Lalakon eureun ngaroko.
 
Mangkat ka beger kuring hirup dilingkungan budak baragajul, unggal poe 
pagilinggisik jeung hal-hal anu teu pararuguh kaasup ngaroko/udud. Mimitina mah 
hayang kapuji ngaroko teh ngarah guyub jeung batur. Da keur mimiti ngenyot udud 
mah teu karasa ngeunahna, malah mah lieur jeung jangar we nu aya. Laun-laun 
nikotin ngolo polo kuring supaya ngaluarkeun Dopamin, atuh roko teh jadi 
ngeunah anu teu bisa digambarkeun.
 
Kabiasaan ngaroko terus kabawa nepika kawin jeung boga budak. Dina sapoe kuring 
bisa meakeun roko anu iklanna koboy bogana pusahaan Amerika 40 batang (2 
bungkus eusi 20 ). Sanggeus sakitu lilana, jorojoy dina hate hayang ngeureunan 
roko.
 
Hiji mangsa nyoba eureun ngaroko ku motif ekonomi, kuring nyieun balitungan, 
lamun unggal duit keur sabungkus roko dibeulikeun kenteng, dina sataun bakal 
jadi sababaraha suhunan. Ngan edas...ari geus prakna ngeureunan ngaroko, karek 
oge dua jam geus teu kuat. Kenteng-kenteng tujuh mulud, jor wae ah mikiran 
teuing kenteng, jero pikir teh. Atuh pelenyun deui udud.
 
Ganti ku motif nyaah ka budak, piraku budak kameumeut rek dihaseupan. Tapi ari 
geus hayang ngaroko mah, ngolesed ka luar nyingkahan budak ngarah teu 
kahaseupan.
 
Geus mangpuluh-puluh alesan dicoba sangkan eureun ngaroko tapi weleh teu bisa 
ngelehkeun nikmatna Dopamin alatan nikotin. Kuring ngarasa jadi jelema anu teu 
boga ajen, teu bisa meruhkeun diri sorangan, teu walakaya. Nyel ambek jeung 
ngewa kadiri sorangan, leutik burih teu bisa nahan kahayang. Lamun keur ngaca 
sok ngagerentes dina hate," emh...jiga kieu geuning jelema epes meer teh..."
 
Poe kahiji dina bulan romadon sanggeus solat asar, ras inget kana niat hayang 
eureun ngaroko. Naha ari di bulan puasa bisa nahan teu ngaroko ti isuk nepika 
magrib? Kunaon henteu dituluykeun wae atuh teu ngaroko nepika imsak?
 
Gilig dina hate hayang meruhkeun napsu ngaroko. Dur magrib, regot nginum, 
celebek dahar, deregdeg ka masjid gura-giru ngahaja sangkan teu kadoja ku udud. 
Beres solat magrib alhamdulillah teu karasa hayang ngaroko.
 
Keur wirid nungguan isa, dodoja mimiti jul-jol datang. Sungut mimiti haseum,  
sirah rada leneng. Kareret di luar masjid tatangga keur ngelepus udud bari 
ngobrol. Eta haseup mani ting serebung kaluar tina irung, nu ududna rada 
peureum beunta. Kabayang kacida nikmatna. Kuring tipepereket meureumkeun panon 
siga nu heueuh keur wirid.
 
Balik taraweh terus ngaringkuk di enggon, alesan ka pamijakan rada teu ngeunah 
awak. Panon dipeureum-peureum keun supaya tereh sare. Cunduk ka saur weleh teu 
sare sa kerejep-kerejep acan. Rengse solat subuh, kuring ngagerentes dina hate, 
"poe kahiji lulus".
 
Bray poe ka poe dina bulan romadon eta kuring perang sabil jeung napsu hayang 
ngaroko. Kuring sabisa-bisa ngabangbalerkeun ku puasa. Beuki ngadeukeutan 
lebaran, kahayang ngaroko teh beuki ngurangan.
 
Mangsa takbiran, kuring muka roko sesa bulan kamari memeh puasa. Si roko teh 
geus kararoneng sisi-sisina teu pikabitaeun. Lung dibalangkeun ka wadah runtah 
bari samemehna dirames heula. Sanggeus ngenyotan haseup bako salila 24 taun, 
ahirna kuring bisa eureun nepi ka ayeuna.
 
Lamun ayeuna ngaca, kuring ningali jalma anu geus bisa meruhkeun diri sorangan, 
ngeleh keun rasa anu henteu kabeh jalma bisa meruhkeun. Teu...teu ngewa deui. 
Pokona mah rada narsis we lah....
 
Obay.
~Suling aing tulang maung ditiup torotot heong....~
 
Catetan: Dopamin mangrupa zat anu dihasilkeun otak alatan rangsangan nikotin 
roko. Dopamin nimbulkeun sensasi/rasa "tenang" jeung "tingtrim". Sensasi 
leungit dina sa jam, terus awak "bereaksi" hayang ngaroko supaya bisa ngalaman 
sesasi dopamin deui. Ieu nu disebut kacanduan roko/nikotin.
_________________________________________________________________
NEW! Get Windows Live FREE.
http://www.get.live.com/wl/all

Kirim email ke