Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Samena-mena

2008-11-11 Terurut Topik Bagjabinekas
ari ieu teh dongeng si jay nu baheula tea??
hapunten da uing mah ayeuna tara nempoan milis.. sabab euweuh akses 
intnet ari ayeuna masang deui, tp moal remen2 teuing sabab uingna 
riweuh ngurus budak, can si cikal jeung ieu nu di jero beuteung 
keneh..

geus nepi ka mana dongeng jay teh??? 


~ipup~


--- In urangsunda@yahoogroups.com, arif ramdlan <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> aya kuhade tah carita teh Jay.. nuhun sogan bisa didongenkeun deui 
ka pamajikan jeung budak di imah...
> nya mudah-mudahan wae didinya jadi jalmi beunghar di dunya oge asup 
sawarga
> pan, urang baheula teh sok diajarkeun doa sapu jagat tea; robbana 
aatina jeung saterasna...
> 
> salam




Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Samena-mena

2008-11-11 Terurut Topik arif ramdlan
lamun maca tulisan dongeng ieu..
jadi boga kasimpulan dakwah teh teu kudu gogorowokan dina mimbar
tah, si jay teh keur merankeun hiji kiayi anu punjul ku elmu..
didoakeun lah, mudah-mudahan sapo-poena si jay teh sing jiga ditulisan 
manehna...
jadi bisa dipikolot ku salarea...saneh kitu?


--- On Tue, 11/11/08, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Samena-mena
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Tuesday, November 11, 2008, 12:49 AM

Nyaan "salut" deui wae.

Seug "Jay", didu'akeun pisan sing maju dina tulisan wanda dialog
model
Jay ieu. Khususna di nu ayeuna, teu karasa, masalah kaadilan Alloh anu
sakitu tarahalna keur diambah, ku "Jay" mah ditepikeun kalawan
enteng,
tapi cukup jero, ku basa anu gampang kaharti. Dongeng-dongeng model
warung kopi atawa pos ronda model Jay ieu baris tetep loba anu
mikaresep.

manar

On Mon, Nov 10, 2008 at 8:31 PM, Jay <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> "Jay …"
> "Hmmm"
> "Sakapeung uing mah loba ngarasa, nempo atawa ngalaman hal-hal anu
> ceuk uing mah teu adil"
> "Oh kitu?"
> "Enya.."
> "Ah, maenya ?"
> "Heueuh…"
> "Ah, Piraku ?"
> "Piraku..piraku… heueuh ih!"
> "Contona ?"
> "Contona, aya jelma goreng patut, tapi beunghar. Tuh tempo Mang
> Ja'i. Jaba pamajikanana geulis, demplon, eplok cendol. Mun ceuk
> lagu tea mah awakna jiga piul, buntut ngaguruntul, mun leumpang
> ngageboy jiga buruy. Matak hokcai nu nempo. Sakapeung sok ngabanding-
> bandingkeun jeung diri maneh. Rupa kasep, dedegan sanajan teu jiga
> Ade Rai ge, nya lumayan tegep. Tapi boro-boro kawin, boga kabogoh ge
> apanan acan. Da euweuh nu daekeun ka maneh mah. Keur mah teu boga
> kabogoh, pangangguran deuih.."
> "Hmm, trus ?"
> "Aya deui, jelma nu baheula keur jaman sakola mindeng disetrap alatan
> baong, atawa mindeng teu asup sakola, niley ulangan ge beureum kabeh
> kelirna. Tapi naha bet ujug-ujug ayeuna panggih teh geus jadi
> pajabat, aya nu jadi camat, aya nu jadi Bupati, aya nu jadi anggota
> DPR. Padahal mun dibandingkeun jeung uing baheula keur sakola, tiap
> taun rengking ka hiji. Kuliah nepi ka sarjana, tapi naha neangan
> gawe nu rada pantes jeung pendidikan ge hese pisan.
> Ngalamar gawe kaditu kadieu teu payu. Tungtungna dina meunang gawe
> ge jadi sales. Sanajan ginding make dasi, kamana-mana ngajingjing
> koper, tapi bari luut leet kesang leumpang nanawarkeun dagangan."
> "Enya. Meni karunya nya ? Jaba cape, dagangan teu payu. Isukna ku
> boss-na dicarekan. Heueuh ?"
> "Tah enya, bener pisan Jay…"
> "Karunya teuing atuh maneh teh. Trus, naon deui? cik keprukeun
kabeh"
> "Aya deui, tatangga uing. Mang Juned ngarana teh. sapopoe-na digawe,
> indit isuk datang peuting, pasedek-sedek dina beus, seseleket dina
> kareta, nagog dina angkot, tapi hirupna angger we sangsara.
> Boro-boro bisa kabeuli imah, ngontrak ge nunggak deui nunggak deui.
> Hutang di warung numpuk, pangabutuh jeung beubeunangan asa tara aya
> cukupna. Ditambah deui harga sagala pangabutuh teu eureun-eureun
> tingterekel bae. Asa hayang paeh bae, ceuk Mang Juned tea mah.
> Sakapeung mun dibandingkeun jeung si Mardi, tatangga uing oge, masih
> mending keneh si Mardi. Gawe tiisuk nepi ka sore, sarua we. Tapi
> indit gawe bari tumpak motor najan meunang ngiridit oge. Imah boga,
> najan nyicil oge. Pagawean teu cape teuing, malah mah cenah,
> lolobana waktu gawe ge ngan dipake ceting we jeung mimilisan."
> "Ngeunah atuh nya ? Ngadaharan gabut atuh mun kitu mah…"
> "Gabut ? Gabut teh naon ?"
> "Teu apal, Gabut ?"
> "Henteu, nu matak nanya oge."
> "Matakna atuh, mun aya pelajaran eta teh asup !"
> "Ih, geus kanu lain-lain deui bae. Naon atuh Gabut teh ?"
> "Gajih Buta, belegug !"
> "Owh… sugan teh naon.."
> "Trus, naon deui ?"
> "Aya deui, pahareup-hareup jeung imah uing. Ceu Eroh. Geulis. Make
> tiung, rajin ibadahna. Jelmana sopan. Nya hade rupa nya hade budi.
> Tapi boga salaki pamabokan. Kabeuki-na lalajo dangdut. Mun joget
> diluhur panggung teh bari sok noelan bujur penyanyi-na. Ari aya nu
> geruh, angger sok nyieun kaributan."
> "Ari kitu, naon urusanana jeung maneh ?"
> "Lain, padahal mun dipikir, mun ceu Eroh jadi pamajikan uing, meureun
> asa bagja pisan. Nya geulis, nya solehah. Rek dibungahkeun, rek
> dipikanyaah. Moal rek dikukumaha. Moal dititah digawe, moal dititah
> nyeuseuh, moal dititah nimba, …."
> "Moal dititah dahar oge meureun nya ?"
> "Ih nya heueuh atuh! Eh… moal, eh.. &

Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Samena-mena

2008-11-11 Terurut Topik arif ramdlan
aya kuhade tah carita teh Jay.. nuhun sogan bisa didongenkeun deui ka pamajikan 
jeung budak di imah...
nya mudah-mudahan wae didinya jadi jalmi beunghar di dunya oge asup sawarga
pan, urang baheula teh sok diajarkeun doa sapu jagat tea; robbana aatina 
jeung saterasna...

salam

--- On Tue, 11/11/08, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
From: Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]>
Subject: Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Samena-mena
To: urangsunda@yahoogroups.com
Date: Tuesday, November 11, 2008, 1:00 AM














Halaw...Jay damang? 
Suwer alus  ngorong teh Jay... 

Loba pisan pulunganeunana, tapi punten we ari 
mulungan korong mah hehehhe...
Hayu, maju tuluy Jyyy !
 
ro2


On Mon, Nov 10, 2008 at 8:31 PM, Jay 
 wrote:
> "Jay …"
> "Hmmm"
> 
"Sakapeung uing mah loba ngarasa, nempo atawa ngalaman hal-hal anu
> ceuk 
uing mah teu adil"
> "Oh kitu?"
> "Enya.."
> "Ah, maenya 
?"
> "Heueuh…"
> "Ah, Piraku ?"
> "Piraku..piraku… heueuh 
ih!"
> "Contona ?"
> "Contona, aya jelma goreng patut, tapi 
beunghar. Tuh tempo Mang
> Ja'i. Jaba pamajikanana geulis, demplon, eplok 
cendol. Mun ceuk
> lagu tea mah awakna jiga piul, buntut ngaguruntul, mun 
leumpang
> ngageboy jiga buruy. Matak hokcai nu nempo. Sakapeung sok 
ngabanding-
> bandingkeun jeung diri maneh. Rupa kasep, dedegan sanajan 
teu jiga
> Ade Rai ge, nya lumayan tegep. Tapi boro-boro kawin, boga 
kabogoh ge
> apanan acan. Da euweuh nu daekeun ka maneh mah. Keur mah teu 
boga
> kabogoh, pangangguran deuih.."
> "Hmm, trus ?"
> "Aya 
deui, jelma nu baheula keur jaman sakola mindeng disetrap alatan
> baong, 
atawa mindeng teu asup sakola, niley ulangan ge beureum kabeh
> kelirna. 
Tapi naha bet ujug-ujug ayeuna panggih teh geus jadi
> pajabat, aya nu 
jadi camat, aya nu jadi Bupati, aya nu jadi anggota
> DPR. Padahal mun 
dibandingkeun jeung uing baheula keur sakola, tiap
> taun rengking ka 
hiji. Kuliah nepi ka sarjana, tapi naha neangan
> gawe nu rada pantes 
jeung pendidikan ge hese pisan.
> Ngalamar gawe kaditu kadieu teu payu. 
Tungtungna dina meunang gawe
> ge jadi sales. Sanajan ginding make dasi, 
kamana-mana ngajingjing
> koper, tapi bari luut leet kesang leumpang 
nanawarkeun dagangan."
> "Enya. Meni karunya nya ? Jaba cape, dagangan teu 
payu. Isukna ku
> boss-na dicarekan. Heueuh ?"
> "Tah enya, bener 
pisan Jay…"
> "Karunya teuing atuh maneh teh. Trus, naon deui? cik 
keprukeun kabeh"
> "Aya deui, tatangga uing. Mang Juned ngarana teh. 
sapopoe-na digawe,
> indit isuk datang peuting, pasedek-sedek dina beus, 
seseleket dina
> kareta, nagog dina angkot, tapi hirupna angger we 
sangsara.
> Boro-boro bisa kabeuli imah, ngontrak ge nunggak deui nunggak 
deui.
> Hutang di warung numpuk, pangabutuh jeung beubeunangan asa tara 
aya
> cukupna. Ditambah deui harga sagala pangabutuh teu 
eureun-eureun
> tingterekel bae. Asa hayang paeh bae, ceuk Mang Juned tea 
mah.
> Sakapeung mun dibandingkeun jeung si Mardi, tatangga uing oge, 
masih
> mending keneh si Mardi. Gawe tiisuk nepi ka sore, sarua we. 
Tapi
> indit gawe bari tumpak motor najan meunang ngiridit oge. Imah 
boga,
> najan nyicil oge. Pagawean teu cape teuing, malah mah 
cenah,
> lolobana waktu gawe ge ngan dipake ceting we jeung 
mimilisan."
> "Ngeunah atuh nya ? Ngadaharan gabut atuh mun kitu 
mah…"
> "Gabut ? Gabut teh naon ?"
> "Teu apal, Gabut ?"
> 
"Henteu, nu matak nanya oge."
> "Matakna atuh, mun aya pelajaran eta teh 
asup !"
> "Ih, geus kanu lain-lain deui bae. Naon atuh Gabut teh 
?"
> "Gajih Buta, belegug !"
> "Owh… sugan teh naon.."
> 
"Trus, naon deui ?"
> "Aya deui, pahareup-hareup jeung imah uing. Ceu 
Eroh. Geulis. Make
> tiung, rajin ibadahna. Jelmana sopan. Nya hade rupa 
nya hade budi.
> Tapi boga salaki pamabokan. Kabeuki-na lalajo dangdut. 
Mun joget
> diluhur panggung teh bari sok noelan bujur penyanyi-na. Ari 
aya nu
> geruh, angger sok nyieun kaributan."
> "Ari kitu, naon 
urusanana jeung maneh ?"
> "Lain, padahal mun dipikir, mun ceu Eroh jadi 
pamajikan uing, meureun
> asa bagja pisan. Nya geulis, nya solehah. Rek 
dibungahkeun, rek
> dipikanyaah. Moal rek dikukumaha. Moal dititah digawe, 
moal dititah
> nyeuseuh, moal dititah nimba, …."
> "Moal dititah 
dahar oge meureun nya ?"
> "Ih nya heueuh atuh! Eh… moal, eh.. "
> 
"Ah, siah pabeulit nyarita teh.."
> "Ah, bongan maneh atuh ngakagokanan 
bae batur keur dongeng teh."
> "Enya, trus naon deui ?"
> "Aya deui, 
Bapana si Uj

Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Samena-mena

2008-11-11 Terurut Topik Jay
heu heu...
Insya Alloh..
du'akeun we meh Alloh teh sina samena-mena ka uing...

-Jay-

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "ua duq" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> ecagkeun kang haha..
> keur jay: enya gewat pedalkeun lalampahan teh, bisi kasiap 
ku 'dongeng
> enteng ti cilibende'. nu salasahiji caritana lalampahan anjeun, 
dijudulan:
> dul jay e na jay e jay dul jay e ji  carita sejenna: 'dongeng 
suara'
> judulna niron 'sajak suara' ... da memang caritana mirip jeung 
widji tukul,
> ngan ieu mah leuwih maya, tukangprotesnudilelepkeun...
> kamana leosna kembaran uing ieu nya? sanggeus kabur ti dieu?
> 
> kuakakakakaka... mung geus jadi kitab, uing pasti neangan jay, 
komo lamun
> bari dibekelan duitna ku anjeun mah, langsung harita keneh ge... 
dibeuli!
> 
> On Tue, Nov 11, 2008 at 2:18 PM, tantan hermansah
> <[EMAIL PROTECTED]>wrote:
> 
> >   Jay,
> > beurat pisan eusi carita teh...
> > era kuring macana. asa hirup kuring.
> > Nuhun Jay.
> > geus kudu ditambahan ayeuna mah:
> > Tuan Guru Jay.
> >
> > Baktos
> > tantan
> >
> > www.nyucrukgalur.multiply.com
> > www.jendelaterbuka.wordpress.com
> >
> >
> > On Tue, Nov 11, 2008 at 1:13 PM, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> >
> >>Kang Jay, dongeng teh geus loba lin?
> >> Bukukeun atuh!
> >> Jieun jilidna nu hebring
> >> Izin sbn-na numpang ka YP
> >> Uras urus sbn ka perpusnas uing siap
> >> Pasarkeun di kusnet
> >> Sawareh di katokokeun
> >> Di gramedia bdg jeung books city sawewengkon DKI & jabar tiasa 
lebet.
> >> Insyaallah uing siap ngabantu!
> >>
> >> Sok ah Jay, geura makalang!
> >>
> >>
> >> ._,___
> >
> 
> 
> 
> -- 
> d-: dudi herlianto :-q
> ~nyoba ngilu ngabauan dunya~
>




Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Samena-mena

2008-11-11 Terurut Topik Jay
Sok atuh...
bantuan. Ke naskahna di edit deui...
sugan we beunghar ku alatan ngorong 
heu heu


-Jay-

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "syam ridwan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Jay, dongeng teh geus loba lin?
> Bukukeun atuh!
> Jieun jilidna nu hebring
> Izin sbn-na numpang ka YP
> Uras urus sbn ka perpusnas uing siap
> Pasarkeun di kusnet
> Sawareh di katokokeun
> Di gramedia bdg jeung books city sawewengkon DKI & jabar tiasa 
lebet. Insyaallah uing siap ngabantu!
> 
> Sok ah Jay, geura makalang!
> 
> 
>   - Original Message - 
>   From: Jay 
>   To: urangsunda@yahoogroups.com 
>   Sent: Tuesday, November 11, 2008 11:31 AM
>   Subject: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Samena-mena
> 
> 
>   "Jay ."
>   "Hmmm"
>   "Sakapeung uing mah loba ngarasa, nempo atawa ngalaman hal-hal 
anu 
>   ceuk uing mah teu adil"
>   "Oh kitu?"
> 
>   .
>




Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Samena-mena

2008-11-11 Terurut Topik Roro Rohmah
Halaw...Jay damang? 
Suwer alus  ngorong teh Jay... 
Loba pisan pulunganeunana, tapi punten we ari mulungan korong mah hehehhe...
Hayu, maju tuluy Jyyy!

ro2


On Mon, Nov 10, 2008 at 8:31 PM, Jay <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> "Jay *"
> "Hmmm"
> "Sakapeung uing mah loba ngarasa, nempo atawa ngalaman hal-hal anu
> ceuk uing mah teu adil"
> "Oh kitu?"
> "Enya.."
> "Ah, maenya ?"
> "Heueuh*"
> "Ah, Piraku ?"
> "Piraku..piraku* heueuh ih!"
> "Contona ?"
> "Contona, aya jelma goreng patut, tapi beunghar. Tuh tempo Mang
> Ja'i. Jaba pamajikanana geulis, demplon, eplok cendol. Mun ceuk
> lagu tea mah awakna jiga piul, buntut ngaguruntul, mun leumpang
> ngageboy jiga buruy. Matak hokcai nu nempo. Sakapeung sok ngabanding-
> bandingkeun jeung diri maneh. Rupa kasep, dedegan sanajan teu jiga
> Ade Rai ge, nya lumayan tegep. Tapi boro-boro kawin, boga kabogoh ge
> apanan acan. Da euweuh nu daekeun ka maneh mah. Keur mah teu boga
> kabogoh, pangangguran deuih.."
> "Hmm, trus ?"
> "Aya deui, jelma nu baheula keur jaman sakola mindeng disetrap alatan
> baong, atawa mindeng teu asup sakola, niley ulangan ge beureum kabeh
> kelirna. Tapi naha bet ujug-ujug ayeuna panggih teh geus jadi
> pajabat, aya nu jadi camat, aya nu jadi Bupati, aya nu jadi anggota
> DPR. Padahal mun dibandingkeun jeung uing baheula keur sakola, tiap
> taun rengking ka hiji. Kuliah nepi ka sarjana, tapi naha neangan
> gawe nu rada pantes jeung pendidikan ge hese pisan.
> Ngalamar gawe kaditu kadieu teu payu. Tungtungna dina meunang gawe
> ge jadi sales. Sanajan ginding make dasi, kamana-mana ngajingjing
> koper, tapi bari luut leet kesang leumpang nanawarkeun dagangan."
> "Enya. Meni karunya nya ? Jaba cape, dagangan teu payu. Isukna ku
> boss-na dicarekan. Heueuh ?"
> "Tah enya, bener pisan Jay*"
> "Karunya teuing atuh maneh teh. Trus, naon deui? cik keprukeun kabeh"
> "Aya deui, tatangga uing. Mang Juned ngarana teh. sapopoe-na digawe,
> indit isuk datang peuting, pasedek-sedek dina beus, seseleket dina
> kareta, nagog dina angkot, tapi hirupna angger we sangsara.
> Boro-boro bisa kabeuli imah, ngontrak ge nunggak deui nunggak deui.
> Hutang di warung numpuk, pangabutuh jeung beubeunangan asa tara aya
> cukupna. Ditambah deui harga sagala pangabutuh teu eureun-eureun
> tingterekel bae. Asa hayang paeh bae, ceuk Mang Juned tea mah.
> Sakapeung mun dibandingkeun jeung si Mardi, tatangga uing oge, masih
> mending keneh si Mardi. Gawe tiisuk nepi ka sore, sarua we. Tapi
> indit gawe bari tumpak motor najan meunang ngiridit oge. Imah boga,
> najan nyicil oge. Pagawean teu cape teuing, malah mah cenah,
> lolobana waktu gawe ge ngan dipake ceting we jeung mimilisan."
> "Ngeunah atuh nya ? Ngadaharan gabut atuh mun kitu mah*"
> "Gabut ? Gabut teh naon ?"
> "Teu apal, Gabut ?"
> "Henteu, nu matak nanya oge."
> "Matakna atuh, mun aya pelajaran eta teh asup !"
> "Ih, geus kanu lain-lain deui bae. Naon atuh Gabut teh ?"
> "Gajih Buta, belegug !"
> "Owh* sugan teh naon.."
> "Trus, naon deui ?"
> "Aya deui, pahareup-hareup jeung imah uing. Ceu Eroh. Geulis. Make
> tiung, rajin ibadahna. Jelmana sopan. Nya hade rupa nya hade budi.
> Tapi boga salaki pamabokan. Kabeuki-na lalajo dangdut. Mun joget
> diluhur panggung teh bari sok noelan bujur penyanyi-na. Ari aya nu
> geruh, angger sok nyieun kaributan."
> "Ari kitu, naon urusanana jeung maneh ?"
> "Lain, padahal mun dipikir, mun ceu Eroh jadi pamajikan uing, meureun
> asa bagja pisan. Nya geulis, nya solehah. Rek dibungahkeun, rek
> dipikanyaah. Moal rek dikukumaha. Moal dititah digawe, moal dititah
> nyeuseuh, moal dititah nimba, *."
> "Moal dititah dahar oge meureun nya ?"
> "Ih nya heueuh atuh! Eh* moal, eh.. "
> "Ah, siah pabeulit nyarita teh.."
> "Ah, bongan maneh atuh ngakagokanan bae batur keur dongeng teh."
> "Enya, trus naon deui ?"
> "Aya deui, Bapana si Ujang . Rarasaan mah kudu kumaha ngajaga
> kasehatan teh, cenah. Dahar tara nu macem-macem, jaba teu loba.
> Eta ge sahuap-sahuap dahar teh. Nginum ci herang kabeuki-na. Olah
> raga ge asa cukup sanajan ngan saukur jogging saminggu sakali.
> Ngaroko henteu, ngopi henteu, begadang ge tara. Tapi ceuk dokter
> mah awakna teh pinuh ku panyakit. Jantung, Kolesterol, darah tinggi
> komplikasi jeung panyakit kutil. Tapi mun nempo si Udin Pelor, udud
> ngelepus bae jiga euweuh eureuna, kana kopi beuki, kana anggur
> komo. unggal peuting ngolecer, tapi katempona teh jagjag waringkas
> we. Tara kadenge gering"
> "Trus, naon atuh nu jadi masalahna ?"
> "Asa teu adil.."
> "Saha ?"
> "Alloh*"
> "Alloh teu adil ?"
> "Enya*"
> "Kasaha ?"
> "Nya ka uing, ka batur oge*"
> "Naha ?"
> "Apan geus dicaritaken tad*. Ih !"
> "Lain, uing mah nanya teh Naha Alloh bet teu adil? Cik geura*"
> "Nyaeta, uing ge pan hayang apal !"
> "Atuh tanyakeun ka Alloh !"
> "Eta oge geus ditanyakeun*"
> "Ka saha ?"
> "Nya ka Alloh atuh ! maenya ka tukang somai"
> "Iraha ? "
> "Nya tiap geus solat*"
> "Trus, Alloh ngajawab naon ka maneh ?"
> "Teu ngajawab nanaon*"
> "Jadi Alloh teh

Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Samena-mena

2008-11-11 Terurut Topik oman abdurahman
Nyaan "salut" deui wae.

Seug "Jay", didu'akeun pisan sing maju dina tulisan wanda dialog model
Jay ieu. Khususna di nu ayeuna, teu karasa, masalah kaadilan Alloh anu
sakitu tarahalna keur diambah, ku "Jay" mah ditepikeun kalawan enteng,
tapi cukup jero, ku basa anu gampang kaharti. Dongeng-dongeng model
warung kopi atawa pos ronda model Jay ieu baris tetep loba anu
mikaresep.

manar

On Mon, Nov 10, 2008 at 8:31 PM, Jay <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> "Jay …"
> "Hmmm"
> "Sakapeung uing mah loba ngarasa, nempo atawa ngalaman hal-hal anu
> ceuk uing mah teu adil"
> "Oh kitu?"
> "Enya.."
> "Ah, maenya ?"
> "Heueuh…"
> "Ah, Piraku ?"
> "Piraku..piraku… heueuh ih!"
> "Contona ?"
> "Contona, aya jelma goreng patut, tapi beunghar. Tuh tempo Mang
> Ja'i. Jaba pamajikanana geulis, demplon, eplok cendol. Mun ceuk
> lagu tea mah awakna jiga piul, buntut ngaguruntul, mun leumpang
> ngageboy jiga buruy. Matak hokcai nu nempo. Sakapeung sok ngabanding-
> bandingkeun jeung diri maneh. Rupa kasep, dedegan sanajan teu jiga
> Ade Rai ge, nya lumayan tegep. Tapi boro-boro kawin, boga kabogoh ge
> apanan acan. Da euweuh nu daekeun ka maneh mah. Keur mah teu boga
> kabogoh, pangangguran deuih.."
> "Hmm, trus ?"
> "Aya deui, jelma nu baheula keur jaman sakola mindeng disetrap alatan
> baong, atawa mindeng teu asup sakola, niley ulangan ge beureum kabeh
> kelirna. Tapi naha bet ujug-ujug ayeuna panggih teh geus jadi
> pajabat, aya nu jadi camat, aya nu jadi Bupati, aya nu jadi anggota
> DPR. Padahal mun dibandingkeun jeung uing baheula keur sakola, tiap
> taun rengking ka hiji. Kuliah nepi ka sarjana, tapi naha neangan
> gawe nu rada pantes jeung pendidikan ge hese pisan.
> Ngalamar gawe kaditu kadieu teu payu. Tungtungna dina meunang gawe
> ge jadi sales. Sanajan ginding make dasi, kamana-mana ngajingjing
> koper, tapi bari luut leet kesang leumpang nanawarkeun dagangan."
> "Enya. Meni karunya nya ? Jaba cape, dagangan teu payu. Isukna ku
> boss-na dicarekan. Heueuh ?"
> "Tah enya, bener pisan Jay…"
> "Karunya teuing atuh maneh teh. Trus, naon deui? cik keprukeun kabeh"
> "Aya deui, tatangga uing. Mang Juned ngarana teh. sapopoe-na digawe,
> indit isuk datang peuting, pasedek-sedek dina beus, seseleket dina
> kareta, nagog dina angkot, tapi hirupna angger we sangsara.
> Boro-boro bisa kabeuli imah, ngontrak ge nunggak deui nunggak deui.
> Hutang di warung numpuk, pangabutuh jeung beubeunangan asa tara aya
> cukupna. Ditambah deui harga sagala pangabutuh teu eureun-eureun
> tingterekel bae. Asa hayang paeh bae, ceuk Mang Juned tea mah.
> Sakapeung mun dibandingkeun jeung si Mardi, tatangga uing oge, masih
> mending keneh si Mardi. Gawe tiisuk nepi ka sore, sarua we. Tapi
> indit gawe bari tumpak motor najan meunang ngiridit oge. Imah boga,
> najan nyicil oge. Pagawean teu cape teuing, malah mah cenah,
> lolobana waktu gawe ge ngan dipake ceting we jeung mimilisan."
> "Ngeunah atuh nya ? Ngadaharan gabut atuh mun kitu mah…"
> "Gabut ? Gabut teh naon ?"
> "Teu apal, Gabut ?"
> "Henteu, nu matak nanya oge."
> "Matakna atuh, mun aya pelajaran eta teh asup !"
> "Ih, geus kanu lain-lain deui bae. Naon atuh Gabut teh ?"
> "Gajih Buta, belegug !"
> "Owh… sugan teh naon.."
> "Trus, naon deui ?"
> "Aya deui, pahareup-hareup jeung imah uing. Ceu Eroh. Geulis. Make
> tiung, rajin ibadahna. Jelmana sopan. Nya hade rupa nya hade budi.
> Tapi boga salaki pamabokan. Kabeuki-na lalajo dangdut. Mun joget
> diluhur panggung teh bari sok noelan bujur penyanyi-na. Ari aya nu
> geruh, angger sok nyieun kaributan."
> "Ari kitu, naon urusanana jeung maneh ?"
> "Lain, padahal mun dipikir, mun ceu Eroh jadi pamajikan uing, meureun
> asa bagja pisan. Nya geulis, nya solehah. Rek dibungahkeun, rek
> dipikanyaah. Moal rek dikukumaha. Moal dititah digawe, moal dititah
> nyeuseuh, moal dititah nimba, …."
> "Moal dititah dahar oge meureun nya ?"
> "Ih nya heueuh atuh! Eh… moal, eh.. "
> "Ah, siah pabeulit nyarita teh.."
> "Ah, bongan maneh atuh ngakagokanan bae batur keur dongeng teh."
> "Enya, trus naon deui ?"
> "Aya deui, Bapana si Ujang . Rarasaan mah kudu kumaha ngajaga
> kasehatan teh, cenah. Dahar tara nu macem-macem, jaba teu loba.
> Eta ge sahuap-sahuap dahar teh. Nginum ci herang kabeuki-na. Olah
> raga ge asa cukup sanajan ngan saukur jogging saminggu sakali.
> Ngaroko henteu, ngopi henteu, begadang ge tara. Tapi ceuk dokter
> mah awakna teh pinuh ku panyakit. Jantung, Kolesterol, darah tinggi
> komplikasi jeung panyakit kutil. Tapi mun nempo si Udin Pelor, udud
> ngelepus bae jiga euweuh eureuna, kana kopi beuki, kana anggur
> komo. unggal peuting ngolecer, tapi katempona teh jagjag waringkas
> we. Tara kadenge gering"
> "Trus, naon atuh nu jadi masalahna ?"
> "Asa teu adil.."
> "Saha ?"
> "Alloh…"
> "Alloh teu adil ?"
> "Enya…"
> "Kasaha ?"
> "Nya ka uing, ka batur oge…"
> "Naha ?"
> "Apan geus dicaritaken tad…. Ih !"
> "Lain, uing mah nanya teh Naha Alloh bet teu adil? Cik geura…"
> "Nyaeta, uing ge pan hayang apal !"
> "Atuh tanyakeun ka A

Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Samena-mena

2008-11-10 Terurut Topik ua duq
ecagkeun kang haha..
keur jay: enya gewat pedalkeun lalampahan teh, bisi kasiap ku 'dongeng
enteng ti cilibende'. nu salasahiji caritana lalampahan anjeun, dijudulan:
dul jay e na jay e jay dul jay e ji  carita sejenna: 'dongeng suara'
judulna niron 'sajak suara' ... da memang caritana mirip jeung widji tukul,
ngan ieu mah leuwih maya, tukangprotesnudilelepkeun...
kamana leosna kembaran uing ieu nya? sanggeus kabur ti dieu?

kuakakakakaka... mung geus jadi kitab, uing pasti neangan jay, komo lamun
bari dibekelan duitna ku anjeun mah, langsung harita keneh ge... dibeuli!

On Tue, Nov 11, 2008 at 2:18 PM, tantan hermansah
<[EMAIL PROTECTED]>wrote:

>   Jay,
> beurat pisan eusi carita teh...
> era kuring macana. asa hirup kuring.
> Nuhun Jay.
> geus kudu ditambahan ayeuna mah:
> Tuan Guru Jay.
>
> Baktos
> tantan
>
> www.nyucrukgalur.multiply.com
> www.jendelaterbuka.wordpress.com
>
>
> On Tue, Nov 11, 2008 at 1:13 PM, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>>Kang Jay, dongeng teh geus loba lin?
>> Bukukeun atuh!
>> Jieun jilidna nu hebring
>> Izin sbn-na numpang ka YP
>> Uras urus sbn ka perpusnas uing siap
>> Pasarkeun di kusnet
>> Sawareh di katokokeun
>> Di gramedia bdg jeung books city sawewengkon DKI & jabar tiasa lebet.
>> Insyaallah uing siap ngabantu!
>>
>> Sok ah Jay, geura makalang!
>>
>>
>> ._,___
>



-- 
d-: dudi herlianto :-q
~nyoba ngilu ngabauan dunya~


Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Samena-mena

2008-11-10 Terurut Topik tantan hermansah
Jay,
beurat pisan eusi carita teh...
era kuring macana. asa hirup kuring.
Nuhun Jay.
geus kudu ditambahan ayeuna mah:
Tuan Guru Jay.

Baktos
tantan

www.nyucrukgalur.multiply.com
www.jendelaterbuka.wordpress.com

On Tue, Nov 11, 2008 at 1:13 PM, syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>Kang Jay, dongeng teh geus loba lin?
> Bukukeun atuh!
> Jieun jilidna nu hebring
> Izin sbn-na numpang ka YP
> Uras urus sbn ka perpusnas uing siap
> Pasarkeun di kusnet
> Sawareh di katokokeun
> Di gramedia bdg jeung books city sawewengkon DKI & jabar tiasa lebet.
> Insyaallah uing siap ngabantu!
>
> Sok ah Jay, geura makalang!
>
>
>
> - Original Message -
> *From:* Jay <[EMAIL PROTECTED]>
> *To:* urangsunda@yahoogroups.com
> *Sent:* Tuesday, November 11, 2008 11:31 AM
> *Subject:* [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Samena-mena
>
>  "Jay …"
> "Hmmm"
> "Sakapeung uing mah loba ngarasa, nempo atawa ngalaman hal-hal anu
> ceuk uing mah teu adil"
> "Oh kitu?"
> .
>
>  
>



-- 
tantan hermansah | SM 1270


Re: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Samena-mena

2008-11-10 Terurut Topik syam ridwan
Kang Jay, dongeng teh geus loba lin?
Bukukeun atuh!
Jieun jilidna nu hebring
Izin sbn-na numpang ka YP
Uras urus sbn ka perpusnas uing siap
Pasarkeun di kusnet
Sawareh di katokokeun
Di gramedia bdg jeung books city sawewengkon DKI & jabar tiasa lebet. 
Insyaallah uing siap ngabantu!

Sok ah Jay, geura makalang!


  - Original Message - 
  From: Jay 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Tuesday, November 11, 2008 11:31 AM
  Subject: [Urang Sunda] Dongeng si Jay : Samena-mena


  "Jay ."
  "Hmmm"
  "Sakapeung uing mah loba ngarasa, nempo atawa ngalaman hal-hal anu 
  ceuk uing mah teu adil"
  "Oh kitu?"

  . 
   

[Urang Sunda] Dongeng si Jay : Samena-mena

2008-11-10 Terurut Topik Jay
"Jay …"
"Hmmm"
"Sakapeung uing mah loba ngarasa, nempo atawa ngalaman hal-hal anu 
 ceuk uing mah teu adil"
"Oh kitu?"
"Enya.."
"Ah, maenya ?"
"Heueuh…"
"Ah, Piraku ?"
"Piraku..piraku… heueuh ih!"
"Contona ?"
"Contona, aya jelma goreng patut, tapi beunghar. Tuh tempo Mang 
 Ja'i. Jaba pamajikanana geulis, demplon, eplok cendol. Mun ceuk 
 lagu tea mah awakna jiga piul, buntut ngaguruntul, mun leumpang   
 ngageboy jiga buruy. Matak hokcai nu nempo. Sakapeung sok ngabanding-
 bandingkeun jeung diri maneh. Rupa kasep, dedegan sanajan teu jiga 
 Ade Rai ge, nya lumayan tegep. Tapi boro-boro kawin, boga kabogoh ge 
 apanan acan. Da euweuh nu daekeun ka maneh mah. Keur mah teu boga 
 kabogoh, pangangguran deuih.." 
"Hmm, trus ?"
"Aya deui, jelma nu baheula keur jaman sakola mindeng disetrap alatan 
 baong, atawa mindeng teu asup sakola, niley ulangan ge beureum kabeh 
 kelirna. Tapi naha bet ujug-ujug ayeuna panggih teh geus jadi 
 pajabat, aya nu jadi camat, aya nu jadi Bupati, aya nu jadi anggota 
 DPR. Padahal mun dibandingkeun jeung uing baheula keur sakola, tiap 
 taun rengking ka hiji. Kuliah nepi ka sarjana, tapi naha neangan 
 gawe nu rada pantes jeung pendidikan ge hese pisan. 
 Ngalamar gawe kaditu kadieu teu payu. Tungtungna dina meunang gawe 
 ge jadi sales. Sanajan ginding make dasi, kamana-mana ngajingjing 
 koper, tapi bari luut leet kesang leumpang nanawarkeun dagangan."
"Enya. Meni karunya nya ? Jaba cape, dagangan teu payu. Isukna ku 
 boss-na dicarekan. Heueuh ?"
"Tah enya, bener pisan Jay…"
"Karunya teuing atuh maneh teh. Trus, naon deui? cik keprukeun kabeh"
"Aya deui, tatangga uing. Mang Juned ngarana teh. sapopoe-na digawe, 
 indit isuk datang peuting, pasedek-sedek dina beus, seseleket dina 
 kareta, nagog dina angkot, tapi hirupna angger we sangsara. 
 Boro-boro bisa kabeuli imah, ngontrak ge nunggak deui nunggak deui. 
 Hutang di warung numpuk, pangabutuh jeung beubeunangan asa tara aya 
 cukupna. Ditambah deui harga sagala pangabutuh teu eureun-eureun 
 tingterekel bae. Asa hayang paeh bae, ceuk Mang Juned tea mah.  
 Sakapeung mun dibandingkeun jeung si Mardi, tatangga uing oge, masih 
 mending keneh si Mardi.  Gawe tiisuk nepi ka sore, sarua we. Tapi  
 indit gawe bari tumpak motor najan meunang ngiridit oge. Imah boga, 
 najan nyicil oge. Pagawean teu cape teuing, malah mah cenah, 
 lolobana waktu gawe ge ngan dipake ceting we jeung mimilisan."
"Ngeunah atuh nya ? Ngadaharan gabut atuh mun kitu mah…"
"Gabut ? Gabut teh naon ?"
"Teu apal, Gabut ?"
"Henteu, nu matak nanya oge."
"Matakna atuh, mun aya pelajaran eta teh asup !"
"Ih, geus kanu lain-lain deui bae. Naon atuh Gabut teh ?"
"Gajih Buta, belegug !"
"Owh… sugan teh naon.."
"Trus, naon deui ?"
"Aya deui, pahareup-hareup jeung imah uing. Ceu Eroh. Geulis. Make 
 tiung, rajin ibadahna. Jelmana sopan. Nya hade rupa nya hade budi. 
 Tapi boga salaki pamabokan. Kabeuki-na lalajo dangdut. Mun joget 
 diluhur panggung teh bari sok noelan bujur penyanyi-na. Ari aya nu 
 geruh, angger sok nyieun kaributan."
"Ari kitu, naon urusanana jeung maneh ?"
"Lain, padahal mun dipikir, mun ceu Eroh jadi pamajikan uing, meureun 
 asa bagja pisan. Nya geulis, nya solehah.  Rek dibungahkeun, rek 
 dipikanyaah. Moal rek dikukumaha. Moal dititah digawe, moal dititah 
 nyeuseuh, moal dititah nimba, …."
"Moal dititah dahar oge meureun nya ?"
"Ih nya heueuh atuh! Eh… moal, eh.. "
"Ah, siah pabeulit nyarita teh.."
"Ah, bongan maneh atuh ngakagokanan bae batur keur dongeng teh."
"Enya, trus naon deui ?"
"Aya deui, Bapana si Ujang . Rarasaan mah kudu kumaha ngajaga 
 kasehatan teh, cenah.  Dahar tara nu macem-macem,  jaba teu loba. 
 Eta ge sahuap-sahuap dahar teh. Nginum ci herang kabeuki-na. Olah 
 raga ge asa cukup sanajan  ngan saukur jogging saminggu sakali.  
 Ngaroko henteu, ngopi henteu, begadang ge tara. Tapi ceuk dokter 
 mah awakna teh pinuh ku panyakit. Jantung,  Kolesterol, darah tinggi 
 komplikasi jeung panyakit kutil. Tapi mun nempo si Udin Pelor, udud 
 ngelepus bae jiga euweuh eureuna,  kana kopi beuki, kana anggur 
 komo. unggal peuting ngolecer, tapi katempona teh jagjag waringkas 
 we. Tara kadenge gering"  
"Trus, naon atuh nu jadi masalahna ?"
"Asa teu adil.."
"Saha ?"
"Alloh…"
"Alloh teu adil ?"
"Enya…"
"Kasaha ?"
"Nya ka uing, ka batur oge…"
"Naha ?"
"Apan geus dicaritaken tad…. Ih !"
"Lain, uing mah nanya teh Naha Alloh bet teu adil? Cik geura…"
"Nyaeta, uing ge pan hayang apal !"
"Atuh tanyakeun ka Alloh !"
"Eta oge geus ditanyakeun…"
"Ka saha ?"
"Nya ka Alloh atuh ! maenya ka tukang somai"
"Iraha ? "
"Nya tiap geus solat…"
"Trus, Alloh ngajawab naon ka maneh ?"
"Teu ngajawab nanaon…"
"Jadi Alloh teh cicing wae ?"
"Enya.."
"Naha Alloh bet ngabetem atuh ?"
"Nya teuing atuh !"
"Nya heueuh, mun Alloh bisa nyarita ka maneh mah, meureun Alloh ge 
 kudu nyarita ka sabaraha juta jelma nu sok tatanya jiga maneh!"
"Tapi naha atuh?"
"Mun maneh hayang nyaho jawaban Alloh, tanya kana diri maneh 
 sorangan, sabab Alloh mah aya dina diri