"Naha Dul ngajubleg bae ?"
"Ah, teu naha-naha .."
"Naha atuh ari teu naha-naha mah ngajubleg bae ?"
"teu naha-naha..."
"Naha atuh ari..."
"Meugeus, cicing siah !"
"Ah titatadi ge da cicing uing mah, teu kamana-mana..."
"Geus ah, gandeng !"
"Ih ieu mah diajak ngobrol teh kalah ka embung ngadenge.."
"Nya kumaha uing we atuh, ceuli-ceuli uing, rek didenge rek
 henteu kumaha uing weee...."
"Nya atuh uing ge, rek gandeng rek henteu, sungut-sungut 
 uing.  Kumaha uing weeee..."
"Ah nurutan.."
"Saha ?"
"Maneh !"
"Maenya ?"
"Enya !"
"Owh kitu ?"
"Emh.. baku ari nyieun pikakeuheuleun batur teh ..."
"Sahaaa ?"
"Heueuh Maneeeeh !"
"Owh kitu ? maenya ?"
"Nya heueuh atuh, cik apal teu ieu naon ?"
"Halu !"
"Paragi naon ?"
"Paragi nutu !"
"Tah geuning nyaho. Cik hayang ngasaan teu dibabuk halu?"
"Teu..! kumaha mun maneh wae nu ngasaan di babuk halu ?"
"Puguh dewek nu hayang ngababuk maneh !"
"Naha ?"
"Ah nya hayang we..."
"Naha bet hayang ?"
"Ah kumaha uing we atuh !"
"Owh kitu ? piraku ?"
"Meugeus...dibabuk pisan siah !"

Hiuk, gebro ! teu antaparah si Jay dibabuk ku halu tarik 
naker, pas pisan ngeuna kana angen-na. 

Goleang, awak si Jay ngagoleang, titingalan asa muter, 
panona burial buncelik nahan eusi beuteung nu hayang mudal.
Leungeun katuhuna ngarawel kana jubleg anu numbleg
hareupeunana. Rikat si Jay nangtung deui, panon-na
merong ka si Dul anu keur anteb neuteup bari tipepereket.

.......

euuuuuuuuuuuuuuh...waktosna seep pamiarsa !
urang teraskeun deui dongeng Jubleg enjing, dina
waktos sareng gelombang anu sami.


Ngajublegh teh ceuk urang kuningan mah :
Cicing wae, teu ingkah-ingkah bari jeung teu gawe nanaon.
contona :
"Kunaon ti isuk ngajubleg bae dina lalawangan ? pindah kadituh,
 angguran mah mendingan ngorong, meureun teu meded teuing 
 tah irung maneh teh"

Numbleg oge sarua, ngagambarkeun jalma nu cicing bae diimah, 
tara kamana-mana.
contona :
"Ti saprak di PHK, Neng Elly numbleg bae di imah. Rek
 gawe, gawe kamana da harese neangan gawe teh.

Urang Kusnet oge sami, numbleg we hareupeun komputer.
teu ingkah-ingkah ...
nya ?

heu heu


-dul-
tukangjubleg



--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>

> Tadi enjing, ujug-ujug emut kana jubleg paragi nutu, 
jigana "nyeni" pami didamel pot kembang.
> Abdi naros ka pun biang,"Mah, asanamah Aki gaduh jubleg di lembur, 
jigana sae kanggo pajangan...aya keneh?"
> "Puguh, geus euweuh... dipake mirun seuneu ku Aki maneh"... 
> 
> ro2
> 
> 



Kirim email ke