[Urang Sunda] Re: [Baraya_Sunda] Cengcelengan Pulisi

2010-06-30 Terurut Topik Surtiwa
tap anu ngagetkeum eta panyataan pak Jenderal... Ulah poho saday
450,000 Pulisi Indonesia kasigeung ..wah..ngancem ieu teh...

On 7/1/10, Waluya waluya2...@yahoo.co.id wrote:
 Naon beja nu haneut ayeuna? Salah sahijina Laporan Majalah Tempo perkara
 rekening teu wajar para Jenderal Pulisi. Laporan majalah Tempo ieu
 nyababkeun pulisi siga nu janggotna kahuruan, biasa bela diri jeung arek
 nuntut Tempo sacara pidana jeung perdata. Anehna nu dimasalahkeun ku pulisi
 teh lain eusi beja laporanana tapi coverna majalah Tempo, nu ngagambarkeun
 saurang jendral pulisi nuntun (disered) babi ...hehehe. Ceuk saurang
 panggede pulisi cover eta ngahina Pulisi, sabab nyaruakeun pulisi jeung
 babi.

 Wah sigana gara-gara laporan Tempo ieu, Pa Pulisi jadi sensitip pisan,
 tepika gampang kasigeung. Poho yen geus ti baheula mula, urang Indonesia sok
 neundeun duit dina cengcelengan. Sedengkeun kecap /cengcelengan/ sigana tina
 kecap  /celengan/ - /celeng/ nu hartina bagong. Jadi gambar babi dina cover
 eta ngalambangkeun tempat neundeun duit alias rekening ..heuheu.

 Saena mah Pa Pulisi lamun bade tantat-tuntut teh diemut heula, ulah maen
 peletak nyarios di media asa disaruakeun jeung sato/bagong. Karunya ka
 pulisi-pulisi nu balageur, jadi kabawa-bawa diseungseurikeun.

 Wilujeng Tepang Taun Pak Pulisi!

 Baktos,
 WALUYA

Re: [Urang Sunda] Re: [Baraya_Sunda] Cengcelengan Pulisi

2010-06-30 Terurut Topik oman abdurahman
Lamun eta wawar anu ngaharib kana ancaman bisa dilawan atawa panalungtikan
ngeunaan ieu cengcelengan para inohong di kapolisian teu kagiridig ku eta
wawar, sigana nya ti dieu reformasi anu sabenerna dimimitian...sabaraha lila
prosesna jeung sakumaha balangsakna, panggung sajarah bangsa Indonesia anu
baris nyaksianana.

Lamun eta cengcelengan bener ayana, nya bener sakumaha panyindir Putu Wijaya
dina novelna anu dijudulan Wah, yen...kapala rampog teh mindeng ngarangkep
jadi hehehe teu wasa nyebutkeunana. Lian teu wasa, oge kuring percaya,
teu sakabehna karitu.

manar

2010/7/1 Surtiwa surt...@gmail.com

 tap anu ngagetkeum eta panyataan pak Jenderal... Ulah poho saday
 450,000 Pulisi Indonesia kasigeung ..wah..ngancem ieu teh...

 On 7/1/10, Waluya waluya2...@yahoo.co.id waluya2006%40yahoo.co.id
 wrote:
  Naon beja nu haneut ayeuna? Salah sahijina Laporan Majalah Tempo perkara
  rekening teu wajar para Jenderal Pulisi. Laporan majalah Tempo ieu
  nyababkeun pulisi siga nu janggotna kahuruan, biasa bela diri jeung
 arek
  nuntut Tempo sacara pidana jeung perdata. Anehna nu dimasalahkeun ku
 pulisi
  teh lain eusi beja laporanana tapi coverna majalah Tempo, nu
 ngagambarkeun
  saurang jendral pulisi nuntun (disered) babi ...hehehe. Ceuk saurang
  panggede pulisi cover eta ngahina Pulisi, sabab nyaruakeun pulisi jeung
  babi.
 
  Wah sigana gara-gara laporan Tempo ieu, Pa Pulisi jadi sensitip pisan,
  tepika gampang kasigeung. Poho yen geus ti baheula mula, urang Indonesia
 sok
  neundeun duit dina cengcelengan. Sedengkeun kecap /cengcelengan/ sigana
 tina
  kecap /celengan/ - /celeng/ nu hartina bagong. Jadi gambar babi dina
 cover