[Urang Sunda] Sisindiran Lebaran

2010-09-07 Terurut Topik irpan rispandi
di wahangan loba hurang
hurang gede matak bungah
na sawangan bet hariwang
hariwang ku loba salah

jero leuweung loba oa
oa hideung tinggulantung
jero hate keueung rosa
keueung sieun goreng tungtung

lega laut loba lauk
lauk gede lauk leutik
tega kula tunjak tunjuk
nunjuk goreng nuduh licik

jangkung gunung luhur jujul
mayakpak babakan handapna
langkung saur osok rahul
ngagonjak sok sahayangna

tah didinya nya sarakan
nya kadinya nu di seja
tah ayeuna kasempetan
nya kudu menta hampura

Wilujeng Idul Fitri, hampura sagala dosa kuring nya.
Nuhun 

-- 
R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupalingningrat, teureuh Planet Krypton



Re: [Urang Sunda] Fw: [manassa] Naskah Sunda di EFEO

2010-09-07 Terurut Topik mh
sababaraha taun katukang, waktu ngadigitalkeun majalah pusaka sunda, naskah
majalahna dikirim ku kang ganjar, nu harita dines di perancis. asana
numutkeun kang ganjar ieu naskah beunang motokopi ti bu vivian sukanda. tah
aya hadena, perkara bu vivian, paluruh ka kang ganjar nu kiwari pancen
rektor unpad.
-mh-

2010/9/7 hangjuang bodas hangjuangbo...@yahoo.com



 Sabenerna tos lumayan lami aya patanyaan, hususna di kalangan panalungtik
 ngeunaan ngalengitna naskah-naskah ex garapan EFEO ieu. Anu balukarna
 mucunghulkeun hiji tudingan yen naskah teh diringkid ku Vivian Sukanda
 dibawa ka Perancis.

 Pikeun maluruh dimana ayana bungkeuleukan naskah asli ieu, teu aya salahna
 lamun dilalanyahan nanya langsung ka Ibu Vivian. Tapi naha Ibu Vivian teh
 aya keneh dikieuna? Da lamun nengetan buku-buku terbitan EFEO 8 taun ka
 tukang nu aya kaitanana jeung Sunda atawa Tatar Sunda, asana tos teu aya
 ngaran Vivian kasabit-sabit.
 Bisa oge ditaroskeun ka carogena Pa Haris Sukanda (Prof), susuganan apaleun
 kana masalah ieu.

 Salaku gambaran atawa tambahan informasi keur baraya di ieu babakan, Vivian
 Sukanda sawaktu masih aktif di EFEO (Bandung) kungsi ngalihaksarakeun sarta
 narjamahkeun sababarah naskah Sunda heubeul. Di antarana: naskah Cariosan
 Prabu Siliwangi nu asalna ti Kuningan (asana mah) nu kandelna leuwih ti 300
 kaca.

 Samentara Haris Sukanda kungsi nalungtik ngeunaan gagaman (senjata) nu boga
 pamor, kaasup kujang, tangtuna oge. Inyana pisan nu nyieun hipotesis yen
 kujang teh asalna tina kudi. Kudi nu geus dikaramatkeun disebut Kudi Hyang,
 nu saterusna robah jadi Kudiyang, nu ahirna jadi Kujang.

 Sakitu heula,
 HMA

 --- On *Mon, 9/6/10, A Gunawan rotan...@yahoo.com* wrote:


 From: A Gunawan rotan...@yahoo.com
 Subject: [Urang Sunda] Fw: [manassa] Naskah Sunda di EFEO
 To: kusnet urangsunda@yahoogroups.com
 Date: Monday, September 6, 2010, 9:11 PM




 Hiji waktos, Pa Henri Chambert Loir ti EFEO (Lembaga Perancis nu ngulik
 kabudayaan oriental) sumping ka perpusnas, ngadugikeun perkawis nu
 di-forward-keun ieu. Saurna mah saupami aya anu uninga 'tapak'-na tina eta
 naskah Sunda anu ngahiang tea, nyuhunkeun diwartosan.

 Hatur nuhun
 AG

 --- On *Fri, 9/3/10, Oman oman...@yahoo.com* wrote:


 From: Oman oman...@yahoo.com
 Subject: [manassa] Naskah Sunda di EFEO
 To: mana...@yahoogroups.com
 Date: Friday, September 3, 2010, 9:57 PM



 Sumber:
 http://www.manassa.org/main/berita/index.php?detail=20100903215018

 
 Dalam Katalog Induk Naskah-naskah Nusantara, jil. 5A, Jawa Barat: Koleksi
 Lima Lembaga, yang disusun oleh Edi S. Ekadjati dan Undang A. Darsa
 (Jakarta, Yayasan Obor Indonesia - EFEO, 1999), disebut bahwa salah satu
 lembaga yang naskahnya diperikan dalam katalog tersebut adalah EFEO
 Bandung, disertai keterangan tambahan berikut:

 Penting dikemukakan bahwa lembaga yang disebutkan terakhir ini sudah tidak
 ada lagi, sedangkan sebagian naskahnya tersimpan di Yayasan Pemeliharaan
 Naskah (YAPENA) Bandung dan beberapa lainnya tersimpan dalam bentuk fotokopi
 di EFEO Jakarta. (hlm. 5).

 Buat kami sendiri riwayat naskah-naskah tersebut tidak jelas. Lembaga
 penelitian Prancis EFEO (École française d'Extrême-Orient) pernah mempunyai
 sebuah kantor di Bandung mulai tahun 1960-an sampai tahun 1990. Kantor itu
 diketuai oleh Ibu Viviane Sukanda-Tessier, yang pernah meneliti dan
 menginventarisasi naskah-naskah di Tatar Sunda, antara lain bersama Bpk. Edi
 Ekadjati dan Bpk. Hasan M. Ambary, keduanya sudah almarhum.

 Sebagai lembaga penelitian asing, EFEO mempunyai kebijakan tidak pernah
 membeli naskah asli di Indonesia, dengan pertimbangan naskah-naskah yang
 terjual oleh masyarakat ataupun oleh pedagang semestinya dibeli oleh
 instansi Indonesia saja. Namun demikian, dalam rangka penelitian mantan
 anggota EFEO tersebut, sejumlah besar naskah pernah dikumpulkan oleh Yayasan
 Yapena di atas, sedangkan sejumlah fotokopi naskah (entahlah apakah fotokopi
 dari naskah milik Yapena atau dari naskah lain) masuk inventaris EFEO. Perlu
 digarisbawahi bahwa EFEO tidak mempunyai hubungan apa pun dengan Yayasan
 Yapena.

 Fotokopi naskah yang kini tersimpan di kantor EFEO di Jakarta boleh
 diperiksa dan dibaca oleh siapa pun yang berminat. Meskipun hanya mengandung
 fotokopi, koleksi itu rupanya cukup berharga dan patut dimanfaatkan. Jumlah
 itemnya 239. Di antaranya, 215 buah telah diidentifikasi berdasarkan katalog
 (stensilan) yang disusun oleh Ibu Sukanda-Tessier, sedangkan 24 buah lagi
 belum berhasil diidentifikasi. Daftar ke-215 item itu dapat diunduh di sini
 (untuk mengunduh file, silahkan menuju situs sumber berita ini).

 Informasi ini disebarkan agar kalangan pencinta naskah Indonesia tidak
 beranggapan bahwa lembaga EFEO memiliki naskah asli, juga supaya fotokopi
 yang memang ada dapat diakses oleh yang berkepentingan.

 Henri Chambert-Loir, Daniel Perret, Arlo Griffiths

 EFEO

 Jl. Ampera III no. 26

 Jakarta 12550

 tlp. 021-781 1476






 



Re: [Urang Sunda] Anu Ci Ci An tea

2010-09-07 Terurut Topik Abbas
meureun kaasup hutang piutang. Hahahaha

--- In urangsunda@yahoogroups.com, Aldo Desatura ™ hanja...@... wrote:

 atuh ari cililitan ka asup kamana tah bah..???
 
 2010/9/7 Abbas Amin abas_ami...@...
 
 
 
  Loba nu ngaran tempat nu make Ci; bari hese hartina.
  Jadi kategorina hararese.
 
  Jadi aya Kategori nu disebut: TEU ASUP KAMANA WAE OGE.
  Contona : Cibalong, Ciwarak,Cikini.Cipatujah,Cikampek,Cicaheum
  Cek mh Kini teh hewan. Lain! Teusisingna! Kini kini mah enya.
  Tapi ari kini disebut sakali mah JELAS lainna. Jadi di na hal ieu mh salah.
 
  Jadi Cikini kaasup kategori teu asup ka mana2.
 
  Ci nu asup ka ngaran jelema : Ciomas; Cikatomas;Ciwidey; Ciputri
 
  Ci nu asup ka ngaran sato: Cirangkong; Cijulang; Cicareuh; Cileunyay;
  Cibangkong;Cimacan; Cioray;  Cimanuk; Cimaung; Cibadak; Cikalong;
  Cibogo;
 
  Ci nu kaasup ngaran tutuwuhan : Cimalati; Ciwaringin; Ciwaru; Cidadap;
  Cikoneng ( salian ti warna); Cikunir;
 
  Ci nu kaasup barang : Cililin; Cilauteureun; Cibatu;
 
  Ci nu kasup sasaruaan : CISARUA
 
  Ngaran Ci asal sebut : Cibarusah; Cimande; Cijalupang;
 
  Nu ka asup serba serbi : jeung salian ti eta ( jste )
  Sareng salian ti eta ( sste )
  Jeung rea rea deui ( jrrd )
 
 
 
 
 
   
 
 
 
 
 -- 
 Aldo Desatura ®  ©
 
 Kesadaran adalah matahari, Kesabaran adalah bumi
 Keberanian menjadi cakrawala dan Perjuangan Adalah pelaksanaan kata kata





[Urang Sunda] Burisrawa Kaedanan 17

2010-09-07 Terurut Topik Abbas Amin
Nu ngadeg payuneun Baladewa teh, memang Batara Kresna; bari gumujeng
Btr. Kresna ngandika:Ke heula yeuh, rek ngawarah naon, atawa kumaha ieu teh ?
Mani asa garasah garusuh, teu tartib sama sakali? aya naon ieu ?

Baladewa:Eh Yayi, tong pipilueun, ieu si Gatotkacha geus ngahina ka akang . 
Jadi kudu diwarah tah, sakalian jeung bapana, mun teu tarima.

Kresna:Lamun enya Gatotkacha ngahina ka akang, tong akang atuh, yayi 
sorangan nu bakal ngawarahna. Tapi cobi terangkeun, dimana jeung kumaha
ngahinana eta Gatotkacha ka akang teh ?

Baladewa: Bukti ! eta we Dursasana balikna baluncunur, cenah digebugan ku
Gatotkacha !

Kresna:Hehehehe, eta si Dursasana teu boga ka era laporan bari jeung digebugan
ku budak kamari sore. Asa teu pararantes. Teras
 iraha Gatotkacha ngahina ka 
akangna.

Baladewa:Nya harita keneh, waktu keur gelut jeung Dursasana emureun.

Kresna:Naha meureun.  jadi akang dihina teh langsung ku Gatotkacha
atawa kumaha ?

Baladewa:Eu  nyeta cek laporan Dursasana, piraku sugan bohong !?

Kresna:Eta kumaha ? Naha laporan kitu2 bae bisa dipercaya? Boa Dursasana 
hayang males ka Gatotkacha; ku lantaran tey sanggup, terus ngadu ka akang,
supaya akang ngawarah Gatotkacha! Padahal can jelas bener henteuna?

Sajongjonan Baladewa melengek; tapi ku margi isin sareng tos kapalang, lajeng
anjeunna nyarios:Ah, keun we rek bener rek henteu; ayeuna jelas Gatotkacha
geus wani neunggeul ka akang; moal diantep.

Kresna:Sireum wae ditincak mah ngegel; komo ieu atuh Gatotkacha nu teu tuah
teu dosa jol2 digebugan; nya pantes we ngalawan atuh.

Baladewa:Ah yayi, da sampeyan mah pinter pisan ngagulak gilek
 omongan.
Seug geura minggir; keun hayang nyoba nepi ka mana kagagahan si Gatotkacha teh.

Kresna:Eh, ieu mah ari geus ngaberung napsu teh. Jeungna deui coba pikir ku
kakang, naha salah omongan Kaula teh ? Salahna dimana ?

Baladewa:Nyta sampeyan mah ngabela teuing ka Pandawa. Tuh ka akang oge
wani ngalawan.

Kresna:hehehehe, nu penting mah bebeneran. Mun nuduh Gatotkacha atuh sing 
bener nuduhna ulah asal tuduh wae. Nyatana kapan Kakang Baladewa siadu domba 
tah ?

Baladewa:Ah teu diadu doma, da nyata Dursasana, Durmaganda, Durmagati
tarapakan urut diteunggeulan ku Si Gatotkacha ! Nanaonan wani2 ngagelutan
Durasasana? Kapan eta teh kurang ajar, lain ?

Kresna:Taros heula atuh sok..  naon sababna kituh Gatotkacha wawanianan
neunggeul Dursasana?

Baladewa rada leler ayeuna terus naros ka Gatotkacha:Eh Gatotkacha ! Naon 
sababna sampeyan wani neunggeulan Dursasana
 ?

Gatotkacha:Nun Ua Baladewa , Putra teu pisan2 culangung ka Wa Dursasana,
mung bae anjeunna nu ti payun bade neunggeul ka Putra; nya ku Putra dilawan !

Baladewa:Naon sababna Dursasana neunggeul?Kapan moal mungkin jol2 neunggeul
teu pupuguh ?

Gatotkacha:Lantaran alatan Paman Burisrawa ilang; tah jadi lepat paham.

Baladewa:Baruk soal Burisrawa ? Naha atuh Gatotkacha pipilueun campur urusan
Burisrawa ?

Gatotkacha:Lantaran Paman Burisrawa tos nyilakakeun Kangjeng Bibi Wara 
Sumbadra.

Baladewa: Naon !??? Sing bener ari ngomong Gatotkacha ! Ulah nyieun Fitnah!

Kresna motong:Tah kapan seueur teu terangna nya, Kakang Baladewa.
Derekdek we Kresna nyarioskeun Sumbadra cilaka dugi ka ditulunganana ku
Antareja. Sajongjongan mah Baladewa melengek we, lantaran asa helok pisan.
Tapi memang anjeunna oge uninga yen Burisrawa teh resepeun pisan ka Sumbadra
ngan teu dilayanan;
 jadi mun nekad tea mah wajar.

Baladewa:Ke heul anan, ayeuna kumaha tah Burisrawana mana ?

Kresna:Nya eta Pandawa ge keur neangan; tapi kang , Yayi aya hiji Bukti bakal
ditembongkeun ka akang...Yayi, yayi Kaipe sok mana eta ali teh ka 
akangkeun.

Enggalna bae Arjuna tos nyandak eta ali teras dipasihkeun ka Kresna.

Kresna:Tah ieu geuning Kang aya ali ieu, apal teu ?

Baladewa:E eh... ieu mah jiga ali ti urang Stra Gandamayit.

Kresna:Tah geuning apal akang ge...mun Burisrawa di ditu di dieu teu 
aya,
mungkin oge ayana keur nyumput di Setra Gandamayit; kumaha tah ?

Baladewa:Ah enya jigana mah, keun atuh Kaula rek neangan Burisrawa kaditu; 
bakal
ngajakan balad2 Astina keur ngajoragna. Eh Bima hampura akang, geus wani2
nuduh ka anak sampeyan.Yudhistira, akang pamit.

Bima:Yoooy..   mun teu aya Kresna... mo bisa
 balik kitu wae Baladewa.

Kresna:Hehehehe..   atos rai keun we eta mah bahan palajaran keur 
urang,
ulah sok garasah gurusuh sagala teh; kudu taliti heula; pan era tah ?

Bima:Hahahaha ...  enya , memang sampeyan mah bener wae.

Hanca



  

[Urang Sunda] wilujeng mudik wilujeng lebaran

2010-09-07 Terurut Topik mang jamal
Mudik teh pangalaman estetik nu miguraan endahna lebaran, ritual balik ka
asal nu ngipuk pangalaman religius kaagungan pangeran.

Edisi panjang lengkep b indon dimuat kompas jabar poe rebo 8 sept ayeuna.

Wilujeng mudik
Wilujeng lebaran
Neda pangapunten lahir batin

Mj sakulawarga
Grahapuspa blok b3/8b jl terusan sersan bajuri
cihideung lembang kbb

Sanes open house:
Ka kadang wargi nu kaleresan ka atawa di bdg bilih bade ngulampreng ka
tonggoh, mangga pisan. Tangtos reueus dianjangan kadang wargi. Hayang
ngayakeun open house bari hbh ngan teu kaduga. Mudik ka galuh h +4, 13-15
sep
Hp 0811245487



Re: [Urang Sunda] Fw: [manassa] Naskah Sunda di EFEO

2010-09-07 Terurut Topik A Gunawan
Sigana mah muhun, dipaluruhna ka nu gaduh kontak sareng Ibu Vivian. Margi, Pa 
Henri ku anjeun nalika ditaros masih aya atanapi henteuna kontak sareng Bu 
Vivian, saurna mah tos teu aya kontak. 

AG

--- On Tue, 9/7/10, mh khs...@gmail.com wrote:

From: mh khs...@gmail.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Fw: [manassa] Naskah Sunda di EFEO
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Tuesday, September 7, 2010, 2:30 PM







 



  



  
  
  sababaraha taun katukang, waktu ngadigitalkeun majalah pusaka sunda, 
naskah majalahna dikirim ku kang ganjar, nu harita dines di perancis. asana 
numutkeun kang ganjar ieu naskah beunang motokopi ti bu vivian sukanda. tah aya 
hadena, perkara bu vivian, paluruh ka kang ganjar nu kiwari pancen rektor unpad.

-mh-

2010/9/7 hangjuang bodas hangjuangbo...@yahoo.com


























Sabenerna tos lumayan lami aya patanyaan, hususna di kalangan panalungtik 
ngeunaan ngalengitna naskah-naskah ex garapan EFEO ieu. Anu balukarna 
mucunghulkeun hiji tudingan yen naskah teh diringkid ku Vivian Sukanda dibawa 
ka Perancis.


Pikeun maluruh dimana ayana bungkeuleukan naskah asli ieu, teu aya salahna 
lamun dilalanyahan nanya langsung ka Ibu Vivian. Tapi naha Ibu Vivian teh aya 
keneh dikieuna? Da lamun nengetan buku-buku terbitan EFEO 8 taun ka tukang nu 
aya kaitanana jeung Sunda atawa Tatar Sunda, asana tos teu aya ngaran Vivian 
kasabit-sabit.

Bisa oge ditaroskeun ka carogena Pa Haris Sukanda (Prof), susuganan apaleun 
kana masalah ieu.

Salaku gambaran atawa tambahan informasi keur baraya di ieu babakan, Vivian 
Sukanda sawaktu masih aktif di EFEO (Bandung) kungsi ngalihaksarakeun sarta 
narjamahkeun sababarah naskah Sunda heubeul. Di
 antarana: naskah Cariosan Prabu Siliwangi nu asalna ti Kuningan (asana mah) 
nu kandelna leuwih ti 300 kaca.

Samentara Haris Sukanda kungsi nalungtik ngeunaan gagaman (senjata) nu boga 
pamor, kaasup kujang, tangtuna oge. Inyana pisan nu nyieun hipotesis yen kujang 
teh asalna tina kudi. Kudi nu geus dikaramatkeun disebut Kudi Hyang, nu 
saterusna robah jadi Kudiyang, nu ahirna jadi Kujang.


Sakitu heula,
HMA

--- On Mon, 9/6/10, A Gunawan rotan...@yahoo.com wrote:


From: A Gunawan rotan...@yahoo.com
Subject: [Urang Sunda] Fw: [manassa] Naskah Sunda di EFEO
To: kusnet urangsunda@yahoogroups.com

Date: Monday, September 6, 2010, 9:11 PM







 




  
  
  Hiji waktos, Pa Henri Chambert Loir ti EFEO (Lembaga Perancis nu ngulik 
kabudayaan oriental) sumping ka perpusnas, ngadugikeun perkawis nu 
di-forward-keun ieu. Saurna mah saupami aya anu uninga 'tapak'-na tina eta 
naskah Sunda anu ngahiang tea, nyuhunkeun diwartosan. 


Hatur nuhun
AG

--- On Fri, 9/3/10, Oman oman...@yahoo.com wrote:


From: Oman oman...@yahoo.com
Subject: [manassa] Naskah Sunda di EFEO
To: mana...@yahoogroups.com

Date: Friday, September 3, 2010, 9:57 PM







 




  
  
  Sumber:

http://www.manassa.org/main/berita/index.php?detail=20100903215018





Dalam Katalog Induk Naskah-naskah Nusantara, jil. 5A, Jawa Barat: Koleksi Lima 
Lembaga, yang disusun oleh Edi S. Ekadjati dan Undang A. Darsa (Jakarta, 
Yayasan Obor Indonesia - EFEO, 1999), disebut bahwa salah satu lembaga yang 
naskahnya diperikan dalam katalog tersebut adalah EFEO Bandung, disertai 
keterangan tambahan berikut:




Penting dikemukakan bahwa lembaga yang disebutkan terakhir ini sudah tidak ada 
lagi, sedangkan sebagian naskahnya tersimpan di Yayasan Pemeliharaan Naskah 
(YAPENA) Bandung dan beberapa lainnya tersimpan dalam bentuk fotokopi di EFEO 
Jakarta. (hlm. 5).




Buat kami sendiri riwayat naskah-naskah tersebut tidak jelas. Lembaga 
penelitian Prancis EFEO (École française d'Extrême-Orient) pernah mempunyai 
sebuah kantor di Bandung mulai tahun 1960-an sampai tahun 1990. Kantor itu 
diketuai oleh Ibu Viviane Sukanda-Tessier, yang pernah meneliti dan 
menginventarisasi naskah-naskah di Tatar Sunda, antara lain bersama Bpk. Edi 
Ekadjati dan Bpk. Hasan M. Ambary, keduanya sudah almarhum.




Sebagai lembaga penelitian asing, EFEO mempunyai kebijakan tidak pernah membeli 
naskah asli di Indonesia, dengan pertimbangan naskah-naskah yang terjual oleh 
masyarakat ataupun oleh pedagang semestinya dibeli oleh instansi Indonesia 
saja. Namun demikian, dalam rangka penelitian mantan anggota EFEO tersebut, 
sejumlah besar naskah pernah dikumpulkan oleh Yayasan Yapena di atas, sedangkan 
sejumlah fotokopi naskah (entahlah apakah fotokopi dari naskah milik Yapena 
atau dari naskah lain) masuk inventaris EFEO. Perlu digarisbawahi bahwa EFEO 
tidak mempunyai hubungan apa pun dengan Yayasan Yapena.




Fotokopi naskah yang kini tersimpan di kantor EFEO di Jakarta boleh diperiksa 
dan dibaca oleh siapa pun yang berminat. Meskipun hanya mengandung fotokopi, 
koleksi itu rupanya cukup berharga dan patut dimanfaatkan. Jumlah itemnya 239. 
Di antaranya, 215 buah telah diidentifikasi berdasarkan katalog (stensilan) 
yang disusun oleh Ibu 

Re: [Urang Sunda] Sisindiran Lebaran

2010-09-07 Terurut Topik Agus Wirabudiman
Sami-sami kang Irpan, mani sae..widi bade di Copasnya kang...heheheh


  


Re: [Urang Sunda] Sisindiran Lebaran

2010-09-07 Terurut Topik irpan rispandi

Euleuh, kuring meni tersandung he..he..he..
mangga wae bade di copas mah, bingah nu aya.

--
R. Irpan Rispadi Raksagalaksibimasakti Nupalingningrat, teureuh Planet Krypton



On 09/08/2010 10:39 AM, Agus Wirabudiman wrote:


Sami-sami kang Irpan, mani sae..widi bade di Copasnya kang...heheheh