Bls: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Palu Potong

2009-02-11 Terurut Topik Sisahatea Teuingatuh
Pulangan
Tos kang, kumaha aya nu kirang rapih teu? 
Emmm... tos rapih, nuhun A, sabaraha ?
6.000,- kang
Yeuh duitna 10.000,-
E.. kang, pulanganana 3.500,- kirang 500,- kumaha atuh
Nya atuh potong deui weh buuk uing saetik deui, pan lunas heu euh

Dari: Kumincir Wikidisastra kumin...@urangsunda.or.id
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Rabu, 11 Februari, 2009 10:55:49
Topik: Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Palu Potong

Pangalaman kuring, biasana ari geus uplek ngobrol jeung tukang cukur teh sok 
terus poho mayar... Jeung tukang gorengan oge kitu ketang... Dupi nu kaalaman 
ku Kang Jay kumaha tah?

On Wed, Feb 11, 2009 at 8:48 AM, Jay wrote:

Kang, geus lila jadi tukang cukur ?
Lumayan 'A, aya kana sapuluh taun mah
Jigana lumayan oge hasilna nya ?
Alhamdulillah 'A...
Paingan betah jadi tukang cukur..
Nya, ari hoyongna mah jadi pagawe, tapi da kumaha, hararese. 
Jaba kabisana ngan nyukur wungkul.
Nya, keun bae atuh Kang. Nu penting mah genah ngajalananana
Muhun..
Kuring rek nanya yeuh Kang..
Mangga..
Ari Akang, pan geus biasa nyukur sirah mah..
Muhun..
Apanan kabeh nu dicukur ku Akang teh, sirah batur..
Muhun..
Ari sirah akang sok dicukur ku sorangan ?
Ah, nya henteu. Paling ge ku batur..
Ku tukang cukur deui ?
Nya muhun...

___
Dapatkan alamat Email baru Anda!
Dapatkan nama yang selalu Anda inginkan sebelum diambil orang lain!
http://mail.promotions.yahoo.com/newdomains/id/

[Urang Sunda] Dongeng si Jay : Palu Potong

2009-02-10 Terurut Topik Jay
Poe saptu, ujug-ujug juringkang hudang isuk-isuk. Biasana ge memang 
hudang isuk-isuk, beunta sakeudeung, tapi tuluy sare deui. Tapi poe
saptu kamari mah, asa sare asa henteu. Ongkoh peureum, tapi tibra. 
Tapi rarasaan mah teu sare, teuing ngimpi teuing kumaha. 
Ah, tapi keun wae soal eta mah, tong dipikiran lah, bisi gering. 

Tah, tuluy..
Hudang sare teh, tara langsung mandi. Komo mun keur teu indit gawe. 
Tapi ketang, boh rek indit-inditan atawa indit nyaanan oge, hudang 
sare mah kudu ngopi jeung udud heula samemeh ka cai teh. Geus 
jadi kabiasaan ti bubudak. Tah, kamari ge kitu. Ngan sibeunget we, 
tuluy ninyuh kopi. Rap kana koran, dibacaan judulna we wungkul.

Rengse nempoan koran, ngopi jeung udud, ngaleos ka tukangeun imah. 
Asa risi nempo pabalatak. kayu jeung triplek urut teh patutumpuk. 
Sabagian mah erep digegelan ku rinyuh. Saimah-imah teh nu sarupaning 
kakayuan mah, digarantian. Ti mimiti kusen, Reng jeung Kaso. 

Sakapeung mah sok rada ngahuleng mikiran rinyuh teh. Lain soal kayu 
beak digaregelan, tapi nempo hirupna. Unggal poe, beurang peuting 
cicing dina jero kayu. Teu udud, teu ngopi, teu lalajo tipi, tara 
ulin ka mol. Hayeuh we ngadaharan bubuk kayu.

Da rinyuh mah moal beuki kana sarupaning goreng hayam atawa sate mah,
komo kana pizza atawa hamburger mah. Salian ti eta, rinyuh mah dimana 
mendi, boh di didieu boh di luar negeri oge, dipikangewa pisan ku 
jelma. Uyuhan nya ? Aya nu hayang jadi rinyuh ?

Tapi ceunah, teuing ceuk saha. Aya oge jelma, malah mah loba, nu 
beuki oge ngadaharan kayu. Ngadahar semen, ngadahar aspal, ngadahar 
beton, ngadahar jembatan. Ceunah eta ge, ceuk beja.
Tah, tapi mun dina enyana aya jelma nu samodel kitu, nya sarua...uyuhan.

Tuluykeun deui ah..
Kuring muka kotak peralatan, ngotektak eusina. eusina puguh 
rupa-rupa. Ngaluarkeun palu, ragaji, kurah-koreh kana paku. Paku 
leutik, paku gede, nu karatan, nu barengkok oge dikumpulkeun. Geus 
kitu, kayu urut kaso nu rada weuteuh oge dipilihan. Nu remuk atawa 
kopong mah ditalian, tuluy diabuskeun kana karung. Ke, rek dipiceun 
atawa keur dudurukan.

Kayu tuluy diragajian, panjangna mah sakarep, da teu diukur-ukur acan.
Dikira-kira bae, bari uteuk mikir rek nyieun naon. Abong ge tukang 
ulin, ngaragaji ge teu lalempeng. Ah, bae.. nu penting mah,ngaragaji. 
Ari tukang kayu mah jiga nu ngareunaheun ngaragaji kayu teh. Ngan 
saukur ditandaan tungtung jeung tungtung ku potlot, gabres, tuluy 
lempeng bae. Jaba tereh deuih. Ari kuring, asa rundag-randeg 
ngaragaji kitu bae oge, sakapeung macet ragaji teh. Padahal, tanaga 
asana teh leuwih rosa tibatan tukang kayu mah.

Kayu nu geus meunang ngaragaji teh tuluy dijieun rarangka, tuluy
dipakuan. Beledag-beledag. Mun ninggang dina kayu-na nu rada hipu mah,
teu loba teuing elekesekeng. Tapi pas ninggang dina kayu-na nu 
rada teuas, maku teh asa teu abus-abus. Kalah ka bengkok. Reureuh 
sakeudeung. Pelenyun udud. Pagawean teh tuluy dituluykeun deui. 
dihanca, teu karasa, aya kana dua jam-na, akhirna mah rengse oge 
nyieun meja teh. Lain meja ketang, tapi leuwih pantesna mah 
dipan, da panjangna dua meter leuwih, tuluy lebarna aya sa-meter mah. 
Nyobaan didiukan, bari rada digual-geol. Atuh puguh we dipan teh milu 
ngageol.

Ku kuring, dipan tuluy dijungkirkeun deui. Diilengan deui sing teges, 
naon nu matak ruag-rieug teh. Sihoreng makuanana kurang loba. Jadi 
kudu ditarambahan deui bari dijodangan meh rada pengkuh. Paku geus 
ledis. Aya ge nu barengkok. Lumayan daripada euweuh. Paku barengkok 
teh dilelempeng, digendiran ku palu. Tuluy dipake nambahan makuan 
deui.

Kulantaran teu sabar, maku teh bari sataker kebek. Atuh tong boro 
abus, karek abus satengahna, paku teh bingkeng deui. Ari geus kitu, 
hese deui memenerna. Jalan hiji-hijina nyaeta kudu dicabut. Palu 
dibalikeun, tungtung paku dikaitkeun, tuluy palu didengkekkeun. 
Angger teu oyag-oyag acan. Bari rada ngaheujeun, palu didengkekkeun 
deui. Ari kitu teh, lain paku nu kacabut, Beletak teh kalah 
ka gagang palu-na anu potong. Egh

Bari dungdak dengdek, palu jeung gagangna tuluy ditapelkeun deui. 
Enya rakep deui. Tapi kumaha ngahijikeunana meh kuat ? Di lem ?
ditalian ? Nu paling asup akal mah jigana dipaku deui. Make paku
leutik, geus kitu ditambahan deui dibeulit ku kawat. 

Kawat aya, paku leutik aya. Tapi maku-na kumaha ? Atuh kudu aya palu ?
Geus puguh palu-na teh peunggas..
Alah aing mah..

Jelas pisan, yeuh palu ! maneh teh teu bisa maku keur diri maneh 
 sorangan! kuring nyarita ka palu. Palu cicing bae, teu nembalan.
Matakna, maneh teh kudu loba gaul atuh jeung palu nu sejen, apanan   
 mun dina keur meunang kasusah jiga kieu teh, angger butuh pitulung  
 ti palu sejen. Kitu pan ?, ceuk kuring deui bari merong kana palu. 

Palu cicing wae.

Barina oge, apanan palu teh salian keur maku, oge keur nyabut paku. 
Tapi naha bet kalah ka potong gagangna atuh ? Cik atuh, gagang teh 
kudu nu hade. Apanan dipake ngadengkek ? Ceuk kuring deui bari 
merong.

Pagawean can anggeus, dipan can beres. 

Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Palu Potong

2009-02-10 Terurut Topik neti_ssatria
Aya aya wae kang jay Ngobrol jeung palu ampuuun paralun, ti iraha kitu teh? 
Heuheu...
Sent from my BlackBerry®
powered by Sinyal Kuat INDOSAT

-Original Message-
From: Jay jay_tukangkom...@yahoo.com

Date: Wed, 11 Feb 2009 01:48:19 
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Palu Potong

Poe saptu, ujug-ujug juringkang hudang isuk-isuk. Biasana ge memang 
hudang isuk-isuk, beunta sakeudeung, tapi tuluy sare deui. Tapi poe
saptu kamari mah, asa sare asa henteu. Ongkoh peureum, tapi tibra. 
Tapi rarasaan mah teu sare, teuing ngimpi teuing kumaha. 
Ah, tapi keun wae soal eta mah, tong dipikiran lah, bisi gering. 

Tah, tuluy..
Hudang sare teh, tara langsung mandi. Komo mun keur teu indit gawe. 
Tapi ketang, boh rek indit-inditan atawa indit nyaanan oge, hudang 
sare mah kudu ngopi jeung udud heula samemeh ka cai teh. Geus 
jadi kabiasaan ti bubudak. Tah, kamari ge kitu. Ngan sibeunget we, 
tuluy ninyuh kopi. Rap kana koran, dibacaan judulna we wungkul.

Rengse nempoan koran, ngopi jeung udud, ngaleos ka tukangeun imah. 
Asa risi nempo pabalatak. kayu jeung triplek urut teh patutumpuk. 
Sabagian mah erep digegelan ku rinyuh. Saimah-imah teh nu sarupaning 
kakayuan mah, digarantian. Ti mimiti kusen, Reng jeung Kaso. 

Sakapeung mah sok rada ngahuleng mikiran rinyuh teh. Lain soal kayu 
beak digaregelan, tapi nempo hirupna. Unggal poe, beurang peuting 
cicing dina jero kayu. Teu udud, teu ngopi, teu lalajo tipi, tara 
ulin ka mol. Hayeuh we ngadaharan bubuk kayu.

Da rinyuh mah moal beuki kana sarupaning goreng hayam atawa sate mah,
komo kana pizza atawa hamburger mah. Salian ti eta, rinyuh mah dimana 
mendi, boh di didieu boh di luar negeri oge, dipikangewa pisan ku 
jelma. Uyuhan nya ? Aya nu hayang jadi rinyuh ?

Tapi ceunah, teuing ceuk saha. Aya oge jelma, malah mah loba, nu 
beuki oge ngadaharan kayu. Ngadahar semen, ngadahar aspal, ngadahar 
beton, ngadahar jembatan. Ceunah eta ge, ceuk beja.
Tah, tapi mun dina enyana aya jelma nu samodel kitu, nya sarua...uyuhan.

Tuluykeun deui ah..
Kuring muka kotak peralatan, ngotektak eusina. eusina puguh 
rupa-rupa. Ngaluarkeun palu, ragaji, kurah-koreh kana paku. Paku 
leutik, paku gede, nu karatan, nu barengkok oge dikumpulkeun. Geus 
kitu, kayu urut kaso nu rada weuteuh oge dipilihan. Nu remuk atawa 
kopong mah ditalian, tuluy diabuskeun kana karung. Ke, rek dipiceun 
atawa keur dudurukan.

Kayu tuluy diragajian, panjangna mah sakarep, da teu diukur-ukur acan.
Dikira-kira bae, bari uteuk mikir rek nyieun naon. Abong ge tukang 
ulin, ngaragaji ge teu lalempeng. Ah, bae.. nu penting mah,ngaragaji. 
Ari tukang kayu mah jiga nu ngareunaheun ngaragaji kayu teh. Ngan 
saukur ditandaan tungtung jeung tungtung ku potlot, gabres, tuluy 
lempeng bae. Jaba tereh deuih. Ari kuring, asa rundag-randeg 
ngaragaji kitu bae oge, sakapeung macet ragaji teh. Padahal, tanaga 
asana teh leuwih rosa tibatan tukang kayu mah.

Kayu nu geus meunang ngaragaji teh tuluy dijieun rarangka, tuluy
dipakuan. Beledag-beledag. Mun ninggang dina kayu-na nu rada hipu mah,
teu loba teuing elekesekeng. Tapi pas ninggang dina kayu-na nu 
rada teuas, maku teh asa teu abus-abus. Kalah ka bengkok. Reureuh 
sakeudeung. Pelenyun udud. Pagawean teh tuluy dituluykeun deui. 
dihanca, teu karasa, aya kana dua jam-na, akhirna mah rengse oge 
nyieun meja teh. Lain meja ketang, tapi leuwih pantesna mah 
dipan, da panjangna dua meter leuwih, tuluy lebarna aya sa-meter mah. 
Nyobaan didiukan, bari rada digual-geol. Atuh puguh we dipan teh milu 
ngageol.

Ku kuring, dipan tuluy dijungkirkeun deui. Diilengan deui sing teges, 
naon nu matak ruag-rieug teh. Sihoreng makuanana kurang loba. Jadi 
kudu ditarambahan deui bari dijodangan meh rada pengkuh. Paku geus 
ledis. Aya ge nu barengkok. Lumayan daripada euweuh. Paku barengkok 
teh dilelempeng, digendiran ku palu. Tuluy dipake nambahan makuan 
deui.

Kulantaran teu sabar, maku teh bari sataker kebek. Atuh tong boro 
abus, karek abus satengahna, paku teh bingkeng deui. Ari geus kitu, 
hese deui memenerna. Jalan hiji-hijina nyaeta kudu dicabut. Palu 
dibalikeun, tungtung paku dikaitkeun, tuluy palu didengkekkeun. 
Angger teu oyag-oyag acan. Bari rada ngaheujeun, palu didengkekkeun 
deui. Ari kitu teh, lain paku nu kacabut, Beletak teh kalah 
ka gagang palu-na anu potong. Egh

Bari dungdak dengdek, palu jeung gagangna tuluy ditapelkeun deui. 
Enya rakep deui. Tapi kumaha ngahijikeunana meh kuat ? Di lem ?
ditalian ? Nu paling asup akal mah jigana dipaku deui. Make paku
leutik, geus kitu ditambahan deui dibeulit ku kawat. 

Kawat aya, paku leutik aya. Tapi maku-na kumaha ? Atuh kudu aya palu ?
Geus puguh palu-na teh peunggas..
Alah aing mah..

Jelas pisan, yeuh palu ! maneh teh teu bisa maku keur diri maneh 
 sorangan! kuring nyarita ka palu. Palu cicing bae, teu nembalan.
Matakna, maneh teh kudu loba gaul atuh jeung palu nu sejen, apanan   
 mun dina keur meunang kasusah jiga kieu teh, angger butuh pitulung  
 ti

Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Palu Potong

2009-02-10 Terurut Topik Kumincir Wikidisastra
Pangalaman kuring, biasana ari geus uplek ngobrol jeung tukang cukur teh sok
terus poho mayar... Jeung tukang gorengan oge kitu ketang... Dupi nu
kaalaman ku Kang Jay kumaha tah?