sami-sami mang jamal, hampura lahir sinareng batin, diantosan sindang heula
ka pidumukan, horeng teh ngan ngalangkung wungkul meureun nya, kumaha di
karang kamulyan pendak sareng kuncen na teu? da eta teh dulur nini kuring
keneh

On 22/10/2007, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> wilujeng lebaran keneh. neda pangapunten lahir batin. kupatna araya keneh?
>
> lebaran kamari mah sukses bisa mudik sakloter jeung indung budak oge
> buntut dua. make kijang lanceuk beuteung (euweuh istilah lanceuk beuteung
> mah cenah, aya ge adi beuteung, lanceuk mah dahuan). supirna indung budak,
> da si kuring mah can dibere hayang resep nyupiran.
>
> jeung adi ti balikpapan aka tumbilakoka tea. macet di nagreg. ah aing mah
> sok nalangsa ari keur macet teh. lain soal permacetan nasional, da eta mah
> bagean ti ritual mudik, tapi nempo batur, nu mudik dina motor, keun we ari
> nu geus gede mah. ieu mah sakulawarga sigana. budak dua dibonceng. bapa
> supir, anak nu gede dihareup, nu leutik ditengah, indungna di tukang,
> pangtukangna kardus. mangkaning jauh mudik teh. karunya barudak. tapi da
> kumaha keur kitu usumna. deudeuh teuing. asana di negeri deungen mah, mawa
> budak na motor teh malah ditilang da teu meunang. hate jadi teu berag di
> jalan teh nempo batur. deudeuh.
>
> kabenerena anak indung bapa lima kumpul. jalu wungkul. katambah minantu
> opat jeung incuna lima. imah kolot nu tipe 35 teh puguh we pinuh. nya
> silaturahmi ka indung nu ngandung ka bapa nu ngayuga.
>
> isukna miang ka lembur aki nini ti bapa. di suku gunung sawal. ari aki
> nini na mah geus teu aya dikieuna. nu aya para mamang jeung bibi.jalan mah
> geus aspal, ngan ekonomi urang dinya can nguniang. padahal tujuan jalan
> diaspal teh dalam rangka percepatan pembangunan. sangkan urang gunung bisa
> leuwih cepet ngajual hasil tatanenna ka kota. tapi da ari teu boga
> kebon/sawah atawa ngan ukur cukup keur pakean mah, teu ngaruh.
>
> ngahaja asruk2kan ka leuweung/kebon deukeut imah aki nini nu ayeuna dieusi
> ku salah sahiji mamang nu jadi ajengan. beu, tanggal enteh geus euweuh.
> baheula mah sok ngala buahna sagede kaleci. cenah geus lila ge paeh, sabot
> nini ngantuntkeun. kitu deui mendong di balong, geus teu aya kieuna.
> padahal keur nini aya keneh mah, cai ngimun teh, make enteh meunang ngala
> di kebon, rasana has pisan. tapi ari rasa enteh eta di lembur eta mah aya
> keneh, da aya urang tonggoh nu sok jualan cenah, ti kebon entehna
> sorangan, nu teu lega. mendong oge kitu cenah, paraeh, sabot ditinggalkeun
> nini. mendong di balong eta teh bahan baku samak nu dijieun ku nini.
>
> keur leutik harita sok reueus ka nini aki nu motekar. enteh teu meuli da
> boga tangkalna, samak kitu deui, nyieun sorangan unggal sore nini mulih ti
> sawah/kebon. ayeuna mah geus beda. limaan, genep jeung bapa, ka makam aki
> nini nu ngarendeng tukangeun imah, handapeun dapuran awi. batu2na lumutan,
> siga makam di situs. imah panggung urut si kuring kungsi cicing, can
> sakola, ayeuna kari waasna. geus ganti ku tembok. tangkal jengkol mah aya
> keneh. ngan teu purun ngala teh. ngan dawegan mah angger,beak dua.
>
> isukna deui miang ka banjar, silaturahmi kapi lanceuk nu ngurus si kuring
> keur sakola di bdg, terus nyimpang ka situs Karang Kamulyan. monyet alias
> wanara aya keneh di lebih situs pancalikan (sigana urut singgasana raja
> tea). salam cenah. hehe. situs KK jajalaneun ka jawa tengah, banjar oge
> pangandaran. poe pere sok rame kunu daratang. sawareh mah sigana ngan ukur
> reureuh. halodo. jalan2 di jero situs nu biasa lumutan, garing.
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
>
> 
>

Kirim email ke