diantos sambungan na teh Roro....! --- On Thu, 12/11/08, Roro Rohmah <roro.roh...@sidola.com> wrote:
From: Roro Rohmah <roro.roh...@sidola.com> Subject: [Urang Sunda] Omelet (2) To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Thursday, December 11, 2008, 4:09 AM Baraya, sambungan dongeng si Kabayan tea, mugia tiasa janten pangbeberah manah. nyanggakeun, ro2 Anjog ka warung bi Ocoh, si Kabayan kuat ka ngahuleng ningali kaayaan warung nu geus robah, jauh pisan kaayaanana tinu baheula. Warung nu tadina leutik, dilegaan. Tehelna nu tadina ngan saukur dipelur, diganti ku keramik. Barang dagangan pepek, sagala aya. Nu datang barangbeuli sakitu ngagimbungna, ti siklukna ti siklakna. Bi Ocoh paciweuh ngaladangan, dibantuan ku sababaraha urang nu sarua keur pakepuk ogé. Teu lila Bi Ocoh ngarérét… “Aéh..aéh…haturan Jang Kabayan, sisinarieun daék ka warung, rék meuli naon Jang?”ceuk Bi Ocoh, nanya ka Si Kabayan nu keur tenga-tengo. “Ieu Bi, uing téh rék meuli endog satengah kilo sosis sabungkus bawang bombay tomat...”si Kabayan nereleng maca daptar beulieun euweuh koma peunna. “Ké…ké… Jang Kabayan lalaunan atuh, mani nereleng kitu?!”ceuk bi Ocoh keuheuleun. “Kieu atuh méh jongjon, tah uing rék meuli nu geus ditulis dina kertas ieu!”ceuk si Kabayan bari ngasongkeun daptar balanjaan. “Tah, bener mending kieu… ning hideng ogé manéh téh Jang Kabayan!”ceuk bi Ocoh atoheun. “Na, ari biasana uing téh teu hideng?!”ceuk si Kabayan molotot. Bari nungguan balanjaan bérés, si Kabayan anteng ningalian sakurilingna, bréh katingali di juru aya nu ngajarepat lobaan. Awakna nu sakitu salampulurna mani atra ti luhur nepi ka handap katingali, baluligir teu ditutupan ku lamak sacewir-cewir acan. Caramakblak maraké wedak, semu koneng rada beureum. Tring! Si Kabayan ngeletan, bari kumerot bakat ku kabita. Maranéhna haré-haré, da ku teu wawuh téa. Ngarasa teu diwaro, teu antaparah rigiwing ku si Kabayan dikerid. Euweuh nu ngalawan hiji-hiji acan, éstu palasrah pisan. Hmmmm…jiganamah ngeunah mun dibaturan ku goréng témpé, peuteuy, sambel dadak nu seuhah, jeung kurupuk, gerentes si Kabayan jero hate. “Bi Ocoh, teu jadi dibeuli nu bieu téh, ganti wé!”Si Kabayan ngabolaykeun balanjaanana. “Ari manéh sok tara puguh Kabayan!Heug atuh, rék meuli naon?” “Endogna mah jadi, tapi nu lianna diganti. Tambahan ku Peuteuy sabeungkeut, Surawung, Bawang beureum, Tomat, Céngék, Tarasi, Salam…”si Kabayan nataan kahayangna. Bari ngadingkleung balik ka imahna, si Kabayan héhéotan bakat ku atoh rék dahar ngeunah engké beurang. Kasampak Nyi Iteung keur ngisikan di dapur, paromanna marahmay barang ningali si Kabayan mucunghul di lawang panto. “Enggeus balanja téh Kang?” “Geus, tah yeuh…” Ana dibuka balanjaanana… “Akang! ieu téh nanaonan bet meuli nu kararieu?!” Nyi Iteung ambek kacida basa ningali balanjaan nu dibeuli ku si Kabayan béda pisan jeung nu geus dituliskeun dina kertas. “Ieuh Nyi, tong ngambek atuh... Pan geus dipangmeulikeun endog,”ceuk si Kabayan ngupahan. “Tuluy, keur nanahaon meuli Peda mani loba-loba teuing? Sabaraha kilo ieu téh?!” “Sakilo Nyi. Kieu, Peda téh dibagi dua. Sawaréh keur Akang, cing pangnyieunkeun Pais Peda sing loba surawungna! Tah, sésana deui keur Nyai pikeun nyieun Omélét téa. Sumpah, wani medu Nyi, Akang mah teu beuki Omalat-Omelet téh, da Akang mah lain bulé!”ceuk si Kabayan teu kireum-kireum. “Euuurrrrghhh… moal enya atuh Omelet maké Peda?! ceuk si Bara ogé na tipi, mun rék diganti ku lauk, kudu maké lauk Tuna, lain ku Pedaaaa!”ceuk Nyi Iteung kekerot bakat ku ambek jeung hayang cerik.