! 

Maaf salaksa maaf ka baraya sadayana  sarta jangan marah nya pama baraya sadaya 
maca
baladahanana sapaan  akang kapaksa
calangap kawas badak kalaparan balas calawak rada lana, haa..h!!! 

Cag ah!

 

Wa AANG











  Menambah banyak teman sangatlah mudah dan cepat. Undang teman dari 
Hotmail, Gmail ke Yahoo! Messenger sekarang! 
http://id.messenger.yahoo.com/invite/

Re: [Urang Sunda] Perkara pertumbuhan ekonomi ... (nostalgia provinsi Sunda Kecil)

2008-12-11 Terurut Topik Dian Nugraha
Saur rerencangan mah cenah aya hiji deui parameter anu kedah diungkab
ka publik teh nyaeta volume barang. Janten jumlah barang anu diekspor
(sanes nilaina sacara dolar/rupiah). Ku cara kitu cenah urang bakal
terang yen Indonesia teh volume eksporna langkung ti nagara-nagar
sejen.

Hanjakalna, pangaos unggal barang nu diekspor ku urang teh handap
teuing (undervalued). Cobi pami urang tiasa naekkeun pangaos barang
ekspor urang. Contona panginten samodel sapatu nike,adidas dsb. ku
urang diekspor 1-3 dolar, tapi diical di eropa 40 dolar. Tangtos bakal
karaos akibatna ka para buruh/karyawanna.

Aya nu nyebatkeun cenah, ongkos mayar selebriti samodel Tiger Woods
pikeun ngiklankeun produk teh langkung ageung batan total gaji
buruh/karyawan produk eta di Indonesia.

Salam,
Dian.


2008/12/10 H Surtiwa:
> Ari GDP mah per depinisi kedah current gross revenue dibagi rata2 jumlah
> jalmi kanggo ngetang per kapita. janten bener2 gross kalebet pandapatan
> kulantaran harga inflasi (parobahan niley artos kulantaran waktos). Mun bade
> didepinsikeun ka taun ayeuna kanggo ngukur kinerja tau2 anu bade disorang
> tiasa...nyaeta kedah nganggo ngalebetkeun paktor inflasi tiap taun2 atanapi
> ditangtoskeun wae niley diskonto rata2 tiap taun anu nyaketan kana niley
> inflasi misal 8%. Engke pangdapatan gross 2009,2009,20102030 dietang
> didiskontokeun ka taun 2008. Teras ditingali naha ekonomi teh tuwuh atanapi
> ambles..Raraosan abdi mah nyirorot kumargi fundamental ekonomi lemah
> lantaran interest bakal 2 digit wae anteng.


[Urang Sunda] Omelet (2)

2008-12-11 Terurut Topik Roro Rohmah
Baraya, sambungan dongeng si Kabayan tea, mugia tiasa janten pangbeberah manah.

nyanggakeun,
ro2

Anjog ka warung bi Ocoh, si Kabayan kuat ka ngahuleng ningali kaayaan warung nu 
geus robah, jauh pisan kaayaanana tinu baheula. Warung nu tadina leutik, 
dilegaan. Tehelna nu tadina ngan saukur dipelur, diganti ku keramik. Barang 
dagangan pepek, sagala aya. Nu datang barangbeuli sakitu ngagimbungna, ti 
siklukna ti siklakna. Bi Ocoh paciweuh ngaladangan, dibantuan ku sababaraha 
urang nu sarua keur pakepuk ogé. 

Teu lila Bi Ocoh ngarérét*
"Aéh..aéh*haturan Jang Kabayan, sisinarieun daék ka warung, rék meuli naon 
Jang?"ceuk Bi Ocoh, nanya ka Si Kabayan nu keur tenga-tengo.
"Ieu Bi, uing téh rék meuli endog satengah kilo sosis sabungkus bawang bombay 
tomat..."si Kabayan nereleng maca daptar beulieun euweuh koma peunna.
"Ké*ké* Jang Kabayan lalaunan atuh, mani nereleng kitu?!"ceuk bi Ocoh 
keuheuleun.
"Kieu atuh méh jongjon, tah uing rék meuli nu geus ditulis dina kertas 
ieu!"ceuk si Kabayan bari ngasongkeun daptar balanjaan.
"Tah, bener mending kieu* ning hideng ogé manéh téh Jang Kabayan!"ceuk bi Ocoh 
atoheun.
"Na, ari biasana uing téh teu hideng?!"ceuk si Kabayan molotot.

Bari nungguan balanjaan bérés, si Kabayan anteng ningalian sakurilingna, bréh 
katingali di juru aya nu ngajarepat lobaan. Awakna nu sakitu salampulurna mani 
atra ti luhur nepi ka handap katingali, baluligir teu ditutupan ku lamak 
sacewir-cewir acan. Caramakblak maraké wedak, semu koneng rada beureum. Tring! 
Si Kabayan ngeletan, bari kumerot bakat ku kabita. Maranéhna haré-haré, da ku 
teu wawuh téa. Ngarasa teu diwaro, teu antaparah rigiwing ku si Kabayan 
dikerid. Euweuh nu ngalawan hiji-hiji acan, éstu palasrah pisan. 
H*jiganamah ngeunah mun dibaturan ku goréng témpé, peuteuy, sambel dadak nu 
seuhah, jeung kurupuk, gerentes si Kabayan jero hate.

 "Bi Ocoh, teu jadi dibeuli nu bieu téh, ganti wé!"Si Kabayan ngabolaykeun 
balanjaanana.
"Ari manéh sok tara puguh Kabayan!Heug atuh, rék meuli naon?"
 "Endogna mah jadi, tapi nu lianna diganti. Tambahan ku Peuteuy sabeungkeut, 
Surawung, Bawang beureum, Tomat, Céngék, Tarasi, Salam*"si Kabayan nataan 
kahayangna.


Bari ngadingkleung balik ka imahna, si Kabayan héhéotan bakat ku atoh rék dahar 
ngeunah engké beurang. Kasampak Nyi Iteung keur ngisikan di dapur, paromanna 
marahmay barang ningali si Kabayan mucunghul di lawang panto.
"Enggeus balanja téh Kang?"
"Geus, tah yeuh*"

Ana dibuka balanjaanana*
"Akang! ieu téh nanaonan bet meuli nu kararieu?!" Nyi Iteung ambek kacida basa 
ningali balanjaan nu dibeuli ku si Kabayan béda pisan jeung nu geus dituliskeun 
dina kertas.
"Ieuh Nyi, tong ngambek atuh... Pan geus dipangmeulikeun endog,"ceuk si Kabayan 
ngupahan.
"Tuluy, keur nanahaon meuli Peda mani loba-loba teuing? Sabaraha kilo ieu 
téh?!" 
"Sakilo Nyi. Kieu, Peda téh dibagi dua. Sawaréh keur Akang, cing pangnyieunkeun 
Pais Peda sing loba surawungna! Tah, sésana deui keur Nyai pikeun nyieun Omélét 
téa. Sumpah, wani medu Nyi, Akang mah teu beuki Omalat-Omelet téh, da Akang mah 
lain bulé!"ceuk si Kabayan teu kireum-kireum.
"Euuughhh*moal enya atuh Omelet maké Peda?! ceuk si Bara ogé na tipi, mun 
rék diganti ku lauk, kudu maké lauk Tuna, lain ku Ped!"ceuk Nyi Iteung 
kekerot bakat ku ambek jeung hayang cerik.