sami-sami mang jamal, hampura lahir sinareng batin, diantosan sindang heula
ka pidumukan, horeng teh ngan ngalangkung wungkul meureun nya, kumaha di
karang kamulyan pendak sareng kuncen na teu? da eta teh dulur nini kuring
keneh
On 22/10/2007, mj [EMAIL PROTECTED] wrote:
wilujeng lebaran keneh. neda pangapunten lahir batin. kupatna araya keneh?
lebaran kamari mah sukses bisa mudik sakloter jeung indung budak oge
buntut dua. make kijang lanceuk beuteung (euweuh istilah lanceuk beuteung
mah cenah, aya ge adi beuteung, lanceuk mah dahuan). supirna indung budak,
da si kuring mah can dibere hayang resep nyupiran.
jeung adi ti balikpapan aka tumbilakoka tea. macet di nagreg. ah aing mah
sok nalangsa ari keur macet teh. lain soal permacetan nasional, da eta mah
bagean ti ritual mudik, tapi nempo batur, nu mudik dina motor, keun we ari
nu geus gede mah. ieu mah sakulawarga sigana. budak dua dibonceng. bapa
supir, anak nu gede dihareup, nu leutik ditengah, indungna di tukang,
pangtukangna kardus. mangkaning jauh mudik teh. karunya barudak. tapi da
kumaha keur kitu usumna. deudeuh teuing. asana di negeri deungen mah, mawa
budak na motor teh malah ditilang da teu meunang. hate jadi teu berag di
jalan teh nempo batur. deudeuh.
kabenerena anak indung bapa lima kumpul. jalu wungkul. katambah minantu
opat jeung incuna lima. imah kolot nu tipe 35 teh puguh we pinuh. nya
silaturahmi ka indung nu ngandung ka bapa nu ngayuga.
isukna miang ka lembur aki nini ti bapa. di suku gunung sawal. ari aki
nini na mah geus teu aya dikieuna. nu aya para mamang jeung bibi.jalan mah
geus aspal, ngan ekonomi urang dinya can nguniang. padahal tujuan jalan
diaspal teh dalam rangka percepatan pembangunan. sangkan urang gunung bisa
leuwih cepet ngajual hasil tatanenna ka kota. tapi da ari teu boga
kebon/sawah atawa ngan ukur cukup keur pakean mah, teu ngaruh.
ngahaja asruk2kan ka leuweung/kebon deukeut imah aki nini nu ayeuna dieusi
ku salah sahiji mamang nu jadi ajengan. beu, tanggal enteh geus euweuh.
baheula mah sok ngala buahna sagede kaleci. cenah geus lila ge paeh, sabot
nini ngantuntkeun. kitu deui mendong di balong, geus teu aya kieuna.
padahal keur nini aya keneh mah, cai ngimun teh, make enteh meunang ngala
di kebon, rasana has pisan. tapi ari rasa enteh eta di lembur eta mah aya
keneh, da aya urang tonggoh nu sok jualan cenah, ti kebon entehna
sorangan, nu teu lega. mendong oge kitu cenah, paraeh, sabot ditinggalkeun
nini. mendong di balong eta teh bahan baku samak nu dijieun ku nini.
keur leutik harita sok reueus ka nini aki nu motekar. enteh teu meuli da
boga tangkalna, samak kitu deui, nyieun sorangan unggal sore nini mulih ti
sawah/kebon. ayeuna mah geus beda. limaan, genep jeung bapa, ka makam aki
nini nu ngarendeng tukangeun imah, handapeun dapuran awi. batu2na lumutan,
siga makam di situs. imah panggung urut si kuring kungsi cicing, can
sakola, ayeuna kari waasna. geus ganti ku tembok. tangkal jengkol mah aya
keneh. ngan teu purun ngala teh. ngan dawegan mah angger,beak dua.
isukna deui miang ka banjar, silaturahmi kapi lanceuk nu ngurus si kuring
keur sakola di bdg, terus nyimpang ka situs Karang Kamulyan. monyet alias
wanara aya keneh di lebih situs pancalikan (sigana urut singgasana raja
tea). salam cenah. hehe. situs KK jajalaneun ka jawa tengah, banjar oge
pangandaran. poe pere sok rame kunu daratang. sawareh mah sigana ngan ukur
reureuh. halodo. jalan2 di jero situs nu biasa lumutan, garing.
mj
http://geocities.com/mangjamal