[Urang Sunda] Re: uurang sunda]

2010-06-08 Terurut Topik Obay tea

Jang, pamanggih kuring mah karakter bangsa maranehna teh kieu:

 

Bangsa Amerika : Loba omong, loba gawe.

Bangsa Jepang : Teu loba omong, loba gawe.

Bangsa Arab : Teu loba omong, teu loba gawe.

Bangsa Indonesia: Lain nu diomongkeun, lain anu digawean.

Obay.
~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~

 

uurang sunda] 
Posted by: "jangdede" jangd...@gmail.com   fandee_100 
Sun Jun 6, 2010 10:42 pm (PDT) 


Sikuring rek nanya jeung menta dijelaskeun sapuratina ngeunaan karakter
positif Bangsa Amerika, Jepang jeung Arab.
Hatur nuhu

salam
jangdede



 
  
_
Windows Live: Friends get your Flickr, Yelp, and Digg updates when they e-mail 
you.
http://www.microsoft.com/windows/windowslive/see-it-in-action/social-network-basics.aspx?ocid=PID23461::T:WLMTAGL:ON:WL:en-id:SI_SB_3:092010

[Urang Sunda] Re: Potong Leungeun - Suku Koruptor

2010-04-20 Terurut Topik Obay tea

He.he..., waas urang indonesia ngaresod kusabab teu baroga leungeun jeung suku.


Obay.
~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~



3b. 

Potong Leungeun - Suku Koruptor 
Posted by: "jalakpak...@yahoo.com" jalakpak...@yahoo.com   jalakpakuan 
Mon Apr 19, 2010 5:53 am (PDT) 


Rame ku warta korupsi nu milyar, trilyun nya naros we ka ustadz di pangaosan 
watesan koruptor bisa dipotong leungeun/sukuna. Dietang2 geuning watesan duit 
atawa harga barang ngan Rp 1.300.000 !!! kisu...@yahoogroups.com 
Powered by Telkomsel BlackBerry� 
  
_
New Windows 7: Simplify what you do everyday. Find the right PC for you.
http://windows.microsoft.com/shop

[Urang Sunda] Re: Indung peuting

2010-03-31 Terurut Topik Obay tea

Euh...salah sangka atuh kuring teh kana kecap indung peuting.

 

Kasang tukang kapanasaran kuring kana harti kecap ieu teh jalaran ngadenge 
gunem catur dua aki-aki dina pesawat. Kieu dongengna:

 

Dua aki-aki diuk hareupen korsi kuring dina pesawat, sigana mah sobat medok da 
ngawangkongna teh make basa loma, sakali-kali kadenge basa kasar. Uplek 
ngalobrol make basa sunda bari seuseurin. Tapi teu ngabarubahkeun batur da 
sorana teu tarik teuing, katambah sora pesawat ngahiung, jadi rada hawar2 
kadengena ku kuring mah.

 

Dina obrolana kadenge aya kecap "indung peuting" terus teu lila kadenge "susu" 
terus saleuseurian bari rada dipengkek. Teu pati jelas naon persisna anu keur 
diobrolkeun teh, ngan ningali suasana jeung kecap indung peuting sarta susu, 
kuring jadi nyimpulkeun sorangan yen maraneh na teh keur ngobrolkeun nostalgia 
keur ngora lalampahan nu ngeres-ngeres.

 

Harita anu kaimpleng ku kuring indung peuting teh hartina ublag/ungkluk. Sabab 
asosiasi kuring, aki-aki nyusu ti peuting, nya kasaha deui atuh nyusuna. 
Ditambah maranehanna saleuseurian bari dipengkek. Atuh klop sangkaan kuring teh.

 

Ari heug mega hideung nyah hartina..

Aki, simkuring nyuhunkeun dihapunten tos goreng sangka.

 

Obay.
~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~

4g. 

Re: Indung peuting. 
Posted by: "Tito Suryana" ti...@telkom.co.id 
Tue Mar 30, 2010 8:52 pm (PDT) 


indung peuting pami teu lepat mega hideung pih..
pami paraji = indung beurang

- Original Message - 
From: Siddik Wiradireja 
To: urangsunda@yahoogroups.com 
Sent: Wednesday, March 31, 2010 10:00 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Indung peuting.




 
  
_
New Windows 7: Simplify what you do everyday. Find the right PC for you.
http://windows.microsoft.com/shop

[Urang Sunda] Indung peuting.

2010-03-30 Terurut Topik Obay tea

Sering ngadenge kecap indung peuting. Cing baraya naon hartina ari indung 
peuting teh?

Obay.
~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~


  
_
New Windows 7: Find the right PC for you. Learn more.
http://windows.microsoft.com/shop

[Urang Sunda] Re: Indeks yang Ngaco

2010-01-20 Terurut Topik Obay tea

Cing make basa Sunda atuh Lid euy
Lamun teu bisa, kadieu diwurukan ku dewek...
 
Obay.
 
Posted by: "Anwar Holid" war...@yahoo.com   wartax 
Tue Jan 19, 2010 6:41 pm (PST) 


Indeks yang Ngaco
---Anwar Holid

Sudah lama aku mengidam-idamkan buku Sembilan Elemen Jurnalisme karya Bill 
Kovach & Tom Rosenstiel (Pantau, 2006, 297 hal.) Selama ini 




  
_
New Windows 7: Find the right PC for you. Learn more.
http://windows.microsoft.com/shop

[Urang Sunda] Ti Urang keur Urang.

2009-10-27 Terurut Topik Obay tea

Jang Irpan,

 

Keur ngagambarkeun lamunan prinsip "dari kita untuk kita", urang make kawijakan 
ekstrim saperti kieu: Sakabeh sumber daya alam, sektor industri, pertanian 
jeung sajabana, dinasionalisasi. Kabeh ditangkes ku bangsa urang. Diasumsikeun 
nagara sejen rela jeung teu protes ku kawijakan urang.

 

Tah tisamet ayeuna bangsa urang mandiri, teu gumantung ka bangsa sejen.

Konsekuensina urang kudu ngageroh SDA jeung SDM sorangan. Conto sederhana urang 
kudu bisa ngoprasikeun tambang Freeport. Hal-hal di handap ieu kudu bisa di 
jawab:

1. Bangsa urang bisa ngoprasikeun alat-alat berat? (jawab: bisa)

2. Lamun alat berat eta rusak, bangsa urang bisa nyieun nu anyar keur gantina? 
(jawab: teuing)

3. Keur ngitung komposisi konsentrat perlu komputer, bisa nyieun processor siga 
Intel? (jawab: teuing)

4. Lamun urang geus hasil ngolah jadi tambaga, payu dijual ka bangsa sejen? 
(jawab: moal payu, sabab batur oge ningali neraca perdagangan manehna, moal 
meuli lamun urang teu meuli produk manehna)

 

Karek ku opat pertanyaan wae geus loba teuing-na, komo deui lamun sakabeh aspek 
dirinci hiji-hiji. Jadi lamun urang hayang bener2 mandiri dina harti ekstrim, 
urang kudu siap lamun standar hirup nurun. Peuting make cempor, ka pasar make 
delman, milis sunda bakal tutup!

 

Manusa geus digariskeun jadi mahluk sosial dina harti saling ngabutuhkeun siga 
urang jeung tatangga. Dina harti anu sarua oge nagara urang jeung sakabeh 
nagara internasional.

 

Anu jadi masalah nyaeta, urang kudu nyaimbangkeun (balancing) antara 
kapentingan diri urang jeung kapentingan nagara sejen. Tah dina masalah 
balancing ieu bangsa urang kurang parigel.

 

Cag.

 

 Obay.
~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~
Note: Barang anu ayeuna diimpor ku urang lolobana anu memang euweuh di urang. 
Jadi geus lain "lamun" deui, saestuna barang eta memang euweuh di urang.

Re: "Korsi Panas" Menkes? 
Posted by: "Irpan Rispandi" mr.rispa...@gmail.com 
Tue Oct 27, 2009 1:51 am (PDT) 


Cikan...
aya nu bisa ngagambarkeun teu, bakal kumaha bangsa Indonesia, lamun 
manehna ngajalankeun prinsip "dari kita untuk kita", sagala dicukupan ku 
sorangan. Lamun kapaksa impor, nya impor barang anu bener-bener euweuh 
di Indonesia.

kira-kira kumaha hasilna nya ?

-- 
Aing teu gableg BlackBerry�
powered by Sesuai KEBUTUHAN


  
_
New Windows 7: Find the right PC for you. Learn more.
http://windows.microsoft.com/shop

[Urang Sunda] Maut hinis.

2009-10-12 Terurut Topik Obay tea

Maut hinis.

 

Baheula keur budak waktu nganjang ka emang kungsi ningali anjeuna nuju masang 
pager awi ditalian ku hinis ngarah pageuh. Ari hinisna dibeungkeut, terus 
dicabut hiji-hiji lamun rek dipake. Tah waktu maut hinis dina beungkeutana sok 
muriding jeung aya rasa "paur" ngadenge sora seresetna hinis dipaut.

 

Rasa anu ampir sarua karasa ku kuring waktu ngadenge berita aya dugaan pimpinan 
jeung mantan pimpinan KPK kabaud kasus korupsi. Leupas tina bener henteuna eta 
dugaan, asa leneng kuring mah ngabandungana.

 

Persepsi kuring mah sederhana samodel kieu;

Departemen Agama tempat jelema luhung ngarti agama.

Departemen Diknas tempat jelema luhung ngarti atikan.

Kejaksaan tempat jelema luhung ngarti hukum.

KPK tempat jelema anu kacida ngartina yen korupsi teh kacida dipahingna.

 

Jelema-jelema luhung ku elmu "etika" saperti di luhur asa cadu kudu korupsi anu 
nyata-nyata hiji kalakuan anu teu etis. Tapi kanyataanna mah geuning salia tina 
sangkaan. Ti Depag, Depdiknas, Kejaksaan, nepi ka KPK geus kaambeu aya korupsi.

 

Lamun make teori linear; di lembaga anu ngurus "etika" wae geus korupsi, komo 
deui di lembaga anu ngurus non etika - (saperti, PU, Migas, Deperindag, 
keuangan) - pasti leuwih mahabu deui.

 

Anu dipikasieun ku kuring ayeuna nyaeta masarakat indra "rasa" na jadi baal 
alatan lobana korupsi di nagri urang. Laun-laun ngadenge korupsi teh geus teu 
siga kuring ngadenge seresetna hinis dipaut.

 

Wallohu'alam.


Obay.
~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~



  
_
Manage multiple email accounts with Windows Live Mail effortlessly.
http://www.get.live.com/wl/all

[Urang Sunda]

2009-10-11 Terurut Topik Obay tea

Bah, cateris paribus dina conto kuring teh maksudna ngarah pangaruh/paktor anu 
diuji/diterangkeun bisa diukur, henteu bias jeung paktor sejena. Jadi salah 
sahiji metoda isolasi paktor supaya pangaruhna bisa kaharti, sabab lamun digalo 
jeung paktor sejena bakal hese nerangkeunana..he.he.

 

Ari dina kanyataanna mah tangtu wae henteu bisa kitu, sabab anu nangtukeun 
niley inflasi teh bisa kombinasi tina puluhan paktor, diantarana anu 
diterangkeun ku Abah di handap eta. 

Obay.
~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~


 

Re: Teori inplasi > Re: Rp. 2000 ? 
Posted by: "Surtiwa" surt...@gmail.com   surtiwa 
Thu Oct 8, 2009 8:00 pm (PDT) 


Sanes asumsi ieu "paktor-paktor inflasi lain dianggap teu pangaruh/konstan
(ceteris paribus)..." anu hararese dianggap tetep atawa teu mangaruhan
mekanisme prinsip supply - demand. Aya dua paktor justru diurang anu
nyongcolang nyaeta efek paktor gaya hirup jeung psikologi tuturut munding
(following trend setters). jadi niley barang ujug2 nerekel tangpa sebab
niley eknomi tapi ku pseudo demand (kembang gelombang cinta hiji daunna Rp
200,000 pernah, sateuacanna biasa wae , sa pot Rp 5,000)...Kunaon di
Indo harga Apartemen langkungawis tibatan Imah di RE anu sataraf ? Beda
jeung di mancanagara...ti balik...Aprtemen teh keur nu teu mangpu meuli imah
!

On 10/9/09, Obay tea  wrote:


  
_
Manage multiple email accounts with Windows Live Mail effortlessly.
http://www.get.live.com/wl/all

[Urang Sunda] Teori inplasi ----> Re: Rp. 2000 ?

2009-10-08 Terurut Topik Obay tea

Ua Dud,

 

Ieu kuring mere ilustrasi sederhana salah sahiji teori inflasi ambeh rada caang 
tong remeng-remeng teuing.

 

Contona lamun niley barang/jasa anu ngagolang di masarakat jumlah totalna 
Rp.100 jeung jumlah total duit anu beredar di masarakat jumlah totalna Rp.100 
oge, mangka, satungtung euweuh parobahan jumlah barang jeung duit, moal aya 
inflasi. Nilai duit dibanding barang (purchasing power) bakal konstan. Hal ieu 
bisa kajadian lamun paktor-paktor inflasi lain dianggap teu pangaruh/konstan 
(ceteris paribus).

 

Sajalan jeung waktu masarakat nambahan jumlah populasina (aranakan) atawa 
hayang robah standar hirup, otomatis barang jeung jasa anu nileyna Rp.100 teh 
geus teu cukup deui, merlukeun tambahan barang/jasa anu leuwih loba. Keur 
nyieun tambahan barang/jasa perlu modal, pamarentah mere kiridit modal ka 
masarakat Rp.50 kujalan nyitak duit anyar/fresh money (lain nyitak duit edisi 
anyar nya...).

 

Waktu pamarentah mere kiridit modal Rp.50, kasaimbangan kaganggu, total duit di 
masarakat naek jadi Rp.150, sedengkeun total barang masih Rp.100. Dina waktu 
ieu niley duit turun nyaeta anu disebut inflasi tea.

 

Kusabab aya tambahan modal, pengusaha/masarakat anu narima modal nambahan 
produksi barang/jasa-na. Dina hiji mangsa anu tangtu, sebut wae dina jero 
sataun misalna, barang/jasa di masarakat naek anu tadina Rp.100 jadi Rp.150. 
Hartina ekonomi ngaronjat. Kasaimbangan anyar terjadi, niley total barang/jasa 
nyaruaan total niley duit anu beredar dina level Rp.150.

 

Tapi jumlah populasi jeung standar hirup masarakat teu cicing tapi terus 
ningkat, jadi terus wae barang/jasa anu aya, kurang deui. Jadi kitu jeung kitu 
wae saterusna.

 

Tah sakali deui, tong pohonyaconto sederhana di luhur make asumsi ceteris 
paribus.

 

Caang teu??  heu..heu..heu...

 

Obay.
~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~


 

Re: Rp. 2000 ? 
Posted by: "ua duq" dudi.herlia...@gmail.com   dudi_herlianto 
Wed Oct 7, 2009 10:20 pm (PDT) 
---
tah rada remeng-remeng yeuh, nuhun kang obay. jadi meureun tibalik nya
analisa nu urang depok teh. kuduna mah dicitakna nominal anyar nu leuwih
gede tinimbang nu ti heula nandakeun yen di eta nagara inflasi geus
kajadian. lain ku dicitakna eta duit anyar nu bakal ngajadikeun inflasi.
sanes kitu kang?

tina seratan akang oge kuring manggih jawaban tina pertanyaan nu ti heula
diajukeun. nuhun deui kang. geuning saladua alesan dicitakna nominal anyar
hiji duit nyaeta keur recycling jeung ku ayana inflasi. nu kadua mah jigana
kuring, sanggeus maca tulisan kang obay, mun salah pangmenerkeun nya :).

nuhun,

-- 
d-: dudi herlianto :-q
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk


  
_
Windows Live: Keep your friends up to date with what you do online.
http://www.microsoft.com/windows/windowslive/see-it-in-action/social-network-basics.aspx?ocid=PID23461::T:WLMTAGL:ON:WL:en-id:SI_SB_1:092010

[Urang Sunda] Re: Rp. 2000 ?

2009-10-08 Terurut Topik Obay tea

Kang Irpan,
 
Anu ngarana inflasi (turuna niley duit dibanding barang/jasa) kira-kira sarua 
jeung nu dipedar dina tulisan eta. Tapi henteu sadramatis kitu. Dina eta 
tulisan teu saimbang pedaran pengeluaran jeung pendapatan. Sabenerna inflasi 
oge mangaruhan ningkatkeun nominal pendapatan urang. Contona gajih kuli 
bangunan taun 1988 Rp.15 rebu sapoe, coba bandingkeun jeung kiwari taun 2009 
Rp.40 rebu sapoe (kuring nyaho sabab keur kuriak he.he.).
 
Naon atuh inflasi teh?
Inflasi teh salah sahiji mekanisme makro moneter anu nyaimbangkeun atara jumlah 
nominal duit anu beredar jeung jumlah barang/jasa anu ngagolang di masarakat. 
Tapi kusabab ruang lingkupna makro ditambah moneter kiwari sipatna global, jadi 
anu mangaruhan inflasi ngalobaan diantarana niley tukeur (kurs), kapercayaan, 
persepsi, jrrd. Kombinasi tina paktor-paktor di luhur nangtukeun sabara niley 
rupiah urang.
Tong boro nagara urang, dalah nagara maju oge sarua ngarandapan inflasi, tapi 
rate/persentasena anu beda. Nagara maju kalolobaana boga rate leuwih leutik 
batan nagara berkembang.
 
Kunaon atuh make inflasi?
Otoritas moneter/pamarentah dina uapaya ngaronjatkeun pertumbuhan ekonomi mere 
kiridit modal ka masyarakat. Sabagian dina duit kiridit eta mangrupa duit 
anyar/fresh money sabagian deui duit tabungan ti masyarakat. Duit anyar ieu anu 
nyababkeun inflasi (anyar di dieu lain hartina anyar dicitak keur recycling 
damage money, tapi anyar dina harti duit tambahan citak anu disalurkeun ka 
masarakat). Jadi inflasi teh salah sahiji ekses (efek samping) pertumbuhan 
ekonomi.
 
BI sabage otoritas moneter boga wewenang nyitak duit versi anyar ngaganti versi 
heubeul (recycling money). Sabenerna euweuh pangaruhna kana inflasi lamun 
jumlah nominal duit anu ditarik sarua jeung anu dicitak anyar. 
 
Kang Irpan tong sieun ku inflasi asal laju/rate na terkendali, sabab inflasi 
mah hiji kaniscayaan. Lamun harga2 naek pasti pangasilan urang oge bakal naek. 
Memang biasana harga heula naek kakara pangasilan, jadi aya tempo heula. Tah 
anu disebut "sangsara" teh tempo/lag eta. Teu nanaon harga endog hayam jadi 
saratus rebu sakilona asal urang kabedag meulina. Lamun urang geus teu kabedag 
meuli endog, eta anu kudu dipikasieun, hartina ekonomi urang keur depresi.
 
Naon depresi teh?
Engke deui nyacape ngetikna...
 
Obay.
~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~


Rp. 2000 ? 
Posted by: "Irpan Rispandi" mr.rispa...@gmail.com   ivan_byb 
Wed Oct 7, 2009 3:21 am (PDT) 


*Punten teu disundakeun
*

*Ka baraya anu ngarti ekonomi, kumaha tanggapana. bener teu analisa mang 
sufyan al Jawi teh ?

Untuk mengakali inflasi ini, Bank Indonesia cukup menambah angka nol 
pada uang kertas baru. Inilah riba/*/ Zero Sum Game!/*/ Sampai kapan 
permainan riba ini akan berakhir? Rakyat yang kalah gesit dalam 
mengimbangi permainan ini pasti semakin terpuruk kondisinya.>



  
_
Windows Live: Friends get your Flickr, Yelp, and Digg updates when they e-mail 
you.
http://www.microsoft.com/windows/windowslive/see-it-in-action/social-network-basics.aspx?ocid=PID23461::T:WLMTAGL:ON:WL:en-id:SI_SB_3:092010

[Urang Sunda] Re: Panggih Sareng Inohong Sunda

2009-09-28 Terurut Topik Obay tea

Kang Yaya,
 
Sok atuh jentrekeun saha-sahana "Dewi Gedeng Permoni", jeung kalakuanna anu 
ngabalukarkeun Akang hoream ngulampreng ka lembur kusnet teh. Ulah disumput 
salindung tapi disabit-sabit bari jeung disamarkeun, bilih janten pitnah. Dewi 
Gedeng Permoni teh boa-boa kuring nya??
 
Sok ah da ieu mah wahana publik, asal puguh alesana jeung argumenna kaci 
dipadungdengkeun jeung diadurenyomkeun, kumargi eta pisan hakekatna ieu milist 
teh.
 
Obay.
~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~



 


Panggih Sareng Inohong Sunda 
Posted by: "Yaya" y...@yahoo.com   yr32 
Mon Sep 28, 2009 2:02 am (PDT) 


Baraya,

Kuring panggih jeung inohong pajabat sunda petengan ti Deptan, muhun Dr. Ahmad 
Dimyati, inohong pinilih anu luhung elmu jembar pangabisa. Ubral-obrol perkawis 
lembur kusnet. Cekeng teh...nyeta lah Kam Dim, kuring mah hoream ngulampreng ka 
lembur kusnet teh, sababna mah eta ya euwah-euwah nu "musoun saram" ceuk bahasa 
Koreana mah..."jalma pikasieuneun"

Sono sonona mah, ngan sanggeus aya eta "Dewi Gedeng Permoni", hoream pisan ka 
lembur teh

Jalapri bae lah nya

Sonona,



  
_
What can you do with the new Windows Live? Find out
http://www.microsoft.com/windows/windowslive/default.aspx

[Urang Sunda] Re: E jeung EU (deui).

2009-08-26 Terurut Topik Obay tea

Kutan kitu eta teh Mang..?

Halah...ngerakeun aing mah, dina kongres basa sunda jaba di subang deuih lembur 
kuring pisan.

Hanjakal taun 2004 mah kuring masih keneh di surabaya, lamun heug keur di 
subang jeung manggih nu siga kitu, dirakrak ku sayah mah eta spanduk kongres 
tehhe..he..he..


Obay.
~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~

 

Re: E jeung EU (deui). 
Posted by: "ja...@itenas.ac.id" ja...@itenas.ac.id 
Wed Aug 26, 2009 12:24 am (PDT) 
haha. nu teu panglucuna mah basa kongres basa sunda di subang. taun
sabarahanya, 2004 kitu. dina spandukna ge salah tulis wilujeung sumping
tea. heuheu. dina kongres basa sunda sadunya. tah haha.

teknisna sigana nu nitah nyablon teh ngan nitah we ka tukang sablon. teu
mariksa salah benerna atawa geus percaya piraku salah. jadina kitu. hehe

ieu ngetest e-mail ti pangulinan rada hareeng




_
Share your memories online with anyone you want.
http://www.microsoft.com/indonesia/windows/windowslive/products/photos-share.aspx?tab=1

[Urang Sunda] E jeung EU (deui).

2009-08-25 Terurut Topik Obay tea

Baraya, kuring kamari ngaliwat Jl. Cipete Raya, Jaksel anu brasna notog ka 
jalan Fatmawati. Di beulah kencaeun jalan aya restoran ngarana "Kabayan", geus 
tangtu eta restoran sunda. Kuring seuri koneng maca spanduk anu ngajeblag 
dihareupeun restoran: "Wilujeung" Ramadhan.

Sigana ngarah katingali nyunda, wilujeng oge ditulisna jadi wilujeung (asa 
manjangan beuheung macana ge).

 

Teuing salah ngalarapkeun atawa geus ngetren yen "eu" teh indentik jeung sunda, 
kadieunakeun kuring loba manggihan kecap "e" robah jadi "eu".

 

Salah sahiji contona iklan bank bukopin di tipi:

"BMW-nya.??""Teuteup..!!"

 

(Heueuh cikup di teuteup-weh, da dibere mah moalhe..he..he..)

Obay.
~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~




_
Share your memories online with anyone you want.
http://www.microsoft.com/indonesia/windows/windowslive/products/photos-share.aspx?tab=1

[Urang Sunda] Lalakon eureun ngaroko.

2009-07-03 Terurut Topik Obay tea

Lalakon eureun ngaroko.
 
Mangkat ka beger kuring hirup dilingkungan budak baragajul, unggal poe 
pagilinggisik jeung hal-hal anu teu pararuguh kaasup ngaroko/udud. Mimitina mah 
hayang kapuji ngaroko teh ngarah guyub jeung batur. Da keur mimiti ngenyot udud 
mah teu karasa ngeunahna, malah mah lieur jeung jangar we nu aya. Laun-laun 
nikotin ngolo polo kuring supaya ngaluarkeun Dopamin, atuh roko teh jadi 
ngeunah anu teu bisa digambarkeun.
 
Kabiasaan ngaroko terus kabawa nepika kawin jeung boga budak. Dina sapoe kuring 
bisa meakeun roko anu iklanna koboy bogana pusahaan Amerika 40 batang (2 
bungkus eusi 20 ). Sanggeus sakitu lilana, jorojoy dina hate hayang ngeureunan 
roko.
 
Hiji mangsa nyoba eureun ngaroko ku motif ekonomi, kuring nyieun balitungan, 
lamun unggal duit keur sabungkus roko dibeulikeun kenteng, dina sataun bakal 
jadi sababaraha suhunan. Ngan edas...ari geus prakna ngeureunan ngaroko, karek 
oge dua jam geus teu kuat. Kenteng-kenteng tujuh mulud, jor wae ah mikiran 
teuing kenteng, jero pikir teh. Atuh pelenyun deui udud.
 
Ganti ku motif nyaah ka budak, piraku budak kameumeut rek dihaseupan. Tapi ari 
geus hayang ngaroko mah, ngolesed ka luar nyingkahan budak ngarah teu 
kahaseupan.
 
Geus mangpuluh-puluh alesan dicoba sangkan eureun ngaroko tapi weleh teu bisa 
ngelehkeun nikmatna Dopamin alatan nikotin. Kuring ngarasa jadi jelema anu teu 
boga ajen, teu bisa meruhkeun diri sorangan, teu walakaya. Nyel ambek jeung 
ngewa kadiri sorangan, leutik burih teu bisa nahan kahayang. Lamun keur ngaca 
sok ngagerentes dina hate," emh...jiga kieu geuning jelema epes meer teh..."
 
Poe kahiji dina bulan romadon sanggeus solat asar, ras inget kana niat hayang 
eureun ngaroko. Naha ari di bulan puasa bisa nahan teu ngaroko ti isuk nepika 
magrib? Kunaon henteu dituluykeun wae atuh teu ngaroko nepika imsak?
 
Gilig dina hate hayang meruhkeun napsu ngaroko. Dur magrib, regot nginum, 
celebek dahar, deregdeg ka masjid gura-giru ngahaja sangkan teu kadoja ku udud. 
Beres solat magrib alhamdulillah teu karasa hayang ngaroko.
 
Keur wirid nungguan isa, dodoja mimiti jul-jol datang. Sungut mimiti haseum,  
sirah rada leneng. Kareret di luar masjid tatangga keur ngelepus udud bari 
ngobrol. Eta haseup mani ting serebung kaluar tina irung, nu ududna rada 
peureum beunta. Kabayang kacida nikmatna. Kuring tipepereket meureumkeun panon 
siga nu heueuh keur wirid.
 
Balik taraweh terus ngaringkuk di enggon, alesan ka pamijakan rada teu ngeunah 
awak. Panon dipeureum-peureum keun supaya tereh sare. Cunduk ka saur weleh teu 
sare sa kerejep-kerejep acan. Rengse solat subuh, kuring ngagerentes dina hate, 
"poe kahiji lulus".
 
Bray poe ka poe dina bulan romadon eta kuring perang sabil jeung napsu hayang 
ngaroko. Kuring sabisa-bisa ngabangbalerkeun ku puasa. Beuki ngadeukeutan 
lebaran, kahayang ngaroko teh beuki ngurangan.
 
Mangsa takbiran, kuring muka roko sesa bulan kamari memeh puasa. Si roko teh 
geus kararoneng sisi-sisina teu pikabitaeun. Lung dibalangkeun ka wadah runtah 
bari samemehna dirames heula. Sanggeus ngenyotan haseup bako salila 24 taun, 
ahirna kuring bisa eureun nepi ka ayeuna.
 
Lamun ayeuna ngaca, kuring ningali jalma anu geus bisa meruhkeun diri sorangan, 
ngeleh keun rasa anu henteu kabeh jalma bisa meruhkeun. Teu...teu ngewa deui. 
Pokona mah rada narsis we lah
 
Obay.
~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~
 
Catetan: Dopamin mangrupa zat anu dihasilkeun otak alatan rangsangan nikotin 
roko. Dopamin nimbulkeun sensasi/rasa "tenang" jeung "tingtrim". Sensasi 
leungit dina sa jam, terus awak "bereaksi" hayang ngaroko supaya bisa ngalaman 
sesasi dopamin deui. Ieu nu disebut kacanduan roko/nikotin.
_
NEW! Get Windows Live FREE.
http://www.get.live.com/wl/all

[Urang Sunda] Harga daging jatoh.......

2009-05-31 Terurut Topik Obay tea

Ha..ha..ha.., salah sahiji tulisan anu dipikaresep ku kuring nyaeta tulisan 
kang Bohay, kusabab logis, daria jeung rada-rada heureuy. Khusus dina tulisan 
di handap, kuring manggihan kecap "jatoh" dina tulisanna. Asa inget jaman 
baheula indung kuring anu sok ngalarapkeun kecap eta keur bahan baju anu 
lemes/leuleus mun dipake sok rada ngudupruk.

 

Duka teuing pituin kecap basa sunda atawa serepan ti bahasa Indonesia, ngan 
pamanggih kuring mah jarang pisan urang sunda anu make kecap jatoh. Baheula 
waktu kuring mere saran ka pamajikan di toko baju, kuring ngomong kieu: " Ambu, 
mendingan mah meuli baju eta, kacirina teh tiis mun dipake, bahana jatoh ". Na 
atuh ari barakatak teh maneh na seuri nepika akey-akeyan cirambay poho ditempat 
umum nyeungseurikeun kuring pedah nyebut kecap jatoh.

 

Ayeuna oge kuring mah masih keneh hog-hag jeung pamajikan, can sapuk ngeunaan 
kecap jatoh teh. Seseringna pamajikan teh sok ngeleg ka kuring, " Bah..., kade 
leumpang teh tong rusuh bisi jatoh..".

 

Tah ayeuna mah kuring boga balad hiji deui anu sok make kecap jatoh teh nyaeta 
kang Bohay. Sok kang Bohay tong gimir ngebelaan sapi dalam negri, ulah nepika 
peternak urang pangasilana jatoh. Ngan kade ulah deukeut teuing jeung sapi bisi 
jatoh cinta...ha..ha..ha...

 
Obay.
~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~



Re: [Fwd: [asgar_muda] Eko patrio --> wakil rakyat?] 
Posted by: "Reka "Bohay"" rekabo...@gmail.com   reka_gayantika 
Fri May 29, 2009 7:21 am (PDT) 


Hehehehe... Apanan isu neolib teh tos dibantah kang.
Ceunah ceuk manehna ieu teh lain ekonomi neolib, oge nambahan hutang ka ADB
teh lain kawijakan anu neolib.

Bener kang, anehna mentri pertanian anu kuduna leuwih ninggali ka sisi
patani/ peternakna, ngadon ninggali ka sisi konsumen hungkul. Cik urang
tinggali efek jangga panjangna, ku asupna daging ti Brazil ngakibatkeun
harga daging jatoh jeung murah, peternak geus hoream deui usaha dinu anu teu


_
NEW! Get Windows Live FREE.
http://www.get.live.com/wl/all

[Urang Sunda] Re: Peluang Bisnis di Internet

2009-05-27 Terurut Topik Obay tea

Punten ah ngiring mairan. Dina panganteur bisnis ieu loba catetan anu kacirina 
siga enya padahal lamun dilenyepan mah teu asup akal. Hal-hal anu ku kuring 
dianggap samar/kiruh anu kudu dilenyepan ku anu bade ngiringan bisnis ieu:

 

1. Ngan ukur mayar duit 180rebu jeung ngarekrut 10 urang, bisa boga pangasilan 
potensina milyaran, bari jeung ukur nungguan nu transfer anggota anyar. Prinsip 
ieu ngaharib2 kana skema Ponzi, anu jelas2 kauntungan anggota ti heula sumberna 
ti anggota anyar.

 

2. Cenah bisnis ieu euweuh nu dirugikeun, sabab moal aya peserta terakhir. Teu 
asup akal, sabab pasti aya anu terakhir. Dimana2 penetrasi bisnis pasti aya 
jenuhna sanggeus nepi kana level tertentu. Tah anggota anu ngiluan pas dina 
waktu bisnis jenuh pasti jadi korban, nyaeta anggota panghandapna dina hirarki 
piramid.

 

3. Cenah bisnis ieu lain money game, sabab ngajual buku elektronik. Ceuk kuring 
mah buku elektronik teh ngan ukur kedok, sabab barang virtual anu gampang pisan 
diduplikasina jeung teu merlukeun biaya gede. Dina bagian harga oge, buku mah 
ngan 50rebu, 130rebu deui keur babagi ka level saluhureuna. Jadi jelas2 ieu teh 
money game.

 

4. Transparansi. Moal aya anggota anu bisa ngalacak transfer duit dina bisnis 
ieu. Ngan ukur webmaster sabage panitia anu ngendalikeun web site anu nyaho 
kana seluk beluk sakabeh transaksi. Jeung deui webmaster boga potensi 
ngamanipulasi data2 anu diinformasikeun ka anggota2na kaasup ngamanipulasi 
skema piramid.

 

Tah para wargi sadaya, lenyepan opat hal diluhur sateuacana ngiringan janten 
anggota.

Obay.
~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~

 

Re: Peluang Bisnis di Internet 
Posted by: "Kumincir Wikidisastra" kumin...@urangsunda.or.id   ki_ontohod 
Wed May 27, 2009 3:29 am (PDT) 


ieu mah sanes MLM, tapi arisan berantai.

2009/5/27 Dadi Kurniadi

> Punten ka kuncen bade ngiklankeun bisnis kuring di internet, cobi click
> link dihandap,
>
> mangga diaos heula, pami kahartos enggal daftar, pami teu kahartos sumangga
> naros ka kuring di : dadikurni...@yahoo.com
> peryogi kauninga, bisnis ieu sanes MLM,
>
> Produkl nu saleresna nyaeta : penjualan e-book kiat bisnis sjb, secara
> online,
> nanging ku member (sponsor) di promosikeun. kanggo promosi, tiap member
> dipasihan fasilitas kanggo promosi nu berbentuk website (link). tah link eta
> nu diangge kanggo promosi.
>
> mangga enggal buka linkna...teu kenging hilap registerna didinya keneh...
> supados janten member simkuring
> _.___




_
Join the Fantasy Football club and win cash prizes here!
http://fantasyfootball.id.msn.com

[Urang Sunda] Re:donor ginjal

2009-05-24 Terurut Topik Obay tea

Eugh, mani linu macana oge.

Cing baraya kasus donor organ manusa motif ekonomi, naha dibenerkeun ku hukum 
atawa agama islam?

 

Muriding bulu punduk ngabayangkeunna oge kuring mah.


Obay.
~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong~


1. 

donor ginjal 
Posted by: "firmanjul" firman...@yahoo.com   firmanjul 
Thu May 21, 2009 8:33 am (PDT) 


Donor ginjal. Seorang Perempuan menikah, usia 23thn, Gol darah A+, sehat lahir 
batin, tidak pernah terlibat narkoba, alcohol, dan rokok, diizinkan suami, 
motivasi ekonomi, tinggal di Bandung. Silakan hubungi 022 76290217 or +62 22 
91444205. 

Donate kidney. A married women, 23yo, blood A+, healthy, never involved with 
drugs, alcohol & cigarette, permitted by husband, economic motive, living in 
Bandung, Indonesia. Please call +62 22 76290217 or +62 22 91444205 in Bahasa 
Indonesia or by email: firman...@yahoo.com in english/francais. 



 

_
Manage multiple email accounts with Windows Live Mail effortlessly.
http://www.get.live.com/wl/all