Re: [Urang Sunda] Joo bleg Haloo

2007-09-05 Terurut Topik Kebo Hideung
Punten Ah...Ngiring Ngorong, heuheuheu  :

Heeyynanaonan ieu teh ? heuuup...tong garelut kitu atuh ! 
corowok Mang Utas, misah si Dul anu keur ngababukan si Jay make halu.
Halik mang bisi kakecretan getih...! tembal si Dul bari renghap ranjug bangun 
nu ambek.
Mang Utas ieu mah lain keur gelut. tembal si Jay mairan
Naon atuh ngarana ari lain gelut mah, jaba mamake pakarang kitu ? tanya Mang 
Utas bangun nu hemeng
Ieu mah keur nyobaan kumaha rasana dibabuk ku halu. tembal si Jay bari 
ngareret ka Si Dul semu ngaledek.

Mani balaga pisan sia teh Jay, dibabuk deui siah ku aing ! si Dul nyorongot 
bari ngamang-ngamang halu rek ngababuk si Dul
untung si Mang Utas rikat ngarawel gado Neng Roro anu kabeneran ngaliwat ka 
lebah dinya.
Aaaaww.!!  nanaonan jalma teh, meni cunihin pisan, 
pikasebeleun...cuiih ! 

Aduh Neng punten, manawi teh halu..naha bet janten hado nya? tembal Mang Utas 
bari nyerengeh 
ari Si Dul anu tadi rek ngababuk si Jay make halu teh, jadi teu tulus da 
ningali aya wanoja anu sakitu geulisna, jlig we halu anu keur dicecekel 
diecagkeun gigireun jubleg.

Cik..neng cobian akang teunggeul make hado Neng. cek si Jay bari tuluy 
ngasong-ngasong pipina bari semu peureum hayam.

Duka..ahdasar nu garelo! tembal Neng Roro bari jamedud tuluy ngaleos 
ninggalkeun pakalangan.

ari Mang Utas, si Doel oge si Jay ditinggalkeun ku Neng Roro kitu teh, bati 
olohok.

[Heuuupp...ah  sakitu we.]
Kebo Hideung

  - Original Message - 
  From: ndoell 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Wednesday, September 05, 2007 9:33 AM
  Subject: [Urang Sunda] Joo bleg  Haloo

  Naha Dul ngajubleg bae ?
  Ah, teu naha-naha ..
  Naha atuh ari teu naha-naha mah ngajubleg bae ?
  teu naha-naha...
  Naha atuh ari...
  Meugeus, cicing siah !
  Ah titatadi ge da cicing uing mah, teu kamana-mana...
  Geus ah, gandeng !
  Ih ieu mah diajak ngobrol teh kalah ka embung ngadenge..
  Nya kumaha uing we atuh, ceuli-ceuli uing, rek didenge rek
  henteu kumaha uing weee
  Nya atuh uing ge, rek gandeng rek henteu, sungut-sungut 
  uing. Kumaha uing w...
  Ah nurutan..
  Saha ?
  Maneh !
  Maenya ?
  Enya !
  Owh kitu ?
  Emh.. baku ari nyieun pikakeuheuleun batur teh ...
  Sahaaa ?
  Heueuh Manh !
  Owh kitu ? maenya ?
  Nya heueuh atuh, cik apal teu ieu naon ?
  Halu !
  Paragi naon ?
  Paragi nutu !
  Tah geuning nyaho. Cik hayang ngasaan teu dibabuk halu?
  Teu..! kumaha mun maneh wae nu ngasaan di babuk halu ?
  Puguh dewek nu hayang ngababuk maneh !
  Naha ?
  Ah nya hayang we...
  Naha bet hayang ?
  Ah kumaha uing we atuh !
  Owh kitu ? piraku ?
  Meugeus...dibabuk pisan siah !

  Hiuk, gebro ! teu antaparah si Jay dibabuk ku halu tarik 
  naker, pas pisan ngeuna kana angen-na. 

  Goleang, awak si Jay ngagoleang, titingalan asa muter, 
  panona burial buncelik nahan eusi beuteung nu hayang mudal.
  Leungeun katuhuna ngarawel kana jubleg anu numbleg
  hareupeunana. Rikat si Jay nangtung deui, panon-na
  merong ka si Dul anu keur anteb neuteup bari tipepereket.

  ...

  euuh...waktosna seep pamiarsa !
  urang teraskeun deui dongeng Jubleg enjing, dina
  waktos sareng gelombang anu sami.

  Ngajublegh teh ceuk urang kuningan mah :
  Cicing wae, teu ingkah-ingkah bari jeung teu gawe nanaon.
  contona :
  Kunaon ti isuk ngajubleg bae dina lalawangan ? pindah kadituh,
  angguran mah mendingan ngorong, meureun teu meded teuing 
  tah irung maneh teh

  Numbleg oge sarua, ngagambarkeun jalma nu cicing bae diimah, 
  tara kamana-mana.
  contona :
  Ti saprak di PHK, Neng Elly numbleg bae di imah. Rek
  gawe, gawe kamana da harese neangan gawe teh.

  Urang Kusnet oge sami, numbleg we hareupeun komputer.
  teu ingkah-ingkah ...
  nya ?

  heu heu

  -dul-
  tukangjubleg

  --- In urangsunda@yahoogroups.com, Roro Rohmah [EMAIL PROTECTED] 
  wrote:
  
   Tadi enjing, ujug-ujug emut kana jubleg paragi nutu, 
  jigana nyeni pami didamel pot kembang.
   Abdi naros ka pun biang,Mah, asanamah Aki gaduh jubleg di lembur, 
  jigana sae kanggo pajangan...aya keneh?
   Puguh, geus euweuh... dipake mirun seuneu ku Aki maneh... 
   
   ro2
   
[Urang Sunda] Joo bleg Haloo

2007-09-04 Terurut Topik ndoell